• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mudik Deui

Kénging Dede Syafrudin
Kintun kana Facebook

“Asa karak kamari, Lo.”

“Puasa nu asa karak kamari téh, Mang?”

“Ih, lain. Puasa mah asa geus lila pisan puguh.”

“Ari kitu?”

“Mudik ieu mah, Lo. Asa karak kamari ka lembur téh, ayeuna geus kudu ka lembur deui.”

“Na bet bangun nu humandeuar kitu? Batur mah atoh puguh aya kasempetan balik ka lembur téh, ngariung jeung kadang baraya, taun kali.”

“Lain mulang ka lemburna nu matak humandeuar téh, Lo.”

“Na naon nu jadi kabeungbeurat téh, Mang?”

“Di jalanna, Lo.”

“Di jalanna kumaha, Mang?”

“Heueuh, kapan di jalanna sakitu pajejelna.”

“Aéh, enya nya.”

“Jaba mun maké kandaraan umum mah salian ti parebut téh sok didedet deuih panumpangna. Ti mimiti xlxp, beus, nepi kakaréta parinuh ku panumpang. Heurin usik.”

“Kapal udara deuih, Mang.”

“Hus, kapal udara mah tara aya nu pajejel ku panumpang.”

“Héhéhé….”

“Lian ti wegah di jalanna aya kawegah séjénna, Lo.”

“Beu, ku réa teuing kawegah.”

“Wegahna téh kudu babawaan apanan, Lo. Kudu angkaribung ongkoh ka lembur téh.”

“Tong babawaan atuh ari wegah mah.”

“Beu. Wirang temen datang ka lembur teu babawaan. Kapan kudu babagi di lembur téh. Peupeuriheun unggal bulan henteu, nya taun kali atuh.”

“Heuheuy deuh.”

“Hih kalah nyeungseurikeun.”

“Atuh da humandeuar ogé angger dilakonan. Ka lembur angger angkaribung.”

“Enya, nya.”

“Batan bari humandeuar, mending kénéh bari suka bungah. Mun kudu bari babagi nya babagi kalawan bungah, kalawan ihlas.”

“Enya ari kitu téana mah.”

“Jeung kapan saban lebaran urang gé urang sok dibéré rejeki nu leuwih, Mang. Minimal meunang té-hé-ér di tempat gawé.”

“Jéh, si Alo bisa mapatahan kitu geuning.”

“Heuheuy.”

“Tapi bener ceuk Alo.”

“Kumaha, Mang?”

“Urang papag lebaran ku kabungah, ku kaihlas. Ihlas ménta hampura sarta ngahampura kasalahan dulur urang papada muslim, Lo. Urang fitrikeun deui haté urang.”

“Yaktos.”***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: