• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyorangan

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1403706248.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Hudang-hudang téh geus aya di parkiran imah. Siga sasari Mang Ujang –supir– sok tara ngahudangkeun mun kuring kasaréan dina mobil. Mindeng digelendeng, tapi jawabanana téh angger, “hawatos ngawagel badé ngagugahkeun téh”.

Poé ieu jadwal ngajar téh padet pisan. Ti isuk-isuk nepi ka soré, jaba aya pancén tambahan ti pupuhu jurusan pikeun ngaping latihan téater mahasiswa nu rék pentas dina Festival Drama sa-Jawa Barat saminggu deui. Mulang ka imah jadi rada elat.

Teu karasa waktu téh geus nincak jam salapan peuting. Imah mah geus caraang sok sanajan euweuh sasaha ogé. Ngahaja lampuna sok dihurungkeun beurang peuting, jadi lamun balik kapeutingan siga kieu téh teu keueung ari teu paroék mah, babakuna mah mun mimiti asup. Katambah deuih imah téh mindeng ditinggalkeun.

“Assalamualaikum ...” cekeng téh sabada muka konci, awak asa lalungsé jeung lulungu kénéh. Hayang sabru-bruna ngagolér dina kasur, nuluykeun saré nu kapotong. Keun baé loba soal mahasiswa pariksaeuneun ogé, bisa di ka subuhkeun mariksa mah, keur minggu hareup ieuh.

“Waalakiumsallam ...” ti jero aya nu némbalan.

Kuring tuluy ka kamar, tas tuluy ditunda handapeun méja gawé, kitu ogé soal-soal pariksaeun, ditumpukeun gigireun komputer. Gap kana anduk, maksud rék tuluy beberesih jeung solat isa. Sup ka WC, pitunduheun ngadadak leungit ari geus nyagap cai mah. Karék sadar kana kajadian nu cikénéh kaalaman. Saha nu némbalan salam kuring? Apan sidik di imah téh kuring sorangan.

Bulu saawak-awak ngadadak ting sariak. Sidik kadéngé béntes aya sora nu némbalan uluk salam, sada sora awéwé asana mah. Ras pikiran inget kana kajadian-kajadian nu kaalaman di ieu imah, boh nu kaalaman ku sorangan boh nu kaalaman ku dulur-dulur kuring. Bulupunduk beuki tingpuringkak.

Sabada ema ngantunkeun, cicing di imah téh nyorangan. Ari bapa, ti leutik ogé kuring geus yatim. Lanceuk-lanceuk mah imahna geus marisah. Osok kétang dibaturan ku alo-alo sakapeung, tapi mimindengna mah nya nyorangan baé. Ari pamajikan, kuring can dipercaya pikeun laki-rabi, éh lain can dipercaya kétang tapi can diniatan. Nanaon ogé ari geus diniatan mah pasti kasampeur, komo mun bari jeung keyeng mah.

Imah téh lega, jaba aya dua lantai. Imah salega kieu, dicicingan ku sorangan, beuki tambah asa legana téh. Di pipir imah aya tanah lumayan lega, ku kuring dipaké miara hayam adu jeung pepelakan obat. Hayam waas ku raéngna kongkorongok mun subuh-subuh. Ari pepelakan obat sok butuh sakalieun flu atawa keur miara kaséhatan awak. Ari pelak sorangan mah puguh steril jeung bébas pestisidana.

Alo kuring si Amel, kungsi hariweusweus.

“Naha Emang tos aya di kamar? Apan nembé téh nuju maraban hayam sanés?” pokna semu nu héran.

“Har, ti tatadi ogé Mamang mah di dieu teu ka mamana, ieu nuju nyieun soal kanggo UTS barudak,” cekeng téh, da barang datang ti kampus ogé langsung nungkulan komputer.

“Ari tadi saha atuh? Da asa Emang, acukna ogé sami éta,” alo semu nu bingung, tuluy diuk ngahuleng.

“Meureun Mang Ujang mah, da biasa sok ningali hayam di pipir,” cekeng téh.

Lain éta waé cenah, mindeng manggihan nu keur nguyek di WC, disangkana kuring keur mandi. Tapi barang ka kamar, kuring mah keur jongjon nyinghareupan komputer. Ari nu panganyarna, Alo téh manggihan nu keur masak di dapur. Rék ditanya téh teu wawuh cenah, tungtungna tuluy ka rohangan luhur ka kamar kuring rék nanyakeun, ari pas ditéang deui ka dapur, sidik euweuh sasaha.

Lain waé Alo, tatanga kungsi manggihan ogé, peuting-peuting teu kahaja nyerangkeun ka beulah buruan imah kuring ti loteng. Aya jelema ongkog-ongkogan siga nu néangan jalan asup, keur nguyek palebah jandela, na da éta mah cenah jol-jol ngabecir lumpat tipaparétot, teuing ningali naon. Harita kuring keur aya kagiatan seminar di Bali, balik-balik meunang info éta, pas muguhkeun kana jandela, bener waé aya tapak raca nu rék nyokél, ngan henteu nepi ka muka mah.

Naon nu kaalaman ku kuring mah béda jeung Alo. Ari Alo mah ningali jirimna, kuring mah leuwih ngarasa kana sora jeung aambeuan. Aya aturan keur saré sok tuluy ka hudangkeun ku seungit kekembangan, mun geus kitu sok tuluy nyileuk. Sora nu pulang anting di tengah imah, nu mandi di WC, nu keketrok kana panto kamar mah geus teu kaitung teuing sabaraha kali. Malah kadang-kadang mah sok kadéngé sora nu ngaji tengah peuting di jero imah téh.

Ari sora-sora nu sok mawa keueung mah, nyaéta nu ditujukeun langsung ka kuring, saperti nu ngentrokan panto kamar, nu nyalukan ngaran ti luar kamar, atawa sok karasa aya nu ngageuing-geuingkeun, utamana mun kuring sok kasaréan dina méja komputer.

Kungsi kajadian sabada méréskeun tugas mariksa skripsi nu dikirim file-na ku mahasiswa, kuring ngagéléhé dina kasur. Ngarérét jam geus leuwih ti angka dua belas. Sedengkeun isuk jam tujuh téh kudu geus aya di kampus, rék nguji mahasiswa sidang. Harita inget can solat isa, tapi tuluy waé peureum, dina angkeuhan téh saré sakerejep ieuh.

Keur lelenggutan, antara sadar jeung teu sadar, kuring tuluy ngoréjat, da sidik kadéngé aya nu ngadéhém dina juru kamar. Teu papanjangan deui, tuluy ngoloyong ka WC nyokot wudu, geus kitu mah parat nepi ka subuh euweuh deui nu duham-déhém. Ngan orokaya, jadi teu betah di kamar, komo lamun ningali ka palebah juru kamar mah, palaur pas dirérét téh aya  nu ngajanteng, tuluy ngadéhéman deui, hiyyy.

Kuring ogé lain teu niat tatanya, dina angkeuhan téh keun waé salila teu ngaganggu kana fisik jeung teu némbongan pikasieuneun mah moal rék opénan. Urang masing-masing waé, da kuring ogé percaya jeung ngaimanan kana hal-hal goib. Keun, da béda alam, béda kahirupan, jeung béda kapentingan ieuh.

Sakali mangsa mah teu kahaja nanyakeun ka Ustad nu aya di kampung Cikelet Garut. Harita kuring keur ngaping mahasiswa KKN di éta kampung. Aya mahasiswa nu curhat perkara jurig jeung jin ka éta Ustad, tuluy obrolan téh nyambung ka kuring.

“Saé naon-naon nu tos dipidamel ku Ayi Dosén tos leres. Upami sieun, tangtos lepat. Da aya nu leuwih wajib dipikasieun, sieun ku dosa urang, sieun ku laku-lampah goréng, sieun ku ibadah-ibadah urang nu teu sampurna. Ari di lawan atanapi cenah diusir, tangtos lepat ogé. Cobi kumaha rasana Ayi Dosén nuju betah-betah di bumi nyalira, tiba-tiba aya nu ngusir. Panginten karaosna téh matak teu genah. Kumaha deuih lamun dumukna téh langkung payun maranéhna batan urang, rék kumaha? Tapi upami ngabahayakeun mah tangtos tiasa ditarékahan,” ceuk éta Ustad ti Cikelet, di lembur mah ustad téh sok ngarangkep jadi pananyaan.

Saméméhna, padahal geus rék sapok-pokeun kuring hayang nyaho carana sangkan ngusir éta jin nu nyicingan, najan teu ngaganggu sacara fisik ogé, angger waé sacara méntal mah mangaruhan, pangpangna mah pikiran nu sok ngagegedékeun ngabayangkeun nu teu pararuguh.

“Ari kasieun nya wajar ngancik dina diri manusa. Da nu teu gaduh kasieun mah tangtos lain manusa kasebatna. Ngan upami masih sieun ku sabangsa jin, urang kudu intropeksi kaimanan jeung kataqwaan. Yakinkeun yén aya Anjeunna nu salawasna ngaping ngajaring manusa nu aya dina jalan bener.”

Waktu ditanyakeun perkara asal muasalna, Ustad teu bisa méré kacindekan nu pasti, “Bisa geus aya ti dituna, éta tempat mémang pamatuhanana. Bisa ogé datang ku sorangan. Ari nu datang ngageugeuh ka imah, biasana ka imah-imah kosong atanapi nu mindeng dikosongkeun...”

Kuring sorangan inget yén imah téh mindeng kosong. Kuring mimindengna mah saré di luar da loba tugas ti kampus, saré di imah saperluna waé. Atawa ngan ukur dipaké aktivitas saré, sésana mah aktivitas kuring lolobana di kampus.

“Tapi, aya ogé sababaraha jalma nu ngahaja ngundang jin sangkan nyicingan imah, boh jin islam atawa jin kapir. Loba motifna nu ngundang téh, aya nu motif jahat pikeun nyingsieunan nu lain, aya ogé nu motifna hadé. Tapi Ayi Dosén teu kedah hariwang, tempat bener jeung hadé nya didatanganana ogé ku nu hadé jeung bener, tempat goréng nya didatangan ogé ku nu goréng deui.”

Ti harita mah geus teu boga niat rék miceun jin nu aya di imah téh, teu hayang nyaho deuih jin islam atawa kapirna. Keun wae, salila teu ngaganggu jeung ngabahayakeun mah. Itung-itung purah tunggu imah da mindeng ditinggalkeun.*** Cisompét,  Juni 2014

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

gugum

Matakna bumi kedah diseueurkeun maos ayat suci alqur'an supados pinuh ku katingtriman sareng betah teu pikasieuneun, geu euman

ita

Iy....angger we sieun d jdi keueung bumi d eusi nu karitumah....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: