• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Karasa

Kénging Dede Syafrudin
Kintun kana Facebook

“Geus mimiti karasa.”

“Puguh wé, Lo. Ngarana ogé puasa.”

“Karasa beuratna, Mang.”

“Karasa beurat nahan lapar, Lo?”

“Héhéhé.”

“Abong tukang barang dahar Alo mah.”

“Tapi aya nu leuwih beurat tina nahan lapar, Mang.”

“Nahan pibataleun ganjaran puasa nyah, Lo.”

“Yaktos.”

“Da éta mah pagawéan batin atuh, lain pagawéan fisik. Tangtu bakal karasa leuwih beurat. Misalna baé ulah tungula-tingali ka nu lain tingaleunana….”

“Ulah saomong-omongna ari lain omongkeunana mah deuih, Mang.”

“Maksudna?”

“Ulah sambarangan ngomong. Misalna ulah ngomongkeun batur. Maksud téh ngomongkeun kagoréngan batur, Mang.”

“Hih, geuning pinter Alo téh.”

“Pan guruna Mamang.”

“Heueuy deuh.”

“Beuki karasa beuratna puasa taun ayeuna mah, Mang.”

“Har?”

“Lian ti kudu nahan lapar jeung  nahan pibataleun ganjaran puasa téh kudu mikiran nyakolakeun budak deuih, Mang.”

“Har, na maké dipikiran sagala, pan haratis?”

“Haratis sotéh bayaranana, Mang. Ari baju saragam, buku, jeung nu séjénna mah angger wé kudu meuli. Piraku budak moal disaragaman, kawas jaman penjajahan baé.”

“Ambuing.”

“Jaba kapan ari tingkat sakola menengah ka luhur mah angger wé kudu mayar, Mang. Kudu dipikiran.”

“Beu.”

“Jaba kudu mikiran baju lebaran deuih, Mang.”

“Hih, kawas budak baé.”

“Enya, baju lebaran keur budak, lain keur uing.”

 “Enya karasa beuratna ari kitu mah puasa téh, pangpangna keur masarakat miskin atawa masarakat nu kurang mampuh.”

“Tuh, kaharti geuning ku Mamang gé.”

“Da mémang kitu kapan tujuanana puasa téh, sangkan karasa.”

“Har?”

“Sangkan karasa kumaha rasana lapar nu saban poé karasa ku jalma miskin. Karasa kumaha rasana jadi miskin atawa mimiskinan. Ku kituna urang minangka jalma mampuh atawa rada mampuh jadi sukur nikmat, tur paduli ka sasama anu kaayaanana sahandapeun urang.”

“Yaktos.”

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: