• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Repok Jodo

Kénging Onnok Rahmawati
Kintun kana Facebook

Sipat raka badé nikahkeun putrana nu cikal. Bapana barudak diulem badanten nyawalakeun kapanitiaan hajat. Kaasup kuring nu dikeprak mermanakeun sarupaning urusan mawakeun jeung sajabana.

Bada isa ngariungna téh. Abong tos galib elat ai di lembur urang. Ngambayna gé méh sajam. Nu ngarora deuih. Éléh ku sepuh. Haji Udin, sakitu tebih tos nyondong. Duka pédah ketua ér-wé kétah. Teu bireuk deui ongkoh kana bélana ka rahayat. Papait, mamanis ari nuju séhat mah tara kakantun.

            “Tah geuning Ujang. Sukur lah pa Haji reugreug,” bari nepakan taktak bapana barudak. Teras wé uplek di patengahan. Gor-gar sagala rupa. Méh sajam téa atuh nungguan batur. Obrolan brus-bras ka mana karep. Pasar, toko emas, hayam, lauk, balong, sawah, mobil, ménbal, manuk jeung réa deui jeung sajabana. Kuring onaman kaum hawa teu pipilueun. Tibang sudar-sodor nu dipaleryogikeun wé kayaning cai, nu amis, sesepeun jeung lalawuh séjénna. Najan kitu bari kuprak-keprek wuncar-wincir ka tukang ka hareup, nu keur jaranten jejer catur mah béntés kacida.

            “Awis tepang sareng pa Haji téh. Ongkoh kétang abdina gé langki ka pasar,” salaki kuring.

            “Lah geus kolot, Jang, geus hayang reureuh. Osok ari ka pasar mah ngan tibang ngalongok wungkul. Da barudak ayeuna mah béda jeung jaman pa Haji keur jagjag. Dagang téh hadeuh réa léléwodéhna. Bari nyaroo hapé lah, ka konsumen kurang akuan lah. Ari kangaranan tukang dagang apan nu meuli téh raja. Rék meuli, teu meuli diladénan mah kudu sarua baé.”

            “Yaktos, yaktos. Dupi nu di pasar ku saha baé atuh ayeuna dicepengna?”

            “Di ruko ku Yayat. Di lebet pasar ku Ade. Nu di pasar subuh ku nu bungsu. Tah nu di pasar subuh mah lumayan ramé, najan nu opat puluh persén emasna. Perbawa nu nungguan ongkoh sugan. Ku minantu.”

            “Oh, kang Pardi carogéna Imas?”

            “Muhun Jang, minantu, Imas gé sok ka pasar ngan kakapeungan nyelang mun salakina aya urusan. Bogaeun barangna nu modél ongkoh. Rada nguteuk, kreatif. Tah, toko anyar nu di Buniseuri jeung Lakbok gé sarua sabarang jeung nu Pardi.”

            “Euleuh tos nambihan ka nu tebih. Ku saha dicepengna atuh itu?”

            “Kapan budak nu jarauh téh aya tilu deui. Di Buniseuri dua. Tadina mah masar kolontongan di pasar Banjar ngan taya kamarasan, der pindah ka Buniseuri, angger. Dijeujeuhkeun wé kamari mah sugan kana emas baé ambih sarua. Nya ayeuna téh rada wé. Nu ka dua, sarua, bari muka salon éta mah da awéwé. Nu di Lakbok apan nu ka tilu. Gaduh pamajikan ka urang ditu. Sarua arusaha di pasar. Bisi disangka pilih kasih, der wé ayeuna mah disaruakeun budak téh kabéh kana emas.”

            “Subhanalloh pa Haji, ari sepuh gaduh mah gampil, urang téh nu janten palaputra kantun ngamajengkeunana wé.”

            “Kateuing, Ujang, lah. Da enya kitu, hadé goréng turunan sorangan. Dihina batur mah jadi omong batur mah, enya gé upateun sok teu genah karasana. Lain ngabolékérkeun bujur di tengah lembur. Kungsi ta’ak pa Haji téh ku budak tilu. Béda pisan jeung barudak nu di Ciamis. Modal mah modal ti kolot. Usaha mah dijeujeuhkeun usaha kana naon sakahayangna teu weléh ditedunan. Tapi ampun, aya wé gogodana téh. Nu ka hiji, keur junun der gering, gubra wéh. Nu kadua, maju ku majuna, salakina kaebat awéwé séjén. Atuh  kalah leuleuweugan Antukna béak sagala rupa. Ayeuna geus ganti nu ngaping rada katémbong reugeujeug. Nu di Lakbok Alhamdulillaah najan hirup basajan, témbong baragja, geus bungah kolot mah. Da teu hayang dibéré ieuh, carukup jang maranéhna geus untung. Asal ulah nepi kadéngé komo katempo angsara teu bisa dahar teu bisa maké.”

            “Ké, ké, dupi pa Haji téh kagungan sabara hiji kitu putra?”

            “Lah jadi panjang dongéng Ujang. Satengah losin. Ti nu ti payun tilu,  ti nu ayeuna tilu.”

            “Oh, muhun, muhun. Hapunten kumawantun tuda janten bingung. Pédah sakaterang abdi mah, nya ceu haji Yayat, kang Haji Ade sareng Imas.“

            “Kajeun Jang, pa Haji ngaluangan batur téh sok ku pangalaman diri heula. Batan ngomongkeun batur.  Enya pangalaman keur ngora. Numatak ka barudak jaman kiwari kudu asak-asak nya ngéjo téh heueuh bisi tutung tambagana. Bandungan geura:

            Taun genep genep rumah tangga téh. Jeung bébéné pilihan haté. Bogoh pada bogoh  Moal aya nu bias misahkeunana widadari gé parejét. Der wakca ka kolot. Ditanya, urang mana, anak saha, ngarana saha, wedalna naon. Pa Haji geus rada apal ti bubudak kana utang-itung kitu téh. Tapi semet nyaho, lain muhit. Numatak pikeun kaamanan ka saréréa der wé ngawadul yén wedal pipamajikaneun téh anu, ceng téh. Kolot unggut-unggutan. Jumlah-jamléh. Hadé wéh cenah malah alus ngarepok.

Teu mangkuk lila dirapalan. Sapoé dua poé, bulan, taun. Cinta mah cinta nyaah mah nyaah, ngan hirup téh asa taya pisan menyatna, budak wé tuksel nepi ka tilu, ari diparaban mah kudu. Diajar dadagangan kana sayur, teu ari kukud ka kukud baé jeung modalna. Beuki galedé barudak asa hésé pisan diwarahna kana bener. Padahal mun nilik turunan, pa Haji asa teu bangor-bangor teuing pon kitu deui indungna nu sakitu leuleuy keudeuna. Ceuk paribasana mabuk laleur gé moal bisaeun. Naha nu jadi anak baredang kacida leuwih ti misti ukuran umur barudak. Pan ceuk para ahlina, cenah budak téh rék kitu rék kieu tabéatna bisa tina gén, atawa nyonto ti kolot, mun teu ti kolot tina pergaulan jeung réa deui jeung sajabana.  

Cindekna uyah tara téés kana kenténg. Aya kana taunna mikir. Teng ingetan kana ngarempak papagon kolot basa ngitungkeun repok. Der wéh nanya ka uwa Bihi nu baréto ngutang-ngitungna. Dibalakakeun nu saujratna. Atuh kantenan wé gogodeg. Teu réa saur. Ukur, “Manéh kudu meunangkeun wedal rebo. Jung didungakeun mulya.” Sakitu. Atuh lain ngahuhuleng deui. Jangar. Padu awéwé bari dapon wedal rebo maenya teuing da kudu nyurup kana lelembutan.

            “Ehem…” kuring bari nyodorkeun papais.

            “Naeun éta Nyai?” Pa Haji Udin nyelang ka kuring.

            “Papais ketan, Pa Haji. Raos geura kenging bi Tating.”

            “Oh heueuh pelem nang si éta mah. Adi kelas jeung si Tating téh, mun jeung emana si Nyai sakelas,” Cek hiji, camuil-camuil.  

“Pa Haji citehna.” Salaki kuring nyaketkeun lumurna.

Rérés ngaleueut obrolan dilajeng. “…tah sanggeus meunang piwuruk nu sarupa kitu gering pikirna gé lain sapoé dua poé. Ka pamajikan suka kénéh, ka anak baredang gé nyaah. Tapi patékadan hayang hirup maju mereyeng, da pada ahirna pikeun anak pamajikan. Der wé lahaola waléh ka indungna barudak. Alam dunya asa rék tijuralit. Horéng pamajikan nu sakitu léahna. Ngan buntutna ngabalukar kasiksa bingbang. Yén manéhna embungeun diwayuh, kajeun dipiceun baé.

Meunang mikir, ladang solat. Antukna lahaola megatkeun pamajikan. Kungsi mendak piwejang yén anu ngahiji tur papisah rumah tangga karana Alloh bakal kenging papayung di ahérat? Mudah-mudahn ahérat mayungan patilasan. Pa Haji enamanan keun baé ceuk rahulna  teu kabagéan. Pamajikan dipulangkeun haté gering parna. Budak milu ka ditu kabéh kalayan disanggupan béya hirup katut urut pamajikan saumurna salila can boga deui….

“Assalamu alaikum…“ sora ti luar.

“Waalaikum salam.” Raeng nu di jero. Horéng pa kepling ngurunyung.

“Na tas ti mana heula atuh, pling?” Saur pa Haji.

“Aduh, hapuntenna, kapan aya nu tabrakan caket kodim, janten kapegat.”

“Innalilahi, naon jeung naon?”

“Motor nubruk bujur beus.”

“Kumaha ayeuna atuh aya korban?”

“Tatu wungkul, mung da janten urusan ageung tuda aparat.”

“Oh heueuh sok rada hésé. Aduh keur ngadongéng nepi ka mana tadi téh.”

“Dugi kana pirak, pa Haji.” walon bapana barudak giak naker.

“Tah ti dinya téh meunang dua bulan léléngohan, teu kahaja keur diondangan baraya di Pabuaran, wa Bihi noél. Tuh budak itu awéwé hadé, ceuk kolotna wedal rebo. Geus umuran, biasana nu geus hayangeun mah sok leuwih saregep. Pa Haji harita tibang unggut-unggutan wé. Rada dirérét téa mah. Geulis? Jauh jeung pamajikan mah. Tapi béda dedempoan téh. Asa mawa linduk kana rarasaan najan ukur nempo rarayna. Boa enya jodo? Ceuk pikir harita.

Teu mangkuk sabulan. Wa Bihi ngajak nanyaan. Berekah langsung ditarima. Ngarumasakeun lalaki urut jaba boga buntut. Derekdek wéh didadarkeun. Manéhna teu gimir. Padahal lain sudagar tempoeun rajakayana pa Haji téh harita mah. Nya nepi ka ayeuna geus puluh taun anak balatak incu riam. Usaha enya nanjung. Inget kana pangjurung dunga ti wa Bihi, nu cenah jung téangan wedal rebo maka bakal mawa mulya. Numatak toko téh sadayana gé diaranan Berkah Mulya. Sabot rumah tangga jeung ma Haji, berekah nu disebut gogoda teu pati loba, nyira kahirupan teu hésé. Dina keur ayana bisa kaungkulan kalayan rahayu salamet. Nyéta meureun minangka nu beurat téh perkara barudak nu barogaeun waé masalah pikiraneun kolot.”

Nu rék ngariung jul jol. Obrolan kaselang ku pataréma panangan.

“…tah kitu meureun dongéng teu nyari pa Haji téh Ujang. Numatak heueuh ari ngarumahtanggakeun téh angger kudu maké pakem urang, karuhun urang, agamana, darigamana kabawa. Da lain jang sapoéeun. Budak urang kumaha Cu?” Naros ka kang Ucu, saébul hajat.

“Saurna mah itu senén, nu kuring jumaah.”

“Numawi kumaha kitu aya hartosna pikeun dinten-dinten repok téh pa Haji?” Salaki kuring meni eksaitid.

“Aya ceuk para karuhun mah. Mimitian ti ahad cenah, hartina méga, senén kembang, salasa seuneu, rebo daun, kemis angin, jumaah cai, saptu taneuh. Kajudi meureun pasipatan sawatek-sawatekna poé téh. Mun angin jeung seuneu cenah gancang ngabebela. Kana usaha téréh maju tapi réa pakewuhna. Kembang cocokna téh mun teu jeung taneuh jeung cai. Ulah soten nu tujaiah. Dina maksana apan pangrobédana meureun loba. Komo itungan jawi mah kudu ditambahan ku poe pasar. Manis paing pon wagé kaliwonna.”

“Atuh nu mana nu pangsaéna nu ulah aya pakuwah-pakéwuhna?” Salaki deui mani asa suhud pisan dibandungan téh.

“Di mana teuing rumah tangga bébas tina panyéréwédan. Nu ngabédakeun mah gedé leutikna tur ngokolakeunana. Jeungna deui manya teuing resep lempeng baé, jalan tol gé saendeng-endeng mah matak hayang Utah. Atawa hirup di nagara pudding madu. Bakal lendeng saban waktu aamisan wungkul.”

“Héhé, leres pisan nya pa Haji, kedah aya samara supados nyari.”

“Tah, kitu…hadé, hadé pisan, budak urang Cu, watek cai meunangkeun kembang. Najan kitu ari watek cai, jiga kalem, tapi beuh, mun geus banjirna kudu kuat. Alus-alus. Sing lalulus mulus rahayu salamet baragja dunya ahérat.”

“Amiiin,” Raéng.

Salaki nguliwed nyampeurkeun. “Mah aya asbak deui?” Bari noél.

“Ké urang taroskeun ka ceu Tita. Mani serius nu sakola repok.” Bari teu sing dilieuk.

“Alah, nu kitu-kitu waé.”

“Nya pan Akang seuneu, kudu mendak angin méh ngabebela,” bari ngaléong nyiar asbak. Ngadadak hayang léwéh, rumasa lain wedal angin. Bisi wé kabitaeun hayangeun asur-asur paniup. Amit-amit. ***

                                                           

Ciamis, Pebruari 2014.

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

gum

Jodo tos ayanu ngatur, nyaeta Gusti numaha suci. Aya nu panjang jodo atawa pondok jodo. Sanes balukar utang etang nu lepat atanapi cop pisan kana wedal, etamah manusana we anu teu kiat mental teu tumarima kana papasten Alloh SWT.

Joni Suhenda

sae pisan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: