• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Cupang

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1405460840.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Tengah peuting. Meneran pisan malem Jumaah Kaliwon, hawa karasana bayeungyang, awak gedebag-gedebug gulinggasahan, panon dipeureumkeun teu daékeun reup, pipikiran kumalayang ngacacang mapay-mapay waktu nu geus kasorang, haté sumeblak ti soré kénéh, tetepokan kekerenyedan jiga-jiga rék lumampah jauh.Toké, cakcak, manuk titiran pipilueun disarada, anjing babaung di tungtung lembur.

Béda rarasaan, jiga-jiga aya pibalaieun, jung ka kamar mandi ngadon wudhu, terus solat,geus bérés tuluy sila menekung ngahijikeun pikir jeung pangrasa, haté madep gumulung kana pangersa Gusti Alloh, sagala kabisa, sagala élmu panemu diamalkeun, di da’wamkeun, pikir manteng muntang tulung ka Dzat Nu Maha Murba Wisésa.Sanggeus sagala di baca, haté jadi tenang, pipikiran pinuh ku kayakinan kana kamampuan diri, yakin kana pangersa Pangéran.

Teu salah tina panyangka, kira-kira satengah jam sila wiridan, ti kajauhan sada aya aleutan kuda, sora talapokna ting kotoplak kacida raména, anjing babaung beuki ngalanglaung, sit incuing jumerit meulah kasimpé peuting.Soratalapok kuda beuki ramé ngadeukeutan, angin ngagelebug, jandéla jeung panto ting jareblug, padahal meunang nutupkeun, meunang ngoncian.

“Bissmillah, lahaulla walla quwatta illa billah,moal aya kajadian nanaon ka diri, salian ti nu tos digariskeun ku Gusti Alloh, sareng ari Gusti Alloh téh tempat nyalindungna jalma-jalma mukmin.” Haté jumerit neda pitulung kanu ngagaduhan kawasa kana sagala perkara, neda panangtayungan jiwa sareng raga, bisi kudu adu jajatén jeung jurig cupang, sabab anu datang maké kuda mah, teu aya deui iwal ti jurig cupang.

Sora kuda nu ramé sada eureun hareupeun imah, teu pati lila aya anu gegeroan, pamajikan hariweusweus bari lulungu kahudangkeun kunu gegeroan, tapi buru-buru ditungkup supaya ulah nyoara.

“Andang..., Andang...., Andang,” tiluar aya deui nu ngageroan ngaran meunang tilu kali, tapi teu ditembalan.

“Kang, saha anu ngageroan, jurig atawa jalma?” pamjikan tatanya bari awakna ngeleper reuwaseun.

“Jurig Cupang anu kitumah, ingkeun tong ditémbalan, ké lamun hayoh baé maksa ngageroan ku Akang rék disampeurkeun!”

“Ulah disampeurkeun bisi kumaha onam, ke kumaha mun Akang dirogahala?”

“Cicing kumaha Akang, ulah melang,” pamajikan kacida hariwangeunnana, sabab geus jadi kacapangan, ari ditéang jurig cupang éta tandana aya anu nyulurkeun.

Anu diluar ngageroan deui, sasakali kadéngé sora kuda hihiem, sanggeus buleud kayakinan, panto dibuka jrut turun tina lawang kana teras, dina jalan hareupeun imah atra katémbong rombongan jalma-jalma maraké baju pangsi hideung, disoléndang sarung réréng,di iket barangbang semplak, aya anu anjeucleu dina kuda, aya anu keur nangtung gigireun kuda, beulah tukangna aya karéta ditarik ku dua kuda.

“Hey, aranjeun anu timana jeung rék naon datang ka tempat kula?”

“Kula sarombongan datang ti gunung Koromong, seja ngajemput anjeun!”Anu keur nyekelan kuda ngajawab kana pananya, jigana ketua rombongan meureun.

“Naha aya naon pangna kumawani néang kula lain mangsa?”

“Kula darma utusan, anjeun kaasup jalma anu kudu di bawa ka karajaan ayeuna pisan, sabab anjeun geus disebakeun ka raja kula!”

“Kumaha mun kula nolak?”

“Anjeun bakal dipaksa, kukituna leuwih hadé anjeun nurut, tuh karéta geus disiapkeun,” si ketua rombongan nuduhkeun karéta, bari panonna molotot beureum, jiga-jiga arék maksa.

“Aranjeun lain pilawaneun kula, tapi kula rék milu ka aranjeun, ngan lain patalukan, tapi kula hayang tepung jeung raja aranjeun,” sanggeus ngomong kitu ceg kana hiji kuda, terus ditaékan, jurig cupang anu jadi ketua ambekeun nitah kana kareta, tapi manéhna teu wanieun kateterusan, apaleun manéhna moal mampu ngalawan.

Ngan sajorélat geus nepi deui kanu dituju, padahal mun disorang maké mobil atawa motor moal nepi ku lima jam, tapi da ngaranna ogé jin siluman, jauh deukeut lir taya bédana.

Sanggeus ngaliwatan gapura karajaan, sapanjang jajalaneun bet pinuh ku tetempoan matak miris, matak muringkak bulu punduk, aya manusa anu keur élékésékéng nanggeuy tihang saung, aya manusa anu huluna dipaké ganjel, aya deui manusa anu keur dipecutan pédah manggul batu teu kadugaeun.

Anjog ka tempat anu lega, tempat datar diantara jungkiringna gedong sigrong, reg kuda eureun, buru-buru luncat turun tina kuda, karék ogé ajeg, ujug-ujug aya anu datang duaan, jigana raja jeung ratu ieu nagara, sabab maraké sekar suhun tina emas ditarétés berlian anu tinggurilap.

“Ké, asa wawuh ka hidep téh, mun teu salah hidep téh turunan Puradisastra nya?” Éta raja téh bet tumanya ku basa anu adab, jeung bet maké apaleun ka turunan sagala.

“Geuning apal ka kaula, saha ari anjeun, jeung ari ieu téh nagara naon?”

“Salah cokot ieu mah, hampura éyang, éyang salah paréntah, lain hidep anu kudu di cokot peuting ieu téh.” Raja jin téh teu ngajawab pananya, tapi kalah sasadu, cenah salah nyokot jalma.

“Hey para prajurit, anjeun salah nyokot manusa, untung teu ngamuk ogé, pulangkeun deui kaditu katempatna.” Éta raja maréntahkeun para ponggawana sangkan nganteurkeun deui ka tempat asal.

“Ke lanan Raja, aya anu rék ditanyakeun.”

“Rék nanyakeun nu nyebakeun anjeun?”

“Lain éta, tapi kuring panasaran ku tetempoan tadi disabudeureun karajaan, bet loba jalma anu disiksa, naha bisa kitu?”

“Éta jalma mangrupa séba tinu ngawadalkeun, maranéhna digawékeun di dieu nepi ka waktu ajalna datang.”

“Kapan geus maot lain?”

“Maranéhna ngalaman hirup dua kali maot dua kali.”

“Naha anjeun maké nyiksa nu teu tuah teu dosa?”

“Di ieu karajaan maranéhna geus dibeuli ku mangpirang-pirang harta banda anu loba, anu nyiksa mah manusa anu nyébakeunnana, kula salaku raja di dieu boga hak pikeun ngagawékeun éta manusa, can sabaraha siksa anu karasa ku maranéhna, tapi anu leuwih rongkah siksaannana engké ka jalma-jalma anu ngawadalkeunnana.” Raja siluman ngabéjér béaskeun sagala kajadian anu aya patalina jeung jalma-jalma anu katempona keur di siksa.

“Kumaha mun dibébaskeun ku kula?” Aya rasa tunggara ningali jalma-jalma keur nandangan siksa, boga niat hayang ngabébaskeun maranéhna.

“Najan anjeun sakti, najan anjeun mampu ngalawan, tapi jalma-jalma anu aya didieu geus béda alam jeung anjeun, béda jeung anjeun waktu nulungan jalma anu diwadalkeun, étamah diperjalanan kénéh, sedeng anu aya didieumah geus bagian tina tatanan hirup bangsa siluman, engké ogé bakal bébas mun waktu ajalna geus datang.”

Sabil pipikiran, sagala caritaan raja siluman taya anu salah, emang percuma amuk asor di ieu tempat, sabab kabéh manusa anu aya di dieu geus béda alam béda lalakon hirup, moal bisa dibébaskeun deui, ngan bet asa kabina-bina kumanusa sarakah, leungit kamanusaannana, leungit akalna, karungkup ku napsu anu ngaberung, hayang beunghar, hayang loba harta banda, téga ngajual kaimanan, téga ngagebruskeun jiwa batur kana siksaan anu matak peurih, padahal hiji waktu siksa anu leuwih rongkah bakal karandapan ku dirina.

“Raja siluman, heug kula ayeuna mulang, tapi hiji waktu mun aya dulur kula dibawa kadieu, kula baris datang deui ngajorag nagara anjeun.” Méméh mulang méré heula ancaman ka raja siluman.

“Éyang moal kumawani ganggu ka kulawarga anjeun, tapi anjeun teu kudu pipilueun kana urusan kahirupan bangsa siluman, sabab Eyang teu butuh ku manusa, tapi manusa anu butuheun ku Éyang, maranéhna ngabélaan sumujud sumembah ka bangsa Éyang ngarah dipikarunya, ngarah paméntana ditedunan.” Éta raja siluman cumarita panjang lebar bari nga Éyangkeun, terus éta raja siluman téh nitah nganteurkeun deui ka para ponggawana, numpak kuda deui.

Nepi ka imah téh wanci janari leutik, ibun tingkareclak tiis, hayam geus aya anu kongkorongok, srog kana panto bari gegeroan ka pamajikan, teu hésé da puguh pamajikan nyaring titadi kénéh.

“Kang, ngareureuwas, sugan téh moal mulang deui, kumaha teu aya nanaon di dituna?”

“Aya sagala, ngan cenah bangsa siluman téh salah nyokot jalma, lain akang cenah anu kudu dicokotna, alesan jurig cupang etamah, pédah anu dibawana pibalaieun pikeun maranéhna, jadi api-api balageur, malah rajana éta siluman maké ngaéyangkeun sagala.”

“Kang, naha saha anu kumawani nyébakeun akang?”

“Ah, duka teuing Mah, maklum akang mah tukang ka ditu-ka dieu, teu kahaja meureun ngadahar dahareun anu geus direkeskeun ka jurig cupang, keun baé teu kudu kapapanjangan, da tos salamet ieuh, jeungna deui akang mah moal bisa dicilakakeun ku bangsa jurig.”

“Bari ngantosan sholat subuh mending ngopi nya, kaleresan caina parantos ngagolak.”

Aya ku ni’mat, janari leutik nyuruput kopi panas, lalawuhna beuleum ulen ketan meunang kamari, pamajikan téh geuning banget satia, asa barodo lalaki nu sok lurjeun ka pamajikan, néangan kani’matan sajorélat, pamajikan dipopohokeun, padahal hirup pinaggih bagja mun laki rabi langgeng dina silih asih. ***                                                                    

Patakaharja, Rancah –Ciamis.

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (5)

aang s a

Ari nyupang teh munjung kana naon? Sok resep maca nu kieu teh bisa jadi pieunteungeun pikeun hirup di alam dunya malah mandarmandar ulah sasab ngalengkah

kiki

Pun aki abdi GE to pihak Mamah maotna aya nu ngawedalkeun ceunah. As a ka emutan deui zaman abdi alit seeur cariosan tentang jurig cupang do lembur abdi

Medin

Duh mani ting puringkak bulu punduk, leres kitu kajantenan eta teh ?.

mamah sasa

asa ku ngaruy nu nyuruput cikopi hideung lawuhna beuleun ketan mangsa janari leutik aya ku edaaas

ita

Sarakahna jalma hayang untung tina enteng jdi weh lewih resep nandonkeun nyawa tatangga demi harta....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: