• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Museum Reungit
Nyegah Ancaman Sato Leutik

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
museum reungit di Pangandaran [Potrét/Ilustasi: rudi]

Reungit, naon bahayana? Ukur ditepak gé paéh saharita. Tapi, mun népakeun bibit kasakit, matak bahla. Keur leuwih mikawanoh reungit, di Pangandaran Ciamis mah aya museumna. ***

Mun ngadéngé ngaran Pangandaran, Ciamis Jawa Barat, nu bréh kacipta téh basisirna, lautna. Sagara ngeplak satungtung deuleu, ngalamuk paul nu jadi pangjugjugan wisatawan. Tapi, di éta wewengon gé aya nu imeut ka mahluk leutik sabangsaning reungit. Enya apan aya museumna nu jadi pangjugjugan barudak sakola jeung para panalungtik kasakit nu tumali jeung reungit.

Mémang, siga teu sapira reungit téh. Mahluk leutik, nu ukur huang-hieng, mun nyoco ukur ateul. Atuh, mun ditepak éta sato leutik téh bakal paéh saharita. Ngan, geuning, pasualan nu tumali jeung reungit téh teu basajan, da bisa jadi mamala, jadi bibit kasakit nu matak ngabarubahkeun balaréa.

Kasakit demam berdarah, apan lir ririwa nu teu weléh ngukuntit. Jolna teu bisa dikira-kira, da puguh nu nyababkeunana gé remen luput tina paningal. Mahluk nu umurna ukur sapuluh nepi ka dua puluh poé téh, horéng upama geus mawa kasakit mah, kacida matak balaina.

Anapon masarakat, cék Lukman Hakim, Kepala Litbang P2B2 (Pengendalian Penyakit Bersumber Binatang), can ngarasa penting beberesih nyinglar reungit. Ukur dianggap pardu kipayah mun dina bab fikih mah. Upama geus aya pihak séjén nu beberesih, nu séjén mah sok api lain. “Padahal, reungit mah, bisa datang iraha waé.  Masarakat gé, seueur kénéh nu teu patos engeuh kana bahaya reungit téh,” pokna dina salahsahiji acara.

Enya, teu loba nu ngabadé, reungit nu remen kapanggih di mana waé téh matak panasaran para panalungtik. Matak, para ahli kaséhatan gé, neundeun perhatian kana reungit téh. Atuh, jleg wéh Museum Nyamuk nu perenahna di Kampung Kamurang Desa Babakan, Jalan Raya Pangandaran KM 03, Jawa Barat.

Éta museum nu diresmikeun Agustus 2001 téh, kaasup hiji-hijina di lemah cai (nagara) urang mah. Ku lantaran kitu, najan tempatna anggang ti puseur dayeuh propinsi,  teu burung éta tempat téh jadi pangjugjugan. Kétang, pantes kituna téh, da Pangandaran téh tempat ramé, nu kaseundeuhan wisatawan ti mana-mana. ”Nu asalna teu apaleun, ari nu nyaraba ka Pangandaran mah, seueur wé nu sindang ka dieu, kalebet para turis mancanagara, saperti ti Australia jeung Jepang,” cék Dadang Miing salahsahiji padamel museum waktu marengan Manglé lolongok ka éta museum di Pangandaran (2/8/2014).

Museum nu aya dina wengkuan Departemen Kasehatan RI téh dieuyeuban ogé ku teater jeung koléksi tutuwuhan ‘anti reungit’ (Tompen). Tujuanana, mémang keur nambahan pangaweruh sakumna pihak ogé masarakat nu tumali jeung reungit katut mamalana.

Museum kawas kitu, kabula-kabale. Bisa keur rupa-rupa kapereluan. Lian ti keur nambahan pangaweruh, ogé sakalian bari ulin. Komo deui nu anggang ka Pangandaran, sakalian ulin ka basisir, apan ulah gaplah, payus mun meunang pangweruh séjén lian ti ukur sukan-sukan téh.

Nu arulin ka museum reungit, bisa nyaksian hal-ihwal nu tumali jeung éta sato leutik téa. Apan, aya pilemna ngeunaan proses ti mimiti reungit ngendog, megar, gedé, nepi ka népakeun kasakit. Dina rohangan tempat lalajo ‘filem’ nu ukuranana  9 x 8 méter kalayan asup 120 urangeun, nu ngadongdon éta tempat gé bisa meunang pangaweruh sual reungit dumasar hasil panalungtikan para ahli.

Museum reungit mémang boga ciri mandiri. Nu jadi daya pangirutna ogé, aya 80 reungit nu ngawengku genep genus; Aedes, Culex, Anopheles, Mansonia, Armigeres jeung Toxor. Masing-masing genus aya contona nu mangrupa spesimen, endog,  larva, jeung sajabana.

Di dinya gé aya pasilitas nu bisa ngahudang masarakat leuwih engeuh kana reungit. Da, nu ngadongdon éta tempat téh bisa sakalian mikawanoh mekarna éta reungit sarta cara nularkeun kasakitna. Lian ti éta ogé aya conto conto spesimen genus reungit saperti  aedes aegypti, reungit nu biasa nularkeun  demam berdarah, reungit cerlex quin-ques-fast-ciatus, nu ngabalukarkeun kasakit kaki gajah (babareuhan), jeung sajabana. “Saparantosna ka museum, seueur nu ngaraos sugema,” cék Dede salahsahiji padamel museum .

 
Nyeungitan Tatar Sunda

Tatar Sunda mémang pangjugjugan wisatawaan. Nu daratang ka Jawa Barat, mingkin dieu mingkin undak. Saperti ceuk data Dinas Parisiwata & Kebudayaan Jawa Barat, ti taun ka taun gé wisatawan nu daratang ka Jawa Barat téh terus nambahan.

Kitu téh teu anéh, lantaran di Jawa Barat mah kumplit. Nyampak tujuan wisata nu warna-warni. Nu hayang ulin di basisir nyampak, rék teuteuleuman aya tempatna, kitu deui wisata budaya apan nyampak di saban tempat. “Kasadaran masarakat dina sual wisata mingkin ningkat, “ ceuk Drs. Nunung Sobari, MM. Salah sahiji buktina, cenah, tujuan wisata di Jawa Barat beuki euyeub, lain waé nu dikokolakeun ku pihak pamaréntah tapi deuih ku swasta, kaasup tempat wisata nu dimekarkeun ku pribadi-pribadi.

Salah sahiji kapunjulan Jawa Barat, deuih mémang euyeubna museum. Apan, rupa-rupa museum boh nu tumali jeung budaya, boh élmu pangaweruh, nyampak di sababaraha kota di Jawa Barat. Munculna objek-objek atawa wisata saperti museum, ceuk ieu Kadis Parbud Jawa Barat, bisa leuwih nambahan daya pangirut keur wisatawan.

Pangandaran, mémang geus jadi pangjugjugan. Saban poé-poé peré, nu arulin ka basisir Pangandaran téh teu weléh ngaleut. Apan, saperti libur Lebaran nu anyar kaliwat, nu daratang ka éta tempat téh ngaleut naker. Kandaraan gé jadi heurin usik!

Ayana museum reungit, bisa nambahan daya tarik wisatawan. Mangpaatna, apan lain ukur keur sukan-sukan, da bisa nambahan pangaweruh nu mangpaat. Lian ti kitu, éta museum gé saperti cék para pangunjung nu datang ka museum, bisa jadi inspirasi munculna museum-museum séjén nu boga ciri mandiri tur gedé mangpaatna keur masarakat. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

aisyah

hoyong sareung rumusanna

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: