• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Arisan

Kénging Tuti
Kintun kana Facebook

 Mun meunang arisan bulan ayeuna,  duitna keur ngoméan imah, pangpangna di kamar loba nu iris. Poé senén mayar anu mingguan, can anu sabulan sakali arisan érté geus puguh nu unggal poé sapuluh rébu, matak  rieut mun hayoh dipikiran mah. Tapi teu cukup ku dipikiran, nu puguh mah kudu diihtiaran. Sanajan enya poé ieu meunang arisan, tapi asa teu nyangsang duitna, malah tambah bangbaluh loba pikiraneun.

            Jalma mah ukur pasangka-sangka contona tadi isuk kuring pada ngageuhgeuykeun alatan loba ngalamun. “Hayooh! Ngalamun waé sakitu duit loba hayu atuh iraha rék neraktir pan geus meunang  arisan, lumayan satengah juta!” ceuk Rina, indungna babaturan budak kuring nu sarua sakola di SD Gemilang.

            “Boro-boro ka bisa neraktir, keur baluweng ieu ogé. Meunang ku meunangna arisan bingung teu bisa dibalanjakeun sakahayang!” témbal kuring  ka ibu-ibu nu keur mébér-mébér baju dagangan. Da biasa bari nganganteur budak ka sakola téh sajaba arisan aya ogé nu bari mawa dagangan papakéan, alat rumah tangga sok dikiriditkeun.

            “Haar naha maké bingung, loba teuing meureun duitna baé mun teu butuh mah injeum ku saya nya?” ceuk Rina deui bari nampankeun leungeun ka kuring.

            “Lain loba duit, loba hutang abdi mah, loba bayareun arisan, ayeuna meunang lima ratus rébu ukur bisa nyekel da rék dibayarkeun deui kana arisan mingguan, jeung sapuluh poéan nyésa dua ratus rébu. Nu bulanan bayareun awal bulan jadi plus-plos. Ka dituna kateuing tinggal mayaran hutang arisan nu poéan,” pok téh bari ngasupkeun duit nu dikeukeuweuk tatadi kana dompet.

            Arisan dua ratus rébu can meunang da kagiliran nomor genep welas pimeunangeunana tujuh bulan deui ka hareup, baé ach itung-itung nabung, lumayan meunangna rada gedé, sapuluh juta lima ratus rébu, bareng meunangna jeung nu mingguan lamun dihijikeun aya kana sabelas juta. Mun duit geus ngumpul rék dipaké nutup hutang koperasi, jeung hayang ngoméan saung.

            “Ciéé abong keur loba duit,  ngalamun ogé bari sura-seuri. Itu budak geus kaluar ti kelas tatadi, geus tong dilamunan waé geura balanja ka Mall anggur mah. Hayu nya ti heula” Ceuk indungna babaturan Dika, anak kuring ngahayukeun bari gugupay.

            Kuring némbalan ku unggeuk,  budak ditungtun  muru ka jalan rék megat angkot.

            Loba nu ngaheureuyan pajar kuring loba duit, pédah meunang arisan lima ratus rébu. Enya gédé duit téh, tapi asa teu aya hartina, teu mahi dibeulikeun kana itu kana ieu, keur kuring nu loba pangabutuh mah. Hayang ngoméan saung ogé kudu nungguan tujuh bulan ngandelkeun duit tina arisan. Boa picukupeun sapuluh juta, da geuning loba oméaneunana imah téh. Nu bocor di unggal rohangan, di kamar saré kuring, di dapur di luhureun pisan kompor. Lamun keur masak  pareng hujan kudu wé mundah-mindah kompor. Can di kamar cai palebah klosét asa kaluman.

            Ngan nya kitu duitna pajenggut-jenggut jeung pangabutuh sapopoé lain teu boga duit ngan loba bayareun nu leuwih penting, rasiko keur dahar, ongkos nganteur ka sakola, mayar cai, mayar listrik.

            ”Kalapa-kalapa Bu!” Kuring reuwas keur ngalamun kagareuwahkeun ku kenék angkot nu ngabéjaan geus nepi ka kebon kalapa. Walaaah imah kuring geus kaliwat jaba jauh kaliwatna ogé ieu mah geus nepi ka ITC, ngalamun téh meni asa anteng-anteng teuing. Kuring turun tina angkot bari mangku budak nu ngaléhléh saré  capéeun, tas sakola meureun. Ari kalacat kana angkot langsung peureum, song ngasongkeun duit dua rébu ka kenék.

            Budak dihudangkeun.

            “Dik, Dika, gugah kasép urang jalan-jalan heula yu!” ceuk kuring. Budak unggeuk  bangun lulungu kénéh. Di jero toko ampir kaubek kukurilingan teu puguh nu ditéangan, sagala dicampa, sagala ditanyakeun tapi taya hiji ogé nu dibeuli. Lain ku nanaon, geus mah hargana mararahal, jaba itu hayang ieu hayang. Keur anteng nenjoan kantong, budak noél bari ngarenghik hayang balik. Kituna mah da pantes geus jam tilu pasosoré. Ampir dua jam kukurilingan di toko, suku ogé rada cangkeul. Pantes wé mun budak hayang balik ngan saméméh kaluar toko budak rada mugen embung balik, kuring héran,

            “Ku naon Dika, pan hoyong uih naha ngajanteng waé, hayu!” kuring ngajak balik bari nungtun leungeun budak.

            “Dika hoyong mésér momobilan anu itu, Bu!” témbalna bari nuduhkeun  momobilan anu dipikahayangna. Éléh géléng da sieun budak ngadat jeung éra ku batur lamun geus ceurik mah, duit anu disumpal-sempil kapaksa dikaluarkeun tina dompét kacocéng dipaké mayar momobilan.

            Nepi ka imah haté handeueul lantaran duit tinggal   opat ratus rébu, kacéot ku kahayang budak nu kurang guna, ambek nyedek tanaga midek, meureun lamun teu jig-jig ka ITC duit pasti weuteuh, lumayan keur mayar arisan érté jeung arisan sapuluh poéan.  Rék ambek-ambek ka saha da ieu mah lain salah budak.  Kuring nu salah  loba ngalamun mikiran duit arisan.  Mun teu kitu mah meureun moal kajongjonan naék angkot, moal los-los ka ITC nu loba pikabitaeun.

            Sirah beuki lungleng. Keur mah eukeur mikiran duit arisan, katambah beuteung ti isuk can dieusian. Késang badag-késang lembut maseuhan awak, sigana salatri, awak cararepel asa teu hayang rék mandi ogé. Nenjo  imah pabalatak, dahareun euweuh, mukakeun wadah sangu, garing, aya untungna salaki gawé di luar kota balik ka imah saminggu sakali,  jadi rada santéy teu kudu pak-pik-pek masak nyadiakeun dahareun keur salaki, da di imah ukur duaan jeung budak.

            Blek awak satengah dibeubeutkeun kana korsi awahing lungsé taya tangan pangawasa, cape ku dua ku tilu pangpangna mah mikiran arisan nu taya eureunna. Sabenerna mah miluan arisan téh ngeunah teu ngeunah. Ngeunahna palebah meunang asa boga milik nomplok, ngan palebah mayaranana eungap. Kawas ayeuna nu keur karandapan ku kuring hirup katalikung ku hutang arisan sababaraha hiji, jaba lain saeutik. Mun dikumpul-kumpul mah tiap bulan téh kudu mayar tilu juta,

            “Ibu, hoyong emam.!” Budak nyampeurkeun. Gusti kumaha pipetaeun budak ménta dahar mangkaning sangu euweuh. Padahal mah lamun teu ngagugu kahoréam  tatadi nyangu téh meureun geus asak, bisa kadahar ayeuna ku kuring kadua budak, deungeun sanguna mah bisa nyeplok endog.

            “Ibu, Dika hoyong emam tong calik waé atuh énggal pangnyandakkeun!” ceuk budak bari ngenyang leungeun.

            “Muhun mangga tapi sanguna séép urang masak emih goreng wé nya sakantenan da Ibu ogé lapar.

            Budak unggeuk bari ngaléos muru momobilan nu anyar meuli tadi beurang, kuring ngaléos ka dapur.

            Emih goréng geus béak ku duaan, jeung budak ngahaja dihuapan. Ayeuna mah sirah teu beurat teuing siga tadi, da beuteung geus kaeusian  tinggal bébérés ngumbah wadah, sasapu di dapur  pabalatak sigana aya beurit ngacak runtah tadi poho méméh indit teu ditutupan wadah runtahna. Biasana mun rék ninggalkeun imah téh sok tarapti. Keur baluweng meureun loba poho loba kahoréam. Imah geus bérés léos ka cai, brus mandi meresihan awak nu pinuh ku rereged balas sapoé jeput kakebulan kapanasan. Ka luar ti cai budak keur anteng ulin sono kénéh meureun da euweuh deui nu dicoona ukur momobilan anyar meuli, léos ka kamar, rap ganti baju ku daster, cong solat ngadu’a munjat ka gusti nu maha kawasa.

            Keur anteng ngado’a muntang ka Allah SWT, aya cai nu ngeclak kana dampal leungeun. Teu apal di luar hujan ngagebrét, nu iris di lalangit kamar teu kaburu katandéan. ***

 

Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: