• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Reureuh di Korobokan

Kénging Asep Ganda Sadikin
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1402504533.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Tamat jalan satapak, bras ka jalan désa. Jalan nanjak mayat, lumayan teu netek teuing siga jalan satapak nu mangrupa jalan potongan nu cikénéh kasorang. Jalanna rubak, kurang leuwih genep méter, geus dibabatu, ngan hanjakal can disetum, kahalangan ku patok rel kareta nu teu bisa dibongkar. Kalah jukut we ngajejembrung jaradi dina sela-sela batu nu arang katincak. Kuring gé leumpang téh mapay-mapay sisi jalan nu euweuh batuan. Da teu ngeunaheun leumpang luhureun batu nu sareukeut mah.

            Ti beulah wétan bulan nekeh, keur nanjak siga kuring ayeuna. Najan beungeutna can buleud weuteuh, cahayana teu kurang nyaangan peuting. Angin peuting bulan Februari karasa baseuh ngahiliwir niup awak nu ngoprot ku késang. Sorana ting kecewis jadi haréwos alam dina sela daun-daun tatangkalan. Jadi korosak lebah kararas cau  nu gupuy-gapay siga leungeun nu néangan pamuntangan. Sora sato peuting silih tempas adu manis jadi rampak sekar ngalagukeun dangding misteri, dengkleung kakeueung. Disenggakan ku anjing nu babaung ti kajauhan.  Simponi alam nu sampurna mirig lakuning manusa dina latar alam, kelir siluit peuting.

            Haté muji sukur ka nu Mahaagung, Nu ngahalodokeun peuting ieu dina waktuna kuring kudu lumampah. Padahal tilu poé kamari hujan ngecrek beurang peuting. Matak, basa tadi beres milu pelajaran pemantapan  nyanghareupan ujian nasional kuring panceg pikeun balik najan poé geus ngagayuh ka soré. Padahal bisa waé balik téh isukan isuk-isuk, meureun mol warurat kieu lalampahan téh. Tapi, mun isukan balik téh asa sakeudeung teuing di lemburna. Minggu kurang leuwih jam salapan isuk-isuk karék nepi ka imah, minggu soré atawa senen subuh kudu geus indit deui ka kota. Emh nasib urang lembur, hayang sakola tamat SMA gé kudu jauh ti indung-bapa, kudu anggang ti sarakan.

            Enya sok capé teu puguh ari balik poé Minggu téh, can kareureuhkeun rasa capé di lembur téh, geus kudu indit deui ka kosan. Sedeng mun balik Saptu, lumayan poé Mingguna bisa weuteuh ulin jeung babaturan di lembur, batur ulin ti keur leutik. Komo kaayeunakeun kuring boga karesep anyar, boga babaturan ulin anyar, babaturan ulin nu ngajadikeun kuring horéam ulin jeung babaturan nu biasa. Enya, ti saprak kuring resep maturan Ina ngarit, kuring jadi teu resep milu ngangon munding jeung Usep jeung Jaja, kuring jadi teu resep liliwetan jeung Salim,  jeung Iyan. Padahal saméméhna mah milu ngangon munding ka Usep téh karesep kuring najan sok digelendeng mun kahanyoan ku Bapa.

            “Tong sok mimilu ngangon ka Si Usep, sakitu kulit geus hideung téh, kuriak jadi tutung geura. Keun waé munding mah sina diurus ku Si Usep jeung Jakaria...” Saur Bapa, teu ngarasakeun resepna hahaleuangan dina tonggong angonan, bari ngaremus jambu batu meunang ngala ti sisi sampalan.

            “Kérésék...!” Najan laun, sora dina rungkun jajalaneun muyarkeun lamunan kuring. Ramo mencet kenop, senter disorotkeun ka lebah rungkun nu ngajembrung luhureun jalan.

            “Astagfirulloh hal adzhiiim...” kuring mundur dua léngkah. Tina rungkun nyolodor leungeun. Ramo-ramona ranggah bangun nu rék ngarawu.

            Sungut ngagerendeng mapatkeun ayat kursi, Al Ikhlas, jeung Falaq-binnas. Panon rarat-rérét néangan sugan aya dahan tawa naon waé nu bisa dijadikeun pakarang. Kuring karek enggeuh, geuning geus tepi ka lebah muncang Safi’i. Tempat ieu katelah sanget. Nya di dieu baheula Safi’i anggota gorombolan DI/TII dihukum mati, layonna dikubur di dieu kénéh, handapeun tangkal muncang éta.

            Senter disorotkeun ka lebah ramo-ramo nu siap nyamber beuheung kuring.

            Disidik-sidik, kaciri dina tungtung ramo-ramo téh aya sapasang panon maloncorong jeung létah elél-elélan. Beuki lila beuki jelas sihoréng ramo-ramo téh hulu oray cobra. Kembar siam meureun oray cobra téh. Lima huluna curinghak, panonna harurung beureum kasorot cahaya senter.

            Sajongjongan kuring ngajanteng ngawaskeun sakadang oray. Lila-lila huluna nu ranggah téh turun lalaunan, terus malik ngajauhan, awakna ka luar ti jero rungkun. Sihoréng panjang oray téh, leuwih ti saméter, gedéna sagedé pigeulang. Ku kuring disérangkeun, sang oray ngaléor ka rungkun tukangeun tangkal muncang.

            Haté ngemplong, sihoréng mahluk nu siga leungeun téh mahluk biasa, oray nu ngalaman anomali genetika, lain mahluk anu ahéng.

            Kuring ngagidig deui neruskeun lalampahan mapay jalan datar nu taringgul ku batu nu sareukeut. Barang rék nanjak haté ngagebeg, bulu punduk ting puriding, lapat-lapat kadéngé sora adan. Ras kana pangalaman baréto kungsi kawénéhan panggih jeung nu adan dina batu lempar di puncak tanjakan ieu. Nu adanna ngaharéwos bari jeung euweuh jirimna. Tapi ras inget kana cariosan Bapa basa kuring pupulih ka anjeunna sadatangna ka imah.

            “Teu kudu sieun.” Saur Bapa harita. “Eta mah sakadar jin nu nyiliwuri. Sétan ti golongan jin mah henteu bisaeun nanaon. Nu kudu dipikasieun mah sétan nu loba tarékahna, sétan ti golongan manusa.”

            “Saurna sétan nu pangbageurna téh sami sareng jalmi nu pangbangorna, Pa?” Kuring panasaran.

            “Lain sétan, jin meureun,” saur Bapa, teras anjeunna nerangkeun yén teu sakabéh jin jadi sétan, jeung teu sakabéh manusa jadi sétan. Pan sétan mah alladzii yu waswisu fii shuduurin naas. Sakur nu ngagoda manusa pikeun ngabangkang kana paréntah jeung ngajak ngarempak larangan Alloh éta nu disebut sétan, wujudna mah bisa jin bisa manusa. Malah sétan nu pangrohakana mah sétan nu aya dina diri sorangan.

            “Adeng apal mahluk Alloh nu munggaran digoda ku sétan?”

            “Adam?”

            “Lain, nu munggaran digoda ku sétan mah Ijazil nu sanggeus ngabangkang, ku Alloh disebut Iblis téa. Ijazil téh ti golongan jin, manéhna digoda ku tilu sétan nu ngalantarankeun manéhna ngabangkang kana paréntah Alloh. Sétan nu kahiji nya éta rasa leuwih mulya manan Adam, ‘abdi didamel tina seuneu sedengkeun Adam tina taneuh’ ceuk Ijazil. Atuh sétan nu kadua jeung katilu, Ijazil ngarasa leuwih kolot jeung leuwih taqwa, ‘Kapan abdi tos rebuan taun dzikir ka Anjeun salamina, sedengkeun Adam ukur bakal ngarundaykeun anak incu nu nyieun karuksakan di luhur bumi’. Tah mun ku urang dilenyepan tilu sétan nu ngagoda Ijazil téh: ngarasa leuwih mulya, ngarasa leuwih kolot, jeung ngarasa leuwih taqwa,  kabéhanana gé mangrupa rasa umaing, égo mun ceuk bahasa Adeng mah.  Lebah dieu urang kudu ati-ati téh, mun dina hiji waktu kahayang égo papalingpang jeung kapalay Alloh, nu mana nu ku urang baris digugu?”  Bapa lirén heula, neuteup leleb pisan lir nu ngolongan pikiran kuring.

            “Ijazil gé gara-gara ngagugu kana égona dila’nat ku Alloh, tepi ka meunang sebutan Iblis. Terus manéhna néangan batur supaya engké di naraka ulah nyorangan, mimitina ngagoda Adam jeung Hawa, terus tepi ka ayeuna, Ijazil jeung anak-incuna ngagoda urang anak-incu Adam. Tapi ulah hariwang da kabisa sétan ti golongan jin mah teu loba, paling ukur méngkolkeun akidah wungkul. Ari dosa-dosa nu dipilampah ku manusa lolobana mah tina godaan sétan ti golongan manusa kénéh, boh ti tatangga, ti anak, pamajikan, dunungan, babaturan, jeung utamana mah tina ego nu aya dina diri sorangan. Nu ngagoda manusa sangkan koropsi lain jin, nu ngagoda manusa pikeun jinah lain jin, nu ngagoda manusia pikeun ngamomorekeun solat, zakat, jeung ibadah-ibadah séjénna lain jin. Jin mah paling ukur ngagoda kawas ka Adeng tadi, adan dina batu lempar, atawa némbongan di imah kosong, nyurup ka jalma nu kurang iman. Maksudna ukur pikeun mengkolkeun akidah urang. Pan ku nu kurang iman mah terus digugu, ngadatangkeun dukun, nyeungeut menyan, maca jangjawokan panyinglar, ruksak tah solatna.”    

            Inget kana cariosan Bapa harita, leungit kasieun téh, najan  kakeueung angger nyangkaruk. Keueung ku suasana alam nu katingali sakuriling bungking. Didéngé-déngé sora adan angger hawar-hawar. Lain ah, lain adan siga nu baheula. Jeung mémang waktuna adan ayeuna mah, da geus isa pastina gé. Kuring nekeh, mapay tanjakan mingkin ngadeukeutan batu lempar nu katelah sanget. Beuki luhur, jalan beuki poék, cahaya bulan katutupan ku daun awi.  Sora sato-sato peuting patémbalan, mirig ringkang kuring dina hieumna peuting.

            Di lebah batu lempar, puncak tanjakan. Kuring eureun sakeudeung. Ret ka lebah batu, dina meles hideungna aya motif tina cahaya bulan nu moncor tina sela-sea daun awi. Dina batu ieu baheula aya sora adan tanpa jirim téh. Tapi ayeuna kuring teu sieun. Kuring jeung manéhna sarua mahluk Sang Kholik, Rob nu Maha Ngatur jeung nangtayungan kabéh umat-Na.

            Kuring ngaléngkah deui, neruskeun lalampahan. Mudun ayeuna mah. Panon lempeng ka hareup ka lebah korobokan, kadéngé sora cai nyurug handapeun jalan. Dina témbok sisi jalan aya  nu keur diuk. Barang geus deukeut, horéng manéhna keur muter-muter tuner radio transistor, najan teu sidik saha-sahana sabab kahalangan hieumna peuting. Sora radio nu diputer-puter tunerna karabak-kurubuk, nimbulkeun sora ahéng dina mongklengna peuting.  

            “Punten kalangkungan...,” kuring nerapkeun etika sakumaha mistina mun ngaliwat hareupeun jalma.

            “Mangga…,” témbal sora nu dipiwanoh ku kuring.

            “Eh… gening Mang Ahya. Mulih ti mana tanapi badé ka mana?”

            “Tos ti Bandung, puguh…”

            “Mangga atuh sareng badé ka tonggoh mah,” kuring teu hayang papanjangan.

            “Mangga wé ti payun, capé kénéh Emang mah jeung asa paranas deuih, ke tos reureuh nuturkeun.”

            “Oh, abdi ti payun atuh Mang….”

            “Mangga….”

            Kuring ngincig ninggalkeun manéhna. Leumpang teuneung. Leungit kasieun, leungit kakeueung. Boga angkeuhan aya Mang Ahya di tukangeun, di tempat nu matak keueung, di korobokan.

            Tepi ka imah nyampak simpé. Bapa di masjid kénéh sigana mah.

            “Assalamualaikum…” kuring ngetrok panto lalaunan.

            Kadéngé sora konci ngajetrek. Panto muka lalaunan.

            “Baku Cep Edeng mah ari tos mulih wengi téh, sakieu keur usum harengheng. Taya kasieun,” ceu Ebah nu muka panto ngabagéakeun.

            “Lah, sieun naon. Puguh di nu pikakeueungeun gé, di korobokan, kalah aya Mang Ahya ngadon reureuh….”

            “Mang Ahya, Cep Edeng…? Astagfirulloh…” ceu Ebah ngajerit.

            “Aya naon Ebah wayah kieu gareuwah,” Ema norojol nganggo kénéh mukena.

            “Ieu Enden, Cep Edeng mendakan Mang Ahya di korobokan surna…” Ceu Ebah ngariweusweus.

            “Astagfirulloh, Edeng nyaan eta téh?” Soca Ema neuteup jero naker.

            “Muhun, ku naon kitu Ma…?” Kuring unggeuk lalaunan.

            “Mang Ahya téh tos maot Kemis kamari, balik ti Bandung elfna tabrakan di Cicalengka.” Ngadenge kasauran Ema kitu, bulu punduk kuring muringkak, pundak ngabirigidig.

            “Aya naon ngarobrol di lawang?” Bapa nu nembé mulih ti masjid norojol ti tukangeun kuring. Kuring asup ka jero imah nuturkeun Ema jeung Ceuk Ebah.

            “Ieu Pa, Edeng cenah manggihan Mang Ahya di Korobokan…”

            “Geus tong diteruskeun ngobrol nu kitu mah bisi jadi fitnah. Ahya mah geus sampurna di alam kubur… Cik nyokot cai Ebah. Geura ka cai kaituh Edeng bisi peuting teuing,” Bapa calik dina korsi makan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

kadir fallaq

bareto nuju sakola abdi kantos ngalamana kajadian sapertos kitu.... hatur nuhun......

nitisasmita

duh...tos lami teu maos carpon basa sunda.....hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: