• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Kajajadén (1)

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Karék ningali dedegana ti luar, kantor téh geus katémbong geueumanana. Wawangunan ngaharib-harib modél Walanda, moal jauh diadegkeunana ogé nya patutur-tutur. Kangaranan gedung heubeul, komo kurang ngurus siga kieu, geus cop pasti aya nu ngageugeuhna, moal salah jadi tempat bumetahna jurig jeung dedemit.

            Ari ku butuh mah kasieun ogé éléh. Waktu dipapancénan gawé jadi pasapon di kantor majalah nu ngarangkep percetakanana, teu mikir dua kali, ditarima waé. Jaman kiwari, néangan gawé téh apan sakitu héséna, ari ieu sasatna aya nu nawaran, bari teu kudu riweuh ngalamar. Gampang ari aya urang jero mah, asup gawé dibawa ku Mang Suhéndar, dulur jauh kuring nu pada-pada urang Garut.

            Rohanganana lalega, dipasieup ku pakakas antik nu mayoritas bahanna tina kai. Ngan hanjakal, siga nu rada kurang ngurus kantor téh. Keur mah wawangunan heubeul atuh puguh mun pikakeueungeun téh. Tapi teu nanaon, pan ayeuna mah aya kuring nu dipapancénan ngurusna.

            “Geus sabulan tara aya nu bébérés di kantor téh, Cep! Ieu gé sok sacabak-cabakna waé ku nu daraék,” ceuk Mang Suhéndar, “Si Odin, pasapon nu karék dua bulan gawé kaluar, ngomongna mah cenah rék ngalongok indungna nu gering. Tapi ditungguan sabulan teu jol kénéh waé,” kituna téh bari nuduh-nuduhkeun rohangan jeung méré intruksi pigawéeun ka kuring.   Lamun tilu bulan kapaké gawéna, kuring bakal diangkat jadi karyawan tetap cenah.

            “Ngan rék balaka waé Mamang mah Cep, cenah sok aya nu kawénéhan. Lain rék nyingsieunan, ngan ieu mah ngabéjaan waé. Bisi Acep pareng manggihan, tong reuwas jeung sieun, keun waé da nu kitu mah béda alam jeung urang. Mamang mah teu percaya puguh ka nu kararitu mah,” ceuk Mang Suhéndar. Sabada beres nuduh-nuduhkeun pancén kuring ka unggal rohangan tuluy ka lantai dua, asup ka kamar leutik, kira-kira ukuran tilu ka tilu.

            Kuring mah ukur unggut-unggutan.

            “Kumaha kira-kirana bakal betah?” pokna deui.

            “Betah Mang,” cekeng ngajawab kalawan yakin. Teu betah ogé kudu ngabetah-betah manéh, da di lembur ogé rék gawé naon, nu puguh mah kalah nyusahkeun indung jeung bapa. Barina ogé asa can pernah aya béja nu paéh dihakan jurig ari lain dina film mah. Nu puguh mah paéh ku kasieun jeung cilaka ku polah sorangan.

            “Ieu kamar Acep,” ceuk Mang Suhéndar deui bari ngasongkeun konci unggal rohangan nu kudu ku kuring diberesan jeung konci kamar misah. Mang Suhéndar mah gawéna di bagian distributor, purah ngiangkeun majalah ka agen-agen nu sumebar di saban daérah.

            Sajungna Mang Suhéndar, kuring mah ngahuleng waé di kamar bari melongan fasilitas nu aya di kamar. Aya ranjang jeung kasur nu geus lényéd, méja leutik jeung lomari. Aya ogé jandéla nu nyinghareup ka tukang. Teu kaciri nanaon ari lain témbok mah, da ditukang téh aya wangunan tilu lantai ngajegir. Jarakna ukur saméter nu dipisahkeun ku susukan.

            Bérés meresihan kamar jeung mémérés baju mah, kuring tuluy ngecek unggal rohangan nu aya di lantai 2. Rohanganana henteu salega lantai 1, da diloténgkeunana ogé ngan sapertiluna tina gedé wangunan, ngarah ka bagian tukangna. Di lantai dua mung aya rohangan dapur, wc, rohang rapat, perpustakaan, dokuméntasi, kamar tilu jeung nu ditempatan kuring, jeung musola. Bérés ngecekan rohangan lantai 2 teu buru-buru kahandap, rada canggung kénéh rék ngabaur jeung karyawan lain téh, mimiti gawé ogé isuk pangpangna mah.

            *

            Geus meunang sabulan gawé téh. Betah waé nu aya, sok sanajan kalan-kalan sok asa sono ka lembur, ka ema jeung ka apa pangpangna mah. Ah, keun waé da biasa éta mah, gogoda keur anu anyar ngumbara mun ceuk Mang Suhéndar mah. Tinggal ngabiasakeun, da awal ahir ogé apan kudu papisah jeung indung bapa mah, kuring kudu rumah tangga. Ayeuna pajauh, nya itung-itung ngabiasakeun manéh waé.

            Enya waé nu dicaritakeun Mang Suhéndar téh, loba pisan dédéngéan nu teu pararuguh méh ampir unggal peuting. Ti mimiti telepon nu sok ngirining peuting-peuting, tempo diangkat taya nu nyoara. Leuheung onaman mun sakali mah, da ieu mah noron aya kana belasan kalina. Ah, meureun ruksak waé teleponna, teu jadi sieun. Isukna waé kuring laporan ka bagian personalia. Tapi telepon téh kitu deui kitu deui, nu jail meureun ceuk petugas telepon nu ngahaja didatangkeun ka kantor téh.

            Ari nu matak kuring rada keueung mah, nya éta di kantor téh loba lukisan jeung foto-foto jalma nu gararedé.  Komo éta ku lukisan nu aya di rohang panarimaan tamu jeung ruang rapat dilantai 2, sok sanajan lukisan wanoja geulis, ari keur sorangan di kantor mah bet asa pikasieuneun, mun pareng dipelong siga nu malik melong, bari asa siga gular-giler hirup. Hiyyy. Éta mah mung saukur rarasaan kétang, perbawa kasieun. Maenya waé aya gambar hirup.

            Hal anéh lain waé telepon tengah peuting, da aya aturan listrik pareum teu pupuguh. Lain aliran, da ieu mah siga aya nu ngomé, nu ngahurungkeun jeung mareuman sababaraha kali. Ah, meureun koslét cekeng téh, ngahaja nyangka kitu ngalawan kasieun. Aturan nepi ka sapeuting jeput pareum, teu jadi soal. Di lembur mah komo unggal saré ogé sok mopoék. Teu hayang nempo kana KWH di handap, mending saré waé.

            Isuk-isuk waktu hudang, listrik téh biasa waé hurung deui. Duka polah jalma duka polah jurig, ngan asana téh teu guna gawé mun téa aya jurig nyingsieunan ku telepon jeung listrik, asana téh teu élit pisan. Mun aya jurig bungkeuleukan ngadatangan kuring ngajingjing huluna sorangan atawa awéwé nu tonggongna gorowong, karék ngarasa sieun jeung terus-terang kuring arék lumpat.

            “Geus papanggihan Cep?” ceuk Pa Haryono, salah sahiji staf bagian percetakan hiji poe, “nu sararé di dieu téh sok teu baretaheun, da nya éta sok loba nu kawénéhan cenah, ti mimiti telepon tengah peuting, listrik nu sok hurung pareum, mesin-mesin di bagian percetakan nu sok hirup sorangan, di ruang rapat siga aya nu rapat tengah peuting, nepi ka nu gegedor kana unggal panto mah geus dianggap biasa.”

            “Muhun aya Pa,” cekeng téh, “tapi keun waé ah Pa, da béda alam jeung nu kararitu mah. Masing-masing waé, nu penting mah teu ngaganggu jeung teu ngabahayakeun waé.”

            “Enya, ngan kadé wé, da jurig ayeuna mah sok wani ngarogahala, tingali waé dina film-film jurig,” ceuk Pa Haryono deui bari ditungtungan seuri ngahéhé, nyingsieunan tayohna mah.

            Korban film cekeng téh na haté. Tapi teu burung kapikiran ogé omongan Pa Haryono téh, moal boa jurig kota mah enya wani ngarogahala. Kuring can kungsi ngadéngé aya nu paéh ku jurig téh da salila ieu cicing di lembur, boa di kota mah teu kitu.

            “Kungsi cenah baheula mah di dieu aya kajadian rajapati. Enya nu sok saré di dieu, pasapon saperti Acep, kasampak geus teu nyawaan di rohangan percetakan ieu, aya nu nyekek!” Pa Haryono siga beuki serius ngomongna, kuring jadi pating puringkak sabulu-bulu.

            “Saha nu matenina?” cekeng téh panasaran.

            “Enya éta, nepi ka kiwari teu kapanggih. Tapi saréréa ogé apal éta pasti ku jurig. Da di kantor ieu mah ngahaja baheulana dipelakan, purah ngajaga kaamanan kantor. Bongan sok mindeng loba kaleungitan,” ceuk Pa Haryono deui.

            “Matak kadang-kadang mah tengah peuting téh, ieu mesin-mesin di percetakan sok harurung ku sorangan, cenah mah éta téh nu ngahurungkeunana ririwa si Rahmat pasapon nu maotna teu sampurna. Mun pareng ngadéngé ulah kumawani turun, soalna ririwa si Rahmat rék ngala nyawa, maténi sangkan aya batur,” pokna deui.

            Teu pati papanjangan ngobrol téh, sok sanajan kacirina mah Pa Haryono téh siga nu resep ngobrolkeun perkara jurig. Tapi teu pati ditanggap, sok sieun ngabarubahkeun jeung mangaruhan kuring nu teu pati nganggap jeung kataji ku perkara jurig-jurigan. Enya ogé teu pati percaya kana jurig, tapi ngadéngé aya jurig maéhan mah, nya sieun ogé. Pangpangna mah nya éta sieun dipaéhan, sieun dicekék. Heug kuring saré sorangan di ieu kantor. (lajengkeuneun)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

sosa sutisna

muhun di antos terasanana upados teu gantung areuyeun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: