• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Urang Sunda Sumatera Barat

Ngajaga Diri
Ngahontal Udagan

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Pangurus PWS, teu weléh maheutkeun duduluran [Potrét/Ilustasi: rudi]

Dumuk di lembur  batur, tumamu mimitina mah. Haté gé teu weléh tibelat ka lembur. Tah, nu kawas kitu, karandapan ku urang Sunda nu dumuk di Ranah Minang Sumatera Barat. ***

Enya, ngimpi jeung lamunan mah teu weléh ngalanglang lembur sorangan. Teu sing kahalangan ku anggang, dina lelembutan mah, asa keur ngancik di padumukan sorangan. Nu remen kagambar gé sawahna, gunungna, jeung tempat-tempat pangulinan waktu keur di lembur. Kitu deui kedalna ucap dina waktu ngumbar lamunan, tetep ku basa Indung, basa Sunda. “Teu weléh sono ka lembur mah,” cék  Dicky Subhan, S.H., Pupuhu Paguyuban Warga Sunda (PWS) Sumatera Barat, basa ngobrol jeung Manglé di Padang, dijejeran pangurus séjénna.

Tepung jeung pangurus téh, waktu wartawan Manglé nyaba ka Padang dina raraga Pekan Informasi Nasional (PIN) 2014. Tepung jeung pangurus paguyuban Sunda di Sumatera Barat téh ti peuting, dijajap ku kasono nu harita haladir di sekretariatna, Jl. Dr. Wahidin II Kel. Ganting Utara Padang Timur Kota Padang.

Loba cenah urang Sunda di Sumatera Barat ogé. Jumlah nu kacatet, moal kurang ti 40 rébu urang  sumebar di Provinsi Sumatera Barat. “Urang Sunda nu aya di Sumatera Barat téh seueur pisan. Lantaran kitu, ngaraos peryogi aya dina hiji beungkeutan. Nya ngadeg wéh beungkeutan nu dugi ka ayeuna, namina Paguyuban Warga Sunda Sumatera Barat,” cék Eka Sukarya, salasaurang pangaping PWS pangsiunan dinas pertanian nu harita ngiring ngajejeran. Perjalanan ieu beungkeutan nu diadegkeun taun 1969 ogé, pernah robah-robah ngaran. Sapertina waé, waktu diadegkeun mah, ngaranna téh IKDB  (Ikatan Keluarga Djawa Barat), nu dipupuhuan ku bapa Ir. Sutisna Wartapura. Tempatna ogé harita mah di Bukittinggi. Lantaran aya parobahan EYD, atuh dina taun 1972 dirobah deui jadi IKJB. Dina taun 1975 robah  deui jadi PWJB (Paguyuban Warga Jawa Barat), nu harita dipupuhuan ku bapa Wisnu, nu harita nyangking manajer di Hotel Hang Tuah, kalawan sekretariatna pindah ka puseur provinsi di Kota Padang. “Ti taun 1978, pangpangna nu ngalih damel ka Padang beuki seueur beuki ngareugreugan. Atuh jajaran pangurusna ogé loba nu kaétang suksés, sapertina waé sababaraha taun ti harita mah perenah ku Ir. Surya nu dines di PLN, Mayor Laut Amin, Letkol AD Asep Sabarhadiman, TB. Madsari Saiban, Dr. Ade Djulardi dosen Universitas Andalas. “Nembé taun 2000 namina robih janten PWS dugi ka ayeuna, luyu sareng pemekaran Jawa Barat ku misahna wilayah Banten,” cék Eka Sukarya nineung ka mangsa saméméhna.

Sedengkeun dina waktu dumuk di pangumbaraan, cék Dikcy Subhan nu ngéngingkeun istri urang Padang, mémang remen ngararasakeun butuhna dulur nu salembur.  Nu karasa, najan geus jadi warga Sumatera Barat jeung loba kawawuhan ti sélér séjén, tetep ngarasa butuh ku nu sabaraya sabudaya. Karep kitu jadi kasundut, PWS geusan leuwih onjoy. Ébréhna, dina rupa-rupa kagiatan, saperti olah raga, kasenian, kaagamaan, sosial, jeung sajabana, teu weléh dijalankeun ku ieu paguyuban warga Sunda di Sumatera Barat. Lantaran dasarna nyaah, boh nu asalna salembur ti Sunda, boh nyaah ka lingkungan lembur Padang, atuh PWS ogé  pada ngahaminan, kaasup ti pihak pamaréntah Sumatera Barat. Sapertina waé, sering diondang manggung dina acara kapamaréntahan. “Kantenan, PWS teu weléh diondang, malihan sok manggungkeun kasenian Sunda.  Atuh Pa Gupernur Sumatera Barat ogé sayagi dileler ‘Abah Rakeyan’, minangka anggota kahormatan Paguyuban Warga Sunda.

 

Mageuhan Duduluran

Urang Sunda nu dumuk di Sumatera Barat, arapaleun kénéh kana kekecapan silihasah, silihasih, silihasuh. Atuh, saterusna éta padika hirup kumbuh téh teu sing ukur dina lalambé, tapi dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. “Angger pasipatan wargi Sunda di Sumatera Barat teu ical. Soméah hadé ka sémah, silihasah silihasih silihasuh tetep dilarapkeun dina sadidintenna,” cék Kang Aji Rukmana, salahsaurang pangurus Paguyuban Pasundan Sumatera Barat, nu kiwari ogé jadi penyiar milu nyebarkeun Sunda di RRI di Kota Padang.

Ku cara maheutkeun duduluran kawas kitu, keur hirup di lembur Sumatera Barat mah mémang kacida karasana. Sapertina waé, waktu salasaurang aya nu gering parna, heug aya nu nulungan, tangtu kacida matak bungahna. Ku lantaran kitu, nu karasa ku masing-masing pribadi warga Sunda di Sumatera Barat, saterusna dilarapkeun geusan silihtulungan. “Upama aya nu teu damang atanapi nu pupus, heug kanyahoan ku paguyuban, tangtos wé sakaduga mah teras dibantos,” cék Dicky Subhan deui.  Cara silihtulungan ka dituna mah geusan maheutkeun duduluran. Sok sanajan, cek ieu puhuhu, teu bisa dileuleungit, éta ogé aya kénéh sabagéan anggota nu masih sibuk ngurus diri soranganana.

 

Ngahontal Udagan

Galibna nu miang, mawa harepan. Geusan ngahontal angen-angen, réla ninggalkeun banjar karang pamidangan, najan kudu lunta jauh. Di tempat anyar atawa di pangumbaraan aya harepan  nyorang  kabagjaan. Kituna téh sangkan bisa hirup jeung huripna.

Ka mana waé ngaléngkah jeung di mana waé dumuk, ka sékésélér sorangan mah teu weléh reueus. Kareueus kitu, saperti nu karasa ku Kang Ady Gunawan, nu kiwari sok ngajar di sababaraha lembaga atikan di Sumatera Barat. Cenah, beungkeutan urang Sunda jadi pamatri ati geusan leuwih nguatan jati diri. Atuda, geuning geus di lembur batur mah sagala daya jeung pangabisa téh kacida pentingna.

Karancagéan masing-masing pribadi, lain wungkul gedé mangpaatna keur pribadi  tapi deuih keur pihak séjén. Nya kitu pisan nu kaalaman ku urang Sunda di Sumatera Barat gé, da nu kasab téh rupa-rupa naker. Loba nu arusaha dina widang masing-masing, saperti aya nu jadi kuli bangunan, dagang sapatu, papakéan, katuangan batagor, ogé aya nu kana tani. “Mung seuseurna mah kana bangunan, utamina sabada kajadian lini di Padang,” cék Ady Gunawan, wakil ketua Paguyuban Mitra Sunda Sumatera Barat tandes.

 

Nu Nyaah nu Butuh Kanyaah

Sanajan jauh ti lembur, tapi ari rasa nyaah mah angger deukeut. Ku kituna, ieu paguyuban urang Sunda di Sumatera Barat ogé, tetep bakal ningkatkeun beungkeutan kawargian ku rupa-rupa program jeung harepan, sapertosna waé ngamumulé budaya Sunda, bakti sosial, saperti nu pernah dilakukeun ku sarebu urang Sunda meresihan basisir Padang, jeung sajabana. Ngaraketkeun duduluran jeung mikanyaah baraya sarasa, ieu paguyuban urang Sunda di Sumatera Barat boga karep hayang aya sekretariat nu jinek atawa padepokan Sunda di Sumatera Barat.

Tujuanana? jinek, sangkan urang Sunda teu leungiteun jati dirina tur bisa leuwih motékar dina rupa-rupa kagiatan kasundaan di Sumatera Barat. Cék pupuhuna Dicky Subhan,  ieu paguyuban sacara organisasi mah, mémang masih kagolongkeun gering nangtung ngalanglayung kénéh. Lantaran, sanajan kagiatanana jinek tur umurna geus heubeul, tapi nepi ka ayeuna tacan boga sekretariat nu jinek. “Sekretariat masih ngontrak. Atuh sarana kasenian Sunda ogé teu aya. Ku kituna, sakumaha proposal nu kantos dikintunkeun ka Pemprov Jabar, kacida miharepna, mudah-mudahan pamaréntah Jawa Barat tiasa merhatoskeun tur nyaah ka urang Sunda di Sumatera Barat, utamina sekretariat atanapi padepokan Seni Sunda di Sumatera Barat, énggal ngawujud,” cek Dicky Subhan mungkas obrolan. *** (Implik2 Mangle edisi 2482)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: