• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si.;

Waktuna Silihélédan

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1407383325.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Ilaharna, béda pilihan bisa nimbulkeun pacéngkadan. Tapi, ulah nepi ka pegat duduluran. Malah, waktuna silihélédan! Kitu jejer obrolan Manglé jeung Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si., Guru Besar UIN Sunan Gunung Djati, Bandung. ***

Pilihan geus lekasan, baligo jeung poto capres geus diéntépan. Tapi, pasualan can tutug carita. Lalakon pilpres masih nyésakeun pasualan nu bisa jadi ngalantarankeun pacéngkadan. “Tapi, satutas réngsé pilihan mah, pasualan béda pilihan téh kedah tos réngsé,” ceuk Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si., Direktur Pascasarjana Univesrsitas Islam Negeri (UIN) SGD Bandung.

Pilihan presiden, ceuk Prof. Dadang, ukur bagian tina lalampahan bangsa dina nangtukeun kapamingpinan. Tapi, nu leuwih penting keur balaréa mah, sabada pilihan téa, sangkan pamingpin anyar jadi cukang lantaran kamaslahatan masarakat sakumna. 

Najan kitu, ceuk ieu pakar Sosiologi Islam, lain hartina taya nu misti dibebenah. Da, remen kasaksén, pilihan nu lumangsung ku masarakat téh, nyésakeun pasualan-pasualan anu bisa ngabarubahkeun balaréa. Kawas milih législatif, apan masarakat saperti nu ‘asal’ milih, teu apal balukarna. “Seueur nu pantesna jadi pilihan masarakat, tapi teu kapilih. Sabalikna, nu teu kurup kapilih, bet diparilih,” pokna.

Ajén pilihan loba rambat kamalena. Milih nu teu jeung jeujeuhan, tandaning ajén nu milih nu misti dibebenah. Da, keur nu dipilih mah, lir ibarat nu dagang, ‘kersa galeuh, teu kersa ulah geuleuh’. Hartina, ajén nu kapilih téh gumantung pisan kana ajén nu marilihna.

 

Mahing Pacéngkadan

Lir pucuk angin, gampang naker luak-léokna. Angin ti kidul léok ka kalér, angin ti kalér léok ka ka kidul. Kitu deui sora rahayat, luak-léok kumaha nu mawa! Atuh, mun nu mawana dua pihak, saperti dina pilpres, sora rahayat gé kabeulah dua.

Ajén nu milih, mémang rupa-rupa. Aya nu sadar kana pilihanana, aya ogé nu ukur kababawa ku nu ngajak. Ngan, satutas sora rahayat jadi angka, ajén nu milih téh taya bédana. Nu nyésa, ukur balukarna.

Upama nu milih teu apal saha nu kudu dipilih, bisa jadi lantaran hengkerna pangaweruh anu milih téa. Da, bisa sotéh nangtukeun pilihan nu hadé, upama ajén nu milihna hadé. “Paktor atikan gé nangtoskeun ajén pilihan,” pokna.

Kurangna atikan, ngabalukarkeun kurangna kasadaran milih nu bener-bener hadé ajénna. Nu milih, bisa jadi kurang jeujeuhan, malah moal mikirkeun keur dangka panjang. “Apan, nu milih téh loba nu ukur kabita ku nu saayeunaeun, asal aya paméréna,” ceuk ieu urang Cipadung Bandung téeh.

Kanyataan kitu, ogé tumali jeung kurangna karaharjaan. Masarakat loba kénéh heureut pakeun  dina nyumponan kabutuh sapopoéna. Ku lantaran kitu, antukna mah, katarik ku pangbibita. “Daék milih téh, lantaran aya ‘buruhan’ nu sipatna saharitaeun,” pokna.

Tina béda pilihan, balukarna bisa jadi bengkah duduluran. “Ku margi kitu, masing-masing pihak kedah langkung mentingkeun kamaslahatan balaréa,” pokna.

Kitu deui para pamingpinna, sawadina ngaheulakeun kapentingan balaréa batan ngeukeuhan kakawasaan. “Upama pamingpinna teu ‘manasan’ masarakat, di tingkat rahayat gé moal dugi ka pacéngkadan,” ceuk ieu Doktor Sosiologi téh.

Upama pacéngkadan di antara masarakat hésé dibébérésna, tangtuna ogé bakal loba rugina. Lantaran tanaga  nu mistina dipaké keur ngahontal rupa-rupa kamajuan jeung kamaslahatan, bakal béak ukur dipaké ngagugulukeun pacogrégan.

Dina nyanghareupan kaayaan nu harénghéng kitu, misti aya pihak nu bener-bener bisa ngungkulan éta pasualan. Carana, pamaréntah kudu tegas nanjeurkeun aturan. “Kategasan pamaréntah, baris tiasa nyegah hal-hal nu matak ngarugikeun balaréa,” pokna tandes naker.

Geusan nyegah pacéngkadan, mémang di antarana téh masing-masing pihak kudu napak kana moral agama. Ngan, nya kitu, atikan agama di masarakat téh kacida hengkerna. Katerangan agama, mémang loba saperti dina televisi, radio, jeung sajabana, tapi  henteu teleb, tacan nodél kana haté.

Da’wah  ‘nu lir dina beungeut cai’, tacan keuna kana mamaras rasa. Padahal, intina ajaran agama mah, lain ukur pangaweruh, tapi larapna dina paripolah. Kitu ceuk ieu urang Profesor Dadang témbrés.

Nilik ka dinya, hartina kudu aya tarékah séjén. Da, kumaha waé ogé katerangan agama téh kudu nepi ka masarakat sakumna kalayan teleb kana masing-masing haténa. “Atuh sakedahna, para da’i téh nyumpingan masarakat, sanés ukur ngantosan masarakat sarumping ka masjid,” pokna deui.

Lian ti agama, budaya gé boga kalungguhan anu utama dina hirup kumbuh téh. Apan, dina mangsana campur gaul jeung sasama, budaya bisa jadi dadasar  geusan silih haregaan. Kawas  ceuk urang Sunda, manusa téh kudu silih asah, silih asih, jeung silih asuh! Éta kekecapan téh némbongkeun padika urang Sunda dina hirup kumbuh jeung sasama.

Ngan, nya kitu, budaya nu jadi andelan gé, ceuk Ketua Pimpinan Muhammadiyah Puseur mah matak hariwang. Lantaran, kiwari lain bihari. Gempuran kana budaya datang ti mana-mana kaasup ti bangsa dengeun. Lian ti éta, miara budaya gé kaluli-luli kasilih ku kapentingan séjén. “Ku margi kitu, kulawarga kedah janten bébénténg budaya masing-masing,” pokna.

Dina budaya Sunda, ceuk Prof. Dadang, nyampak padika hirup silihajénan. Hartina, masing-masing pihak gé rumasa, moal bisa hirup sosorangan. Atuh, dina nyumponan pangabutuh gé, écés pisan butuhna ku pihak séjén deui. Saperti ceuk pupuh pucung, ‘utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: