• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kiai Pulitik

Kénging Asep Salahudin
Kintun kana Facebook

Jaman Gus Dur (KH Abdurrahman Wahid) mah mun seug nyanghareupan pemilu atawa pilpres kerep kacaturkeun kiai dijadikeun konsultan pulitik. Katelah apan sebutan kayaning  kiai khas, kiai langitan. Di Jawa Barat anu terkenal téh harita Kiai Abdullah Abbas ti Buntet Cirebon.

Saméméh tandang téh, utamana pulitisi Islam, sowan heula ka pasantrén ménta pituduh. Jigana sangkan henteu sasar enggoning berjoang dina pulitik nepikeun aspirasi umat. Nanjeurkeun ajén inajén agama. Ceuk santri mah tabarruk (ngalap berkah) heula. Lain waé ka kiai anu masih jumeneng tapi oge zarah ka nu tos teu aya dikieuna. Nyambungkeun antara buana pancatengah jeung jatiniskala  jigana sangkan lampahna ditangtayungan ku Nu Mahakawasa ngaliwatan tawasulan ka  para karuhun.

Kiwari pancén kiai dina ulekan pulitik mingkin nyirorot. Malah apan PKB (Partai Kebangkitan Bangsa) waé anu diadegkeun ku para ulama leuwih percaya ka Saeful Muzani Research and Consulting tibatan ménta fatwa ka para kiai. Pajarkeun téh ajengan jeung paréman sarua sorana mah diitung hiji.

Padahal asa kamari  Clifford Géértz nyebutkeun réhna ajengan teh “makelar budaya” (cultural broker) anu ti antara pancénna téh nyéléksi informasi jeung  dinamika modérnitas  anu datang ka pasantrén jeung lingkungan sabudeureunana. Ceuk kiai montong, sakumna santri jeung masarakat nyingkahan. Teori Horikoshi (1987) nandeskeun réhna ajengan téh lir as dina ulekan roda hirup kumbuh sapopoé. Jadi gunung pananggeuhan umatna, jadi tempat pananyaan ti sakuliahing madhab papat.

 

Pupulitikan

Kari-kari kiwari eksisténsina beuki nyirorot. Tangtuna loba paktor anu jadi sababiyahna. Ti antarana, sacara internal,  lantaran loba ajengan sorangan anu malah asruk-asrukan jadi praktisi pulitik. Aub kukucuprakan jadi pangurus partéy.

Teu saeutik ajengan anu ninggalkeun pasantrén pindah tempatna ka gedong anggota déwan. Morosotkeun sarung diganti ku calana panjang. Ngudar sorban digentos ku dasi. Raksukan koko salin jinis jadi safari. Atuh tasbé anu tadina teu weléh meulit dina ramona ngajirim jadi handpone  kaluaran panganyarna. Biasana minyak  ja’paron anu disemprotkeuna, tangtosna digentos ku parfum bvlgari.

Urusanana lain deui ngawurukan santri tapi gogorowokan kampanyeu ngadagangkeun partéyna. Jadi tim sukses jualan capres pilihanana. Lain deui ngalogatan kitab konéng tapi malah nyurahan anggaran anu tacan karuhan mangpaat jeung paédahna.

 

Mun baheula wibawa ajengan téh namper dina sikep pulitikna anu inklusif, tah geus jadi pulitisi umat anu didatanganana nya anu samazhab sareng anjeunna. Pangajianana ngan dihadiran ku nu saikhwan. Luyu jeung pasipatan pulitik teu weléh ngokojokeun “idéntitas”.

Mun saméméhna masarakat jeung indung bapa santri ihlas mawa lauk, cau, pais hayam kampung, tampolana bakakak, ranginang,  wajit, tawis micinta ka ajengan anu jadi tuladeun huripna, kaayaanana jadi tibalik. Ajengan pulitisi anu nebar amplop ka umatna sangkan ulah hilap nyoblos anjeunna dina mangsana. 

 

Kitab ihya

Saluyu jeung pamanggih pangersana Acép Zamzam Noor réhna gogoda pulitik praktis anu jadi cukang lantaran ajengan leungiteun ajén, pasantrén tumpur, para santri bangkoréak ditinggalkeun mama ajengan anu badé sidang paripurna di kabupatén, majlis ta’lim anu dipingpinna beuki coréngcang.

Ajengan teu gimir mun ngayonan Walanda nu rébo ku pakarang tapi ningali pangbibita korsi kakawasaan loba anu kabolér.  Teu   ngejat  nyanghareupan Jepang anu ranggéténg ku sanjata, tapi loba nu kajiret ku fantasi jadi bupati jeung anggota déwan. Mun kieu kaayaana ceuk   Benedict Anderson dina  Imagined Community, “komunitas politik Islami anu dibayangkeun” teu acan karuhan bisa  ngawujud. 

Pantesan atuh baheula Imam al-Ghazali dina kitab Ihya Ulumuddin nandeskeun réhna ajengan anu memerik kakawasaan kaasup kana golongan ulumaus su’. Geus kaluar tina khitohna. Ingkah balilahan  tina habitatna. Cilaka dua welas. ***

 

 

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Maman S. Wasita-Atmadja

" ...... kerep kacaturkeun kiai dijadikeun konsultan pulitik," Kecap kerep puguh basa Sunda, hartina teu jarang, tapi dina hal ieu leuwih rea digunakeun (merenah make kecap) remen, mindeng, sering.

"Saméméh tandang téh, utamana pulitisi Islam, sowan heula ka pasantrén ménta pituduh."

'Sowan' (Jw) kecap serapan, dina basa Sundana 'seban', tempat sebana disebut 'paseban', up. paseban panurakan (dina carita wayang).

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: