• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rifqu Fawaj Fauji;

Ngagem Islam
Babari Silih Lubarkeun Kasalahan

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Alhamdulillah, puji syukur kagungan Alloh Swt. nu Maha Gofur. Solawat sinareng salam, salawasna nyarengan Kangjeng Rosul Muhammad SAW. Teu kakantun ka kulawargana, ka para sohabat nu teu haat nyepeng amanat kanggo ngamulyakeun syare’at dugi ka yaomil aherat.

Puasa dipungkas parantos lekasan. Ayeuna kantun prung ngalaksanakeun lalampahan nu bener, nu kamari salami sasih saum ku urang dipilari, dipiara malah ditawakalan, neneda ka Gusti Alloh, mudah-mudahan tinemu sareng katakwaan.

Kanggo mitembeyanan ngalampahkeun janji diri geusan midamel katakwaan, teu aya lepatna urang maheutkeun rasa kaasih, pikeun meresihan hate tina sarupaning kasalahan nu kamari parantos kaucapkeun jeung kalampahkeun.

Dawuhan Allah Swt. : Fa'fu 'anhum wasfah, innalloha yuhibbul muhsiniin. Hartosna, mangka hampura maranéhna jeung lubarkeun dosana saenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadéan (QS. Al-Maidah : 13).

Ngamimitian sasih Syawal atanapi poé-poé sanggeus lebaran biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupa-rupa pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, nu di urang mah katelahna acara halal bihalal téa. Kitu deui, halal bihalal ogé dina buktina mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun dina agama Islam. Dina halal bihalal ogé disimbeuhan ku silih lubarkeun dosa tur ngaraketkeun deui duduluran anu pernah renggang. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara pataréma leungeun. Ku pataréma, sasalaman minangka hiji bukti pikeun ngaberesihan diri tina rupa-rupa dosa sareng kasalahan anu kungsi kalaksanakeun. Kangjeng Rosululloh SAW ngadawuhan : Maa min muslimaeni yaltaqiyaani fayatasoofahaani illa gufiro lahumaa qobla ayyatafarroqo. Nu pihartoseunana : Dua jalma muslim anu papanggih bari sasalaman baris dihampura dosana saméméh duanana papisah deui. (HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah)

Sasih Ramadan anu agung, ayeuna parantos ngantunkeun urang sadaya. Sasasih campleng urang dilatih puasa tur ngalakukeun rupa-rupa ibadah. Kitu deui ibadah urang teh sanés waé ku tanaga sareng pikiran, tapi ku harta banda ngalangkungan nyumponan zakat sareng sodakoh. Mudah-mudahan, dina latihan kamari, urang kalebet nu lulus banglus, teu aya halangan harunganana.

Ti mimiti prung urang puasa dugi ka lekasanana, urang meresihan diri. Ngan tangtu, salaku jalmi, sok aya waé lampah nu teu uni, lampah nu patojaiyah. Tah, jalaran kitu Islam ngawajibkeun silihlubarkeun dosa. Naon sababna? sangkan urang tiasa ‘idul fitri, balik deui kana kasucian tur amal urang beresih tina kotoran-kotoran. Dina kaayaan ngudag éta, tos sawadina, lian ti urang istigfar ka Nu Maha Kawasa, atuh urang ogé kedah silihhampura. Margi, sakumaha pidawuh di luhur ogé, Fa'fu 'anhum wasfah, innalloha yuhibbul muhsiniin. Hartosna, mangka hampura maranéhna jeung lubarkeun dosana saenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadéan. 

Sangkan dosa papada urang tiasa kapupus, kacida hadéna upami dina kasempétan 'Idul Fitri atanapi saréngséna, ku diayakeun Halal bihalal atanapi silaturrahmi. Dina halal bihalal éta, teu aya acara iwal ti silih hampura, silih talingakeun, silih asih, silih asuh malahmandar mampuh silih talingakeun. Sabalikna kacida rugina jeung kirang hadéna upami dina kasempétan nu berharga ieu, teu digunakeun ku urang sadayana. Sabab jalma nu tara ngulurkeun leungeunna pikeun ngahampura kana kasalahan batur atawa ménta pangampura ka baturna, éta téh lain ciri jalmi takwa. Dina Al-Qur'an, Alloh Swt. parantos nuduhkeun, Wal'aafiina 'aninnas, wallohu yuhibbul muhsiniin. Nu hartosna : Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadéan. (QS. Al-Imron : 134).

 

Mahing Jalma Bangkrut

Hikmah halal bihalal, silih halalkeun papada urang, tangtu ambahanan ulah heureut nepi ka dinya. Urang silih halalkeun tuangeun jeung silih hampura tina lisan jeung lampah, méh moal barokah (jiyadatul khoer), upama teu dibarung ku istiqomah. Sabab, naon atuh hartina urang silih lubarkeun dosa, tapi dina lampahna, embung silih bantu, embung silih jeujeuhkeun. Padahal, keur ngaberesihkeun haté urang, henteu cukup saharitaeun, tapi kudu manjang, nepi ka ngadatangkeun silih bungahkeun. Ieu luyu sareng surat Al-Hasyr. Jalmi rugi, nyaéta jalmi nu ngamomorékeun tina silih naséhatan dina kahadéan jeung silih naséhatan tina kasobaran.

Dicarioskeun dina salahsahiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yén Rosululloh SAW kantos tumaros ka para sohabat : "Saha sabenerna ari jalma nu bangkrut téh?" para Sohabat ngawaler : jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta. Teras Rosululloh SAW negeskeun : "Saenyana jalma anu bangkrut téh nyaéta jalma nu balik ka ahérat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi hanjakal anu sakitu lobana béak dipaké mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok nganyeurikeun haté batur, ngadoliman ka nu séjén nepi ka ganjaran anu sakitu lobana teu mahi dipaké mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu didoliman dipindahkeun ka manéhna, tuluy dialungkeun kana naraka. Jalma bangkrut téh kitu, loba ibadahna ka Alloh, tapi loba dosa ka papada manusa."

Margi kitu, ayeuna saparantosna 'Idul Fitri, haté urang kedah diseuseuh ku silih hampura, silih lubarkeun tina dosa perdosa, silih talingakeun, malahmandar mampuh silih beungharkeun. Taqabbalallahu minna waminkum. Mudah-mudahan sagala ibadah urang ti tampi ku Gusti Allah Swt. Sareng minal ‘aidin wal faizin, mugi urang sadayana janten golongan anu beresih sareng golongan anu aruntung. Allohumagfirlana dunubana waliwalidina warhamhuma kama robayyani shogiro. Amin ya robbal 'alamin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: