• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ceu Mimin

Kénging Lina Herlina
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1405461000.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Jam dalapan leuwih dua menit basa hapé ngirining. Sabenerna mah Dini geus siap pikeun indit. Tas jeung konci mobil tingal nyamber di luhur méja. Sasarap susu murni jeung roti selé strowberi enggeus. Ngan, Dini ngadadak baluweng saentasna nampa télépon téh. Sirahna rarieut. Lain, lain rieut lantaran hanyir susu murni teu digulaan, éta mah geus layeut jeung létah katut peujitna. Dini ngadadak baluweng lantaran béja anu ditarimana.

Dini ngabeubeutkeun manéh kana sofa. Dibayangkeun deui béja anu ditarimana. Nyaan kitu atawa sakadar riwan? Sanggeus kumpul pangacianana, manéhna mencétan no hapé. Di jauhna, aya nu ngangkat télépon, nanya ku sora anu henteu jelas lantaran pacampur jeung inghak, “Aya naon, Téh?”.

“Nia, bieu Nia anu nélépon?” ceuk Dini, sorana ngadégdég.

“Muhun.”

“Nyaan?”

“Muhun.”

Hapé téh murag kana sofa da puguh nyepengna lésot. Dini ngadadak leuleus taya daya. Paneuteupna narawangan duka tembus ka mana. Blazer biru anu ti tadi dijaga sangkan henteu kusut henteu diperhatikeun deui. Kukumaha ogé Dini henteu percaya saratus persén... yén Ceu Mimin ngantunkeun.

**

Nathan teu nyangka lamun Dini, pamajikanana, bakal nyereng basa manéhna nolak kahayangna. Dini nelepon Nathan, ngajak ka Bandung ayeuna kénéh, lantaran Ceu Mimin ngantunkeun.

“Ceu Mimin tukang loték téa?” ceuk Nathan.

“Muhun. Akang diantosan ayeuna.”

“Apan poé ieu téh aya jadwal meeting, Néng.”

“Atos dibatalkeun. Sadayana ogé tos diatur. Akang diantosan ayeuna pisan di bumi.”

“Barudak kumaha? Saha anu ngajemput ti sakola?”

“Tos aya, Kang. Urang mah kantun mios ka Bandung.”

“Ceu Mimin téh saenyana saha urang? Apan lain dulur lain sobat, naha kudu ...”

“Kang...!” Sora Dini pacampur jeung inghak. “Abdi mah kedah ka Bandung ayeuna kénéh, kedah nungkulan ngurebkeunana!”

Nathan teu wani mungpang deui. “Enya, antosan atuh di bumi,” cenah bari terus nutup obrolan. Nathan masih teu ngarti, sakitu hormatna pamajikanana ka Ceu Mimin. Dua taun katukang basa Dini ngajakan nyimpang ka imah Ceu Mimin, saacan maranéhna ijab kabul di balé nyungcung, sakanyaho Nathan mah Ceu Mimin téh saukur tukang loték. Di hareupeun imah tipe 36 di komplek Griya Mas Permai, Ceu Mimin dagang lotékna téh. Warungna tina triplék, numbu ti sabeulah imah. Langgananana kaitung loba. Éta wé salila nyimpang, nu meuli nepi ka ngantri. Éta ogé Ceu Mimin henteu ngaladangan ku sorangan da aya anu ngabantuan, awéwé kira-kira umur tilu puluh taunan, Nia ngaranna.

Enya Dini téh katempona mah conggah ka Ceu Mimin jeung ka Nia. Malah bisa disebut conggah kaleuleuwihi keur langganan mah. Basa mulang ti Ceu Mimin, Nathan nanya, ari Ceu Mimin téh dulur? Jawabna téh lain. Teu teterusan nanya, sakitu gé cukup keur Nathan mah. Enya ogé basa maranéhna walimahan; Ceu Mimin, Nia, katut barudakna daratang ti saméméhna, henteu ngajadikeun Nathan tatanya. Pamikir Nathan, Dini téh karesepna kana loték. Urang Sunda resep kana loték, apan lain hal nu anéh.

Beuki héran basa Nathan mah basa nepi ka imah, pamajikanana nangkeup bari terus nyegruk. Inghakna henteu répéh sapanjang jalan ka Bandung. Nathan teu bisa neguh naon-naon anu aya dina pikiran Dini, jeung can wani nanya ka nu keur kanyenyerian.

**

Bari nginghak sapanjang jalan ka Bandung, ingetan Dini mah ngalayang ka sapuluh taun katukang, ka pangalaman anu saenyana mah horéam diinget-inget. Harita Dini bumetah di komplek leutik di pasisian Bandung. Ceu Mimin warga di komplek éta ogé. Ceu Mimin mah randa, hirup kadua anakna anu kakara umur genep taun. Pacabakanana dagang loték. Mimitina dagang lotékna nguriling komplek, sakapeung ka pakampungan. Boboko digandong, leungeun ngajingjing plastik eusi coét jeung plastik eusi kurupuk. Sapanjang jalan Ceu Mimin nawarkeun daganganana, “Lottéékk...! Lottéékk...!” Budakna ngagandong tas eusi bumbu-bumbu cadangan jeung plastik bungkus, ngilu ngagorowok, “Lottéékk... baladé lottékk....”

Henteu nepi ka dua taun dagang ngurilingna téh, da saterusna mah mangkal di imahna. Enya lotékna mah kapaké ku langgananana. Legit, bumbuna kumplit, ledok, seungit bawang goréngna geus kaambeu ti kajauhan. Atuh sayuranna henteu sakadar kangkung jeung engkol, ogé teu weléh aya nangka ngora, léjét, génjér, écéng sawah. Atuh henteu nguriling téh henteu kaleungitan langganan, da langgananana anu ngudag ka imah.

Dini salah saurang langganan loték Ceu Mimin. Enya ogé imahna béda gang, ampir unggal poé Dini ka warung loték Ceu Mimin. Ari kituna, warung loték Ceu Mimin téh jadi tempat anu merenah pikeun ibu-ibu ngagosip. Sabada balanja sayuran, barudak arindit sakola, salaki ngantor, kasenangan ibu-ibu téh ngagosip. Nya warung loték Ceu Mimin tempatna.

Mangtaun-taun kahirupan komplék téh saperti kitu. Bahan gosip mah sigana téh moal aya béakna. Kulawarga anu kaayaan ékonomina robah, naha bangkrut, di-PHK, atawa anu ujug-ujug beunghar da di pagawéanana bari bisnis, atawa kontraktor imah anu datang jeung indit henteu kabéh kacatet RT, masalah ékonomi karéréaan kulawarga anu hirup teu neut paéh teu hos, jeung réa deui.

Enya ogé warung loték Ceu Mimin jadi tempat ngagosip anu tumaninah, Ceu Miminna mah haré-haré waé. Tara sugan ngilu ngoméntaran atawa sakalian ngiluan ngagosip. Manéhna mah ngan ngalayanan wangkongan saperluna. Ibu-ibu sorangan ngarasa kurang asik ngagosip jeung Ceu Mimin mah.

Sakali-kalina Ceu Mimin kabaud ngeunaan gosip jadi tokoh utamana pisan. Mimitina aya anu ngontrak anyar, saurang awéwé umur dua puluh taunan kadua anakna anu umur tilu taunan. Nia ngontrak imah anu acan dirénopasi, imah asli jieunan depeloper, sajuta sataun. Ibu-ibu mimitina curiga pedah réa lalaki namu ka imah kontrakan Nia, sawaréh ngajemput tapi sakapeung aya ogé anu ngéndong.

Pikeun warga komplek kaayaan siga kitu téh tangtu hal anu serieus. Imah kontrakan téh sigana dipaké tempat teu uni. Basa hiji peuting ronda ngintip jeung ngagerebeg, Nia jeung lalaki tamuna keur papuket dina karpét, budakna ngageubra di kamar. Ceuk ustad komplék, lamun hiji imah dipaké jinah maka dua puluh imah ka unggal madhab ngilu dosa. Nia ceurik bari nangkeup budak basa digiringkeun ka imah RT.

“Hapunteen ka sadayana, ka ibu-ibu, ka bapa-bapa.” Sora Nia ngadégdég, kaganggu ku inghak anu ditahan. “Budak abdi kudu neda, hapunteeenn... hapunteenn....”

Tapi putusan warga henteu robah: Nia diusir. Batas waktuna nepi ka isuk. Lamun isuk acan ogé indit, warga bakal ngahukum anu leuwih beurat. Amarah warga mémang geus teu kawadahan. Hayangna mah Nia jeung tamu lalakina dirajam harita kénéh. Tapi amarah anu ngagedur téh rada kacandet basa Ceu Mimin maju ka hareupeun riungan warga, nyambat budak Nia anu ceurik ngabaturan indungna.

“Nia jeung budakna ieu bakal cicing di imah abdi. Abdi ngajamin, Pa RT, ibu-ibu, bapa-bapa, naon anu dilakukeun Nia ayeuna moal kasorang deui. Abdi réla diusir, dirajam ogé henteu nanaon, lamun Nia masih kitu. Hapunten ka sadayana,” ceuk Ceu Mimin. Pa RT jeung warga anu aya henteu nyarita sakemék ogé. Kakara sanggeus Ceu Mimin anu nungtun Nia ninggalkeun riungan, warga téh réang deui nepikeun pamanggihna.

Dua poé sanggeus kajadian éta, Pa RT ngawakilan warga ngadatangan imah Ceu Mimin. Kukumaha ogé warga henteu bisa ngantep kana kalakuan Nia anu geus ngageugeuleuhan komplek. Nia angger kudu indit ti komplek, lamun Ceu Mimin angger ngahiap, Ceu Mimin ogé kudu ngilu indit. Waktuna ngan dua poé. 

Tungtungna Ceu Mimin jeung Nia pindah ka komplek anu leuwih ka pasisian. Tangtu waé kajadian éta téh jadi bahan gosip sabulan leuwih lilana. Enya ogé ibu-ibu ngarasa kaleungitan loték Ceu Mimin jeung tempat ngagosip anu tumaninah.

**

Sataun ti harita, Dini ngalaman jadi tokoh utama gosip. Mimitina salaki Dini jarang balik, cenah mah tugas malam. Tangtu waé Dini percaya. Tapi basa tanggal narima gajih, gajihna henteu katarima. Cenah mah aya kasalahan administrasi, gajihanna diundur sababaraha poé. Tapi nepi ka saminggu leuwih, gajih téh can aya kénéh waé. Dini mimiti ngadesek, da puguh kabutuhan sapopoé mah henteu bisa dipundurkeun terus. Mayar listrik, iuran RT, balanja sapopoé, jajan budak jeung bekel sakolana, PDAM, cicilan imah, kumaha nalanganana? Tungtungna salakina balaka, cenah dihukum ku kantorna salila tilu bulan gajihna henteu dibayarkeun.

Tangtu waé Dini bingung. Kapaksa ngéclok ka ditu ka dieu. Tapi sanggeus bulan katilu kaliwat, gajih téh acan aya kénéh, mangkaning anu diéclokan mimiti aya anu nagih. Cicilan imah geus tilu bulan henteu dibayar. Dua kali Dini negoisasi jeung bank ngarah di hareupeun imahna henteu dipasang cap: Rumah Ini dalam Pengawasan Bank.

Tangtu waé kaayaan Dini siga kitu téh karasa jeung katingali ku ibu-ibu komplék. Dini beuki jarang ruang-riung, da éra lamun diajak jajan atawa balanja tara nyepeng duit. Gosip ngeunaan Dini jadi haneut jeung ngalegaan ka ditu ka dieu. Tungtungna jadi gosip pangpanasna basa aya pembantu rumah tangga ti kampung tukangeun komplek ngabéjakeun yén salaki Dini saenyana boga deui anu ngora.

Biasana lamun aya gosip siga kitu Dini resep ngabandunganana. Tapi gosip panas geuning lain pikaresepeun, tapi matak héhéaban sabadan-batin. Ambek, sedih, bingung, nyeri, pacampur dina pikiran jeung haté Dini. Barang salakina datang, perang téh henteu bisa dihalangan. Piring, gelas, rantang, buku, asbak, haliber tina leungeun Dini. Salakina anu mimitina ukur ngabigeu kapancing ambek, terus nampiling Dini. Dini ceurik auk-aukan bari nangkeup budakna anu kakara lima taun, budak anu puluhak-polohok teu ngarti nanaon. Salakina ngaku geus kawin deui, terus indit sanggeus mawa papakéanana kana tas gandong.

Harita Dini ngarasa langit arék runtuh téh. Unggal poé gawéna ngan ceurik jeung ceurik, ngaringkeb manéh di kamarna. Sanggeus seubeuh nyeungceurikan nasibna, Dini mimiti ngahuleng, naon anu kudu dilakukeun? Balik ka kolotna, asa teu sanggup. Karunya ema jeung bapana lamun kudu dibeungbeuratan pasoalan manéhna. Dulur-dulurna, sobat-sobatna, saha anu kudu didatangan? 

Basa janari leutik Dini lilir, terus ka cai wudu, laju solat tahajud, anu aya dina pikirin jeung haténa ngan Ceu Mimin. Dini teu ngarti naha ngan Ceu Mimin anu kaimpleng téh.

**

Mimitina Ceu Mimin ngahiap Dini siga ka urut tatangga anu lila henteu panggih. Tapi basa Dini ngan ngajawab saperluna pananya Ceu Mimin, basa katingalina hulang-huleng waé, Ceu Mimin ngajakan ka jero imah, terus nanya: “Aya naon?” Dini nubruk Ceu Mimin, ceurik ngagukguk dina tangkeupanana.

Ti harita Dini nganjrek di imah Ceu Mimin. Tangtu waé imah tipe 36 anu acan dirénopasi téh jadi pinuh. Ceu Mimin jeung budakna, Nia jeung budakna, dua urang budak yatim piatu umur lima taunan, ditambah Dini jeung anakna. Tapi Ceu Mimin jeung Nia ngaku siga ka dulur sakandungan anu lila henteu panggih.

Dua taun Dini niiskeun pikir jeung haté di imah Ceu Mimin. Pacabakan sapopoéna ngabantuan Ceu Mimin dagang loték. Nia ngurus barudak. Hiji poé Dini ngedalkeun maksudna pikeun dagang asakan.

“Euceu mah ngadukung pisan. Pasakan Néng Dini téh pedo. Pasti réa anu deudeuieun,” ceuk Ceu Mimin. Subuh isukna Dini balanja ka pasar, saksak-siksik dibantuan ku Nia, terus ngadagangkeun pasakanna dina méja gigireun warung loték. Langganan loték mimiti nyobaan balanja pasakan. Da puguh pasakan Dini mah pedo, langgananana nambahan terus. Sakapeung pasakan anu can dijait tina kompor ogé ditarungguan. Atuh jam sabelas beurang gé mimindengna mah geus béak. Dua taun Dini itikurih dina dagang pasakan. Nasibna mimiti robah basa aya saurang langgananana ngajakan Dini muka katering di Jakarta. “Saenyana langganan mah tos aya, kantor-kantor koléha pun lanceuk, Néng Dini mah kantun neraskeun masakna,” ceuk Bu Ari. Sataun jalan katering Dini omzetna geus ratusan juta. Ari Nathan, salaki Dini anu ayeuna, nyatana adi Bu Ari anu geus tilu taun ngaduda.    

**

Nepi ka anu dituju layon Ceu Mimin geus réngsé diurus, dimandian jeung diboéhan. Anu takjiah ngaliud di jero jeung buruan. Dini teu bisa nahan piceurikeun. Basa nangkeup Nia, budak Ceu Mimin anu geus rumaja, jeung genep urang balita yatim anu bingungeun da di imahna loba tamu jeung ‘indungna’ henteu hudang-hudang; inghakna narikan enya ogé ditahan sakut tanaga.

“Tadi enjing mah Ceu Mimin masih ngaibakan barudak. Sadayana barudak yatim anu balita diibakan. Abdi gé teu kénging ngabantuan,” ceuk Nia. “Warung lotékna tutup. Teras istirahat, paruyeng saurna, tapi Ceu Mimin henteu gugah deui.”

Dini masih nginghak ditahan. Bet aya anu nyérését peurih leuwih ti misti. Hanjakal henteu kungsi nyacapkeun heula kasono ka almarhumah. Dini ngarasa hirupna geus teu kurang ku matéri, tapi can kungsi ngabantuan Ceu Mimin sanajan apal Ceu Mimin téh jadi indung barudak yatim anu ditaringgalkeun kolotna.

Basa pasaran mimiti dianteurkeun ka kuburan, Dini malik neuteup imah tipe 36 anu can kungsi direnopasi. Rarasaan téh aya ku agréng éta imah. Aya aura kanyaah anu salila ieu dipancerkeun ku Ceu Mimin. Enya Ceu Mimin téh saukur tukang loték, tapi tanagana leuwih ti misti. Apan di imah ieu pisan Dini ngarasakeun ‘titik balik’ hirupna. Sumangetna, pangacianana, kayakinanana, apan kararumpul di dieu. Ceu Mimin anu nyéboranana, nyéboran ku kasabaran, kanyaah, jeung tawakal. Dini ngarasa panineunganana nyérédét deui kana haténa, basa neuteup barudak yatim midangdam ditinggalkeun indungna.  

“Téh, Nia mah sieun, henteu ludeung. Ceu Mimin téh sabeulah hirup abdi.” Nia ngagukguk dina pangkuan Dini samulangna ti makam. “Tapi sapertos apal digupay, Ceu Mimin téh sababaraha kali mépélingan abdi, tong ditinggalkeun barudak yatim, kitu saurna. Tapi Nia asa henteu ludeung, asa henteu sanggem...”

Dini nangkeup Nia, ngusapan rambutna. Henteu nginghak deui Dini mah. Manéhna sadar, ayeuna bagéan manéhna anu kudu jadi panyaluuhan Nia jeung barudak yatim.

“Urang pasti sanggup. Apan urang kungsi ngalaman hirup leuwih peurih batan kieu,” ceuk Dini ngaharéwos kana ceuli Nia. “Tong nangis deui, urang téh indung pikeun barudak yatim.” Nia ngusap cisocana, terus imutna ngabelenyéh.

Basa nyelang heula mulang ka Jakarta, Dini ngarasa hirupna dimimitian deui, jadi indung anu mikanyaah sakabéh barudak anu katalangsara. ***

Sumedang, 26 Agustus 2013 – Nopember 2013
                                                      

   Lina Herlina, mimitina mah diajar ngarang dina basa Indonesia, di Forum Lingkar Pena Bandung. Sababaraha kali karanganna, puisi jeung cerpen, dimuat di Pikiran Rakyat, Kompas Anak, Annida, Lampung Pos. Diajar ngarang basa Sunda basa diperedih ku penerbit Grafindo pikeun nulis kumpulan dongéng, nya jadi buku Kuya jeung Peucang Balap Lumpat. Sababaraha karanganna dimuat majalah Manglé.

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (6)

asep setiawan

alus pisan.........pikeun ngalalancar basa sunda. kuring mah urang sunda ge asa kirang ngarti ka basa indung sorangan.

bettty srimayanti

sae pisan carpona, tong sieun mayunan mangsa kapayun...yakin sadayana bakal aya pitulung ti gusti Allah ngalangkjungan panangan2 hamba- Na, sanaos eta dianggap jalmi alit.......ngeusi mantappp !!!

deden

subhanalloh...

iskandar

Teu karaos nyurucud cimata maos carpon diluhur.. Ras inget ka nasib sorangan, baraya jeung tatangga..

Dede haruman

nyegruk cerik.........ras inget pangalaman hirup sorangan,sae pisan carpon teh....

komara

Sedih kingkin maos carpon yasana Neng Lina. Puguh guluyuranana, beres pereleanana, munel eusina. Ceu Mimin hirupna pinuh ku welas asih, nyaah ka sasama bari jeung prakna. Nuhun pisan, pas mulang ka Sumedang mugia tiasa tepang.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: