• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dra. Hj. Aty Rochati, M.Si.;

Taman Budaya
Miara Kapunjulan Seni Tatar Jabar

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Hj. Aty Rochati, miara kapunjulan seni Sunda [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Lir taman  nu teu weléh miara jeung mekarkeun tutuwuhan. Kitu deui Taman Budaya Jawa Barat. Kagiatanana téh jinek, miara, mekarkeun, jeung ngamangpaatkeun budaya tatar Jawa Barat. Dina impian  ais pangampih Taman Budaya,  éta tempat  téh kudu mampuh ngahontal udagan, ngamangpaatkeun kapunjulan budaya Jawa Barat. Ngan, kumaha jurus-jurusna? Dra. Hj. Aty Rochati, M.Si., Kepala Balai Taman Budaya Jawa Barat nembrakkeun tarékahna. ***

Jawa  Barat teu weléh jadi pangjugjugan. Kituna téh ti bihari nepi ka kiwari. Tangtu, kituna téh lantaran  aya pupurieunana. Ngan, najan  geus pada mikawanoh,  tarékah mekarkeun potensi nu aya mah  kudu tetep leuwih daria. Lantaran, tempat-tempat séjén gé sarua pada-pada hayang jadi pangjugjugan.  Hartina. Saban daérah ‘paunggul-unggul’ leuwih pinunjul sangkan jadi daérah tujuan wisata nu jadi pangirutan. “Ngalangkungan Taman Budaya Propinsi Jawa Barat, rupi-rupi kapunjulan budaya nu tos nyampak kedah teras digali, dipiara, dimekarkeun, sareng saterasna dimangpaatkeun,” ceuk Hj. Aty  muka wangkongan. Ngobrol di kantorna  di Taman Budaya Jawa Barat sawatara waktu ka tukang.

Taman Budaya, ceuk   Hj. Aty Rochati, lir taman kekembangan. Eta tempat téh, minangka ‘pasilitas’ nu bisa dipaké miara jeung mekarkeun seni atawa budaya Jawa Barat. Ngan, tangtu cenah, palaku utamana mah tetep para seniman masing-masing. “Pancén taman budaya, ngalanggengkeun, mekarkeun, sareng ngamangpaatkeun seni nu aya di Jawa Barat,” ceuk ieu alumni APDN téh.

Upaya-upaya kitu, lir kujang dua pangadekna. Lian ti ngamumulé budaya téh apan ngamangpaatkeunana, kaasup nu tumali jeung dunya pariwisata.  Lantaran, ceuk Kepala Taman Budaya, upama budaya Jawa Barat  leuwih dipikawanoh sarta loba pihak séjén nu kairut, tangtuna gé bakal loba mangpaatna. “Mangpatna, sanés ukur kanggo kapentingan seni, pariwisata, tapi ogé kanggo  kamekaran ékonomi masarakat,” ceuk ieu teureuh Bandung téh.

 

Ngarojong  Karaharjaan

Dina angen-angen Kepala Taman Budaya,  kapunjulan saban daérah atawa kabupaten/kota, ogé misti mekar sahadé-hadéna. Ku lantaran kitu, boh seni boh hasil karancagéan nu aya di masing-masing daérah kudu kapiara jeung katalingakeun ku pihak-pihak nu boga kamampuhan dina éta widang. Keur kapentingan kitu, pamaréntah gé masilitasan kagiatan budaya masarakat nu di antarana kagambar di Taman Budaya Jawa Barat.

Tarékah ngalanggengkeun seni atawa budaya, ceuk Hj, Aty bisa ku cara ngarévitalisasi atawa ngahudangkeun deui kakuatan éta seni atawa budaya nu masih kénéh dikeukeuhan jeung dipiara ku masarakatna. Lian ti éta deui ‘ngawariskeun éta seni ka generasi sapandeurieunana. Ku cara kitu, seni karuhun atawa karancagéan karuhun téh tetep bisa mayeng nepi ka kiwari atawa nepi ka jaga.

Keur kapentingan ngalanggengkeun seni téa, Taman Budaya biasa ngayakeun rupa-rupa kagiatan saperti palatihan, workshop, seminar jeung sajabana. Biasa éta kagiatan téh dijejeran ku para ahli boh ti akademisi boh ti palaku senina sorangan.

Kagitan séjén, mekarkeun seni téa. Upaya kitu téh, sangkan seni terus mekar luyu jeung kabutuh jamanna. “Aya nu dikeukeuhan aya ogé nu dimekarkeun salila teu ngicalkeun ciri mandirina,” pokna. Hartina, dina palatihan atawa workshop téh bisa waé medalkeun kréasi-kréasina. “Seni tradis téh kedah janten inspirasi medalna karya-karya anyar,” ceuk ieu lulusan LAN RI téh neundeun harepan.

Upama ieu Kepala Taman Budaya ngarasa gedé haté ayana kréasi anyar kalayan napak ka nu heubeul, mémang, cenah remen kasaksén. Para seniman téh rancagé naker. Saban waktu némbongkeun karancagéan anyar kalayan tetep ngantengkeun katineungna ka nu heubeul. Hartina, tina seni karuhun téh bisa dimekarkeun luyu jeung nu ngajamanana.

Tumali jeung ngalap mangpaat, ogé jinek. Apan, ceuk juru kawih gé kasenian kabudayaan téh jasana sanés lulumayanan. Hartina, gedé mangpaatna keur kahirupan balaréa. Lian ti bisa keur hiburan, apan bisa jadi cukang lantaran karaharjaan. “Nagri-nagri nu maju gé apan umumna tetep ngamangpaatkeun poténsi budayana,” pokna.

Hasil karancagéan nu aya di Jawa Barat, remen kasaksén ‘makalangan’ atawa ‘minton’ di Taman Budaya Jawa Barat. Nya tangtu wé teu kabéh kasenian jeung hasil karancagéan bisa dipintokeun atawa dipamérkeun di Taman Budaya Dago Bandung téh. Nu midang di dinya mah hasil pilihan para kurator nu boga kaahlian dina masing-masing widang.

Saterusna, seni jeung kapunjulan téh bisa kaalap mangpaatna sacara ékonomi. Keur kapentingan kitu, éta seni atawa hasil karancagéan téh kudu boga daya pangirut. Di antarana kudu jadi ‘pamelet’ keur nu daratang ka Jawa Barat.

Dina ngirut nu ngadongdon ka Jawa Barat,  ceuk Kepala Taman Budaya butuh pisan ‘susuguh’ nu mémang matak kalandep ku semah.  Lain ukur pintonan jeung oléh-oléh nu boga ciri mandiri, tapi deuih  boga kapunjulan nu bisa jadi pangrojong mekarna ékonomi masarakat.

Taman Budaya téh bagian tina  Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Propinsi Jawa Barat. Ngan,  kapentingan Taman Budaya, lain ukur keur pariwisata wungkul. Lantaran, teu jarang, nu datang ka Jawa Barat téh,  boga karep usaha, saperti meulian barang-barang karajinan keur jualeun deui ka pihak séjén. Ku lantaran kitu, miara seni atawa mekarkeun karancagéan karuhun téh, kudu kawas paribasa, mun butuh supana kudu daék miara catangna. Atuh, mun hayang ngalap mangpaatna tina seni jeung hasil karajinan, nya sawadina kudu daék miara jeung mekarkeunana.

Ngalap mangpaat tina poténsi nu nyampak, mémang butuh promosi. Taman Budaya bisa keur tujuan kawas kitu. Mémang loba pisan kapunjulan saperti kuliner nu sohor ti saban daérah, tapi upaya leuwih ngawanohkeun mah tetep penting. Lantaran, upama teu haben diwanohkeun bisa jadi pamorna ngurangan lantaran arang jadi bukur catur.

Karepna kitu ogé luyu jeung kapentingan wisata, salah sahijina nyumponan sapta pesona, pangpangan nu tumali jeung ‘oléh-oléh’ has ti daérah nu kadatangan wisatawan. Ku ayana paméran-paméran, saperti seni lukis, hasil karajinan, jeung sajabana, ogé tujuanana mah jinek, sangkan nu dipamérkeun téh leuwih dipikawanoh balaréa.

Mekarkeun kapunjulan tatar Jawa Barat, ceuk Kepala Taman Budaya,  mémang butuh rempug jukung sayunan sakumna pihak. Nya tangtuna pangpangna mah butuh pangrojong  pihak-pihak nu boga kakuatan atawa pangaruh boh di pamaréntahan boh di masarakat. Golongan masarakat nu kaawas kitu, mémang sawadina kudu ngarasa boga kawajiban  milu mekarkeun daérah. Saha nu dipiharep ngarojong mekarna daérah téh?  Contona mah, saperti paréntahan kabupaten/kota di Jawa Barat.

Taman  Budaya Jawa Barat,  ‘patamanan’ balaréa.  Eta tempat téh bisa jadi  bisa jadi pamageuh tatali mimitran di antara warga Jawa Barat. Lingkung –lingkung seni, padépokan, jeung sajabana bisa minton ti Taman Budaya.   Dina kaayan kitu,  éta tempat téh lir patamanan Jawa Barat nu némbongkeun warna-warni kasenian/budaya daérah.

Salah sahiji kagitan kasenian ku bisa némbongkeun kapunjulan seni/budaya daérah téh festival. Eta kagiatan mah naratay ti daérah kénéh, diayakeun di masing-masing wilayah, saperti Bandung, Bogor, Garut, jeung Cirebon. Tah, nu kawas kitu téh nu diayakeun sawatara waktu ka tukang. Jejer acarana festival seni nu ngawengku téater, tari, jeung karawitan. Satutas jadi pinunjul di masing masing wilayah, antukna bakal diabenkeun dina festival di Taman Budaya Jawa Barat. Rarancangna, ceuk Kepala Taman Budaya, éta kagiatan tingkat propinsi téh  diayakeun September taun ieu.

Tibelat ka Seni Sunda

Saperti umumna urang Sunda nu ti leuleutik di tatar Sunda, kana budaya Sunda mah moal bireuk deui. Nu kawas kitu téh kagambar ku barudak nu dina mangsa taun 1970-an. Kitu deui, nu kaalaman ku Hj Aty, mangsa harita téh nyésakeun panineungan nu matak tibelat. Wanohna kana seni Sunda gé ti baheula. Remen ngadéngékeun haleuang Sunda, sandiwara Sunda wayang golék, jeung sajabana. Horéng, nu kungsi kalalajoan jeung kaalaman mangsa keur budak téh jadi pangalaman nu gedé mangpaatna keur kahirupan kiwari. Atuh, dina ancrubna kana dunya budaya, ieu lulusan S-2 Universitas Pasundan (Unpas) teu ngawagu. “Pangalaman kapungkur, janten modal kanggo ngalaksanakeun tugas ayeuna,” pokna.

    

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: