• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Implengan Romadon

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Taya nu langgeng di alam dunya. Sakumaha dawuhan Alloh SWT“Kullu man alaiha fanin”. Sakur nu aya di latar jagat bakal musnah (Q.s.ar Rahman : 26).

Nu kuat tara salawasna kuat. Sabab  kuat asalna tina lemah. Tur sanggeus kuat bakal lemah deui (Q.s.Rum : 54).

Atuh sing saha nu miharep kalanggengan, kajayaan, kahebatan tuluy tinuluy, éta kaasup  “thulul amal”. Manjangkeun lamunan, nu ku Kangjeng Nabi Saw dianggap ngaruksak kahadéan.

Tapi ajén-inajén kalanggengan hirup, nembus wates kamampuh raga, teu keuna ku paribohan umur jeung waktu, bisa baé ngawujud. Nyaéta ku ayana amal soléh nyata. Pagawean hadé nu salawasna dipikaéling dipikatineung. Jadi kabagjaan balaréa, nu baris ngajajapkeun nu migawéna tenang malang mulintang di alam baka. Sodaqoh jariyah,élmu nu mangpaat, jeung  anak soléh nu ngadu’akeun indung bapana, éta mangrupa sumber kalanggengan di dunya jeung di ahérat.

 

1. Gilinding Nasib

Gilinding nasib terus muter. Taya nu  bisa ngahalang-halang. Poé ieu nanjung di luhur, isuk nampuyak di handap (Q.s. Ali Imron : 26). Geus mindeng katiténan conto-contona langsung ku urang. Teu kudu nginjeum ceuli, nginjeum mata. 

Saperti dina kisah ieu : Hiji ulama sufi, keur towaf di Kabah. Nyaksian hiji gegedén, sarua towaf, dikawal ku pasukan samagréng pakarang nu nyingkir-nyingkeurkeun jalma réa, sangkan éta gegedén teu kahalangan. Katénjo sikepna adigung gedé hulu. Ngarasa senang towaf dina tenmpat lowong. Teu miduli nu séjén buriak diobrot para pangawal.

Sawatara waktu ti harita, éta ulama sufi lunta ka Bagdad. Nénjo hiji tukang jajaluk. Ngasong-ngasong mangkok butut ménta dibéré kencring. Ari disidik-sidik, nu jajaluk pikawatireun téh, horéng ggedén nu kungsi ngajago, dikawal pasukan, basa keur towaf.

“Ki, Silah, naha pan cikénéh anjeun téh kawasa. Nepi ka towaf ogé dikawal keur ngusir jalma-jalma séjén nu sarua harita towaf?”ulama sufi nanya pikeun ngayakinkeun.

“Teu nyalahan, dulur. Mémang enya kuring. Harita kuring adigung gedé hulu di tempat anu sakuduna handap asor. Ayeuna kuring hina malarat rosa di tempat jalma-jalma ngagul-ngagul kakayaan jeung kakawasaan,”témbalna dareuda.

 

2. Sarua Héséna

Sakabéh jalma mikahayang migawé amal soleh. Tapi ukur saeutik nu mampuh ngalaksanakeunana. Sakabéh jalma mikaceuceub amal salah. Tapi geuing réa nu paheula-heula milampahna. Padahal, boh amal soléh boh amal salah, bakal jadi bekel keur nempuh kahirupan sabada tamat ngalalakon di alam dunya.

Ibnul Qayyim al Jauziyah, dina kitabna “Fawa’idul Fawaiz”, nerangkeun kaayaan manusa sabada tilar. Asup ka alam kubur.

Barang hiji mayit ngagolér dina sédong, hég dihirupkeun deui ku Nu Maha Kawasa, ujug-ujug bray cahya narawangan. Rohangan kubur ngalegaan ublug ablag. Torojol para juruladén naranggeuy wawadahan dieusi kadaharan jeung inuman nu parelem, kasur katut simbut maréwah nu teu kungsi jeung moal kaalaman keur waktu hirup.

Puguh baé mayit reuwas. Lantaran kanyataan alam kubur, béda jeung nu kabayangkeun. Poék. Rupek. Pikasieuneun.   Heg ngagorowok :

“Naon ieu? Naha kieu?”

“Ieu amal soléh nu ku anjeun dipilampah mangsa keur hirup di dunya. Maranéhna baris maturan, ngaladénan, salila nunggu datangna Poé Dihudangkeun sabada Kiamah. Duka sapoé duka sataun,duka sarébu atawa jutaan taun. Gumantung kana katangtuan Alloh Nu Maha Kawasa. Seug geura raraoskeun ni’mat kubur nu bijil tina cinyusu amal soléh anjeun,”hiji sora halimpu, pinuh galindeng kadeudeuh, nembalan teuing ti mana. 

Ari mayit séjénna, barang geus aya dina sédong, nguniang hudang. Liang nu heureut sapaseun awak, ujug-ujug ngariut. Mangkék nepi ka hésé usik malik. Keur kitu téh, torojol mahluk badag hideung buluan rambosbos, meleding bau bangké, nyéréd-nyéréd.Dibarung guntulan batu panas, ngurugan. Atuh Si Mayit engap-engapan. Gogorowokan:

“Naon ieu? Naha kieu?

“Ieu téh wujud amal salah anjeun nu baréto dipilampah kieur mangsa hirup. Maranéhna bakal tetep tumetep di dieu marengan anjeun nunggu Poéan Dihudangkeun sabada Kiamat. Teuing sapoé, sataun, sarébu atawa sajuta taun. Gumantung ka Nu Maha Kawasa. Pék ka dinyah rarasakeun  azab kubur  nu nyumber tina kokotor kajahatan anjeun, “hiji sora kasar, tarik lir  gelap saleser, nembalan teuing ti mana..

Mémang, pamilih manusa salila kumelendang di alam fana, ukur dua. Alus atawa goréng. Kana éta dua pagawéan, Alloh SWT lir maparin ombér. Nu milampah amal hadé, teu geura-geura meunang  ganjaran. Nu milampahamal jahat, teu gancang-gancang meunang hukuman. Nepi ka réa nu teu waspada jeung goréng sangka. Yén nyieun amal soléh matak bosen, ari nyieun amal salah bet matak senang.

Khalifah Harun al Rasyid, nepi ka kalenger, barang Ibnus Samak – hiji  ulama jujur tur  dan zuhud – medar hakékat hirup manusa. Taya hiji ogé jalma, ti mimiti Nabi Adam, nu teu maot. Sarta sabada maot, ngan aya dua pilihan :sawarga atawa naraka. Pilihan nu samporét pisan tur hésé nangtukeun mana nu kudu dipilih. Teu béda ti hésé migawé amal soléh jeung hésé ninggalkeun amal salah.****

 

3. Manusa “Abu-Abu”

Naon sababna umat Islam sangsara balangsak? Tinggaleun dina sagala widang kahirupan ku umat séjén? Ceuk para “hukama” (ahli hikmah), lantaran umat Islam teu mampuh nangtukeun pamilih dirina sorangan. Teu tandes némbongkeun kaimanan jeung kaislaman. Mayoritas umat Islam  lir “éngkang-éngkang”. Sakapeungmumin, sakapeung kapir. Akidah jeung ibadah mah Islam. Ngan ahlak jeung tatanan sosial sapopoé, maké tatanan Yahudi atawa Nasroni.

Naha ari non-Muslim hasil ngahontal kamajuan  material? Ngawasa sagala aspék dunyawi? Malah ngajajah umat Muslim di saban nagara?

Lantaran maranéhna boga pamilih nu panceg minangkakapir. Tara ragu-ragu, plin-plan, mencla-menclé. Tara “isuk-isuk kadelé, soré témpé”. Sakali kapir, tetep kapir.

Sawala ngeunaaan “naha” ieu, geus lumangsung mangabad-anad. Pangpangna sabada puseur-puseur kajayaan umat Islam di mamana, tumpur. Di Andalusia (750-1492), India (1300-1860), Asia Tengah (1300-1650). Turki (1230-1924), jsb.

Jawabanna rata-rata teu tandes. Ngambang. Tara kungsi  nepi kana kajinekan “falyu’min awu falyakfur”. Mun rék iman, pék iman sapageuh-pageuhna  iman. Tinangtu Allah SWT maparin kurnia anugrah kana éta kaimanan. Mun rékkapir, pék sing kapir sakapir-kapirna. Tinangtu Alloh SWT bakal maparin naon nu dipikahayangna kalawan gancang sanajan ngandung panyungkun (istijrod).

Lantaran ajén inajén haq ti Alloh SWT mangrupa kaimanan ka Anjeunna, geus tétéla. Kitu deui ajén inajén batil mangrupakakapiran ka Anjeunna (Q.s.Kahfi : 29). Iman atawa  kapir. Kari milih nu mana Taya alternatip séjén.

Ngan urang wé sok ngaya-ngayakeun. Nganggap kaimanan jeung kakapiran, soal énténg jeung ukur sawaktu-waktu.. Padahal nya di dinya pisan pernahna kalemahan, kasalahan, jeung kahéngkéran urang salaku Muslim. Ngaku iman tapi “satengah sapotong”. Split personality. Teu “hideung meles” teu “bodas nyacas.

Gorehél bae “abu-abu”. Urang iman ka Alloh SWT katut RosulNa, kana kitab-kitabNa, Malaikat-MalaikatNa, Poé ahir, sarta Qodo-QodarNa.  Tapi mindeng ngaculjeunkeun paréntah Alloh bari jongjon ngarempak nu dilarangNa , mapaharékeun tungtunan RosulNa. Ngarasa bébas tina panitén MalaikatNa. Katerangan KitabNa (Qur’an) tara diperhatikeun. Poé Ahir dipopohokeun. Takdir dilélécé.

Saur tokoh sufi Abu Yazid al Busthami, mun geus dina kaayaan kitu, urang geus aya dina wewengkon kapir. Sabab sikep urang geus ngandung aspék-aspék kakufuran.

Janari urang hudang. Salat tahajud. Munajat mudalkeun cimata. Miharep anugrah rohmat jeung ampunan Alloh. Karasa pisan, urang téh Mu’min, jalma iman.

Pabeubeurang,urang milampah dolim ka diri pribadi, ka sasama manusa, ka Alloh SWT. Korupsi, kolusi, népotisme, manipulasi, upat sinuat, jsb.,bari ngarasa pangimanna. Jajauheun ngarasakeun kapir.

Éstuning “abu-abu”. Leuheung mun kawas Abu Bakar ash Shidiq, sahabat utama Rosululloh Saw, nu paéh-poso ngabéla perjuangan Nabi. Leuheung lamun kawa Abu Jahal, musuh utama Rosululloh Saw, nu terang-terangan ngalawan  Nabi. Ngamusuhan Islam jeung umat Islam.

Boa urang mah teu béda ti Abu Nawas. Nu sakapeung iman, sakapeung kapir. Hayang ka sawarga, tapi pimanaeun da  teu boga bekel amalan sawarga. Ari asup ka naraka, sanajan rumasa réa dosa, pimaneun bakal kuat nandanganana.

Nya pantes wé rohmat ampunan katut pitulung Alloh SWT, hésé lumungsur ka urang.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: