• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kawajiban Istri
di Rumah Tangga

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Bismillah alhamdulillah washolatu wassalamu ala rosulillah waala alihi washohbihi wamaw walah. Asyhadu alla ilaha illalloh wahdahu laa syarikalah waasyhadu anna muhammadan abduhu warosuluh la nabiyya ba’dah. Amma Ba’du!

Sadaya puji nyumangga ka Gusti Anu Mahasuci, Alloh Azza Wajalla. Rohmat kaginanjaran salam karahayuan mugia diketrukeun kana pangkon agung, mugia ginulur ka panjenengan Sinuwun agung Kangjeng Nabi Muhammad Saw, ka para kulawargina ka para sohabatna  tug dugi ka ummatna ti sajujahing marcapadaya, ti wit madhab papat parat dugi ka ahérat. Teu kalis kitu wungkul muga-muga ogé urang salalamina diangken ummat kinasihan ku mantenna. Amin, amin ya robbal alamin!

Tujuan ngawangun rumah tangga geusan tinemu bagja dunya ahérat. Lantaran kitu, upama hayang mibanda rumah tangga anu bagja, nya kedah diwangun tur disetting ku  mawaddah sinareng rohmah tegesna silih pikanyaah silih pikacinta. Pidawuh Alloh Swt.:

Nu hartosna: “Jeung ti antara tanda-tanda kakawasaan-Na (Alloh Swt), nyaéta Anjeunna geus ngayugakeun pikeun maranéh ti jinis pikeun maranéh jodo-jodo supaya maranéh ngarasa tengtrem jeung maranéhna; sarta Anjeunna ngajadikeun kacinta jeung kanyaah antara maranéh. Saéstuna dina anu karitu téh kakandung ayat-ayat pikeun kaom anu malikir. (Ar-Ruum: 21)

Sakumaha ayat di luhur, yén Alloh Swt. geus ngayugakeun manusa sapasang-sapasang. Ieu sapasang ogé dina hartos anu salega-legana. Kedah sapertos jambé dibeulah dua, sami pan duanana. Kedah sapasang kedah sajodo kedah harmonis sanajan dua jinis anu béda, lantaran ari lalaki mah kuat, badag tur kasar, tarik babajeg jauh pangdeuleu turta panjang léngkah. Ari awéwé mah lemah gemuléy, leuleus deukeut deuleu tur pondok léngkah. Ari kabisa ngan bati ceurik (enya... éta ogé sawaréh). Tah ieu dua bahan anu béda téh kedah harmonis sapertos negative sareng positif. Upama éta nu dua paantel jadi hurung jadi listrik. Pon kitu ieu ogé di mana paantel sok beukah laju ngalahirkeun orok.

Sakumah tadi diécéskeun, yén anu laki rabi téh sapasang sajodo, sarua satimbang ngan pédah béda garapanana, béda pangbagian pancén. Ari lalaki mah saolah-olah mantra luar negeri. Ari istri mantra dalam negerina, lalaki tugas di luar, istri mah tugasna di lebet rumah tangga.

Upama nalungtik kalimah ‘Azwajan’ téh ibarat karéta baheula anu ditarik ku dua kuda. Upama éta dua kuda satujuan sahaluan samaksud sacita-cita tinangtu baris nepi ka nu dijugjug jeung bakal salamet kudana, karétana turta anu tarumpakna. Sabalikna lamun éta dua kuda paculihay, pada mawa karep sorangan; nu hiji hayang ka kalér nu hiji deui hayang ka kidul, geus dipastikeun moal nepi ka nu dijugjug. Kudana ruksak, karétana ruksak, deuih anu tarumpakna bakal carilaka.

Lamun anu lalaki hayang kana ngalajur nafsu, ngumbar amarah, nyéléwéng néangan anu ngalémpéréng konéng, susuluduk nyuay-nyuay nu jangkung kumpay, nyinting néangan anu geulis-geulis, ari karesep lalajo nu tember kana ma’siat, nginum arak tur dangsa. Atuh ari nu istri ogé néangan lawan, milih pameget nu guanteng-guanteng tur resep ameng lalaki werejit tukang ngeret duit, ahirna éta rumah tangga bakal baruntak nu minangka karétana téa, nu tarumpakna nyaéta barudak bakal cing cariak néangan indung ngoréhan bapa, lir ciak néangan indungna. Barudak teu kaurus, ku indung diantep kumaha babu (mun nyampak di jalma aya), bakal kalantar atikanana tur kahirupanana saterusna baris kajudi ruksak méntal tur akhlakna, bojréd jasmani ogé rohanina.

Margi kitu, keur ngajaga rumah tangga, urang kedah terang; keur naon ayana nikah atawa kawin téh? Naha sakadar sakeur muaskeun syahwat wungkul? Lamun sakadar sakeur kitu wungkul atuh teu kudu kawin da sakadang sasatoan gé barisaeun.

Pangna diatur dirarapih dina papagon Agama Islam, aya kawin téh, aya nikah téh, singhoréng sangkan sakinah, sangka tengtrem sangkan ngawangun boga maskan mibanda tempat bumetah anu matak ayem tengtrem saréréa matak ngeunah betah ngeunah nyandang ngeunah nyanding duka tah betah nyandung mah.

Anu matak istrina disebat pamajikan, ieu kecap téh lain meunang nginjeum ti deungeun, pituin basa sunda. Nu ngandung hartos tempat majik, tempat senang-senang ngeunah ngarinah ngareureuhkeun diri, tempat nyirnakeun manah. Lamun istri geus jadi pamajikan, kadé sing bisa jadi pamajikan. Naon hartina pamajikan, lamun datang salaki kuraweud hangseur, buad baeud kawas aeud, bangkenu merengut kawas kerud nyeri huntu. Lamun nyodorkeun cai kopi bari digulaan disusuan, tapi dibarengan ku beungeut jamedud mah éta cai kopi nu amis pelem téh bakal ngageregel karasana dina tikoro samalah jadi pait total sabab dipaitan ku beungeut. Nu kitu lain pamajikan tapi papaitan.

Sawangsulna, lamun nyodorkeun cikopi pait  anu teu maké gula kantenan susu da mahal teu kapésér, éstuning kopina kopi tubruk teu gula kawung-kawung acan tapi upama disodorkeunana ku budi anu manis pleus marahmay tur kareueut kawas peueut, da karasana téh éta cai kopi nya amis nya pelem tur pulen, padahal pan pait da gulana di leuweung kénéh. Singhoréng digulaan ku pameunteu nu kareueut disusuan ku manah anu béngras. Tah nu kitu aya hak maké ngaran pamajikan. Tah kitu pisan, piraku lalaki teu betah di imah lamun boga pamajikan bener-bener pamajikan nurutkeun harti anu salega-legana.

Nu jadi pamajikan kudu bisa ngeunah angeun ngeunah angen. Ari ngeunah angeun tegesna istri téh kedah percéka masak turta ngaréka kadaharan, kudu ngupayakeun binangkit sagala ahli. Kadaharan anu teu ngeunah sing bisa jadi ngeunah sanajan upamana bahanna sakadar lompong, lakek atawa bakatul tapi ari ku bisa ngarékana mah jadi ngeunah malahan bisa-bisa jadi komoditi ékspor. Teu mustahil pais bakatul diékspor ka Amerika ngarendeng jeung anu ngaranna hot dog. Ulah kajadian ngangeun peda diuyahan dikecapan, sanajan ku taksiran pamohalan tapi bisa waé kajadian, ari ku teu biasa mah atawa aya anu ngangeun kawas cimata.

Lamun awéwé teu bisa masak, si lalaki daharna bakal ngagaranggam (mending mun tara suda duit, kari ngajleng ka warnas atawa ka RM Padang) am teu ngeunah am ngageregel tungtungna bongan sagala teu ngeunah sagala teu ponyo bakal luas leos néangan nu ngeunah-ngeunah atawa néangan nu amis-amis kawas budak leutik bisa ngapung. Palebah dieu rugina karak saeutik pedah teu bisa masak, pamajikan teu dibawa jajan tapi nu leuwih rugi saupama salaki urang  terus cacampuran reujeung jalma-jalma anu goréng laku, purah rucah sanajan asalna santri. Tapi ku lantaran sosobatan jeung nu teu hadé  laku lampahna, nu asalna teu resep lalajo, anu asalna teu resep maén mabok jeung judi, jadi manukna. Anu asalna tara lacur jadi resep lacur. Pan aya paribasa, ‘Anu budug reureujeungan jeung anu cageur. Lain nu budug jadi cageur tapi nu cageur kabawa budug.’

Jadi, lamun salaki  urang anu tadina resep di imah ayeuna bet jadi tukang laladog tukang udar ider ti peuting datang ka imah mangsa janari , ulah sambat kaniaya anu alatanana téh teu pira pédah teu raos angeun. Bangbara dina bangbarung, kulit munding kahujanan. Sangsara handapeun padung, gulang guling ngan sorangan.

Sarat anu saterusna pamajikan kudu bisa ngeunah angen, lantaran sanajan pinter masak ngeunah angeun, malahan aya paribasa ngeunah kéjo poéna tapi lamun salaki teu ngeunah angen tegesna teu ngeunah haté ku sabab nu jadi awéwé nyeleweng upamana, tah éta téh saperti cucuk jeroeun daging. Ari lalaki jejeg pan teu resep ka awéwé anu purah luas leos luis téh, kajeun teuing ka nu jedag jedig asal ngajedog wé kantenan jedog bari luas luis jeung geulis mah pan mulek! matak ngolécér soca carogé. Kajeun hideung asal hideng komo nya geulis nya hideng mah, cenah nu kitu super! Sakali deui kudu ngeunah angen ngeunah angeun. Ieu rasiah upama hayang rukun rumah tangga. Da lalaki mah sok hayangeun boga pamajikan téh ngeunah nyandang ngeunah nyanding. Ngeunah nyandang hartina istri kudu ngarti turta surti kana pasualan seks alias percéka perang di atas ranjang, parigel tempur di atas kasur. Ari ngeunah nyanding, istri kudu sapapaosna kedah katingali ku carogé beresih tur berséka, ulah rangkak ringkik ngarerewig, sandal sendul samping jangkung gelung jucung, di luar ibarat ratu, peuting-peuting teu béda ti hantu, ari di imah peresis babu. Deuih si carogé tong dibiasakeun ngangseu nu teu sedep. Sabisa-bisa sing sareungit, ulah aya paribasa bau cangkudu buruk atawa ulah dugi ka di area tempur téh kasebut barau cubluk. Sing tenget carogé ogé, wayahna anggarkeun dana tur waragad pleus, sakeur pengadaan dana BBM alias minyak seungit sanajan ku teori subsidi silang. Kajaba ari salakina anu mémang resep bau jeung rujit mah, hartina irit modal. Ngan sageuy wé ari lain kulawarga anu tigeledug 

Sarat nu penting ogé, pamajikan ulah ngadéngé sagala anu matak rungseb kana ceuli, boh ucapan anu garihal, (geuning sok aya cenah omongan, ka salaki nyebut sia, aing... !– iiy...asa teu kira-kira nya...), ka salaki pepedengkreng paparéntah komo hareupeun sémah, sengar-sengor haok hamprong turta sepak tajong. Atawa ngadéngé ti luar anu nyabit-nyabit laku lampah sang istri atawa rumah tangga.

Istri ogé kudu nganyahokeun kasedep salaki. Kudu diperhatikeun pisan, mun ka cai sadiakeun anduk sabun sikat gigi odolna. Mulihna ti jamban sayagikeun anggoanana anu beresih tapi ogé salaki sing surti tong maké metode intervensi narajang mun pamajikan keur rariweuh ku pagawéan dapur, sing hideng wé sorangan, komo kiwari nyacaka wanita karier, otomatis salaki kudu jalinger hideng sorangan.  *** (Disarungsum tina buku ‘Sawer Basa’.).

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: