• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.Si.;

Tukang Keprok
Ulah Paraséa

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.Si. [Potrét/Ilustasi: rudi]

Béda pilihan, bisa pacéngkadan. Ku lantaran kitu, kudu aya pihak nu clok di tengah. Misti aya pihak nu nétral, henteu cueut ka nu hideung henteu ponténg ka nu konéng. Ngan, saha nu kuduna kawas kitu téh?***

Hawa pilihan presiden parat ka saban tempat. Héabna, mingkin dieu mingkin panas, ‘karérab’ ku koméntar-koméntar rupa-rupa pihak nu ngajagokeun kandidat séwang-séwangan. Dua papasangan presiden, Prabowo-Hatta jeung Jokowo-JK, lir mahnét nu masing-masing, satékah polah ngirut masarakat saloba-lobana.

Rahayat nu tara pipilueun kana kakawasaan, dina waktuna milih presiden mah mah ubyag. Karecah ku dua kakuatan nu keur adu-hareupan. Dina kaayaan kitu, masarakat gé bisa bengkah alatan masing-masing boga pilihan anu béda. Katambah deuih, masing-masing ‘bobotoh’ gé loba nu silipapanas. Antukna,  mamanas haté masarakat. Ku lantaran kitu, boboto atawa ‘tukang keprok’ ulah parasea.

Dua kakuatan nu adu-hareupan, bisa jadi mamala. Lantaran, ku ngalus-ngalus jagona, sakalian deuih ngagogoréng calon séjén. “Dina kaayaan sapertos kitu peryogi pihak-pihak anu nétral nu tiasa maparin ‘pencerahan’ ka masarakat,” ceuk Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.Si., Guru Besar Fisip Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung.

Pentingna pihak nu nétral, ceuk Prof. Asep, sangkan jadi ‘pamépés’ upama di masarakat aya pacéngkadan. Lian ti éta, sangkan tilikan pihak nu nétral,  jadi  obor nu nyaangan  balaréa.  “Hartosna masarakat gé peryogi ku katerangan ti jalmi-jalmi nu sanés ti pihak salasawios kandidat,” pokna.

Saha nu dipiharep bisa nyaangan masarakat téh? Ceuk ieu ketua Program Studi (Prodi) Administrasi Negara Pascasarjana Unpad, bisa jolna ti inohong masarakat, akademisi, ogé kepala daerah. Inohong mah, umumna kaseundeuhan ku masarakat. Hartina, loba balad. Ku lantaran kitu, galib upama éta inohong téh pada ngadeukeutan ku pihak-pihak nu tarung marebutkeun sora rahayat. “Ngan, ari tokoh masarakat mah, perlu nétral, sangkan bisa jadi panengah mun masarakat béda paham jeung béda pamilih dina nangtukeun pamingpinna. Kitu ceuk ieu ahli élmu pamaréntahan téh.

Kitu deui tokoh agama, saperti kiyai, ajengan, jeung sajabana, bisa jadi daya pangirut keur calon nu butuh ku sora masarakat mah. Lantaran, mémang ilahar, tokoh agama gé kailuan ku masarakat.  Mun salasahiji calon ngamangpaatkeun inohong agama keur kapentinganana, gedé kamungkinan masarakat nu anut ka éta inohong agama gé, nurut ka éta tokoh.

Lian ti éta, ceuk Prof. Asep, nu kudu panceg tangtungan téh kaum akademisi. Perelu pisan asak jeujeuhan, bisa méré panerangan ka masarakat. “Kaum akademis hadéna mah teu némbongkeun ‘keberpihakanana’ ka salasahiji kandidat,” pokna. Sikep akademisi kitu, cenah, ngarah sawangan-sawanganana bisa ‘objektif’ . “Ulah ilubiung saperti tim suksés,” pokna dibarung mésem.

Sabalikna, kandidat presiden nu kapilih, kudu mampuh milihan jalma-jalma nu payus tur pimampuheun ngalaksanakeun pancén dina réngréngan kabinét. Tangtu wé kari milih, da ceuk  Prof. Asep, nu pantes jadi menteri ti Jawa Barat ogé teu kurang-kurang, misalna waé   Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA (Rektor Unpad), Prof. Dr. H. Sunaryo Kartadinata, M.Pd. (Rektor UPI) Dr. Sapta Nirwandar, S.E., Prof. Oekan S. Abdoellah, jeung ahli-ahli séjénna.

Keur urang Jawa Barat, caprés nu ayeuna téh ‘sarua deuheusna’ ogé ‘sarua jauhna’. Lantaran kitu, nilik kana kapentingan bangsa, urang Sunda tetep kudu boga aya dimana-mana jeung asak tinimbangan. “Hartina, urang Sunda kantun milih kalayan cerdas,” pokna.

 

Ajeg Tangtungan

Kepala daérah, kaasup inohong masarakat. Saperti bupati jeung gupernur, apan gugueun masarakat. Ngan, upama dina pilpres cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng keur rahayat gé bakal kurang hadé. “Da, kepala daérah mah pamingpin saréréa. Atuh, kudu jadi iluaneun balaréa, lain jadi gugueun salasahiji golongan,” pokna.

Dina pilihan presiden, bisa jadi loba kepala daérah nu milu kompanye atawa tim suksés. Kitu téh, ilahar di urang mah, da mémang keur kapentingan partéy pulitik. Ngan, mun éta kepala daérah kompanye di salah sahiji tempat di daérahna, bisa waé loba masarakat nu satuju atawa sabalikna. Lian ti kitu, bisa waé éta kepala daérah téh ngamangpaatkeun kalungguhanana keur kapentingan partéy pulitikna.

Upama kepala daérah ngamangpaatkeun pasilitas pamaréntah keur kapentingan partéy pulitik, ogé moal gampang kanyahoanana. Da, balaréa gé moal gampang ngabédakeun antara kepala daérah jeung pingpinan partéy atawa pangurus partéy téh.

Pasualan séjén, bisa waé éta pajabat mangaruhan bawahanana.  Ku lantaran kitu, sacara langsung atawa teu langsung aparat di handapna gé bisa didorong ku éta pajabat sina ‘milih’ salah sahiji kandidat nu dibobotohan ku éta pajabat. “Padahal, pilihan masarakat téh apan béda-béda,” ceuk ieu Ketua Dewan Penasihat IAPA téh.

Mémang, aya aturan jinek. Pajabat pamaréntah, gupernur, bupati atawa walikota, bisa kompanye, kaasup dina pilprés.  Tata carana diatur dina Peraturan Pemerintah (PP) Republik Indonesia No 18 Tahun 2013. Écés dina pasal 26, éta PP gé. Dina saminggu kepala daérah bisa dua poé cuti upama rék milu kompanye. Tapi, aya iwalna, cenah, pasualan nu kacida pentingan tetep kudu leuwih ti heula diréngsékeun.

Najan kepala daérah boga idin milu kompanye, ceuk  Prof. Asep, ketakna milu kompanye  bisa ngurangan ‘ajen’ éta kepala dina pandangan rahayatna. Lantaran, kuduna mah henteu cueut ka nu hideung henteu ponténg ka nu konéng.  “Samistina, kepala daérah atawa pajabat nagara téh henteu pipilueun jadi tim suksés atawa jadi juru kompanye,”pokna.

Kepala daérah, saperti gupernur, walikota, atawa bupati, ceuk Prof. Asep, kudu cicing ‘di tengah-tengah masarakat. Lantaran mun gupernur/walikota/bupati mihak ka salahsahiji caprés, bisa waé bawahan éta bupati teh, teu bisa tandes ngalaksanakeun aturan atawa milu mantuan kepala daérah ‘ngagiringkeun’ masarakat sina milih salahsahiji calon nu dirojong ku éta kepala daérah.

Kepala daérah, saperti gupernur, boga bawahan, walikota jeung bupati. Kitu deui bupati/walikota di jajaran handapna téh aya camat, lurah, jeung sajabana. Masing-masing bawahan, bakal kacida gumantungna ka pingpinanana. “Dina waktu pamingpinna kompanye, teu ngalaksanakeun pancén gawéna, jajaran nu dihandapna gé moal katalingakeun,” pokna.

Pilihan langsung, gumantung pisan ka rahayat. Atuh, ajén-inajén pamingpin nu kapilih gé bagal gumantung kana ajén pilihan rahayat.  Tangtu saha waé pribadina, saperti gupernur, bupati, atawa walikota, boga pilihan pribadi. “Masing-masing gé boga hak pilih. Ngan, ari kepala daérah mah, leuwih hadé teu ngajak-ngajak masarakat sangkan milih salahsahiji kandidat,” pokna.

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Ikhsan Santosa

Aswb. Hatur nuhun Ka Pa Asep kana katerangana, kahartos pisan. Malihan mah sim kuring kantos ngadangu di sosial media , yen saur na gubernur jawabarat ngajak ka masarakat kanggo ngadukung salah sahiji calon presiden. Upama tea mah eta teh leres ayana....sim kuring sok ngobrol sareng rerencangan, berarti jawabarat tos di pimpin ku jalmi poekeun mikir ku alatan dunya jeung pulitik. Tapi mudah mudahan eta mung saukur beja wungkul...sok sanaos ku ayeunamah...mun aya anu janten kapala daerah teh...ampir dipastikeun janten kapala parteyna. upama kondisi ieu teu acan tiasa di rubahmah....jigana tong patos nyalahkeun rahayat upami teu kapincut ku pesta pulitik. da eta teh buah tina tingkah paripolah pamimpin nu teu amanah.

Hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: