• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ustad Cecep Maulana (Santri AKSI);

Mubalig Sunda,
Nyeungitan Nusantara

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Ustad Cecep Maulana, Reueus kana Da'wah Sunda [Potrét/Ilustasi: ]

Reueus jeung melang. Kitu cék Bu Eva nu teu weleh imut ngagelenyu dihareupeun tipi acara Akademi Sahur Indonesia (AKSI) nu disiarkeun ku Indosiar samemeh saur Rumadon. “Ceramah Cecep Maulana mah teu matak tunduh. Ngaguar Islam ogé asa pikabitaeun. Komo, upami tos ku basa Sunda, pokona mah matak reueus. Tapi oge sok melang. Melang bilih kawon sms-na,” pokna daria.

Kitu di antara carita salasahiji penggemar ieu mubalig teureuh Sunda téh. Saha atuh ari Ustad Cecep Maulana téh? Waktu Manglé narima telepon ti Ustad Cecep Maulana (cenah waktu reureuh di AKSI), teu diengkékeun deui. Kituna téh bari nepungkeun kasono, lantaran, saméméhna pernah bareng kuliah di IAIN SGD Bandung saangkatan 1992.

Ti baheula kénéh deuih, Ustad Cecep Maulana mah geus mikaresep pisan ka Majalah Sunda Manglé. Cenah, maca basa Sunda di Manglé, loba ngarojong kana kagiatan da’wahna.

Perjuangan da’wah Cecep mémang natrat ngabuahkeun hasil nu ciri nu mandiri. Da’wahna teu weléh ditepikeunana ku basa Sunda, lantaran cék pamadeganana, basa Sunda basana para mustami di tatar Jawa Barat. Boh ngaji ka saba palemburan, boh saba pakotaan, saeutik ogé matak sugema, saupama da’wahna téh ku basa Sunda. Hasilna?

Kiwari, perjuangan da’wah Ustad Cecep Maulana ngajomantara jadi pamilon pavorit mubalig AKSI Indosiar di Nusantara. Kituna téh, lantaran ieu almuni IAIN SGD Bandung téh,  mampuh ngadumaniskeun matéri kaislaman nu luhur ajénna jeung gaya humor nu mampuh ngigelan para mustamina. Sahingga unggal waktu teu weléh pada ngarep-ngarep jeung pada nganti-nganti. Ieu mubalig nu jargonna ‘Dunia lebih ceria ceria pas (cecep)’, henteu saukur mampuh ngirut pamiarsa, tapi ogé nepikeun kamulyaan Islam nu luhur ajénna jeung pikabitaeun.

Indung Tinemu Rahayu

Upama aya kekecapan, indung tunggul rahayu, bapa catang darajat. Tah, nya kitu pisan nu karasa ku ustad Cecep Maulana ogé. Indung téh jadi pangjurung laku geusan tinemu rahayu. Bapa téh, pangjajap paripolah sangkan hirup tinemu hurip. Matak, waktu ngawanikeun daftar ka Akademi Saur Indonesia, teu weléh dijajapkeun ku pangdua ti nu jadi indungna. “Taun kapungkur mah, pun biang téh, teu weléh ngintun sms ka pamilon AKSI. Saurna, hiji waktos mah, hoyong téh pamilon AKSI téh putrana. Nya alhamdulillah, taun ayeuna dikobul. Kantenan bingah kacida, utamina mah tiasa masihan kabingah ka nu janten sepuh,” saur Ustad Cecep Maulana daria.

Nyebarkeun agama Islam butuh kaluhungan élmu jeung kajembaran diri. Lantaran kitu, keur Ustad nu pernah jadi tukang odong-odong téh, jalma nu luhung élmuna ogé jembar budayana, dijadikeun jurus kagiatan da’wahna. Hartina, nyebarkeun Islam ogé ulah megatkeun kultur budayana, sapertos basa Sunda. “Salami da’wah di AKSI, alhamdulillah teu isin nyempilkeun basa Sunda. Malihan reueus nu aya. Atuda, saha deui nu badé ngenalkeun basa Sunda ka urang deungeun upami sanés ku urang Sunda nyalira,” saur Ustad nu pernah juara hiji Nasional Da'i Muda mirip KH Zainuddin MZ taun 1994 tandes.

Da’wah Islam mémang butuh pangorbanan jeung harepan. Ustad Cecep Maulana gé kitu. Sanajan kiwari geus kawentar sa-Nusantara, tapi keur dirina, nu paling penting mah da’wah nyebarkeun agama Islam ku kamulyaan jeung kudu matak pikabitaeun. Upama pamadegan Ustad Cecep saperti kitu, mémang luyu jeung cita-citana, nyaéta geusan neruskeun perjuangan mubalig harismatik, KH. AF Ghazali nu da’wahna saé tur matak kahartos ku nu ngabandunganana.

Mubalig Cecep Maulana, kiwari geus dipikareueus balaréa. Harepanana geusan nyeungitan da’wah Islam ti tatar Sunda Jawa Barat keur Nusantara. “Generasi muda calon mubaligh sareng mitra Manglé nu aya di sakuliah dunya, mangga urang mangpaatkeun marga masa muda nu moal tiasa uih deui. Hayu urang da’wah janten pewaris para nabi,” saurna.

Ayana mubalig saperti Cecep Maulana ogé jadi kareueus para mubalig kondang saperti Mamah Dedeh, Ustad Ahmad Al Habsyi, Ust. Subki Al Bughury, Ust. Wijayanto ogé Bapa Eka (pianis). Ku kituna, para mubalig kondang téh, kiwari milu réréongan ngalunasan bumi kontrakan ustad Cecep Maulana sangkan jadi milikna.

Ieu mubalig nu teu weléh nyempilkeun basa Sunda, beuki reueus beuki loba mustamina. Ngan sanajan kitu, aya nu dipikamelang, nyaéta melang kasilih batur dina narima dukungan SMS. Kumaha atuh sangkan ieu Ustad teureuh Sunda tetep berjuang? “Ka pamaréntah Jawa Barat, ka urang Bandung, ka sakumna wargi Sunda, neda piduana. Carana kintun sms ketik Aksi spasi Cecep, kirim ka 7288, Insya Alloh tinekanan,” pokna nutup obrolan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: