• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kaolahan Lembur
Palias Kasilih Batur

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Pameran kuliner, nguatan ekonomi rumah tangga [Potrét/Ilustasi: ensa]

Mingkin dieu katuangan téh mingkin loba rupana. Kaolahan  resép karuhun gé teu éléh ku katuangan nu jolna ti nagri deungeun. Kapunjulan  resép karuhun, tembong dina  Rancasari Culinary Nite (Rancunit) nu diayakeun di Kacamatan Rancasari Kota Bandung.***

Bandung, memang pangjugjugan.  Saban  ahir minggu, nu ngadon ulin ka ieu kota teu weléh pagegelek. Tujuanana,  lian ti sukan-sukan  pelesiran,  ogé balanja rupa-rupa kapereluan. Matak, teu anéh upama Bandung téh jadi Kota Wisata Balanja. Nu daratang ka ieu tempat gé lain ukur wisatawan Nusantara, tapi deuih mancanagara.  Apan, saperti urang Malaysia mah, ka Bandung téh lir jadi jalan ka cai.

Pamarentah Kota gé apal pisan kana kapunjulan Bandung kawas kitu téh. Atuh upaya ngamajukeun dunya pariwisata di ieu kota gé rupa-rupa naker,  saperti ku cara mekarkeun  katuangan tradisional nu boga ciri mandiri. Tarékah kitu, di antarana ku cara ngayakeun paméran katuangan  di saban kacamatan. “Katuangan has hasil kaolahan warga, tiasa janten cukang lantaran ningkatna karaharjaan masarakat,” ceuk  Oded M. Danial, wakil Walikota Bandung.

Warga Bandung, ceuk wakil walikota, loba anléhna. Saban waktu teu weléh medalkeun ‘kreasi anyar, kaasup nu tumali jeung katuangan. “Karancagéan sapertos kitu, tiasa janten kakuatan ékonomi kulawarga,” pokna basa ngobrol dina acara Rancunit nu diayakeun di Kalurahan Cipamokolan, Kacamatan Rancasari,  Kota Bandung, Saptu 23 Agustus, 2014.

Rancasari téh  ngawengku opat kalurahan. Padumukna campur, warga kompleks perumahan jeung pakampungan.  Ku lantaran kitu, hasil karancagéan masarakat ge rupa-rupa naker,  ‘adumanis’ antara kaolahan ‘urang kota’ jeung palemburan. Dina pameran di Rancasari ge kitu, di antara ratusan kaolahan resep karuhun, katuangan  ‘kaayeunakeun’ gé teu kurang-kurang. Nu ngadongdon éta tempat  bisa milih katuangan sakasuka, ti mimiti bugis,  oyek, pais lauk,  sosis, jeung sajabana.

Kaolahan tradisional memang teu éléh pamor. Lantaran, midang dina rasa jeung wanda anu beda. Saperti mun enya ogé wujudna  bugis, apan geus diraéh sangkan leuwih narik ati. Kitu deui mun inuman bajigur jeung bandrék, teu sacerewelena kawas nu sasari, da ieu mah geus diolah deui sangkan leuwih kalandep ku balaréa. Nya tangtu wé, masing-masing nu dijual di dinya téh boga ciri mandiri. “Sanaos bahana tina rumput laut,  cara ngolah sareng resépna bénten ti nu sanés,” ceuk pamilon pameran nu ngadagangkeun kaolahan ‘jukut  laut’ dina éta pameran.

Kagiatan nu lumangsung di Jalan Cipamokolan, Rancasari, Kota Bandung meunang pangbagéa ti balaréa. Stan paméran ngajajar  sapanjang 500 méter. Katuangan nu dipamérkeunana ogé ratusan rupa, dipidangkeun dina  240 stan paméran. “Masing-masing RW disayagikeun opat stan, haratis,  teu kedah mayar,” ceuk Drs. Asep Tamim, M.AP., Luran Cipamokolan, Kota Bandung.

Kagiatan kawas kitu, ceuk lurah, loba mangpaatna. Lantaran éta kagiatan téh bisa jadi tempat silatuhami antar warga, antara nu dagang jeung nu meuli, ogé antara warga jeung pihak kalurahan ogé kacamatan.  Ku cara kitu,  pameran téh bisa jadi panyundut sumanget keur nu boga karep mekarkeun usahana.  Da,  éta pameran teh bisa jadi  ‘ajang promosi’ keur balaréa.

Nu teu éléh pentingna, ceuk Lurah Cipamokolna, masing-masing padagang, meunang pangalaman geusan mekarkeun usaha saterusna. Lantaran,   aya  udagan dangka panjang. Nu daragang téh bakal dimaneuhkeun di tempat-tempat anu merenah. “Tempatna ditata,  kitu deui nu dagangna,” ceuk lurah.

Mémang teu sagawayah bisa dagang di sisi jalan.  Lantaran  PKL  di wilayah Cipamokolan kauger ku  pasaratan, saperti teu dagang di tempat nu dilarang, teu  ngamacétkeun jalan, ogé teu ngaganggu lingkungan.

 

Kagiatan Mayeng

Paméran kuliner Rancasari, lain kagiatan saharitaeun. Saterusna gé bakal mayeng. Tujuanana, lain  ukur kalangenan, tapi deuih mekarkeun karancagéan nu mangpaat sacara ekonomi. “Ka payun aya kagiatan mayeng di saban kalurahan,” ceuk Hj. Ai Sutriansih, S.Sos. M.Pd., Camat Rancasari, Kota Bandung.

Dina rarancangna, kagiatan tingkat kacamatan téh bakal bagilir. Tempatna,   di saban kalauran. Saterusna, aya kagiatan pameran tingkat kalaurah nu pamilona ti  masing-masing RW. “Ku cara kitu, kagiatan ekonomi masarakat gé tiasa langkung ningkat,” pokna.

Kagiatan kiwasa kitu, ceuk Hj. Ai, loba mangpatan. Keur padagang, bisa  tuluy-tuluyan ngarojatkeun ajen daganganana. Lantaran,  ku cara nitenan dagangan batur gé, bakal timbul  ide-ide atawa gagasan anyar geusan mekarkeun karancagéanana. “Intina mah, tina ruang-riung kawas kitu, baris muncul ‘inspirasi’ kanggo mekarkeun pangabisa masing-maisng,” saur Ibu Camat.

Pameran kuliner Rancasari, meunang pangbagéa ti masarakat. Ti sore keneh, nu ngadongdon paméran  pagegelek. Beuki peuting beuki noyék, nepi ka heurein usik. Lobana nu ngadongdon, keur padagang mah untung lataran daganganana laris. “Sareng nu leuwih penting mah,  langkung dipiwanoh balarea,” ceuk Usup nu biasa  dagang bandrek jeung bajigur  téh. Inyana miharep kaolahanana kalandep ku balaréa. Cenah,  mun geus leuwih pada mikawanoh mah, apan bisa waé muka cabang di tempat anyar.

Rancunit, pesta rayat Rancasari. Nu ngadongdon disayagikeun hiburan kasenian tradisonal,  saperti rampak sekar, calung, jeung sajabana. Beuki lila acara gé beuki  haneuteun, komo deui da dihadiran ku Ki Daus jeung Anton Abok nu keur urang Bandung mah moal bireuk deui.

Nu ngadongdon  éta tempat mémang  lain ukur warga Rancasai. Nu ngaraliwat di Jalana Sukano-Hatta gé, di lebah Jalan Cipamokolan mah,  loba nu ngahaja ngarandeg, ngeureunkeun heula kandaraan, laju turun muru tempat pameran. ***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: