• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

KH. Asep Arifin, M.Ag.;

Napakkeun Bangsa
kana Moral Agama

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
KH. Asep Arifin, M.Ag. [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Héabna milih presiden, mingkin  panas, ‘karérab’ ku koméntar-koméntar  pihak nu ngajagokeun kandidatna. Padahal, teu kudu  siligorengkeun.  Aya ugeran nangtukeun pamingpin mah! Salasahijina padikana, dumasar kana moral agama. Kitu ceuk  KH. Asep Arifin, M.Ag., mubalig nu dumuk di Bandung.

Nyaritakeun Islam di Indonésia teu bisa dipisahkeun jeung nagara. Islam jeung nagara bisa dibédakeun tapi teu bisa dipisahkeun. Lantaran kitu, milih pamingpin nagara ogé, mémang bagian tina ajaran agama Islam. “Nagara téh bagian nu teu bisa dipisahkeun  tina Islam di nagara urang mah. Margi kitu, milih pamingpin nagara ogé mangrupa bagian tina ibadah,” cék KH. Asep Arifin, M.Ag., waktu ngobrol rinéh dibumina Perumahan Bukti Permata Karsamanik Cinunuk Bandung.

Munculna pamingpin dina agama Islam, aya dua cara. Nu kahiji carana diangkatna langsung ku Alloh, saperti keur para Nabi jeung Rosul. Nu kadua, diangkatna atawa dipilihna téh ku umat, boh sacara langsung boh ngaliwatan nu ngaranna majelis syuro. “Tina cara milih pamingpin, prinsipna keur nanjeurkeun bebenaran. Ku kituna, milih pamingpin ogé kudu nu adil nu pibenereun,” pokna deui.

Di nagara nu mayoritas Islam, Islam téh kudu leuwih témbong mulyana. Hartina, cék ieu mubalig teureuh Cibuntu Bandung téh, Islam kudu ngabukti jadi rohmatal lil’alamin, saperti dina widang politik keur milih pamingpin ieu bangsa. “Islam téh ngajarkeun niléy nu luhur ajénna. Atuh ngalarapkeun politik di nagara nu maroyitas Islam, kedah luyu ogé jeung niléy agama,” pokna témbrés.

Dina Islam, loba katerangan cara milih pamingpin. Malah patokanana ogé jinek, dumasar kana ajaran agama. Nurutkeun KH. Asep, nalika jaman sohabat, tina sagedengeun pasaratan nu sikep jeung sipatna luhung, ogé ukuranana tina ibadah Solat. Hartina, calon pamingpin mémang kudu nu pinilih tur mampuh, henteu sagawayah.  Ku kituna, gambaran tina sajarah Islam, nurutkeun ieu wedalan pasantrén, umat Islam sorangan kudu leuwih nyebarkeun cara milih pamingpin nu bener-bener pinilih tur pinunjul. Carana? Cek ieu mubalig, ulah leupas tina naséhat nu diajarkeun dina agama Islam.

 

Hifdul Ummah

Dina mangsa pilihan presiden, sora rahayat téh jadi andelan. Ku lantaran kitu, pihak-pihak nu jadi panutan masarakat gé teu weléh dideukeutan, sapertina ka para kiyai atawa para ajengan di lingkungan pasantrén. Malahan, dina bulan Puasa, cék taksiran, pasantrén bakal jadi ‘agenda’ utama panyabaan calon presiden.

Nurutkeun KH. Asep, nu sarowan ka pasantrén mangsana pilpres henteu salah. Da, pasantrén nu boga jati diri mah, tangtu bakal daék narima sémah ti calon saha waé ogé. Tujuanana ogé méré naséhat nu pibenereun dumasar kana agama. “Dina sasih saum biasana seueur nu sumping ka pasantrén-pasantrén. Palebah dieu, justru para kiyai atanapi ajengan ogé, kedah wantun masihan naséhat dumasar kana papagon agama,” pokna deui semu ngingetan.

Maksud ieu Dosen UIN SGD, kiyai jeung pasantrénna ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan ku urusan kapentingan, tapi pasantrén kudu napak dina jatidiri keur hifdul ummah, ngajaga umat. “Kedah ngajagi ukhuwah umat. Margi, upama pasantrén geus déngdék ka hiji pihak, bakal ngarugikeun umat Islam sakumna,“ pokna.

Ngadatangan rahayat, ngajugjugan kahayang jeung pakarepnana, ceuk KH. Asep Arifin nu lila masantrén al-hikmah di Banten téh, mémang minangka wujud tanggung jawab calon pamingpin ka nu rék milihna. Ku kituna, calon pamingpin jeung tim suksésna ogé, kudu leuwih ningalikeun sikep nu mulya. “Supados kompanyeu langkung adem, tengtrem, saé kacida upama sarumping kana kagiatan kaagamaan,” pokna.

 

Naséhat Agama

Dina Islam, tugas pamingpin téh beurat. Lantaran kitu, nu jadi pamingpin ogé mémang jinek sarat jeung kamampuh. Henteu, kawas nu bijil tina beulah batu, asal daék jeung ujug-ujug. Nurutkeun KH. Asep Arifin, M.Ag., pamingpin sawadina, saperti nu ditétélakeun dina tujuan puasa. Kahiji tattaqun, kadua yarsudun katilu yaskurun. Tattaqun, nyaéta pamingpin nu takwa. Dina harti salawasna ngalaksanakeun paréntah Alloh Swt., ogé mampuh ngajauhan perkara nu dicarék Alloh Swt. “Puasa, ngajarkeun sangkan kedah jadi pinunjul. Pamingpin oge kitu, kedah pinunjul, nyaéta nu mampuh nanjeurkeun kamaslahatan, nanjeurkeun bebeneran, ogé mampuh ngalarang perkara-perkara madarat, nu dilarang agama,” pokna.

Tujuan puasa kadua, sangkan yarsudun, nyaéta jujur jeung nu cerdas. Nurutkeun KH. Asep, puasa ngajarkeun, sangkan pamingpin téh nu pinunjul, nyaéta nu jujur ogé nu cerdas. Tujuan puasa nu katilu, nyaéta  sangkan jadi jalma nu yaskurun, nyaéta nu pinter ngokolakeun potensi sumber daya alam nu subuh ma’mur. “Pamingpin kedah pinter sukuran, pinter ngokolakeun ieu alam, sangkan langkung maslahat, langkung ngaraharjakeun umat,” pokna. Malahan, pokna deui, teu bisa disebut pamingpin, upama teu mampuh ngokolakeun ieu alam. Lantaran pamingpin nu teu mampuh ngokolakeun ieu alam, ieu kabeungharan nagara, mangka sakeudeung deui bakal timbul kamiskinan jeung kabodoan. Upama loba rahayat nu masakat jeung barodo, cék KH. Asep, éta téh balukar tina pamingpin nu kufur, nu teu bisa ngokolakeun kabeungharan nagara ka nu samustina. “Témbrés, aya katerangan, kadal fakru ayakuna kufro, jalma fakir leuwih deukeut jeung kakufuran. Ku kituna, calon pamingpin kudu nu luyu jeung tujuan puasa, yaskurun,” pokna.

Islam téh agama rohamatal lil’alamin. Lantaran kitu, nyebarkeun agama Islam ogé ulah diheureutan ku cara-cara da’wah nu kurang ambahanana. Hartina, para mubalig oge kudu mampuh nyebarkeun agama Islam, dina sababaraha widang, kaasup dina politik.  Ku kituna, nurutkeun KH. Asep, bulan Romadon sawadina kudu dijadikeun agénda narima nasehat agama keur kamekaran politik nu pimaslahateun.

 

Mentingkeun Ngaji

KH. Asep Arifin, M.Ag. pituin Bandung. Sakola di SD di Cibuntu Bandung. Ti leuleuetik, umur 7 taun ogé, Asep geus masantrén bari ngaréngsékeun pendidikan dasar. Budaya ngaji geus jadi lingkunganana. Di antara pangasuhna, KH. Aminudin, KH. Usman Cibuntu sarta KH. Najmudin di pasantrén Darul Ma’arif Sindangpalay Bandung. Hirup nyantri jeung niat ngagali élmu, ti leuleutik geus tékadna. Saréngséna lulus ngaji jeung lulus SD, Asep neruskeun ka Pendidikan Guru Agama Negeri di Cijerah salila 6 taun. Kitu deui, salila nyuprih élmu di PGAN, Asep ka ditu ka dieu, loba matuh di pasantrén jeung para kiyai. Diantarana jadi santri kalong ngaji ka Ajengan Mama Andi jeung ka Ajengan Saepudin Cilember Cibeureum Bandung. Kitab konéng, boh masalah hukum boh masalah ahlak, pikeun Asep, waktu PGA kénéh geus tamat 36 bab tasyrif jeung i’lal. Tina, pangalaman keur leutik, aya wejangan ajengan nu jadi cekelan hirup ayeuna. Jaeni nafsaka bil ma’siat, wala tujaeni nafsaka bitho’ah. Gindingan diri ku ngarasa geus loba ma’siat, jeung ulah ngagindingan diri ku ngarasa loba geus toat. Hartina saur Asep, jadi jalma téh, singkahan ma’siat bari jeung ulah ngarasa pangberesihna tina dosa, jeung lakonan kahadéan bari jeung diri ulah ngarasa asa pangto’atna.

Saréngséna lulus PGAN, Asep neruskeun ka IAIN (ayeuna UIN SGD) Bandung di Fakultas Syari’ah bari ngaji di pasantrén Al-Jawami Sindangsari di Ajengan Mama Suja’i sareng Ajengan Totoh Abdul Fatah. Lian ti mondok di Al-Jawami, Asep ogé neuleuman élmu hikmah jeung wirid di sababaraha daérah, diantarana di Sukahideung Tasikmalaya, Ciwaringin, Jasinga pesantrén Ma’baul Ulum, ogé di pasantrén Menes Banten. “Alhamdulillah, sa pulo Jawa mah tos kasumpingan, bari silaturahmi,” saur KH. Asep nu serep kana silat téh. Saréngséna lulus sarjana, Asep langsung meunang kapercayaan tugas ngajar di IAIN Bandung (UIN ayeuna mah). Henteu cukup meunang gelar sarjana ti IAIN, Asep neruskeun ka Pascasarjana masih di UIN SGD meunang gelar magister sarta keur ngaréngsékeun gelar doktorna dina widang hukum. Ngabdi di IAIN, nu katelah kiyai téh, meunang kapercayaan jadi ketua Jurusan Siyasah, ketua Jurusan Pidana Islam ogé ayeuna nyangking ketua perpustakaan UIN SGD Bandung.

Lian ti jadi narasumber di sababaraha acara temu ilmiah, Asep ogé dikenal salaku mubalig jeung pembimbing haji. Pikeun KH. Asep resep neuleuman élmu pendidikan agama mémang dunyana. Di taratas ti pasantrén nepi ka paguron luhur lancar teu aya halangan harungan. Sepuhna H. Asikin sareng Ibu Hj. Soebah kacida miharepna sangkan putrana neruskeun perjuanganana dina nanjeurkeun atikan agama Islam.

Élmu pasantrén pikeun Asep, kacida patrina. Lian ti diajar agama, ogé masalah ahlak jeung kamandirian. Tariking du'a sarta nu ngaguruan dasar-dasar kahirupan ti sepuh sareng guru-guruna, pikeun Asep jadi modal dasar dina mitembeyan ancrub kana dunya atikan. "Pelajaran ti sepuh nu nyontoan sarta tara hilap ngadu’akeun kana emun-emunan abdi, karasa pisan jadi modal dasar dina ngambah sagara kahirupan," saur Asep Arifin nineung ka jaman baheula.

Asep nu hobina olah raga badminton jeung silat sarta maca, nulis sarta penerjemah sababaraha buku, dasar-dasar kulawarga nu diterapkeun ku sepuhna, kiwari diterapkeun ka nu jadi putra-putrana. Sanajan kiwari sibuk ngajar, ceramah, nulis jeung seminar di sababaraha tempat, tapi tetep teu poho ka kulawarga. Sabab cék rama Nayla H. Arifin, Nazzal Ramdan sareng Amalia Azka, nalingakeun kulawarga leuwih penting. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: