• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Herman Y. Ibrahim;

Politik Ulah
Diabur Teuing

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Herman Y Ibrahim [Potrét/Ilustasi: ]

Kakawasaan mah peueutan, lir madu awa gula. Kawas sireum ngambeu gula, nu ti mana-mana daratang ngarubung-rubung  gula téa. Atuh, kakawasan gé kitu, pada mikahayang pada ngadeukeutan, nu antukna mah breg ngambreg ka puseur kakawasaan.

Jakarta puseur kakawasaan di Nusantara. Baheula mah Tatar Sunda, da kasebutna gé Sundakalapa. Atuh, nilik kana démografi, nya Batawi jeung Jawa Barat téh, ku lantaran asalna sawewengkon, angger sampar samak.

Tatar Sunda nu deukeut narima rupa-rupa pangaruh.  Boh hadéna boh goréngna, kakawasaan téh kacida mangaruhanana ka Tatar Sunda mah. Antukna, leleberan pangaruh ti Jakarta gé bisa mawér ka Jawa Barat. “Jawa Barat jadi kaseundeuhan ku nu ti mana-mana,” ceuk Herman Y.  Ibrahim, panitén pulitik nu dumuk di Bandung.

Lobana urang deungeun nu dumuk di Jawa Barat, loba rambat-kamaléna. Apan, waktu pilihan législatif gé, loba naker nu asalna lain ti pribumi Jawa Barat. “Dina kaayaan saperti kitu, sora-sora kasundaan téh kawas nu teu dianggap penting,” pokna.

Dina kaayaan padumuk nu pacampur, ajén-inajén kasundaan gé teu deui kentel saperti ka tukang-tukang. “Niléy-niléy kasundaan tos padaninggalkeun,” ceuk ieu panitén pulitik purnawirawan TNI téh.

 

Nguatan Jatidiri

Najan di masarakat ajén-inajén kasundaan loba nu geus laas, tarékah ngeukeuhan ajén-inajén Sunda mah tetep kudu aya. Copélna, kasaksén kénéh, saperti ayana paguyuban-paguyuban nu neueul kana kasundaan. “Lian ti aya kénéh, paguyuban kasundaan mah nanjeur kénéh di lemburna, bénten sareng paguyuban étnis sanésna,” ceuk Herman.

Nilik kana kanyataan kiwari, ceuk Kol. (Purn) TNI téh, Jawa Barat keur nyanghareupan rupa-rupa pasualan. Padumuk nu nyayeud, atikan nu handap, lobana masarakat nu miskin nu teu gampang nyumponan pangabutuh sapopoéna, jadi rereged lumangsungna kahirupan masarakat.

Dina kaayaan masarakat Jawa Barat kawas kitu, pangaruhna gé bakal karasa kana lumangsungna démokrasi. Antukna, dina saban pilihan pamingpin, kaasup milih législatif, bakal loba kénéh rahayat nu teu bisa milih kalayan mandiri.

Upama geus kitu, saha nu kudu ngabebenahna? Ceuk Herman Y Ibrahim mah, kudu aya pihak nu écés nalingakeun pasualan kitu sarta mampuh ngungkulanana. “Saperti organsiasi kasundaan kuduna boga peran nu jinek dina ngungkulan pasulan nu kawas kitu,” pokna.

Ngan hanjakal, cenah, nu kabandungan, nepi ka ayeuna tacan aya organsiasi kasundaan nu bener-bener museurkeun kagiatan kana upaya ‘ngawalakayakeun’ masarakat. Tacan aya organisasi kasundaan nu perjuanganana écés témbong nembrak ku balaréa.

Ku lantaran teu aya nu ‘mokus’, masarakat gé bangun api-lain kana éta organsiasi téh. Antukna, kagiatan éta organisasi gé ‘jempling’. “Upama geus biasa jempé atawa biasa jempling, ulah anéh upama aya nu wani togmol nyarita atawa nepikeun tangtungan kitu téh, malah dicuriga!” pokna.

Upama dina widang politik urang Sunda geus dicuriga, nya deui-deui bakal mangaruhan kana widang séjénna, saperti kana kamekaran ékonomi, sosial, atikan jeung sajabana. “Malah dina widang ékonomi waé, apan kiwari mah, Jawa Barat téh henteu deui matak pikareueuseun di tingkat nasional, éléh ku daérah séjénna,” ceuk ieu Purnawirawan TNI nu kungsi mancén tugas di Kodam III Siliwangi téh.

Nilik kaayaan kitu, tangtu wé kudu aya tarékah jinek keur ngahudangkeun urang Sunda.  “Urang Sunda nu maranggung dina politik di Jakarta, kudu wani ngarobih Undang-Undang Pemilu,  di antarana ngeunaan sistem proporsional terbuka, jadi sistem nu biasa ngawadahan poténsi daérah,” pokna.

Kiwari katangen, nu jadi calon téh apan kumaha partéy pulitikna. Rahayat mah, ukur milih sabada disadiakeun pilihanana. Ari nu ditempatkeun di éta daérah bisa jadi lain urang dinya , malah bisa jadi si caleg téh teu wanoheun ka éta daérah. “Ku lantaran kitu, aturan dina pulitik gé ulah diabur teuing!” pokna.

Malah, sangkan jinek peran urang daérahna, cek ieu panitén pulitik nu dumuk di Tatar Wetan Kota Bandung téh, nyarankeun mangsa ka hareup, sakurang-kurangna aya aturan kuota keur urang daérah 30 persén.  Tangtu, aturan kitu téh, lain keur kapentingan Jawa Barat wungkul, tapi keur saban daérah di Nusantara.

Mangpaatna, upama wawakil rahayat cukup tanaga keur daérahna, atuh teu mustahil dina kawijakanana ogé bakal neueul kana kapentingan éta daérah. Misalna waé nu tumali jeung atikan gé kudu bener-bener mihak kana kapentingan daérah.

“Sakumna pingpinan partéy politik di wilayah Jawa Barat, kudu sauyunan, leuwih mihak kana kapentingan Jawa Barat. Upamana waé aya kasapukan, yén politik téh kudu aya mangpaatna keur daérahna, hartina pingpinan partéy politik di wilayah Jawa Barat kudu merhatikeun kapentingan daérahna, kaasup kader-kader daérah kudu dipupujuhkeun,” pokna semu miharep.

Geusan ngarojong kamajuan daérah, ceuk Herman Y Ibrahim, Paguyuban Pasundan nu kiwari dianggap ‘imahna urang Sunda’, kudu wani ngumpulkeun pingpinan-pingpinan partéy pulitik nu ngageugeuh Jawa Barat. “Kedahna mah Paguyuban Pasundan ngahiap  parapingpinan wilayah partéy nu aya di Jawa Barat, kalawan ulah aya nu diapilainkeun,” cék Herman basa tepung dina salahsahiji acara rembug stekholder evaluasi wakil rayat ti Jawa Barat nu diayakeun ku Paguyuban Pasundan. *** (RH)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: