• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngurek

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook

Sabada kukurubutan di jalan satapak anu rembet aya kana satengah jamna, anjog ka hiji padataran. Di landeuh sawah ngampar, manjang duka tepi ka mana, da terus méngkol kahalangan ku gawir jeung tatangkalan. Ari legana mah masih katuturkeun ku panon. Tungtungna téh diwatesan dapuran awi jeung tatangkalan séjénna.

“Ieu téh anu disebat walungan purba téa, Pa,” ceuk Jang Ramdan. “Saurna di handapeun pasawahan téh aya walungan anu masih ngalir. Matak sapanjang pasawahan ieu mah henteu sesah cai. Dikali saméter dugi ka dua meter ogé cai téh tos ngaburial. Palih ka wétan mah malah henteu kedah dikali ogé patingburial di ditu-di dieu. Di tengah sawah téh seueur ciséké. Matak sawah ieu mah ledok pisan.”

“Nu penting mah sanés ledokna, Jang, tapi belutna réa,” témpas Pa Kamsi.

“Puguh deui belutna mah, Pa. Hayu wé urang cobian.”

“Is, tong rurusuhan ah,” ceuk Wa Ridwan. “Uwa mah leumpang sakitu gé asa rarincug ieu bitis. Ongkoh ieu téh asa karasa murilit beuteung. Mending muka heula bebekelan. Sok ah lilinggih di dieu, Jang.”

Kuring seuri. Ngodok Hp, kakara satengah tilu. “Enya, panas kénéh jam sakieu mah. Bada Ashar wé urang mah turunna,” cekeng téh bari nunda rangsel. Ngan kuring anu ngagandong rangsel gedé mah. Bebekelan saréréa apan dihijikeun. Nasi bungkus dibagikeun, botol cai dipurudulkeun, jeruk jeung apel pamekelan Bu Kamsi dikaluarkeun.  

Nasi padang sagedé emuk téh ngan sakotéap. Duka pédah lapar duka lantaran beuki. Kuring mah jeung Wa Ridwan terus ngarongkong apel. Sedeng Pa Kamsi jeung Jang Ramdan ngalurkeun senjata pamungkasna, roko jeung béngsin. Cetrék béngsin, pelenyun udud. Pa Kamsi mah nyedotna oge sok rada panjang, atuh palebah ngaluarkeun haseup make dibarengan ku nyoara “sppuuhhhh….”. Cenah mah pangni’matna ngaroko téh palebah “sppuuhhhh….”-na téa.

“Hanjakal nya, Wa, Pa Yayat teu ngiringan,” ceuk Jang Ramdan.

“Enya. Lamun aya Pa Yayat mah ayeuna téh geus susuguh jeung mapatkeun jangjawokan,” témbal Wa Ridwan. Atuh saréréa sareuri.

Enya, grup ngurek di kompleks Bandung Lingih Asri téh saenyana mah aya kana tujuh urangna. Anu disebut grup ngurek téh anu resep kana ngurek rada kamalinaan. Salian ti nu opatan anu ayeuna kukurubutan ka wewengkon paleuweungan Majalaya, ogé aya Pa Yayat, Pa Sip, jeung Mang Heri. Ngan anu tiluan mah aya halangan.

Ari kuring, duka kumaha kana ngurek téh ti resep leuleutik. Pangalaman disanggut belut mimiti saacan sakola, meureun umur lima atawa genep taun, masih inget nepi ka ayeuna. Basa keur kuliah, kungsi nyobat jeung Abah Suadma anu umurna genep puluh taunan, tukang cukur DPR alias Di Bawah Pohon Rindang di Dago, lantaran Abah Suadma mah leuwih ti jago kana ngurekna ceuk kuring mah.

Basa pindah ka kompleks Bandung Lingih Asri, asa jol-jol betah. Teu pira mimitina mah panggih di sawah tukangeun kompleks jeung Pa Kamsi. Panasaran mimitina mah, keur kukurilingan ka sabudeureun kompleks, geuning tukangeun perumahan téh pasawahan satungtung deuleu. Pasosoré kuring mapay-mapay galengan bari nyakuan urek. Barang manggih liang mah nya terusna nagog. Harita téh hujan ujug-ujug ngagebrét. Kuring ngiuhan di warung kopi. Kabeneran Pa Kamsi ogé ngiuhan. Tungtungna mah ngobrol we ngeunaan ngurek panjang lébar. Cenah, bapa-bapa anu raresep ngurek téh sok ngarariung. “Engke diwartosan pami ngarariung,” pokna téh.

Ku pangaresep mah henteu lila ogé kuring akrab jeung grup ngurek téa. Biasana lamun malam minggu atawa kabeneran pakanci, sok silih béjaan pikeun ngariung. Tempatna mah henteu matuh. Sakapeung di bumina Wa Ramdan, Pa Kamsi, Pa Yayat, di imah kuring ogé mindeng. Kitu wé saha anu siapna pikeun nyuguhan alakadarna.

Lamun ngariung, aya dua perkara anu jadi bahan wangkongan. Kahiji ngarencanakeun isuk arék ngaprak ka sawah mana. Kadua, henteu aya rencana ngaprak, tapi ngawangkong perkara ngurek anu rarasaan mah henteu aya anggeusna. Biasana ngawangkong téh sok dibaturan ku wayang beunang ngadownload Jang Ridwan tina internet.

Ari bahan wangkongan, naon waé ngeunaan ngurek. Kabéh anggota grup mah kungsi medar pangalaman mimitina resep kana ngurek. Atuh terusna naék kana pangalaman-pangalaman ngurek anu inget waé atawa anu rada ahéng. Tah, lamun seug keur ngawangkong téh heug aya dongéng ngurek anu ahéng, kabéh anu ngadéngékeun sok kekecrék. Minangka panghormat ka anu ngadongéng, sok terus ngalaluarkeun duit, aya anu dua puluh réwu aya anu tilu puluh réwu. Duit anu ngumpul téh saenyana mah hak anu ngadongéng anu dianggap ahéng téa. Tapi da tara disakuan. Sok terus jadi lalawuh tambahan. “Ieu mah ngarah leuwih panjang deui wé dongéngna, kumaha upami urang tambah deui ku nasgor, martabak, kopi we jeung roko.” Kitu ceuk anu dongéngna ahéng téh. Atuh purah ngaberengbengna mah apan aya Jang Ramdan, da manéhna anu pangbudakna.

Kakara dua dongéng saenyana anu diaku ahéng ku saréréa mah. Kahiji dongéngna Pa Yayat. Kieu dongéngna téh: di tukangeun imah Pa Yayat (meureun imah kolotna) aya urut lisung. Ari narapi paré meunang nutu sok matuh ka solokan saat. Solokan téh cenah luhurna mah katingali huut tapi ari handapna mah leutak. Mindeng kacaritakeun anak hayam leungit sanggeus ulin ka urut lisung téa. Diintip waé cenah ku Pa Yayat téh. Ari pék ti lebah solokan saat téa, uanggal aya anak hayam ka dinya, aya anu nyurungkuy. Ngan sakilat cenah anak hayam téh aya anu nyamber, terus ngabebes ka jero solokan saat.

Harita kénéh dijieun urek tina paku beton. Eupanna anak hayam. Urek téh ditalikeun kana suku hayam. Hayamna dicangcang deukeut solokan garing téa. Diintip wé cenah bari tali anu dipanjangan téh dicekelan. Mimitina huut luhureun solokan téh cenah oyag. Terus aya anu nyurungkuy. Teu kanyahoan cenah nyamberna mah. Ngan barang tali kabetot, ditahanna ogé kuduaan. Aya kana opat jamna pabetot-betotna ogé. Tungtungna mah dikali, horéng meulit kana akar sélong. Atuh belutna sagedé bitis téh lain heureuy. Dipais kabagéan nepi ka tatangga.   

Basa carita éta didongéngkeun, saréréa nganggap ahéng. Sung-song salambar dua puluh réwuan ka hareupeun Pa Yayat anu seuri ngagakgak sugema pisan.

Dongeng kadua anu kapilih téh nyaéta dongéng kuring. Lain dongéng kuring sabenerna mah, tapi dongéng Abah Suadma. Ceuk Abah Suadma, ngurek mah henteu kudu di sawah, balong atawa situ waé. Di handapeun tangkal kai ogé bisa, asal taneuhna baseuh. Baheula, di tukangeun gedung sate ayeuna, réa tangkal kai gedé. Abah Suadma manggihan liang sagedé pingping. Liangna enya henteu katingali da kahalangan ku jujukutan. Abah Suadma yakin éta téh liang belut. Tapi kumaha ngurekanana liang sagedé kitu?

Lantaran panasaran, urek ngahaja nyieun anu gedé. Dua urek malah dihijikeun. Eupanna henteu ku bancét, tapi ku bangkong. Pasosoré urek téh diasupkeun kana liang. Talina dicangreudkeun kana pancuh. Isukna subuh-subuh bada solat subuh ditéang deui. Maksud téh dina nyanggutna ogé ngarah teu éra ku anu daratang gawé. Enya wé tali urek téh geus kabetot kana liang, pancuhna gé nepi ka doyong.

Maksud embung kabeurangan téh geus der pabetot-betot mah geuning henteu bisa. Dua jam téh henteu anggeus. Tungtungna mah pagawé pemda anu mimiti rabul ngarogrog narempokeun. Malah aya anu nyelangan manteng urek sagala. Sanggeus dua jam leuwih meureun belut téh rada leuseuh. Unggal méréan saeutik, ditarik téh henteu nyedot deui saperti mimiti. Tungtungna katarik kabéh, logodor téh sagedé pigeulang leungeun kolot. Atuh anu lalajo surak. Sawaréh ngabantuan ngagebug belut anu motah.

Saenyana loba dongéng ngurek meunang belut gedé mah, malah aya anu cenah meunang belut sagedé tangkal kalapa, tapi saukur ngadabrul wungkul, henteu kaharti ku logika. Jadi dongéng anu dianggap ahéng, anu dihormat ku saréréa mah, dongéng anu asup akal, henteu mustahil kajadianana.

Tah, basa ngaprak opatan ka Majalaya téa, balikna téh dioléh-oléhan dongéng anu ahéng. Enya mimitina mah ngurek téh di sawah. Henteu nyalahan pamanggih Jang Ramdan, di sawah anu disebut walungan purba téa, loba pisan belutna. Sakapeung ngurek téh henteu nangtung da ukur géséh saméter aya liang anyar, bari unggal liang téh nyaranggut. Pa Kamsi mah meunang sapuluh siki sajam nguriling téh. Ngan hanjakan belutna paling gedé sagedé cinggir. Lolobana mah malah sagedé nyéré téh lain bohong. Paingan Jang Ramdan ngawawadianan ti mimiti, nyandak urek alit da di ditu mah seueur belut jarami.

“Jang, enya belutna mah seueur, darolog deui dieupanan cacing ogé,” ceuk Pa Kamsi basa nyelang ngaroko bari diuk dina galengan. “Tapi Bapa mah hayang anu rada manteng ieu téh. Sigana di balong ogé seueur belutna di daerah dieu mah.”   

“Tos jarang balong di dieu ogé, Pa,” tembal Jang Ramdan anu sarua melenyun heula. “Aya ogé balong….”

“Tah, di balong éta wé yu ah. Keun we anu duaan mah sina anteng ngalaan belut jarami.”

Tapi basa Pa Kamsi jeung Jang Ramdan naék mah ti sawah, kuring jeung Wa Ridwan ogé nuturkeun. Jang Ramdan ngagandong rangsel bebekelan.

“Sakalian ka lembur Bibi téa waé atuh, Jang,” cekeng téh bari ningali hp. “Tuh, tos ampir jam lima geuning ieu téh.”

“Muhun da balong mah caket lembur, Pa,” témbal Jang Ramdan. Rencana téh apan rék ngéndong di bibi Jang Ramdan. Tah, isuk rencana ngaprak saenyana mah.

Enya wé balong téh lega jeung sigana geus aya umuran. Lain balong meunang ngali sabulan dua bulan kamari. Pa Kamsi mah terus sisingkab jukut sisi balong. Kuring jeung Wa Ridwan mah nyelang heula mesék jeruk. Ari Jang Ramdan, kalah nyerangkeun ti kajauhan bari melenyun udud.

“Tah, ieu kakara disanggut belut…!” Pa Kamsi ngagorowok. Dirérét téh enya wé kenurna mani manteng. Kuring jeung Wa Ridwan nyampeurkeun. Kabita geus ningali pabetot-betot jeung belut gedé mah.

“Uwa mah wani nraktir da engké wengi, asal ngajaran ngabetot belut balong,” ceuk Wa Ridwan.

“Hiss… sok teu ramé nanaon téh,” témpas Pa Kamsi bari ngahéhé. “Sigana di balong ieu mah seueur, Wa, da teu aya  tapak anu ngurek.”

Duka sabaraha menit Pa Kamsi narik-ulur urekna. Tungtungna mah belut téh leuseuh meureun, da terus méréan bari henteu metot sabedas tadi. Goréntél téh belut sagedé indung suku kolot. Pa Kamsi ka sisi bari ngahaha bakat ku bungah. Belut anu gogoréntelan téh diketig sababaraha kali ogé leuleus.

“Héy… teu meunang ngurek di balong déwék!” Aya anu ngagorowok di tungtung balong belah kulon. Tangtu waé reuwas. Tadina mah nyangka anu ngaheureuyan. Tapi barang karérét aya anu ngagedig enya ogé leumpangna siga anu ingked-ingkedan, kuring kerung ogé.

“Bangkawarah siah ngurek di balong déwék!” pokna deui sanggeus deukeut bari tutunjuk ka Pa Kamsi.

“Aduh, punten waé Bapa, ngiring ngurek teu wawartos.” Wa Ridwan anu némbalan téh.

“Dipelakan belut di balong déwék mah deuleu! Kadieukeun éta belut téh!”

Saréréa ngaharuleng. Puguh kakara ngalaman saumur-umur aya balong dipelakan belut, jeung anu ngurek dirampas belutna. Ari kuring, gancang ngadedetkeun topi da puguh kungsi wawuh ka si Bapa téh. Sirahna beuki botak, rambutna ngan di sisi, hideung ngan teu rata mulasna da huisna mah angger katémbong. Biwirna jabléh semu gararing. Pameunteu wé siga anu barareuh, siga anu gering.

“Kieu waé Bapa, kumaha upami ieu belut téh dipésér ku abdi lima rébu rupiah. Unggal belut anu kénging ti balong ieu abdi mayar lima rébu rupiah,” ceuk Wa Ridwan.

“Sapuluh rébu. Kadieukeun heula duitna!” témbal si Bapa.

“His… teu puguh atuh, Pa, apan teu acan puguh kénging sabaraha-sabarahana ogé hehe….” Wa Ridwan ngahéhé. Pasti ngarasa lucu ku pangalaman poé ieu.

Kuring ngilu seuri, seuri maur. Dasar jelema hawek, nyangkana téh ngan duit anu bisa nyugemakeun hirup. Belasan taun katukang kuring kungsi wawuh ka si Bapa éta. Sutardi ngaranna téh. Kungsi jadi pejabat di Disdik Kabupatén Bandung, jadi kabid Sejarah. Kungsi ménta tulung ka kuring, nginjeum bendéra perusahaan pikeun nganggeuskeun proyék manéhna anu magol. “Upami ieu proyék teu diréngsékeun énggal-énggal, Pa Kabid tiasa dipecat,” ceuk stafna. Da puguh waktu samporét, diuruskeun wé proyék téh maké bendéra perusahaan anu kuring. Naha ari geus réngsé, panggih geu jeung kuring embung. Ngan nitipkeun duit ka stafna dua ratus lima puluh rébu keur ngagantian ongkos. Sanggeus dipaksa daék ngagantian ongkos urut uras-urus susuratan. Ditanyakeun séwa bendéra mah ukur ngabalieur. “Da teu aya perjangjian ti tadina,” pokna téh. Tangtu waé kuring bingung. Kakara manggihan aya anu nginjeum bendéra perusahaan, lain nginjeum meureun istilahna da sagala diuruskeun ku kuring, tapi henteu mayar séwa-séwana acan. Teu apaleun kitu boga bendéra perusahaan téh kudu mayar pajak taunan.

Ayeuna kaalaman deui. Sapanjang ngurek téh pikiran mah hulang huleng. Sakapeung seuri sorangan. Aya geuning jelema siga kieu. Matak basa Pa Kamsi meunang deui, Wa Ridwan ogé meunang, kuring mah nyamos teu disanggut-sanggut acan.

“Meugeus ah geus sore. Bayar éta belut, meunang sabaraha hiji?” ceuk si Bapa téh. Katingali di belah kulon siga aya anu nyusulan.

Wa Ridwan jeung Pa Kamsi nyampeurkeun. Meunang lima belut téh. Teu loba omong Wa Ridwan ngaluarkeun duit lima puluh rébu rupiah.       

“Bapa kamana waé, ku abdi dipilarian. Tong jalan-jalan ka tempat kieu,” ceuk anu nyusul sanggeus deukeut. Manéhna unggeuk ka Pa Kamsi jeung Wa Ridwan. “Kumaha upami Bapa kacugak. Saur dokter apan raheut sakedik ogé Bapa mah tiasa parna. Diabet Bapa apan teu acan saé. Hayu uih ayeuna.”

Tah pangalaman éta anu dianggap pangahéngna salila ngurek téh. Basa didongéngkeun ku Wa Ridwan ka grup ngurek, saréréa sung-song nyimpen duit lima puluh rébu rupiah.

“Angger wé anu ahéng mah kalakuan jelema nya,” ceuk Pa Yayat.

Saréréa seuri. Seuri maur. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Pandit

lumayan, temana kirang kiat.

Pandit

lumayan, namung temana kirang kiat. Hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: