• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Cimata Di Kurusétra

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

WANCI tunggang gunung...

Tegal nu upluk-aplak, nyésakeun kakeueung jeung ketir hawa pangperangan. Bau hanyir getih kaambeu kénéh, jiga nu ngahaja narojosan kana unggal-unggal liang irung. Mamaksa asup kana jero ratugna jajantung, sumarambah kana gudawangna rasa, sésélékét kana rawékna haté. Ngingetkeun; lamun di ieu patempatan, loba raga-raga ngababatang. Layon-layon nu patulayah, anu sakapeung jiga réek arusik deui, rék gerak deui. Kaangkat-angkat, kagulang-gapér, balas raga ruwak-rawék diparacokan manuk-manuk bangké, bangun nu keur pésta.

Pedang rupa-rupa ukuran, gada, tumbak, jamparing-jamparing nu geus parotong, jeung topi-topi prajurit. Ngalimba, semu dareuda; kawas nu méménta dipangbalikeun ka nu bogana séwang-séwangan. Baeu teuing! Sanajan salaku prajurit anu salamet, atawa salaku prajurit––anu ayeuna keur ngababatang––nu maot dina tungtung pakarang, boborkarahayuan.

                Ngajengjen, nangtung nyipta patung. Ngarca, di antara raga-raga tanpa nyawa. Miceun sagala rasa, jeung pancaindra. Awak nu tiis caméwék, jeung beungeut nu pias: milu mulaskeun saulas warna baluas.

                Teuing geus sabaraha; kaleungitan budak, kaleungitan sakabeh budak-budak kuring. Sakabéh budak-budak Pandawa. Budak-budak ti unggal-unggal indung; anu bisa waé diantara maranéhna, teu kungsi kaasuh ku kanyaahna indung. Anu datang teu pupuguh; hayang babantu mélaan Pandawa. Seja seba diri ka nagri, séba raga ka nagara, sangkan unggul di pangperangan.

                “Gusti..! Rido kénéh sim kuring anu dipundut téh, kanggo gentosna.”

                Brek deku, bareng jeung murubutna deui cimata. Poho ditemahwadi, poho disaha kuring. Anu disebutna satria; kasebutna pantrang muragkeun cimata.

                “Lamun téa mah kudu digugu; cimata salautan bakal ngolétrak, saat! Teu dék kitu kumaha; budak anu diagul-agul, diharepkeun salila ieu sangkan neruskeun kalungguhan, kudu miheulaan perlaya di pangperangan. Bari jeung... Gusti! Awakna nu gagah, kudu ngalaman rajét dihakan ku ratusan jamparing-jamparing, kapanggang badis awak landak. Teu, teu rido!”

                Pasemon badis waja, nu atah pangbeuleuman: Teu kuat ngayonan panasna amarah, nu marudah teu suda-suda.

                Di jomantara, béh kuloneun matapoé jiga nu dék mimiti surup. Kawas nu keuna wisaya, nyaksian rosana Bratayuda.

                “Lamun kudu dipénta, can waktuna anjeun kudu surup. Saméméh aing males kanyeri!” ramo-ramo tikekereket, nahan napsu nu ngagegedur, ngagolak jero dada. “Aing! Bakal nyébakeun raga aing kana jero durukan seuneu, lamun can tuntas males kanyeri ka Si Jayadrata, dina poé ieu kénéh. Urang Astina, montong disumputkeun siah!”

                Enya! Kagagahan, ninggalkeun ragana. Kasedih, ninggalkeun nguyungna. Éta kabéh teu bisa mulangkeun deui ka nu geus waktuna kudu mulang, ngahadep ka Ilahirobbi.

                Teu bisa mulangkeun deui; antara waktu nu ayeuna kana waktu nu tadi. Kaayaan nu ayeuna kana kaayaan nu tadi. Kaayaan dimana kuring, Kakang Bima, jeung Kakang Batara kudu ngayonan laskar Samsaptaka. Anu geuning saukur pitapak, sangkan ngajauhan tina tempatna Kurawa anu dék ngagelar taktik perang Chakrawahyu kana kaayaan ayeuna, anu dimana anak kuring; Abimanyu geus nemasing pati, perlaya di médan laga.

                Licik! Guru Dorna nyaho; ngan kuring, Kakang Bima jeung Kakang Batara, anu apal kana taktik perang éta. Teu! Teu percaya sacongo buuk gé. Ngan... nyéta atuh.

                Abimanyu pupujaning ati. Naha bet anaking nu nyaho, nu apal kumaha carana norobos kana taktik Chakrawahyu? Sok sanajan ngan saukur ngadéngé basa hidep keur dina kandungan. Naha?

                Subadra, naha Salira téh Geulis bet kasaréan, nalika Kakang Batara ngawejang: Chakrawahyu? Anu saterasna ngajantenkeun Abimanyu teu apal kumaha carana kaluar tina taktik perang Chakrawahyu. Naha? Duh Gusti... naon atuh kalepatan abdi.

                Abimanyu! Bapa bagja. Hidep nu maksakeun salira, pedah hidep nu apalna. Sok sanajan kudu ditebus ku nyawa. Bapa iklas...

                Duh... teuing nu kasabarahakalina, ieu leungeun ngusapkeun deui kana juru panon. Ngarah caina henteu kaluar, teu murag kana lemah...

                Hidep asup kana pormasi Chakrawyuha, dibantosan ku wargi-wargi ti Pandawa. Ngan...

                “Jayadrata! Tunggu ajal Sia! Ulah sambat kaniaya siah!” beuki geremet.

                Si Jayadrata anu maké anugrah Déwa Siwa, sanggup ngungkulan Pandawa nu ngabantu anaking––iwal Bapa––sok sanajan ngan saukur bisa dipaké keur sakalieun.

                Tapi teu mareumkeun sumanget hidep, anu terus nguwak-ngawik ngababi-buta meuyarkeun pormasi Chakrawahyu. Teuing sabara-ratus nyawa satria jeung prajurit nu ngalayang. Nepikeun ka Si Suyudana ngamuk, sabab taya nu bisaeun nembus kana baju zirah hidep.

                Licik! Dorna maréntah Dipati Karna, sangkan ngaruksak gondéwa hidep. Ngabongohan ti tukang; ngaruksak karéta perang, ogé maéhan kusir jeung kudana.

                Hidep masih kénéh bisa ngalawan, tangka pedang hidep potong, jeung gilinding karéta anu dipaké taméng ku hidep ruksak, burakrakan.

                Prajurit Kurawa nu geus teu make lilingeran, nyerang hidep ku samakta pakarang. Nepikeun ka awak hidep kapancir ku ratusan jamparing. Éta bukti supata hidep ti Dewi Utari; daék dikawin asal hidep tacan boga pamajikan. Terus hidep kedal sumpah ‘Lamun kuring geus boga pamajikan, kuring siap paéh bari katojosan ku sagala pakarang, engké dina perang Bratayuda’ bari padahal hidep téh geus boga Dewi Siti Sundari, pamajikan hidep.

                Sanajan awak geus pinuh ku tatu ti pakarang anu manggang, jeung geus teu bisa leumpang. Hidep masih keneh bisa ngalawan, bisa kénéh ngulangkeun Keris Pulanggeni, mateni Laksmana Kumara, budakna Si Suyudana Raja Astina. Anu saméméhna nembus heula kana opat awak prajurit.      

                Sanggeus langsang anu napel dina dada hidep leupas, ku Gada Kyai Glinggang atawa Galih Asem, Si Jayadrata maéhan hidep.

                Duh... deudeuh teuing Abimanyu; buah haté mustika kembang soca Bapa di pawenangan... hampura bapa, anaking... hampura...

                ***

               

WANCI sariak layung...

                “Ké, poé! Tong waka surup. Saméméh aing nugel-jangga Si Jayadrata!”

                Napsu nu ngagugudrag, meh-mehan teu kawadahan.

                Sabenerna kuring teu ngaharepkeun ayana peperangan. Leuwih hadé milih bubuara, tukang ngalalana di leuweung tibatan kudu silih ala pati jeung pamili, silih ala nyawa jeung baraya. Parebut nagara, jeung paraséa alatan licik-cilimitna; Emang Sangkuni.

                “Rai! Rai Arjuna, teu kenging katalanjuran teuing, Rai!” sora datang, béh tukangeun.

                “Aeh... Kakang Batara, duh kumaha nasib rai?” cong nyembah, tanda ajrih ka jelema titisan ti Hyang Wisnu.

                “Perang mah ngarana gé perang, anggur urang dungakeun; supados urang Pandawa sareng urang Kurawa, aya dina kaunggulan.”

                “Maksadna!”

                “Enya aya dina kawilujengan!”

                “Atuh moal aya éléhna, moal aya anggeusna, teu kahartos?”

                “Bibit-berewit perangna Bratayuda; Kakang Sangkuni.”

                “Yaktos!”

                “Mudah-mudahan, lain rasa ngéwa, kageuleuh, sareng kaceuceub. Anu ngajantenkeun ayana pangperangan ieu!”

                “Sumuhun.”

                “Mudah-mudahan, Bratayuda ieu téh; clik putih clak hérangna ti para pangagung, satria, sareng tamtama, anu leres-leres buméla ka nagarana. Nu matak urang du’akeun; lamun téa mah meunang, sing meunang dina rido Alloh. Lamun kudu éléh ogé, mudah-mudahan dina idinna Alloh. Lamun tos kitu, nu éléh nu meunang; duanana kasebat meunang, mungguh Pangéran.”

                “Tapi, Kakang Batara?”

                “Naon deui!” mecrong seukeut.

                “Lamun kedah jujur, rai teu hoyong ayana perang ieu?”

                “Jeung... dék ngantepkeun angkara-murka, ngawasa alam marcapada ieu!” nempas, semu teugeug.

                Kuring ngeluk, asa kapeupeuh.

                “Lamun Bratayuda teu aya, jigana urang moal kaleungitan; budak-budak urang, satria-satria urang, pangagung-pangagung urang, atawa hiji indung; moal kaleungitan budakna, atawa hiji istri anu moal kaleungitan salakina!” maksakeun deui nembalan.

                “Ehem...! Rai sadar teu, perang téh takdir?”

                “Maksadna?”

                “Urang moal nyaho, naon tujuan ayana pangperangan ieu?”

                “Teu acan?” pondok.

                “Rai Arjuna! Hidep téh satria, mana tanda kasatriaan téh? Naha cukup ku nganggo raksukan senopati bari mamawa pakarang, sareng nganggo kareta kuda. Sing inget eum! Tong ngerakeun para déwa atuh; anu salila ieu méré bekel pusaka sareng kasaktian ka Rai!”

                “Naha maéhan téh darma, anu di kedahkeun ku saurang satria?” ngawani-wani baha.

                “Rai maéhan demi bebeneran! Jeung sagala nu kajadian dina pangperangan ieu, kabéh gé jalan karma keur unggal-unggal manusa. Contona; Resi Bisma, geus rido masrahkeun nyawana demi nebus sakabéh dosana. Lamun diantepkeun, naha ngajamin hirupna bakal bagja?”

                “Pan lain urang nu ngatur?”

                “Bener!” Batara Kresna, gumujeng kagugu. “Ngan bener teuing!”

                “Maksadna?”

                “Rai... gunakeun otak, tong ngagunakeun haté keur nganggeuskeun masalah ieu.”

                Kuring ngeluk, béak sagala piomongeun. Teu kawawa, brek deku.

                “Kakang Batara, lérés kitu pakarang ieu nu parantos nganteurkeun nyawa Abimanyu ka alam kalanggengan téh?” bari ngacungkeun jamparing nu geus potong.

                “Enya!”

                “Bisa waé, Pusaka Pasopati rai gé sami bakal maéhan ku cara nu sarua? Sarua; nganterkeun nyawa saurang budak anu jadi pupujaning ati kolotna ka alam baka?”

                “Enya!”

                “Atuh lamun kitu mah, rai badé masihkeun deui Pasopati rai, ka Hyang Batara Indra?”

                “Kumaha urusan Rai téa?” Batara Kresna surti, nyalengorkeun omongan.

                “Urusan naon téa?”

                “Si Jayadrata!” mancing-mancing.

                Demi ngadéngé ngaran éta; sakabéh kasedih, kahariwang, leungit teu sakara-kara. Kaganti ku mudalna rasa amarah, kaceuceub anu ngabebela.

                “Waktu geus samporét, kudu dibereskeun tong diengkékeun deui!” Batara Kresna imut, kagugu ku polah kuring. Apal kana kalemahan kuring; anu babarian leumpeuh, kapangaruhan.

                Katangen, Kakang Batara ngaluarkeun pusaka andelanna, Cakra. Saterusna dipentangkeun ka jomantara. Dadaksakala, langit nu bieu caang, jadi poék lir poékna peuting. Di dieu gagahna Cakra; anu bisa moékeun alam dunya. Anu maksud jeung tujuanana; sangkan sakabéh Kurawa nyangka, lamun peperangan poée ieu geus réngsé.

                Kakang Batara nitah ka kuring mentangkeun gondéwa ka arah nu keur dodongkoan. Basa langit caang leupas tina pangaruhna Cakra, Si Jayadrata geus ngababatang; beuheungna ka pancir ku jamparing anu ku kuring di bekaskeun tadi.

                Wanci, geus sareupna...

                “Hatur nuhun poé, anjeun geus méré lolongkrang ka kami.”

***

28 Desember ‘08

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

adhitya

carita ieu leuwih dikenal di dunia pawayangan, sareang jadi ciri numandiri dina sajarahna perang Baratayuda... upami dileunyeupan aya nu rada hese ditarima ku akal, dimana se orang resi dan seorang barata yang katanya dapat mengetahui sesuatu sebelum terjadi, bisa kahasut ku anak cucuna, padahal maranehna teh paduduluran...cag.

ieu nujadi can sreg dina

Lubis Bambang Purnama

Kataji carita sae.....nuju usum ngaguar mahabrata..namung versi pawayangan sunda langkung ngeusi mundel ku luang, hatur nuhun...

komara

Kungsi maca carpon Kumbakarna yasana Saleh Danasasmita dina buku kumpulan carpon Anting Perak.Teu karasa merebey cimata waktu nyaritakeun Kumbakarna gugulutukan hayang panggih jeung Wibisana adi nu dipikanyaahna. pagaliwotana eusi hate Kumbakarna asa jadi eusi hate sorangan. Beda pisan jeung carpon CdK di luhur, ieu mah asa cawerang deet eusi heunteu nyari.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: