• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.;

Milih Pamingpin
Ulah Ngimpi Méméh Saré

Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si. [Potrét/Ilustasi: ensa]

Impian mah can tangtu jadi kanyataan. Malah, bisa nyalahan! Komo deui, ngimpi méméh saré, ukur mapantes impian nu can kasorang. Ngan kumaha sangkan impian luyu jeung harepan?***

Dina pilihan présidén, loba nu ditawarkeun ku caprés/cawaprés. Intina mah, ngirut masarakat sangkan kasengsrem ku tawaranana.  Tangtu wé, rupa-rupa kapunjulan nu diasongkeun téh, saperti nawarkeun pasipatan hadé masing-masing.

Ngan, naha cukup upama nu ditawarkeun téh pasipatan hadé manusa, saperti basajan atawa deuheus jeung rayat? “Da, pasipatan dasar mah lir cai dina sayur,” ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., Guru Besar UPI Bandung.

Nu jadi dadasar nyieun sayur mah cai, lian ti bahanna téh. Tapi, ceuk ieu Dekan FIPS UPI Bandung, lain cai wungkul nu jadi pasaratan ‘hadé ajénna’ éta sayur mah, da aya unsur-unsur séjén nu teu éléh pentingna, kaasup samarana téa.

Ku lantaran kitu, cenah, sangkan sayur kalandep sarta mangpaat keur balaréa, teu kaci ukur ngandelkeun caina wungkul. Hartina, tetep kudu ngutamakeun bagian séjén nu teu éléh pentingna. “Atuh, kitu deui sual ngukur kamampuhan, teu bisa ukur ngandelkeun hiji widang, komo nu tumalina jeung kapentingan ngurus nagara mah,” pokna tandes naker.

Pamanggih Prof. Karim kitu téh tumali jeung jengléngan caprés/cawaprés nu ébréh dina debat capres/cawapres téa. “Hartosna, masarakat gé kedah ngimeutan rupi-rupi poténsi nu nyampak dina masing-masing kandidat,” pokna basa ngawangkong di Kampus UPI Bandung.

 

Ramé Surakna

Angen-angen rahayat mah poé isuk leuwih hadé batan ayeuna. Kitu téh saperti harepan ka pamingpin anyarna, presiden anyar nu keur jadi puseur perhatian balaréa. Masing-masing pihak gedé harepan, pamingpin anyarna jadi cukang lantaran karaharjaan balaréa.

Geusan ‘mekelan’ nu rék milih nangtukeun pilihanana, Komisi Pemilihan Umum (KPU) manggungkeun caprés/cawaprés. Sina némbongkeun kamampuh jeung ‘wewesenna’ dina ngurus ngatur bangsa katut nagara. Jleg wéh debat capres/cawapres! 

Debat, ceuk Kamus Basa Sunda karya R. Danadibrata mah, asalna téh tina basa Walanda nu saharti jeung sawala atawa adu-rényom. Hartina, aya dua pihak nu nepikeun masing-masing pamanggihna sarta didebat (diaduan omongan) ku pihak lawanna.

Debat calon présidén nu sababaraha kali kabandungan, mémang teu sing ragot silihualkeun pamanggih. Adem-ayem wé!  Nu ramé téh ukur surakna bobotoh nyumangetan kandidatna. Sual eusi omongan, keur tukang émprak mah, teu jadi tinimbangan. Cindekna, ukur keprok nandakeun kapanujuan ka kandidatna, sarta nyurakan pihak lawan!

Tangtu, pamanggih nu ngabandungan mah warna-warni. Lian ti nu ukur émprak, nu ngimeutan eusi omongan gé teu kurang-kurang. Nu kawas kitu, di antarana téh Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., Doktor Komuniasi Pulitik wedalan Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.  “Milih pamingpin, ulah ngimpi méméh sare,” pokna. Maksudna, nu milih téh ulah ngan saukur kapincut ku omongan nu kakara jadi angen-angen. Da, upama nangtukeun pilihan lantaran kapincut ku pangbibita, sarua wé jeung ‘ngimpi’ méméh saré!

Dina sawala capres/cawapres, ceuk Prof. Karim, can némbongkeun gambaran kamampuhan masing-masing. Lantaran, dua pihakanana ogé kakara némbongkeun ‘wewesén’ dumasar kana pagawéan nu kungsi dilakonanana. “Padahal, caprés/cawaprés mah, kudu mampuh metakeun jeung ngukur kaayaan kalayan jinek léngkah-léngkah ngalaksanakeun atawa ngungkulanana,” pokna.

 

Aseupan Nangkub

Calon pamingpin, mémang kudu masagi! Gambaranana, lir ‘piramida’ atawa kawas aseupan nangkub! Kitu ceuk Prof. Karim Suryadi téa mah. Dadasar pasipatan hadé pamingpin, saperti basajan (saderhana),  jujur, ogé deuheus jeung rahayat. Ngan, mun éta pasipatan wungkul nu digegedékeunana, tacan bisa dipaké ukuran. Apan, cenah, lian ti pasipatan dasar, ogé kudu aya bagian séjén nu teu éléh pentingna.

Sanggeus ngabogaan sipat-sipat hadé, saterusna kudu boga kamampuhan keur matéahkeun sagala nu nyampak di ieu nagri. Apan, ceuk karuhun Sunda gé, sagala urusan téh kudu dicekel ku ahlina, saperti ditétélakeun dina kekecapan karuhun. Cenah, lauk nyaritakeun laut, soang nyaritakeun talaga, gajah nyaritakeun leuweung, jeung kumbang nyaritakeun kumbang. Cindekna, karuhun Sunda mah, percaya jeung mentingkeun pisan kana kaahlian téh!

Basajan jeung jujur, sipat-sipat satria, ceuk dina pawayangan mah. Eta téh sipat-sipat penting, ngan tacan jadi ukuran keur bisana ngalaksanakeun kapamingpinan. Nu ngarulik élmu jampé-pamaké gé apan, kitu papatah guruna téh! “Ulah ukur cukup ku ngabogaan pasipatan satria dina pawayangan,” pokna dibarung mésem.

Satutas boga tatapakan jujur, basajan, adil, deukeut ka rahayat, misalna, pamingpin kudu jinek kamampuhanana. “Kudu cara dokter!” ceuk ieu pangamat politik teureuh Bandung téh.

Apan, dokter mah, kudu wanoh kana kaayaan pasén, apal kana kasakitna, boga piubareunana, sarta mampuh méré obat ka pasén luyu jeung kabutuh nu gering téa. Hartina, bisa nyumponan kahayang jeung kabutuh pasén kalayan jinek ukuranana.

Lian ti nu dua rupa bieu, aya hal séjén nu teu éléh pentingna. Mun sayur mah, lir samarana. Ku cara aya samarana téa, sayur téh bakal ngeunah. Atuh, pamingpin gé kudu boga hal séjén, nu jadi mamanis kapamingpinanana. “Lir lipen najan ukur saolés dina biwir, bisa jadi mamanis keur nu makéna,” pokna.

Milih pamingpin, ceuk Prof. Karim, mémang kudu ngabalitungkeun sagala rupana. Milih téh ulah melengkung beukas nyalahan! Tinimbanganana, kudu ‘obyektif’, ulah kajurung ku kapiheulaan ku nyaah. Atuh, sabalikna, ka pihak lawan gé ulah kapiheulaan ku ngéwa. Da cenah, mun ukuran milih kapiheulaan ku nyaah atawa ngéwa ka lawanna mah, dina milih gé teu kudu ‘beunta’, lantaran ukur ngandelkeun rasa. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: