• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Anaking

Kénging A. Budiman
Kintun kana Facebook

Maju ka tengah peuting harita téh. Ngagolér di patengahan bari nyenyekel rémot. Bréh waé dina layar televisi berita pikaketireun. Warga manggihan orok dina jero kardus. Orok nu ngahaja dipiceun ku kolotna. Kardusna digolérkeundinaluhureun wadah runtah di hareupeun hiji imah. Ya Alloh, saha jelemana atuh étatéh, téga-téga teuingmiceun anak. Orok beureumteu tuah teu dosa, teu nyaho dinanaonbet kudu ngalaman nasib samodél kitu.

Salila ngabandungan berita téh, hatémah ngagugudug. Nu miceun éta orok teu pantes disebut jelema. Dalah disebut sato gé teu pantes deuih, da teu kitu-kitu teuing. Ka anakna mah nyaaheun sato gé.Maung waé, sato nu panggalak-galakna, ari ka anakna mah apan sakitu hémanna. Teu weléh ngajaga jeung nalingakeun ka nu jadi anak. Ari ieu? Ngadon disaruakeun jeungruntah.Rék disebut sétan bungkeuleukan gé pantes. Tapi kétang, saumur nyunyuhun hulu, asa can kungsi ngadéngé aya sétan miceun anakna.

Rumasa ari aya berita nu kitu téh sok nyentug. Ras kana pangalaman sorangan. Nyaksian jeung ngarasakeun kajadian dipiceunna budak.Rét ka nu saré gigireun, haté ngajerit, ngangres lain dikieuna.Bari jeung ngahelas, nu keur ngageubra téh diteuteupwaémeunang salila-lila. Deudeuh teuing anaking, sakitu lucuna sakitu pikaresepeunana. Naha atuh nasib téh bet sarua jeung anu diberitakeun bieu dina tivi.Aya ku téga jelema miceun anjeun.

Hayang teuing panggih jeung cucungik nu miceunna. Hayang nunjuk rorék, yeuh aing gé lain bapana, lain dulurna, lain barayana, deungeun-deungeun balambangan bisa nyaah bisa héman. Naha ari sia? Untung siah kapanggihna ku aing. Coba lamun kapanggihna ku jelema jahat. Dijual ku nu manggihanana, tuluy ngahaja dipiara ku nu meulina. Geus gedé dipeucit diala jantungna, diala ginjalna, diala matana. Bararaid teuing. Teu wasa ngabayangkeunana gé.

Kawas nu terus rasa nu keur diupat dina jero haté téh ngulisik, nyah waé beunta. Tuluy mencrong. Sugan téh rék cengkat, rék milu lalajo. Ari pék téh reup deui waé,ngadon tibra deui. Dasar budak. Teu waé sugan mikiran kasusah. Mikiran nasib diri. Atuh sugan mikiran, kunaon beungeut manéhna béda jeung beungeut kuring, béda jeung anak kuring, béda jeung pamajikan kuring. Teu waé sugan boga pikiran ka palebah dinya. Ngaguher waé.No problem.

Dipelong waé meunang sawatara jongjongan mah. Diimeutan keureutan beungeutna. Sugan jeung sugan aya saeutik waé mah ngala ka pamajikan. Palias tangéh bumi jeung langit. Irungna, matana, halisna, ceulina euweuh hiji gé nu ngala boh ka kuring boh ka pamajikan. Dibanding-banding jeung beubeungeutan kuring nyakitu, jauh tangéh. Si Cikal onamanku batur sok pada ngageuhgeuykeun, ari Enéng nyeplés-nyeplés teuing Bapa, cenah. Dina susumpahanana gé ngakukeun yén nu keur ngageubra gigireun téh kokocoran getih kuring, moal bet aya nu percayaeun. Ku béda keureutan téa tuda.

Tapi, ah, keun waé euweuh nu percayaeun gé da kuring mah tetep nyaah ka manéhna. Keur sesedengna lucu keur sesedengna cooeun. Sok deungdeuleueun ari keur di kantor gé. Hayang buru-buru balik, hayang buru-buru panggih. Hayang ngaheureuyan, cara tadi, méméh manéhna saré. Diguley waé ku kuring jeung ku Si Cikal.  

Balas capé heureuy tayohna mah. Teu kuat ku pitunduheun, reup waé ngagolér di dinya, dina ubin. Morongkol teu dibantal-bantal acan. Puguh kaayeunakeun mah manéhna téh jadi resep sarédi tengah imah, hareupeun tivi.Sakitu sok dipapaksa sina saré jeung anak kuring gé tara daékeun. Cék pikirna meureun ragabsaré jeung budak awéwé. Kitu pantes da maju ka gedé, maju ka hideng. Atawa, teuing pedah kamarna hareurin, ma’lum kamar imah perumahan tipe 21. Ah, diantep waé, tara ieuh digarah-geureuh. Tara bet pangangguran ditanya deuih,kunaon manéhna tara daék saré di kamar.

Baheula, basa manéhna kapanggih ku kuring, ku nu miceunna téh digolérkeun dina kardus sarimie. Estuning digolérkeun téh digolérkeun. Teu simbut teu pernél, teu disangsangan kaén salambar-salambar acan, lain omong bohongéta téh. Bororaah cara Ciung Wanara, basa dipalidkeun ku nu miceunna téh dibulen ku simbut, dibekelan endog dibekelan keris. Kilangbara kitu, cik atuh kahayang téh tundaan kertas sacewir waé mah. Tulisan, ieu budak téh ngaranna Si Anu, dijurukeunana poé anu, tanggal saanu, wayahna pangarawatankeun, kuring geus teu sanggup ngabayuanana.Ulah poho, di handapna maké tanda tangan jeung ngaran jelas nu miceunna. Tah, lamun kitu mah meureun puguh ka kuringna.

Tapi kétang lain gé miceun ari jelas idéntitasna mah. Sarua waé jeung bohong. Moal henteu basa keur nunda kardusna téh bari jeung culang-cileung, sieun aya nu nganyahoankeun. Bororaah kapikiran nundaan kertas meureun. Rurusuhan. Cul waé di dinya, dina jajalaneun ka perumahan.

Tapi, najan aya idéntitas aya alamatna ogéku kuring moal dipaluruh anak saha, saha nu miceunna, naon alatanana. Rumasa geus katalanjuran nyaah. Da ayeuna gé lamun seug aya nu mapaykeun, ngaku-ngaku, tuluy ngeukeuhan ménta manéhna, asana wani gelut tutumpuran batan kudu sumerah mikeun manéhna kitu waémah.

Nu matak kitu gémeureungeus nasibna. Titis tulis kulak canggeum bagja awak. Digariskeun ku Nu Kawasa kudu kitu. Teu kungsi ngasaan kanyaah indung. Teu kungsi diaping dijaring, diprukpruk kahéman indung. Tapi, baeu téh teuing da yakin Nu Maha Kawasa géMaha Adil, sarua ngagariskeun nasib kuring sangkan bisa mikanyaah ka manéhna. Moal deuk diwilah-wilah pedah manéhna lain kokocoran getih kuring. Boh manéhna boh anak kuring bakal meunang kanyaah nu sarua. Kuring onaman bungah temen aya manéhna téh, Si Cikal teu daék waé adian. Nya itung-itung adina waé atuh. Lalaki ongkoh manéhna téh, luyu jeung nu dipikahayang.

Kangaranan budak, saréngkak saparipolahna téh teu weleh pikalucueun. Geus puguh ari keur bageurna mah, dina sakalieun bangorna gé tetep waé asa lucu katempona téh. Nu kayungyun mah ari kuring balik ngantor, nyampak keur ngajengjen waé dina lawang ngabagéakeun. Bangun nu geus lila nunungguan. Ieuuh… bungahna lain caritakeuneun. Sok tuluy dirawu dipangku. Didiukkeun dina lahunan. Lamun kitu téh sok asa lubar kacapé jeung karudet di kantor téh, kaubaran ku pamolah manéhna.

Pamajikan jeung Si Cikal nyakitu, teu jauh ti kuring. Malah boa leuwih-leuwih ti kuring nyaah ka manéhna téh. Komo Si Cikal mah kawas ka adi pituin téh lain bohong. Asa aya batur meureun, aya nu maturan nyieun pé-ér. Da sok milu diuk dina méja belajar ari sakalieun Si Cikal ngagawéan pé-ér téh. Milu diajar pangrasana mah.

Dina sakalieun balik ngantor teu kasampak, sok asa aya nu leungit. Dahar gé, cek paribasana, asa teu mirasa, da nunungguan manéhna. Lamun nepika burit can balik waé ka imah, bélaan mapay-mapay ka tatangga. Ditatanyakeun sugan jeung sugan ngadon ulin diimah tatangga. Melang sieun manéhna kapahung teu nyaho jalan balik.

“Enggal lapor ka RT, bisi aya nu nyulik!” cek Pa Edi basa kuring mapaykeun ka imahna nu kabeneran pagigir-gigir jeung imah kuring.

“Ah, maenya sugan….” témbal téh bari seuri maur.

“Hih, kawas nu teu terang waé jaman kiwari. Orok karak borojol di rumah sakit gé diculik.” cenah ngadon ngalelewang.

“Ngahubungi SCTV atuh ngarah bisa diberitakeun.” cenahna deui. Ngomong kituna téh bari nyengir. Pikasebeleun pisan sakitu kuring keur hariwang gé kélu kénéh ngajak heureuy.

Ngan berekah nepika kiwari masih ditangtayungan ku Nu Maha Kawasa. Najan ulin lila gé, sok datang waé. Ari datang ka imah téh, palias tara aya riuk salah.Teu sugan boga rumasa geus ngahariwangkeun saimah-imah. Hih, damang waé. Sakitu diguliksek ditanya tos ti mana tos ti mana gé bororaah nyarita. Sumawonna ngadongéng nyaritakeun karesep di pangulinan mah. Tara pisan. Tapi ku kitu ku kieu gé lucu waé pikeun kuring mah.

Nu kayungyun mah ari sakalieun dibawa ka dokter, dipariksakeun kaséhatanana. Sok jigrah dibawa ka dokter téh. Di ruang tunggu cilingcingcat teu daék cicing. Telenden ka ditu, telenden ka dieu. Bungah meureun pédah loba batur nu sarua pada-pada dipariksa. Resep bisa ulin jeung sasamana.

“Sugan téh tos kulem?” cék pamajikan norojol ti kamar.

“Acan.” témbal kuring bari ngantelkeun curuk kana biwir, nitah ulah geruh. Pamajikan ngarérét ka nu keur tibra gigireun kuring. Pamajikan leumpangna jadi keketeyepan.

“Asa lapar ieu téh. Badé nga-mie, ah.” cenahhaharéwosan, hariwang ngabaribinan. Léos waé muru ka dapur, teu sirikna bari jéjéngkéan.

Sakitu pamajikan keketeyepan gé, nu saréngageubra gigireuntéh teu burung ngulisik. Nyah beunta. Nyaho aya nu ka dapur mah, nguliat, tuluy cengkatnuturkeunnu rék nga-mie. Buntutna ngacir bari éong-éongan….

 

Keur “Si Zooméng” nu teu kungsi kapaluruh indung bapana

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (8)

Yasfi Maziya Mufida

Ahahahhaa hanas daria naker maosna. Katambah di luar ngepruy. Suasana tos keuna. Éh singhoréng Ucing hahahhaaha kehiidddd mantaaappp Kang. Lanjutkan. Hahaha

sopyanraya

hahaydeuhh.....boromah cirambay.......apekteh........

Gaul

Ari si uccciiing!!!

Basyar hamami

hebaat,ah....Sawios anak ucing ge,kedah sami nyaah ka makhlukNa.

sty rahma

Hanas diregepkeun sugan teh lerea jalmi ari pek teh geuning aya buntutan hadeuhhh

aslina dewi

Haha... bisaan uy. Rameee... Diantos kang A.Budiman carpon sanesna

komara

nya ceuk uing oge pasti ucing...eh bener we ucing!

Muslim

Aduuh,........kalejokeun geuning gustiiiii............. sing horeng uciii,.....ng............

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: