• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Mulang
Nyaah ka Sarakan

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Lunta jauh, ka lembur mah moal weléh tibelat. Lembur pamatuhan, banjar karang pamidangan, teu weléh ngahiap-hiap. Ngagupay  sangkan mulang, malar  teu poho ka bali geusan ngajadi, teu lali ka purwadaksi. Nu dumuk di pangumbaraan, boh nu bubuara boh nu ukur nyaba, ka lembur mah moal poho.

Lembur lain ukur tempat, tapi ogé pangancikan rasa. Nu ngancik dina ingetan,  nu sarwa éndah, saperti kérélékna cai pancuran, lémbok héjona palataran, ogé katingtriman padumukna. Tapi, bisa jadi lembur-lembur di tatar Sunda gé teu kawas bihari. Loba kaéndahan dina ciciptaan ukur kari panineungan. Malah, boa dulur-dulur salembur gé geus loba nu lunta lain karana kahayang sorangan, alatan di sarakanana kasilih deugeun.

Lembur bisa waé robah. Da, moal aya nu angger. Tapi, robahna, sawadina mah kaukur jeung dumasar kana rarancang nu geus ditataharkeun ti anggalna. Nya robahna nu kaawas kitu, nu samistina kasaksén di lembur-lembur téh.

Nu mariang ti lemburna, bisa jadi loba nu makalangan dina rupa-rupa widang. Bisa hirup jeung huripna nanjung di lembur batur. Atuh, sawadina dina nyaba  ka lembur téh, najan ukur mudik Lebaran, nembongkeun ka tineung ka bararaya jeung tatangga nu kungsi tiheula babarengan.

Hadé kacida mun urang tatar Sunda nu sukses di pangumbaraan, boga karep jeung kahayang milu ngamajukeun sarakanana. Nu samiistina dijaga, di antarana téh lahan, ulah nepi ka urang Sunda teu boga lahan di lemburna balukar  dibeulian deungeun-deungeun  keur kapentingan usahana.

Wujud mikanyaah ka sarakan, di antarana, ngariksa sangkan lahan teu jadi milik batur. Atuh, nu baroga pakeun meuli lahan, tibatan lahan bogana dulur dibeuli batur, mending dibareuilin ku  urang Sunda kénéh. Ku cara kitu, lahan titinggal karuhun téh moal gampang karebut deungeun. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: