• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ibadah Haji,
Nanjeurkeun Kasoléhan

Kénging Ade Hidayat
Kintun kana Facebook

Inti tujuan ibadah sakumaha ditétélakeun dina Alqur’an, nyaéta sangkan manusa migawé laku lampah anu pinuji. Seueur pisan katerangan dina Al-Qur’an nu nuduhkeun tujuan ibadah, nu ahirna keur mépélingan umat sangkan tinemu kabagjaan ku cara ngalarapkeun ahlak al-karimah (laku lampah nu pinuji). Cara saperti kitu, lantaran antara ibadah anu dilakukeun ku hambana seueur patula patalina ahlak (laku lampah) hambana sapopoéna. Hal ieu nuduhkeun, yén sadayana ibadah (mahdhahna atanapi ibadah ghaer mahdhahna) mémang ahirna mah keur mageran ahlak, sangkan tetep aya dina lampah nu pinuji dina kahirupan sopopoé.

Sapertina waé tina ibadah Solat fardhu anu dilakukeun sadinten sawengi lima waktu, éta téh kedah jadi pangjurung laku jeung mageran laku lampah sareng pasipatan anu hadé. Pidawuh Alloh Swt. surat al-Ankabut ayat 45 nandeskeun: “Jeung pék adegkeun solat. Saenyana solat teh keur nyegah tina laku lampah anu kotor jeung munkar”. Numutkeun pidawuh Alloh SWT ieu, ébréh kacida, yén lamun téa mah solatna bener, mangka akhlakna ogé bakal bener. Dina hartos, laku lampah, pasipatan jalma anu solat kudu saé dina kahirupan sapopoéna, boh sacara pribadi atanapi sacara sosialna.

Kitu deui dina ibadah Zakat. Diwajibkeunana zakat, jinek pikeun nanjeurkeun ahlak anu hadé. Kituna téh sakumaha dawuhan Alloh dina surat al-Baqoroh ayat 264: “ Yeuh jalma-jalma nu ariman, aranjeun tong ngaleungitkeun (ganjaran) shadaqah anjeun ku nyebut-nyebut jeung nganyenyeri (anu narima) saperti jalma anu nganapakahkeun hartana karana riya ka manusa jeung henteu iman ka Alloh jeung poé kiamat”.

Ayat di luhur, nuduhkeun, yén jalma nu ngaluarkeun zakat tong dibarengan ku nyebut-nyebut jeung nganyenyeri anu narimana. Tapi sabalikna, nu zakat (muzaki), kudu ngabogaan ahlak anu hadé, saperti hormat ka nu leutik, ngahargaan nu teu gaduh. Kitu deui dina ibadah puasa anu diwajibkeun dina bulan Ramadhan. Éta ibadah puasa, tujuan ahirna mah sangkan milampah katakwaan ka Gusti Alloh SWT. Anapon di antara ciri jalma anu takwa ka Alloh SWT, nyaéta ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh, jeung ngajauhan kana sagala panyarék-Na. Lantaran kitu, kacida jelasna, ibadah puasa kudu mangaruhan kana laku lampah diri pribadina atanapi beuki saé akhlaq al-karimahna.

 

Kautamaan Haji

Ibadah haji kacida mulyana. Lantaran kitu, hikmah ibadah haji kudu dijaga jeung dipiara sangkan tinemu bagja. Dawuhan Alloh Swt. dina surat Al-Baqoroh ayat 197, nu kieu hartosna:

Nu hartosna kirang langkung kieu : “Ari usum haji téh sawatara bulan anu geus ditangtukeun. Sing saha anu keur ngalakonan ibadah haji dina bulan-bulan éta henteu meunang pisan ngalakonan 'rafats' jeung teu meunang pisan 'fusuq', jeung teu meunang paséa paheuras-heuras genggerong sabot ngalakonan ibadah haji. Jeung saniskara kahadéan anu dilampahkeun ku maranéh éta téh tanwandé kauninga ku Alloh. Jeung kudu marawa bekel, ari bekel anu panghadé-hadéna nyaéta takwa. Ku kituna maranéh kudu tarakwa, yeuh jalma-jalma anu baroga pikiran!”.

Dina bulan Dzul Qo'dah ayeuna atanapi bulan kasawelas tina bulan Qomariah, mungguh tos janten syari'at dilaksanakeunana munggah haji. Teu aya ibadah saagung ibadah haji. Haji ngandung sarebu harti jeung sayuta hikmah. Ibadah haji mangrupa tiang kalima tina lima rukun dina Islam. Sakumna umat Islam méh yakin, réhna ibadah haji téh mangrupa syaréat nu teu tiasa dipisahkeun tina agama Islam. Kitu deui, Baetulloh, ka'bah sahiji tempat anu suci. Satiap taun ku umat Islam anu mampuh dijug-jug. Rébuan malah moal boa jutaan umat Islam ti suklakna ti siklukna jadi tamu Alloh (dhuyufulloh) seja ngalaksanakeun ibadah haji. Kajéntrékeun dina surat al-Hajj, 27-28, nu hartosna kieu : "Calukan umat manusa sina ibadah haji, tinangtu maranéhna bakal datang ka anjeun, boh laleumpang atawa naraék onta. Datang ti madhab papat sangkan maranéhna bisa nyakséni mangpaat anu dibikeun Alloh ka maranéhna."

Di payuneun ka'bah pisan para jamaah haji jumerit neneda ka nu kawasa miharep pangampura-Na, meredih magfiroh-Na tina samudaya kasalahan. Di ka'bah ieu pisan para jamaah unjukan ka nu kagungan ka'bah (Robbul ka'bah) tina sagala karerepet hirup. Kitu deui dina rukun-rukun sanésna, sapertos dina sa'i atanapi nalika wukuf, sadaya meredih sumpingna pangampura Alloh Swt.

Seueur kacida hikmah tina ibadah haji, nu intina sangkan jalma tinemu jeung kabagjaan. Carana? Sakumaha dawuhan Alloh di luhur, parantos ngajarkeun sangkan ninggalkeun pasipatan anu matak ngaruksak ahlak, saperti rofast, fusuk ogé jidal. Hartosna, saha jamaah nu biasa nyegah tina ahlak anu goréng (rofast, fusuk ogé jidal), tanwandé éta jalma bakal salamet. Sabalikna saha jalma anu dina pribadi masih keneh resep gibah, teu bisa ngajaga laranganana, resep silih dedetkeun, resep silih gorengkeun, resep upama batur teu akur, éta teh ibadah hajina teu mawa hikmah. Ieu sadayana janten ugeran, sangkan para jamaah haji ahirna kudu mampuh nanjeurkeun ahlak.

Nu mampuh Ibadah haji mémang nu mampuh kaduga bekelna, sakumaha ditétélakeun dina surat Ali Imran ayat 97. “Alloh parantos ngawajibkeun ka manusa munggah haji, (nyaéta) saha baé nu kaduga di jalanna”. Pidawuh Alloh SWT ieu méré pituduh yén Ibadah haji béda jeung ibadah-badah anu lianna. Disebat manistatha’a ilaihi sabila ogé, henteu cukup kaduga pisikna jeung pésakna, tapi ogé kudu kuat paseukna atawa élmuna. Lantaran kitu, Ibadah haji ngandung ajaran moral anu kacida luhurna, nyaeta pikeun ngawangun akhlak al-Karimah (tingkah laku anu saé), sakumaha ditandeskeun dina surat al-Baqoroh ayat 197 di luhur.

Para ulama seueur nyebatkeun, yén ibadah haji ngandung mangrébu-rébu hikmah keur mekelan pribadi anu soléh. Dina haji pisan, bakal katingal saha jalma anu ajenna hadé jeung saha jalma nu ruksak. Palebah dieu, mangka penting kacida ngawujudkeun ajén moral jeung ngawangun akhlak al-Karimah nu diwangun ku para jamaah haji, boh dina waktu ngalaksanakeun ibadah haji di tanah suci atawa saatosna réngsé ngalaksanakeun ibadah haji.

Naon pentingna tujuan nanjeurkeun ahlak tina rupa-rupa ibadah kalabet ibadah haji? Tétéla pisan, sangkan manusa tiasa salamet, tiasa tinemu kabagjaan. Jeung sabagian koncina, nyaeta aya dina nanjeurna ajén ahlak, kaasup ajén ahlak  para jamaah haji.

Seueur rupa-rupa hikmah haji nu ngajurung kana nanjeurna ahlak hadé. Di antarana, kahiji  nyadarkeun kana hakékat diri manusa minangka hamba Alloh SWT nu lemah, anu teu aya daya jeung teu aya upaya anging ngabutuhkeun Alloh SWT. Kitu deui, lantaran hirupna manusa teu bisa sosoranganan, mangka jelas bakal ngabutuhkeun bantuan papada manusa. Kadua numuwuhkeun kasadaran ukhuwah Islamiyah jeung al-Musawwah. Singhoreng tina sakitu rébuan jalma nu datang kalawan béda warna kulit, bangsa, basa, suku jeung adat istiadat, tapi geuning tujuan nyembah ka Gustina mah sarua. Ieu nuduhkeun, umat Islam di sakuliah dunya, kedah kaancikan rasa hormat jeung silihajénan ka papada nu meh sarua aqidah Islamiyah jeung ibadahna. Katilu, ibadah haji mumuwuhkeun kaikhlasan dina Tauhid ka Alloh SWT. Mung ka Alloh urang ibadah jeung mung ka Alloh urang ménta pitulung. Hal ieu sakumaha nu sok kasaksén nalika para jama’ah haji ngamimitian ngalaksanakeun ibadah hajina ku ucapan Talbiyah (Labaik Allahumma Labaaik, labaaik Laa Syarika Laka Labaaik Inal Hamda Wan Ni’mata Laka Wal Mulka La Syarikalak).

Kaopat, ibadah haji nyadarkeun para jama’ah haji kana niléy katakwaan manusa di payuneun Alloh, nu lain ditangtukeun ku hadé tagogna, bodas kulitna, lobana hartana, luhurna jabatanana. Tapi status manusa dipayuneun Alloh mah sami sakumaha digambarkeun nalika nganggo angoan ihrom. Nu béda kahormatan ti payuneun Alloh, nyaéta jalma nu pangtakwana. Kalima, nanjeurkeun sipat sobar. Boh sabar dina ngalaksanakeun ibadah, sabar dina ngajauhan maksiat ogé sabar dina narima ujian, cobaan atawa musibah. Kagenep, kudu tetep miara tatakrama anu hadé, sakumaha ngajagana tatakrama sapopoéna nalika ibadah di tanah suci, di perjalanan, ogé tatakrama saparantos ngalaksanakeun ibadah haji. Anu katujuh, nyaéta toleransi dina kahirupan beragama atawa silihajénan jeung papada manusa sakumna.

Upama ibadah haji dibarengan ku usaha ningkatkeun ajén ahlak geusan ningkatkeun ahlak al-Karimah, mangka luyu jeung kasauran Kangjeng Rasulullah SAW, nyaéta hamba nu kitu téh minanga tanda ibadah hajina anu makbul jeung mabrur. Sakumaha anu dipidawuh ku Rasulullah SAW dina hadits ti Abu Hurairah R.A., Rasulullah SAW ngadawuh: “ Singsaha jalma anu ngalaksanakeun ibadah haji kalayan teu rafats jeung fasik, mangka manehna balik dina kaayaan suci jeung beresih lir jabang bayi nu kakara gubrag ka alam dunya.”. (H. R. Bukhori).  

Margi kitu, mudah-mudahan para jamaah haji nu ayeuna aya ti tanah suci, mugi salawasna kénging panangtayungan Alloh Swt. kalawan dipaparin kakiatan kanggo ngalaksanakeun rupa-rupa kagiatan ibadah haji. Kitu deui, saparantosna aranejunna tiasa mulang deui ti tanah suci, mudah-mudahan aranjeunna tiasa nyeungitan lemah cai. Allahumaj’al hajjan mabruron, wa sa’yan masykuron, wa dzanban maghfuran. Amin. ***

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: