• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Antara Pribumi jeung Sémah

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Saha waé gé boga kanyaah, komo deui ka dulur atawa baraya. Matak, teu anéh mun loba  nu kaseundeuhan  barayana.  Kawas nu cikeneh marulang ka lemburna waktu mudik, apan baralikna  deui téh teu jarang nu ditaluturkeun ku baraya, dulur atawa kawawuhanana.

Tujuanana nu marilu, rupa-rupa. Bisa  jadi,  ukur néangan pangalaman atawa ogé bener-bener  boga karep  nyiar pangupa jiwa. Naon waé alesanana, taya salahna da masing-masing jalma  boga hak nangtukeun jalan hirupna.

Milih tempat anyar keur néangan pangupa jiwa taya salahna. Komo deui mun tempat nu didatangan téh  aya dina  wengkuan NKRI.  Apan, sakumna warga nagara  boga hak hirup di mana waé sakasuka. 

Lunta ti lembur,  kaasup ngadon usaha keur pangupa jiwa, mémang taya salahna. Tapi, lain hartina bakal tutas pasualan. Malah, bisa jadi ngalantarankeun pasulan anyar keur pihak séjén. Hartina,  nu boga karep lunta téh, misti ngabalitungkeun  sagala rupana. Ulah ukur miharep sugan jeung sugan atawa  kumaha béhna. Da, upama teu dirarancang asak tur kaukur,  bisa jadi mamala ka balaréa.

Tambahna jumlah padumuk di hiji tempat, loba rambat-kamaléna. Pasualanana,  nu alanyar datang téh, lain ukur butuh tempat, tapi deuih perelu pasilitas séjénna. Mun kabutuh dasar teu kacumponan, teu mustahil nimbulkeun masalah anyar keur tempat nu didatangan. Ku lantaran kitu, nu boga karep lunta,  tetep kudu dumasar kana tinimbngan anu asak nu bisa nyegah mamala keur pihak séjén.  Atuh, mun téa mah pribumi hadé ka sémah, sémah gé ulah ngahésékeun jeung ngaririweuh nu boga imah. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: