• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Muhtar Solihin, M.Ag.;

Ngajak Umat
Balik kana Jatidiri

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Keluarga Prof. Dr. H. Muhtar Solihin, M.Ag. [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Mangsa-mangsa harénghéng balukar béda pilihan, bisa ngalantarankeun pacéngkadan. Tangtuna, teu hadé kalalanjoan, lantaran kabéh gé tunggal dulur sabangsa. Ngan, Kumaha ngungkulanana? Prof. Dr. H. Muhtar Solihin, M.Ag., Guru Besar Tasawuf UIN SGD Bandung medar pamanggihna. ***

Pilihan presidén geus lekasan. Hasilna, aya nu meunang aya nu éléh. Ngan béda pilihan, mémang ilahar. Nu dipiharep, tangtu mahing ayana pacéngkadan. Carana? Satutas nepikeun tinimbangan masing-masing, nu paling utama, némbongkeun kamampuh pikeun ngariksa diri masing-masing. Kitu di antarana jejer ngamimitan obrolan jeung Prof. Dr. H. Muhtar Solihin, M.Ag. basa ngobrol rinéh dikantorna Wakil Rektor II kampus UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

Masing-masing kayakinan mémang teu bisa dihalang-halang, ngan cék ieu guru besar élmu Tasawuf mah, sawadina ‘idealisme individu’ kudu balik deui kana jati dirina. “Sasih Romadon taun ieu, sawadina mampuh muragkeun dosa perdosa,” pokna jinek.

Ku kituna, payus pisan, upama bulan Romadon ayeuna, kaasup para tim suksés nu kamari jadi bobotoh, waktuna mulang deui ka masing-masing jadi dirina. Merenahkeun diri dina tempat rahayat murba. “Saha waé nu kapilih, kudu dianggap pilihan rahayat sakumna,” cék ieu pangarang buku ‘Melacak Pemikiran Tasawuf di Nusantara’ témbrés.

Upama Romadon disebut bulan mulya, mémang lain hartina tanpa gogoda. Dina panitén Prof. Muhtar Solihin, dina bulan romadon taun ayeuna gogoda téh leuwih beurat, pangpangna alatan lobana jalma nu lolong, teu mampuh ngadalikeun hawa nafsu keur nguruskeun kadunyaan, kaasup pasualan politik. Ku kituna, saha waé jalma nu mampuh ngadalikeun nafsuna, kaasup dina urusan politik, tangtu éta jalma darajatna bakal leuwih unggul tinimbang romadon saméméhna. “Ngan hanjakal, seueur kénéh nu teu mampuh ngadalikeun hawa nafsuna,” pokna.

Niténan kaayaan kitu, tangtu cék ieu Direktur jeung Pemilik Lissensi “Brain Quantum Center”, ahirna loba rambat kamaléna, kaasup kana pasualan ukhuwah umat. Dina kaayaan umat silih papanas, gontok-gontokan, tangtu  perlu ayana pihak-pihak nu mampuh ngajak sangkan balik deui kana jatidirina, pikeun némbongkeun kamaslahatan saréréa. Malahan, luyu pisan, upama dina bulan Romadon kiwari, para ulama sagancangna ngajak balik deui kana jatidiri nu leuwih mentingkeun kamaslahatan umat. Carana? Cék ieu Professor, ngahangkeutkeun deui silaturahmi, boh antar organisasi kaagamaan, boh antar ormas-ormas nu saméméhna silih cempad alatan béda pamadegan. Tina éta silaturahmi, saterusna jadi obor keur nyaangan balaréa ogé jadi ‘pamépés’ upama aya pacéngkadan.

Butuh Conto Tuladeun

Héabna politik dina pilpres kamari, karasa ka saban tempat, kaasup ka dunya pasantrén. Kituna téh, lantaran pasantrén ogé sering jadi kaulinan politik. Palebah dieu, cék Prof. Muhtar Solihin mah, saperti kiyai, ajengan, jeung sabangsana, sanggeus dijadikeun daya pangirut keur calon nu butuh ku sora masarakat, sawadina para kiyai ogé sagancangna méré ‘pencerahan’ keur kepentingan umat kalawan teu ngawilah-wilah golongan nu béda pamadegan saméméhna. “Pasantrén tempat tolab élmu sareng pangauban masarakat sabudeureunana. Lantaran kitu, masarakat  ogé butuh panuyun ti para kiyai atanapi ajengan, mangrupa conto tuladeun umat,” ceuk ieu Professor teureuh Bekasi téh.

Dina saban ganti kapamingpinan, mémang teu weléh dituturkeun ku rupa-rupa harepan. Kitu deui keur umat Islam, ceuk Prof. Muhtar Solihin, padika pamingpin téh écés naker, nyaéta méré pituduh jeung pangwawadi sangkan saha waé nu jadi pamingpin kudu ngalaksankeun pancénna, nepikeun ‘amanat’ ka masarakatna. Pangna kitu, saha waé nu kapilih, lain deui pamingpin hiji golongan, tapi pamingpin sakumna umat di ieu bangsa. Hartina, sabada pilprés, sawadina masing-masing pihak gé kudu balik deui kana tempatna. Teu kudu kalalanjoan kabeungkeut ku pasualan nu cikénéh kaliwat. “Insya Alloh, dina sasih Romadon nu mulya ieu, upami para ulama, kaum akademisi sareng para tokoh, tiasa ngajak balik deui ka tempat jati dirina masing-masing, kaayaan ogé bakal gancang tiis sakumaha biharina,” cék ieu Professor nu ogé pangarang buku ‘Memahami Hakekat Manusia’ gedé harepan.

Keyeng Ngudag Harepan

H. Muhtar Solihin lahir di Bekasi, 10 Juni 1970. Ieu putra H. Abd. Mu’in sareng Hj. Ma’atmah, ti leuleutik diasuh dilingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Solihin (kitu katelahna) mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Solihin pengkuh agamana ogé luhung pangabisana, nu ahirna kudu junun. Ku kituna, waktu Solihin sakola SD, SMP di Bekasi, sepuhna mah teu weléh nalingakeun, pangpangna dina sual ngaji élmu agama. Pangaping kitu, ngabuahkeun hasil. Muhtar Solihin gé, sakola satuluyna ditarima di PGAN Karawang.

Solihin beuki déwasa beuki buleud cita-cita. Lantaran meunang élmu adumanis antara élmu agama jeung élmu umum, atuh nuluykeun gé ka IAIN Sunan Gunung Djati Bandung (ayeuna mah UIN). Kaayaan kitu, H. Muhtar Solihin ogé sadar tur teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt., lantaran, satutas di Bandung beuki nambah élmu pangaweruh, beuki loba kawawuh, beuki loba lolongkrang keur ngamalkeun élmu pangaweruhna. Ngan nya kitu, sual élmu pangaweruh mah, keur Solihin, beuki nambah téh, singhoréng karasa asa beuki ngurangan. Ku kituna, saterusna mah nyiar élmu deui, kuliah ka Program Magister (S2) Pascasarjana di IAIN Medan, ogé saterusna Program Doktor (S3) di IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta, kalawan disertasi nu judulna, “Ilmu Ladunni Menurut al-Ghazali”. 

Ti dinya, gagasan jeung pamikiranana beuki loba mangpaatna. Karya-karyana, sering dipublikasikeun di saban média, saperti di Harian Republika, Pikiran Rakyat, Majalah Hikmah, Berita Buana, Radar Bandung, Khazanah, Mimbar Studi, Manglé, Nuqtah, Sosio-Religia Yogyakarta, Analytica Islamica Medan, Wawasan, jeung media séjénna. Nu ahirna, ieu pakar Ilmu Tasawuf, Psikologi Tasawuf, jeung Filsafat téh, nyangking Professor.

Di kalangan akademisi, ieu Guru Besar Tasawuf pangheulana di UIN SGD Bandung téh, kiwari nyangking Wakil Rektor II Bidang Administrasi Umum, Perencanaan & Keuangan UIN SGD Bandung ogé aktif ngadosénan di Pascasarjana. Sedengkeun saméméhna mah pernah nyangking Dekan Fakultas Ushuluddin, Pembantu Dekan III, Ketua Jurusan Tasawuf Psikoterapi, ogé Sekretaris Jurusan Aqidah Filsafat.

H. Muhtar Solihin, jenjang atikanana mémang pinunjul. Kituna téh lantaran deui, salawasna meunang Beasiswa Prestasi. Boh di kampus, boh di luar kampus, Muhtar Solihin ogé geus katelah konseptor onjoy. Saperti waktu jadi Dekan Fakultas Ushuluddin, sanajan pancénna tacan panceg dua taun, tapi gagasanana matak pikareueuseun. Saperti pernah nataras hadirna Iran Corner, International Class-Kerjasama Islamic College and Advance Studies (ICAS- London), Kelas Brimob Polda Jabar, Pengembangan Metode Tahfizh Qur’an Bahasa Isyarat (lisensi ti Yayasan Bunga Qur’ani-Iran], Program Periodik Seminar Internasional, Program Pengiriman Dosen Ushuluddin ka Timur Tengah, gawé bareng jeung Universitas Liga Arab ogé jeung Universitas Ain Syam [mangrupa Cairo Agency].

Kitu deui di luar kampus, tina hasil panalungtikan salila 8 taun, ieu carogé Hj. N. Bariroh geus nyiptakeun pausahaan konsultansi “Brain Quantum Center” [usaha di widang metodologi mutahir keur nga-upgrade guru, siswa, karyawan, menejer, ogé politisi jenius nu boga karakter trainer]. Dina widang organisasi, saabreg kagiatan, di antarana waé pernah jadi Pembina Rohani Sesko TNI, Pembina Rohani STPDN, Dosen Program S-2 STAI UMY Yogyakarta, Konsultan Ahli Sekolah International Class, mancén Team Monitoring jeung Evaluasi dana alokasi khusus (DAK) widang Pendidikan keur wilayah Indonesia Timur jeung pancén lianna.

Adumanisna pangalaman mancén di kampus, jadi nara sumber di seminar-seminar jeung tina neuleuman élmuna, Prof. Dr. H. Muhtar Solihin, M.Ag.,  teu weléh nyatetkeun catetanana jadi cutatan, boh dina wangun buku atawa dina karya ilmiah. Sapertina waé buku-buku nu medal, diantarana; Ilmu Tasawuf, Epistemologi Ilmu dalam Perspektif Tasawuf, Tasawuf Tematik, Filsafat Barat: Dari Klasik Hingga Modern, Ensiklopedi Tasawuf jeung puluhan buku sejenna, nu kiwari jadi bahan rujukan para mahasiswa nu nyiar élmu pangaweruh di Indonesia.

Sanajan sibuk ku kagiatan, boh di kampus boh di sababaraha organisasi, tapi ieu rama Syauqy Arinal Haqq, Ashfia Syahida, Muhammad Zulfa Azkiya, jeung Nafilah Ifhami Shofa, teu weléh tibelat ka lembur di Bekasi. “Kantenan, émut baé ka lembur mah. Ku kituna, kedah waé nyempetkeun waktos, supados tiasa amengan ka lembur. Margi sok nineung sareng hoyong pisan nepangan wargi-wargi di lembur,” pokna nutup obrolan. *** 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: