• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Léngsér Kiwari

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Waktu Purbasari ditibanan hukuman, diusir ti nagara, léngsér ngajajapkeun éta putri ka leuweung. Kahayang Purbararang mah Purbasari téh tinemu ajal di pangbuangan. Kitu di antara nu kacatur dina pantun Lutung Kasarung.

Dina carita  pantun,  léngsér  boga tempat anu jinek.  Najan kaasup ‘tokoh pembantu’, kalungguhanana  mah  lain samanéa. Pancénna kacida pentingna kalayan ngemban tugas nu rupa-rupa. Inyana  purah jadi panumbu catur pihak karajaan jeung rahayatna; purah ngémbarkeun garapan gawé raja sina kasaksén ku rahayat kubra; ogé purah nepikeun angen-angen rahayat ka pamingpinna.

Adeg-adegna écés. Puguh tangtunganana. Najan, tara baha kana timbalan raja, tetep mihak nu ka pihak-pihak nu katideresa. Malah, mun timbalan raja teu luyu jeung papagon kahirupan, ku léngsér tara dilaksanakeun sahinasna, tapi ‘dibalibirkeun’, sangkan masing-masing pihak salamet. Saperti waktu Purbasari  diusir ti nagara, dihukum ‘buang’,  ku léngsér dijajapkeun ka leuweung diperenahkeun di nu merenah!

Upama ahirna Purbasari tinemu bagja, di antarana téh ku cukang lantaran léngsér. Inyana, najan tumut kana dawuh ratu, teu sing silo ku kalungguhan raja. Tangtunganana tetep ajeg, najan ngawula, teu leungiteun kamandirianana. Cindekna, léngsér boga ajén-inajén nu ku pihak karajaan gé diharegan.

Dina carita-carita pantun, léngsér mémang lain si itu si éta. Katelahna gé Uwa Léngsér, tandaning éta inohong téh dipikolot. Inyana mémang kokotot nagara nu bisa napak di saban golongan. Bisa méré tinimbangan ka rajana, ogé bisa mangnepikeun kahayang rahayat ka pamingpinna. Pasipatanana,  clok di tengah, teu cueut ka nu hideung tara ponténg ka nu konéng.

Dongéng baheula, remen malikan carita. Dina alam kiwari,  najan lain jaman karajaan, enas-enasna mah angger butuh pihak-pihak nu kawas léngsér. Butuh pihak-pihak nu narjamahkeun ucap jeung ketak pamingpin keur rahayatna. Atuh, sabalikna, rahayat gé butuh pihak nu jadi panumbu catur antara pihakna jeung pihak-pihak nu boga kakawasaan.  

Dina ngalaksanakeun pancén gawéna, bisa waé léngsér téh ngeprak rahayat sina ngahaminan ketak jeung ucap rajana. Tapi, léngser gé kudu mastikeun, rahayat nu tukang émprak, tetep hirup jeung huripna. Da, mun teu kitu, rahayat téh ngarasula, nu temahna jadi bibit-rurujit nu ngaruksak komara pamingpinna.

Kiwari gé butuh léngsér, nu bisa jadi panumbu catur pihak nu boga kakawasaan jeung rahayatna. Warta-warta nu kudu nepi ka rahayat ti pamingpin, kudu meunang kapercayaan masarakat. Hartina, nu kalungguhanana kawas léngsér mah, kudu ‘amanah’.

Bisa jadi, jaman kiwari gé loba nu kalungguhanana kawas léngsér. Deukeut kana sumber-sumber kakawasaan lantaran sagulung sagalang jeung nu boga kakawasaan. Inyana, tetep ajeg dina tangtungan. Nya ku lantaran kitu komarana gé tetep kajaga.

Tapi, bisa jadi,  loba nu kalungguhanana ‘kawas léngsér’, tapi teu kawas  Uwa Léngsér dina carita pantun Lutung Kasarung. Enya, deukeut téa mah jeung sumber kakawasaan, tapi paripolahna, ukur keur kapentingan dunungan. Nu kawas kitu mah, lain Uwa Léngsér, da bisa jadi ukur kawas Si Togog dina carita pawayangan mah.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: