• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.;

Sunda Ukur Diarah Sorana

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si. [Potrét/Ilustasi: ensa]

Dianggap penting tapi teu diajakan. Geus diarah sorana mah, cul wéh! Disampeur deui lima taun ka hareup. Sunda diajak émprak jeung surak, dipénta sora pangrojongna. Terus kitu téh nepi ka iraha? ***

Rupa-rupa sawala kapamingpinan, remen kabandungan. Intin sarua. Miharep Sunda jadi presiden atawa wawakilna. “Kahayang kawas kitu ilahar keur sakumna sélér bangsa,” ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., Dekan FIPS UPI Bandung.

Nyaritakeun kapamingpinan Sunda, ieu profesor nu resep macaan carita-carita Sunda téh, ngarasa kataji ku lalampahan Yogaswara dina Mantri Jero, karangan R. Memed Sastra Hadiprawira. Éta lalakon ngagambarkeun lalampahan tokoh carita ti mimiti nyiar élmu nepi ka jeneng jadi gegedén nagara. Ceuk ieu panitén pulitik ti kampus kawah Candradimuka guru mah, éta lalakon téh gambaran karuhun Sunda dina cara nataharkeun pipamingpineunana. Ti anggalna kénéh, Yogaswara diatik ku kolotna malah dipasantrénkeun sina cukup élmu panemuna. Saterusna, sina diajar macakal sorangan, nété karir ti handap heula. “Intina, jadi pamingpin téh teu ujug-ujug, tapi kedah ngaliwatan prosés nu panjang kalayan puguh tahapan-tahapanana,” pokna.

Kumaha ari ajén-inajén pamingpin Sunda kiwari? Prof. Karim gé teu ngarasa anéh, upama nu kabandungan tacan nyugemakeun urang Sunda. Kituna téh, lantaran aya dua pasualan, sakurang-kurangna téh. Nu kahiji, urang Sunda can pati bisa ngojayan kahayangna, kaasup mikahayang boga  presiden ti Jawa Barat. Malah, ceuk ieu panitén politik nu remen makalangan di tingkat nasional téh, nu kabandungan, urang Jawa Barat saukur hayang wungkul. “Nataharkeun pamingpin Sunda, teu cekap ku hoyong wungkul,” pokna.

Pasualan kadua, nu patali jeung katokohan di tingkat nasional. Upama seké-séler batur warani manggung di luar daérahna, ari urang Sunda mah, béda. Kaayaan kitu, jelas mangaruhan kana jenglengan pribadi urang Sunda nu ka dituna bisa ditawarkeun ka tingkat nasional. Masalahna, ceuk ieu Guru Besar Ilmu Sosial UPI, urang Jawa Barat hésé ngawanohkeun tokoh Sunda di tingkat nasional. “Urang mah sesah ngawanohkeun tokoh. Malihan nu rada dipikawanoh di tingkat nasional ogé, ka dituna mah sok gancang poho deui ka wiwitan,” pokna.

 

Penting teu Penting

Dina saban pilihan umum, sora Tatar Sunda jadi ukuran. Kituna téh, lantaran Jawa Barat boga sora panglobana batan propinsi séjénna.  Ngan, hanjakal, cek Prof. Karim Suryadi, Jawa Barat saukur diarah sorana wungkul. “Sora urang Sunda dianggap penting tapi urang Sundana teu dianggap perelu diajak icikibung dina pamaréntahan,” pokna tandes naker.

Upama kapamingpinan Sunda taya robahna saban pilihan umum, hartina urang Sunda kudu geura beunta. Carana? Cek Prof. Karim, teu aya deui, iwal kudu aya modél gerakan nataharkeun pipamingpineun ti Jawa Barat. Dina éta gerakan, rupa-rupa pasualan bisa dipadungdengkeun. Di antarana, ngajinekkeun léngkah-léngkah tokoh Jawa Barat dina sagala widang, kaasup keur calon pamingpin bangsa. Saterusna, bisa nguatan deui tokoh-tokoh nu geus aya. “Nempatkeun urang Sunda lian ti sina nempatan pupuhu  partéy pulitik, ogé tiasa jadi pupuhu dina widang séjénna,” cek Prof. Karim nu remen jadi nara sumber dina tv-tv swasta nasional téh.

Nataharkeun pamingpin mémang lain perkara gampang jeung lain ukur urusan hiji golongan. Hartina, butuh kadariaan ti saban golongan, nu bener-bener mikahayangna. Upama udaganana Pilpres 2019, hartina, para tokoh Jawa Barat ulah pundungan metakeun jurus-jurusna. “Para tokoh Sunda kedah gaduh agénda anu jelas, puguh léngkah-léngkahna, tapi ulah pundungan deuih,” pokna dibarung mésem.

Saha nu payus urang Jawa Barat  keur ‘abenkeuneun’ di  tingkat nasional? Cek ieu teureuh Subang, sabenerna urang Jawa Barat moal éléh kamampuhna dina mingpin ieu bangsa. Ngan, hanjaka,  urang Sunda sok jarempé waé. “Calon-calon pipamingpineun ti Tatar Sunda, hadéna ulah ‘ngerem’ sorangan baé. Kudu ludeung liar, makalangan ka jauhna,” tandesna.

Pilihan masarakat dina démokrasi tacan nyugemakeun. Nu milih jeung nu rék dipilih, loba nu teu ‘silihpikawanoh’. Balukarna, angen-angen masarakat gé jauh tina harepanana. Kumaha masarakat dina mapag pilihan presiden? Naha nu rék milih moal salah pilih? Cek Prof. Karim, salila atikan politik  masarakat diapilainkeun, tangtu hasilna ogé moal pati nyugemakeun. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: