• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

H. Agus Kusnadi;

Nganti Jamaah Haji
Nyeungitan Lemah Cai

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
H. Agus Kusnadi; Ngajak Jamaah Nyeungitan Lembur [Potrét/Ilustasi: rudi]

Munggah haji misti daria. Kudu titih-rintih tur ati-ati. Kituna téh sangkan satutas na nyumponan ibadah haji, bisa ngahontal tujuan, jadi haji mabrur. Saterusna,mangpaat keur dirina, ogé pihak séjén, ka asup bisa nyeu ngitan lemah cai.

Dina panineungan mangsa baheula, seungitna hiji lembur, lantaran aya Pa Haji. Nu ngajak ngaji, nu ngawurukan masarakat, nu ngama’murkeun madrosah, nu mekarkeun pasantrén, éta téh sok dialpukahan ku Pa Haji. Hartina, ku ayana Pa Haji, lembur ogé jadi seungit ku kamulyaan, lantaran éta Pa Haji saméméhna geus di‘seuseuh’ geusan jadi ‘utusan’ Islam nu rohmatal lil’alamin.

Seungitna ibadah haji, mémang jadi harepan sakumna umat. Lantaran, nu dikersakeun mampuh nyumponan rukun Islam nu kalima, hakikatna mah beurat. Boh pésakna, pisikna, jeung paseukna (élmuna), kudu rancagé. Disebut kitu, lantaran ébréh, aya tugas nu kacida beuratna sakumaha nu katitén dina dawuhan Gusti Alloh Swt. “Kantenan haji mah beurat saleresna mah. Sakumaha diébréhkeun dina surat Al-Baqoroh ayat 200 dugi ayat 201,” ceuk H. Agus Kusnadi, mubaligh Bandung waktu ngobrol rinéh di bumina di Jl. Saturnus Selatan Komplek Margahayu Raya Bandung.

Disebut beurat, saur H. Agus, lantaran diterangkeun dina éta ayat, yén sabada ngaréngsékeun ibadah haji, saterusna mah kudu mampuh ngalaksanakeun dzikir kalawan istiqomah ka Gusti Alloh Swt. Dina harti, ibadah haji lain keur ngungudag kadunyaan atawa status, saperti nu dicontokeun waktu jaman Jahiliyah. Lantaran kitu jinek pisan, datangna ajaran Islam ngaliwatan ibadah haji geusan ngalelempeng paniatan, sangkan hirupna salamet di dunya ogé salamet engké jaga di ahérat.

Kitu deui, ibadah Haji ogé kacida mulyana. Lantaran kitu, teu anéh upama umat Islam di ieu bangsa ogé mani pagegelek pada mikahayang geura-geura nyumponan Ibadah Haji. Ngan upama éta kahayang henteu lempeng paniatan atawa mung saukur jadi pangbibita dunya, ceuk Pa Haji Agus, ka dituna bakal jadi bahla. Bahla keur dirina ogé bahla keur lingkungan sabudeureunana. “Atuh, nu rék ngajak ibadah haji ogé, ulah saukur ngabibita urusan dunyana,“ ceuk ieu mubalig nu geus dua kali munggah haji, taun 1996 sareng 2006.

 

Seuseungit Lembur

Haji Mabrur kacida dianti-antina. Lantaran, ceuk ieu pembimbing haji, sakumaha pidawuh Alloh nu ditétélakeun dina surat Al-Baqoroh ayat 197, ébréh kacida. Haji mabrur, bakal ngabuktikeun dirina mampuh miceun pasipatan nu matak ngaruksak jeung ngotoran dirina, saperti rofats, fusuk jeung jidal. Upama geus mampuh nyingkahan éta pasipatan, dirina bakal jadi rohmatala lil’alamin, saperti bakal mampuh tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah, saperti kaunggel dina surat Al-Imron ayat 92. “Mémang, nganiléy kasoléhan satutas haji sesah kacida. Paling nu gampil mah tiasa naroskeun kasoléhan ka tatanggina. Naha nyeungitan lemburna, atawa kalah sabalikna?” ceuk Haji Agus témbrés.

Mémang sacara teori mah, seueur pisan ukuran haji nu bakal bisa nyeungitan lemah cai. Ngan, ari dina prak-prakanana mah, bakal balik deui ka pribadi-pribadina. Di antara rumus nu ditiasa dilenyepan sangkan satutas haji bisa nyeungitan lemah cai, nyaéta kudu ngancik dina diri pribadina kamampuhna ngalarapkeun Tujuh T. naon Tujuh T téh? Ceuk H. Agus, kahiji tauhidilloh (kuat imanna), kadua tawakal (sumerah diri), katilu taawun (resep tutulung), kaopat tasamuh (soméah hadé ka sasama), kalima tadabbur (mampuh nyalenyepan), kagenep taobat (nu salawasna ménta pangampura Gusti jeung katujuh tadhiyah (mampuh berkorban demi nanjeurna agama Alloh). “Insya Alloh upama diri pribadina diwewegan ku tujuh T, moal hésé ngagaduhan lima bekel hirup,” ceuk ieu Instruktur Palatihan Qalbun Salim jeung “Penyuluh Agama”di Kota Bandung téh.

Naon bekel nu limana? Ceuk H. Agus, kahiji, salawasna bakal lempeng niatna, kadua haténa beresih jeung teu weléh rasa nyaah ka sasama, katilu bakal tumarima, kaopat rancagé jeung kalima salawasna ihlas lillahi ta’ala. “Saparantosna haji teras diwewegan tur dibekelan nu lima, Insya Alloh bakal jadi seuseungit di lingkunganana,” ceuk ieu pangurus Majlis Tabligh & Dakwah Khusus PP Muhammadiyah Jawa Barat téh.

Nyumponan Haji, mémang lain saukur meunang gelar. Tugas haji saterusna bakal langsung adu hareupan jeung lingkungan sabudeureunana. Ku kituna, sangkan oléh-oléh haji biasa kapetik nepi ka mampuh miara ibadahna, ceuk ieu Wakil Direktur RS. Muhammadiyah Bandung manten, satutas ngalaksanakeun haji, kudu ancrub ka lingkungan masarakat. Di masarakat, umat saterusna bisa ditungtun jeung babarengan miara tilu perkara sakumaha dijelaskeun dina Surat Fathir ayat 29. Nu kahiji, teu aya poé tanpa maca qur’an, kadua, miara solat jeung katilu teu petot-petot masihan infak keur kama’muran Islam. “Kedah ngaraos sieun ku tatangga upami satutas haji  teu ancrub ka masarakat,” pokna.

 

Resep Da’wah

H. Agus Kusnadi lahir di Bandung, 17 Agustus 1957. Ieu putra Bapa H. Sunarya sareng Ibu Mamah, ti leuleutik diasuh dilingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Agus (kitu katelahna) mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Agus pengkuh agamana ogé luhung pangabisana. Ku kituna, waktu Agus sakola SD, SMP di Bandung, sepuhna mah teu weléh nalingakeun, pangpangna dina sual ngaji élmu agama, sanajan Agus, sakola satuluyna ditarima di STMN I Bandung jurusan Mesin. “Ngaraos bingah ditampi di STM téh. Margi élmu agama hasil atikan ti madrosah diniyah tiasa diadumaniskeun jeung élmu pangaweruh kadunyaan,” pokna nineung ka mangsa keur rumaja. 

Keur mangsa rumaja, Agus ogé beuki buleud cita-cita. Bekel resep neuleuman élmu agama, Agus gé teu weléh aktip di organisasi da’wah kaumatan. Lantaran meunang élmu adumanis antara élmu agama jeung élmu umum, atuh nuluykeun kuliah gé ka IKIP (UPI ayeuna mah) di Fakultas Pendidikan Teknologi & Kejuruan, jurusan program otomotip. Kaayaan kitu, H. Agus Kusnadi ogé sadar tur teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt., lantaran bekel dadasar élmu agamana, singhoréng karasa pisan jadi cukang lantaran boga kamampuhna dina neuleuman rupaning élmu, kaasup neuleuman élmu sains jeung téhnologi.  Tolab élmuna ogé, teu ngan ukur kawatesanan di bangku kuliah. Dina saban aya kasempetan mah teu weléh ilubiung dina rupa-rupa kagiatan nu bisa ngaronjatkeun kamampuhanana. Kaasup, miluan palatihan-palatihan di organisasi kaagamaan jeung kagiatan da’wah ka saban tempat.

 “Margi ti aalit kénéh resep da’wah, atuh nincak déwasa jadi resep ngalarapkeun semboyan KAHAMUNA,” ceuk ieu carogé Hj. Evi Sofiah téh. KAHAMUNA téh singketan tina Kaya Hasrat untuk Maju dan Berguna. Nu jadi kajian utamana, nyaéta neuleuman Al-Qur’an jeung Hadits nu aya patalina jeung pasualan Aqidah-Akhlaq.

Saréngséna lulus kuliah, H. Agus teu weléh pada ngajak, utamana kana kagiatan da’wah jeung organisasi kaumatan saperti di Muhammadiyah. Malahan ancrub di Muhammadiyah mah geus ti mangsa rumaja kénéh.  Ti mimiti aktip di IPM, nyangking kepala SMP Muhammadiyah 3, SMP Muhammadiyah 4 Bandung, dugi mancén pangurus wilayah Muhammadiyah Jawa Barat. “Insya Alloh, hoyong teras bakti ka organisasi sangkan tiasa ngama’murkeun lemah cai,” ceuk ieu rama Ahmad Rofi Suryahadikusumah, Rizqi Hakimi, Renisa, sareng Raisa Filmi téh.

Dipercaya di bimbingan rohani Muhammadiyah, pembimbing haji jeung resep Da’wah, ka dituna gagasan jeung pamikiranana beuki loba mangpaatna, kaasup nepi ka ayeuna, H. Agus tetep dipercaya jadi instruktur palatihan di Qalbun Salim jeung ISO BUILDING widang Spiritualitas Engineering.

Adumanisna pangalaman mancén di organisasi, kagiatan da’wah, ogé jadi nara sumber, H. Agus Kusnadi,  teu weléh nyatetkeun catetanana jadi cutatan, boh dina wangun buku atawa dina karya ilmiahna. Pangalamanana nyorang lalampahan panjang. Ngan, tangtu wé, kituna téh  dibarengan ku karep jeung kakeyeng dina ngalaksanakeun pancén nu jadi tanggung jawabna. “Dina keyengna ngalaksanakeun da’wah, kantenan kedah dibarung ku tarékah nyontoanana,” pokna nutup obrolan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: