• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Saupama Daraék Kurban

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1412438773.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Kurban, hartina deukeut, taqorrub ka Gusti. Upama sacara harpiah mah, meuncit hewan qurban, tujuanana sangkan deukeut ka Alloh Swt. Saban Rayagung umat Islam ilahar mareuncit sato kurban. Éta mah, gumantung kana kasanggupan masing-masing. Biasana, di urang mah, sato nu dipeuncit téh sapi, domba, atawa embé.

Enas-enasna mah, kurban téh wujud kataatan kana aturan agama. Nya, tangtu wé, lian ti mangrupa ibadah, ogé aya sisi séjén nu baris kaalap mangpaatnaku balaréa. Lain ukur daging kurbanna, tapi deuih wujud katakwaan ku cara ngalarapkeun kanyaah ka sasama. Lantaran, sarupaning ibadah mah apan udagan ana takwa. Sapertos hakikat ibadah Kurban, apan éta téh jelas, saur katerangan ogé, sanés dagingna nu dugi, tapi katakwaanana.

Mingkin dieu nu kurban mingkin loba. Atuh, ilahar deuih parapajabat gé ari Muslim mah, kalurban. Tangtu wé, saréréa gé atoh nyaksian lobana pajabat nu daék kurban mah. Da, hartina tumuwuh kasadaran dina dirina, daék ngorbankeun hak pribadi demi kataatanana kana agama.

Mangpaat bura-béré ka batur, sawadina jadi cicirén ngancikna rasa nyaah ka sasama. Karep kitu gé bisa jadi wujud kasanggupan mageran kahayang. Kurban misti jadi cicirén. Daék ngorbankeun hak pribadi demi kapentingan balaréa. Upama sanggup ngorbankeun sabagian hakna, mustahil sagawayah nyokot hal-hak nu lian. Atuh, mun seug para pajabat daék kurban, hartina rahayat téh teu kudu salempang, teu kudu sieun hak-hakna kaganggu ku para pajabat téa. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: