• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

R. H. Lily Sumantri;

Nguatan Sajarah
Mageran Paripolah

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
R. H. Lily Sumantri; Bajuang teu bisa sosoranganan [Potrét/Ilustasi: rudi]

Lalampahan mangsa ka tukang, bisa jadi luang jeung pangalaman. Mangpaatna, lain ukur keur panineungan, tapi tuturus hirup mangsa ka hareup. Kitu ceuk R.H. Lily Sumantri, palaku Sajarah Kamerdékaan teureuh Tatar Sunda. ***

Saban miéling HUT Proklamansi, keur palaku sajarah saperti R.H. Liliy Sumantri mah boga harti mandiri. Paragpagna baliho, umbul-umbul, katut bandera, metot ingetanana ka mangsa ka tukang.  Malikan deui léngkah-léngkah nu kungsi kasorang. Mapay-mapay pangalaman nu geus lila sirna ku mangsa tapi tetep ninggerak dina ingetan.

Héabna sumanget juang 1945, témbrés deui dina saban-saban obrolan nu nyaritakeun lalakon bangsa ngerebut kamerdékaan. “Harita mah, bajuang téh éstu taya pambrih, lain hayang pangkat, lain hayang  kalungguhan, éstu kedal tina kereteg haté sorangan, hayang milu ngabébaskeun lemah cai tina ranggeuman nu ngajajah,” pokna muka wangkongan.

Ngobrol téh di bumi pamatuhanana saheulaanan, di Komplek KPAD, Gegerkalong. Éta pamatuhanana saheulaanan, lantaran bumina téh keur dioméan. “Kapaksa ngungsi heula ka dieu,” pokna basa ditepungan sawatara waktu ka tukang.

 

Ngagedurkeun Sumanget

Najan umur tunggang gunung,  sumanget R.H. Lily Sumantri teu pareum. Malah gedurna sumanget téh, satekah polah ditularkeun ka generasi sapandeurieunana. “Sanajan ayeuna geus merdéka, sumanget bajuang ulah nepi ka pareum,” pokna semu nyoréang mangsa ka tukang.

Maksud ieu manten Bupati Bandung,  nu teu meunang leungit tina diri masing-amsing téh sumanget daék korban keur kapentingan pihak séjén. Da, baheula gé kitu, ludeung milu merangan pihak nu ngajajah téh, lantaran sadar, kudu ngabélaan hak-hak rahayat nu katideresa.

Upama seug inget kana mangsa méméh merdéka, tékad sakumna pamuda mah samiuk, bajuang babarengan. Timbulna kasadaran kawas kitu, mémang, cenah lantaran pihak séjén, pamuda-pamuda séjén jeung para pamingpin pergerakan kamerdekaan, némbongkeun sumanget nu sarua, hayang ngamerdékakeun bangsa. “Sumanget keur kapentingan balaréa harita mampuh nyingkirkeun kapentingan pribadi masing-masing,” pokna. Saperti harita, apan Lily gé keur sakola, da umurna gé kakara 17 taun. Tapi, waktu ngabandungan nu séjén boga karep milu bajuang, dirina gé kasumangetan. Komo deui da remen ngadéngékeun pidato-pidato pamingpin masarakat nu teu weléh ngagedurkeun sumanget masarakat sangkan bajuang leupas ti nu ngajajah. Atuh alat perang oge saaya-aya, saperti bedog, payul atawa pakakas séjénna teu weléh dibawa. Malahan awak jadi kuat jeung teu bisa dikadek, memeh milu perang teh, sok nyumpingan heula ajengan. “Teu hilap, nyuhunkeun doa sareng elmu kebal heula ka ajengan,” pokna nineung ka mangsa baheula.

Kiwari, mémang lain bihari. Merdéka gé geus 69 taun. Tangtu cenah, loba parobahan kana sikep jeung tatacara mikir gé. Mun baheula, jaman nagri urang diajah deungeun, kasadaran pentingna hirup sauyunan téh dianggap penting pisan. Da, bajuang téh teu bisa sosoranganan, tapi butuh tanaga rongkah babarengan.  “Ku lantaran kitu, timbul wé daék korban demi kapentingan balaréa,” pokna.

Sikep ngaheulakeun kapentingan umum, ceuk ieu Ketua Pembina Yayasan Pendidikan Balé Bandung téh, kacida pentingna. Da, ku sikep-sikep nu kawas kitu, baris tumuwuh silih pikanyaah jeung sabilulungan.

Dina mangsa sumanget perjoangan ngusir nu ngajajah, geus beuki kahalangan ku anggangna waktu. Lantaran kitu, sumanget juang ogé saperti beuki ngendoran. “Ku lantaran kitu, apal kana sejarah bangsa  kacida pentingna sangkan bisa mageran paripolah,” pokna tandes naker.

Maksud ieu inohong Jawa Barat téh, pasipatan daék ngorbankeun sabagian hak pribadi keur kapentingan pihak séjén, kiwari gé tetep penting. Pasipatan kawas kitu, bisa kajaga ku cara, di antaranana, tetep wanoh kana sajarah perjuangan bangsa.

Ngan kumaha karep generasi kiwari kana sajarah perjuangan? Ceuk R.H. Lily mah, para nonoman kiwari, loba nu teu pati katajieun ku sajarah perjuangan téh. Contona, cenah, pihakna gé kalayan mayeng nyadiakeun waktu tepung lawung jeung pihak mana waé nu hayang apal kana sajarah.  Ngan nya kitu, najan geus disadiakeun waktu jeung tempatna, nu diarep-arep téh suwung.

 

Taya Kasieun

R.H. Lily harita, cul sakola. Mun jaman ayeuna satingkat mah SMK. Inyana milih jadi tentara ngagabung jeung para pajoang séjénna. “Mémang, harita leuwih penting kénéh ngusir nu ngajajah batan ukur nyuprih élmu di bangku sakola,” pokna.

Sumangetna kitu, mémang walatra, ngancik dina masing-masing dada pamuda. “Harita mah, da jamanna kitu, taya kasieun! Nu aya téh ukur gedur sumanget hayang merdéka,” cek ieu inohong Sunda témbrés.

Dina taun 1944-1945, aya waktu neruskeun deui sakola, jadi siswa Koto SeyinYoseyso (Sekolah Pelayaran Tinggi). Ngan nya kitu, ahirna mah, lantaran kaayaan peperangan, Lily gé ahirna ngagabung deui jeung tentara pejuang.

Karir militerna terus ngarayap. Mimiti nyangking jabatan, Danton Infantry, Tasikmalaya, nepi ka milu hijrah ka Yogyakarta taun 1947-1948. Ti dinya mah, pangalaman asak dina medan peperangan. Da, kakayaan lemah cai harita, najan geus merdéka gé masih kénéh loba pangrobeda, saperti rupa-rupa gangguan kaamanan nu sumebar di sakuliah Nusantara.

Malah saterusna mah, mancén gawena téh lampar naker. Kungsi jadi Dandim 1712 Manokwari. IRBAR taun 1963. Di dinya ieu prajurit Siliwangi téh miara jeung ngajaga kaamanan kalayan pamarekan silih asah silih asih silih asuh. Padika campur gaul jeung sasama kawas kitu, teu burung pada ngabagéakeun jeung ngahia-hiap. Malah, tandaning pribumi ngabagéakeun, R.H. Lily téh diangkat jadi kepala prajurit suku Manacan (Mamri Manacan.

 

Mulang ka Pangperangan

Puluhan taun  ngemban tugas di militer, ahirna mah mulang ka masarakat. Dina umur 41 taun, R.H. Lily Sumantri mancén tugas jadi Bupati Bandung. Kituna téh, nepi ka dua girangan leuwih, sabada dua kali mancén gawé, diémbohan deui dua taun,  nu ahirna nepi ka 11 taun dua bulan. Salila mancén Bupati Bandung, loba kacida wujud pangabdian geusan  ningkatkeun pangwangunan di Kabupaten Bandung. Di antarana waé, kawijakan pindahna kantor Bupati Kabupaten Bandung (1974) nu salilana aya di wilayah Kota Bandung, ka Baleendah Kabupaten Bandung. Kitu deui, R.H Lily nyieun nataras ngawujudna Kota Adminsitrasi Cimahi, jeung sabangsana.

Dina taun 1981 ieu manten bupati Bandung ka 20 téh, teu tuluy pangsiun, da tetep boga tugas anyar deui. Inyana diangkat jadi kepala Staf Kekaryaan ABRI ngarangkep mancén Asisten LAKSUDA Jawa Barat. Atuh, sibuk deui waé, da kudu ngantor saban poé. Lantaran, R.H. Lily ihlas ngabdi, ahirna mancén deui tugas kudu miang ka Senayan Jakarta, minangka anggota MPR-RI salila 5 taun.

Mun ngagugu kana kahayang, mémang cenah, milih ngabdi di militer. Tapi, lalampahan saterusna mah, teu salilana luyu jeung kahayang. Manusa mah, ukur boga cita-cita, da ari katangtuan nu saéstu mah, anging aya dina Kawasana Alloh Swt. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: