• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Marhaban Ya Romadon;

Ibadah Puasa,
Miara Raga, Ngahontal Darajat Takwa

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Teu karaos, urang parantos tepang deui sareng sasih Romadon, hiji sasih nu pinuh ku barokah sareng magfiroh Alloh SWT. Umat Islam di mana waé ayana, tangtu baris ngabagéakeun kana sasih ku jalan ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh SWT. Nu dipiharep taya sanés, sangkan urang tiasa janten hamba Alloh anu soléh, anu dipikanyaah tur dipikadeudeuh ku Mantenna, nyatana jalmi nu kalebet mutaqqin (la’allakum tattaquun).

Dawuhan Rosululloh SAW; Yaoman wahadoro romadoonu, atakum romadoonu syahru barokatin yagsakumullohu fiihi fayunjilur rohmata wayahuttul khotoya wayastajiibu fiihid du'a ayan durullohu ta'ala ila tanafusikum fiihi wayubaakhii bikum malaaikatahu fa'arulloha min angfusikum khoeron fainnasy syaqiyya mang tuhromu fiihi rohmatallohi 'aza wazala. Nu hartosna kirang langkung kieu : Geus datang ka maranéh bulan Romadon, di mana Alloh ngalimpahkeun berkah, nurunkeun rohmat jeung ngahampura dosa-dosa maranéh, narima do'a-do'a maranéh, ningali kana usaha paburu-buru kana jalan kahadéan maranéh jeung muji ka maranéh dipayuneun malaikat. Mangka prak tempokeun gawé kahadéan ka Alloh Swt. Saéstuna jalma nu cilaka nyaéta jalma nu kahalangan tina rohmat Alloh dina bulan ieu. Kitu dawuhan Rosululloh SAW nu diriwayatkeun ku HR. Thabrani ti Ubadah bin Shamit dina hutbah dipayuneun para sohabat, nalika badé lebet kana sasih Romadon.

Ibadah puasa ogé ibadah nu diantos-antos. Margi dina ieu sasih dicawiskeun mangpirang-pirang kamulyaan sareng ganjaran nu manglipet-lipet. Lantaran kitu, kacida rugina upami aya di antawis jalmi nu ngaraoskeun biasa-biasa waé. Ku kituna, mudah-mudahan urang mah kalebet jalmi nu bungah. Bungah sanés pédah seueur katuangan, seueur nu dipeser, ngalaman ngabuburit, tapi bungah lantaran mangpirang-pirang ibadah langkung dimulyakeun kanggo mageuhan katakwaan ka Alloh Swt. Kaunggel dina Al-Qur'an, surat Al-Baqoroh, ayat 183, nu hartosna: "Yeuh jalma-jalma nu ariman, maraneh diwajibkeun puasa saperti nu geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh maraneh sangkan maraneh jadi jalma-jalma nu tarakwa."

Numutkeun para ulama, ngébréhkeun kabungah mapag Romadon téh sanés ku curak-curak. Namung, mapag Romadon ku tatahar nyiapkeun diri pikeun ngalaksanakeun kawajiban bulan Romadon, nyaéta puasa.

Naon ari puasa? Puasa cek umum mah ngeker tina tuangeun, inumeun sarta sapatemon ti nalika meletek fajar nepi ka surupna panon poé. Ngan semet makna ieu aya pépéling ti Kangjeng Nabi SAW; "Seueur nu paruasa tapi ngan saukur semet hanaang jeung halabhab wungkul". Ku kituna atuh kedah rada di pesék ka lebetna naon ari puasa téh.

Kacaturkeun dina hiji riwayat, nalika Alloh SWT nyiptakeun akal, Anjeunna nyaur ka akal, "Madep!" teu talangké akal langsung madep. Diparéntahkeun deui, "Mundur!" teu talangké akal langsung mundur. Teras akal ditaros ku Alloh, "Man anta wa man ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Akal ngawaler, "Anta robbi wa ana 'abdukadh dho'if (Gusti téh Pangéran kuring, ari kuring hamba Gusti anu lemah)". Sababiyyah waleran akal téa, Alloh ngadawuh ka akal, "Yeuh akal, Kaula henteu nyiptakeun makhluk anu lewih mulya tibatan hidep".

Mangsa Alloh SWT nyiptakeun nafsu, Anjeunna nyaur ka nafsu, "Madep!" Nafsu henteu miroséa kana panyaurna Alloh. Tongboro madep, henteu kulan-kulan acan. Alloh naros kana nafsu, "Man anta wa man Ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula)?" Nafsu ngajawab, "Ana ana wa anta anta (aing aing, anjeun anjeun". Sababiyyah kitu kalakuan, nafsu diasupkeun kana seuneu Jahannam saratus taun. Satamatna saratus taun, dikaluarkeun teras ditaros deui ku Alloh, "Man anta wa man Ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Nafsu ngajawab, "Ana ana  wa anta anta (aing aing, anjeun anjeun)". Sababbiyyah can euih euih tur can élingna nafsu, ku Alloh dilebetkeun kana seuneu naraka saratus taun. Satamatna saratus tahun, nafsu dikaluarkeun teras ditaros deui, "Man anta wa man ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Nafsu ngajawab, "Anta robbi wa ana 'abdukadh do'if (Gusti téh Pangéran kuring, ari kuring hamba Gusti anu lemah)."

Numutkeun sapalihna ulama, ieu kisahna sajarah disyaréatkeunana puasa. Ku kituna, puasa téh ngadidik sangkan apal kana diri tur ma'rifat ka Alloh. Puasa mangrupi prakték pembelajaran anu neueul kana katerangan "man 'arofa nafsahu faqod 'arofa robbahu (saha nu apal ka dirina yakni ma'rifat ka Pangeranana).

Marhaban Ya Romadon, wilujeng sumping bulan Romadon. Sayyidusy-Syuhur, panghulu sakabéh bulan, hiji bulan nu kacida mulyana.  Pikeun jalmi nu miharep rido Alloh, bulan ieu téh bulan nu diarep-arep ti anggalna. Sanés karana badé lebaran sareng mésér baju weuteuh atawa maréma dagang, tapi bulan puasa téh bulan mupu amal kahadéan, bulan miara raga tur muhassabah ngariksa diri, bulan sumerah diri ka Alloh karana kaagunganana. Ku margi kitu, Imam Gozali, ngabédakeun dina tingkatan puasana ogé, aya nu kaasup awwam, khawas, aya ogé nu kagolongkeun puasa khawas fi khowas, kalawan tim penileyna Nu Maha Agung, Gusti Alloh Swt. Ngan kitu ari Alloh mah Maha Uninga, lamun urang puasana écék-écék, saur milu tapi teu nepi ka waktu buka, nya Alloh ogé yakin uninga yén puasa batal. Kitu deui saur milu puasa tamat, tapi paripolahna codéka, Alloh ogé Maha Uninga kalawan yakin bakal digolongkeun kana puasa awwam, puasana tamat tapi ganjaranana bakal leungit. Luyu sareng dawuhan Rosul: Rubba soo'imin laesa lahu min siamihi illal juu'u warubba qoo'imin laesa lahu min qiyamihi illas saharu. "Loba jalma nu paruasa tapi teu meunang ganjaran naon-naon tina puasana teh iwal lapar jeung hanaang, jeung loba jala nu lilir (solat) dina waktu peuting tapi teu meunang naon-naon tina solatna iwal nu aya capé (karana ngajaga peuting). (HR. Ibnu Majah, Nasai, Ibnu Khuzaemah).

Anapon kitu mah, mangga urang nyumponan puasa bari kacandak ganjaranana. Sanajan dina mangsa kiwari, mangsana panas, ‘karérab’ ku koméntar-koméntar rupa-rupa pihak nu ngajagokeun kandidat calon presiden séwang-séwangan, seueur pisan perkara nu mantak ngajurung kana datangna hawa nafsu, tapi éstuning dina sasih Romadon taun ayeuna, urang buktikeun, yén sayaktosna sadaya aya dina rencana Gusti Alloh Swt.

Ku wasilah puasa, nu jadi ciri manusa sangkan leuwih deukeut jeung Mantena, tangtos teu aya hartina upama urang terus nincak dina kamunafekan, kamalaratan, kasusah, da sadayana tos diatur ku Alloh Swt. Ku kituna mangga dina sasih Romadon ayeuna urang piceun kakufuran, kamunafekan, suudzon, ganti ku katawekalan, kasobaran, sikep husnudzon ogé kaimanan ka Alloh Swt.

Kumaha jalanna? Nu kahiji, urang kedah terang sareng midamel naon hakékat sareng tujuan puasa téh, sakumaha kaunggel dina Al-Qur'an surat Al-Baqoroh 183-184 téa sareng ayat-ayat séjénna, nu diantawisna, tujuanana sangkan tattaqun, yarsudun sareng yaskurun. Kitu deui dina ulah semet nahan hawa nafsu wungkul, margi puasa téh kalebet kana perkara ibadah nu jelas tata carana, jelas sarat jeung perkara nu ngabatalkeunana.  Ngan nu éstu kedah dijaga, urang salawasna tancebkeun dina haté, yén puasa urang téh karana Alloh, duméh saur Alloh deui sok paruasa supaya aranjeun kénging gelar takwa. Ari takwa apanan sanés barang murah, bentén sareng acuk takwa basa lebaran. Upama tos nanceb takwa nu jadi tujuan, kahadé laksanakeun paréntah agama tur ngajauhan naon perkara nu dilarang agama. Ulah tibalik jadi ngajauhan papagon agama, ngadeukeutan nu dilarang agama.

Kadua, lamun puasa geus nanceb karana Alloh, ngabenerkeun jeung milampah takwa, pék laksanakeun sakumaha puasa sakumaha syareat atanapi fiqh. Luyukeun sareng wajibna puasa, kautamaan puasa, sarat syahna puasa, sunat-sunat puasa ogé tiasa nyegah kana perkara nu mantak ngabatalkeun kana puasa, malihan nyegah ogé nu mantak ngamakruhkeun kana puasa.

 

Panceg Ibadah

Geus ilahar, lamun mimiti puasa sumangetna teh kaciri pisan. Datang Tarawéh paheula-heula,  tuangeun keur saur sagala diayakeun. Di masjid, di musola balas harayang taraéeh mani teu kabagéan tempat, jalma nu teu tara gaul ogé jadi katémbong, reugreug pisan sanajan sora amin nu luar patarik-tarik. Jalmi-jalmi harayang jadi pinunjul ibadah dina bulan Puasa. Saminggu ti harita di masjid ngurangan jajaran. Mimitina leungit sajajar, geus dua minggu leungit dua jajar, tilu minggu tinggal sajajar nu jamaahna nu biasa deui. Nepi ka minggu ka opat, ibu-ibuna copong da sibuk didapur mémérés tuangeun keur lebaran téa.

Kumaha upami kitu? Saur si Kabayan mémang geus kasebut alus tinimbang jelema nu teu puasa mah bari sibuk ngumpulkeun hayang mili lebaran. Tapi luyu kana hakékat puasa mah, lampah nu kitu téh kacida rugina.

Jadi, saha jalma nu kuat iman, nyumponan sarat jeung migawé katakwaan, éta jalma bakal lulus ujianana. Tadi ogé geus dikotrétkeun dina al-Qur'an surat Al-Baqoroh 183, nu unggul jadi jawara bakal meunang piala minangka lambang kahormatan jeung kajayaan. Nyaéta nu meunangna tur bakal meunang gelar "Al-muttaqin". Ari ieu gelar apan henteu bisa sambarangan dipiboga ku unggal jalma, enya gé Gusti Alloh nyiptakeun rupa-rupa jalma di ieu alam dibarung ku kinasih-Na. Iwal jalma-jalma anu parek ka Mantenna anu bakal kasinugrahan ku ieu jujuluk téh, sakumaha pidawuh-Na dina surat Al-Hujurat ayat 13, "Inna akromakum indallohi atqooqum, innalloha 'alimun khobiir." Saéstuna anu pangmulya-mulyana di antara maranéh dina paningal Alloh téh taya lian iwal ti anu pangtakwana. Saéstuna Alloh Maha Uninga tur Maha Ningal. "

Ku kituna, mangga dina ngamimitian puasa ayeuna, urang didik diri heula kalawan ma'rifat ka Gusti sangkan saterasna tiasa panceg dina hakékat puasa, nyumponan nu dikudukeun nyegah nu dilarang.

Sanajan keur sagolongan jalma puasa téh mémang beurat, tapi lamun urang bener-bener iman bari apal kana hikmah jeung mangpaatna, urang pasti bakal daria ngalaksanakeunana. Bulan Romadon jeung kagiatan ibadah nu aya di jerona, lain saukur baris numuwuhkeun kasadaran spiritual wungkul, tapi ogé bakal ngamekarkeun kasadaran moral jeung sosial nu ngalaksanakeunana. Nu teu kinten pentingna, dina mangsana milih pamingpin, sawadina urang tiasa nanjeurkeun kamulyaan agama ku sikep nu mulya, nyaéta silih wasiatan ku jalan kasoléhan nu pikabetaheun jeung pikabitaeun.

"Ya Alloh, mugi Gusti tiasa maparinan rohmat, magfiroh sareng mung ka Gusti wungkul abdi sumerah diri. Teu aya deui kakuatan anging ku kakuatan Gusti, margi kitu mugi Gusti maparinan kakuatan ka abdi dina nyumponan puasa sareng mugi ditebihkeun tina panggoda syétan nu mantak ngaruntagkeun puasa abdi. Amin***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: