• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Qurban

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1412657980.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Keteyep leumpang, laju mukakeun lomari. Tarapti nakeran. Inggis pamajikan anu keur ngageubra kagareuwahkeun. Kalawan antaré Danu ngitung duit nu aya dina leungeunna.

“Alhamdulillah cukup,” gerendengna. Haténa ngarasa lugina. Kahayang nu geus aya taunna karék ayeuna  bisa kaparengkeun. Ngiluan qurban. Lain, lain teu mampuh. Malah lamun bisa disebutkeun, Danu téh kaitung jelema anu moal kakurangan ku duit ceuk batur mah.

                Tapi nya kitu, milik mah hésé ditingali ku panon lahir. Duit anu aya di manéhna téh éstu duit titipan ti mantenNa.  Aya hak jalma lain anu aya dina éta duit. Matakna teu hayang makaya diri sorangan. Resep tutulung. Dina prungna boga rejeki sok mentingkeun heula dulur, tatangga anu boga papait, tinimbang keur dirina sorangan. Kitu prinsip Danu.

                Teu anéh lamun aya ogé nu tingkecewis. Majarkeun téh kalakuan Danu mah hayang kapuji ku batur. Nulungan batur bari jeung teu merhatikeun nasib sorangan. Piraku majar téh jelema nyondong, beunghar, teu bisa ngalaksanakeun qurban saban taun. Rawing ceuli keur Danu? Henteu. Top téh teuing. Keur manéhna mah tara ieuh hayang mikiran nu karitu, anggur sing jongjon  kukumpul amal pikeun pibekeleun ka ahérat. 

                Tah ayeuna meureun waktuna nu rinéh. Euweuh Darwan adina anu biasana datang ménta tulung. Euweuh deui adina Yati anu biasana luh-lah ménta dibéré modal. Geus tumaninah meureun matak kitu gé. Pon kitu ningali ka sakuriling, utamana tatangga deukeut. Alhamdulillah saréhat, teu kudu dibawa ka dokter. Kudu mindeng merhatikeun maranéhna, sabab ngarumasakeun manéh. Di antara tatangga téh nya Danu anu kaitung rada beunta.

                Kitu deui dina runtuyan kulawarga. Salaku lanceuk panggedéna, manéhna ngabogaan kawajiban anu gedé pikeun ngabingbing tur ngabayuan adi-adina. Sanajan enya  geus rimbitan. Tapi bet angger aya kamelang lamun ngadengé adina atawa dulur manggih kasusah.

                Éta ogé meureun anu dijadikeun senjata ku dulur atawa tatangga deukeut. Nyaho ka sipat Danu anu karunyaan. Nyaho kana tabéatna nu tara nolak lamun aya karerepet. Teu anéh lamun ka imahna teu weléh merul ku nu boga pangabutuh. Sanajan ceuk nu ningali mah enya nanaonan, nyapékeun manéh. Tapi da jinisna mah haré-haré waé. Ari boga nya kari méré, ari teu boga mah nya wayahna. Kitu waé prinsipna.

                Dina haté pangleutikna sabenerna Danu ngabogaan niat hayang qurban. Qurban tina ladang duit anu genah antaré. Hartina duit anu henteu kabereg ku pangabutuh dulur jeung lainna. Ngahaja diteundeun diapik-apik. Pamajikanana – Éha oge teu nyahoeun kana niatna. Ké wé lamun geus gembleng duitna, sarta mahi kana sadombaeun karék nu jadi pamajikan rék dibéjaan, kitu ceuk angkeuhanana.

                “Lamun Bapa qurban di dinya teu kabeuratan?” Tanyana ka nu jadi pamajikan bari jeung  gék diuk dina korsi, rinéh pisan. Panon neuteup ka jalan anu lega. Neuteup leleb ka sakuriling bungking anu kacida pikabetaheun. Panonpoé nu keur meujeuhna umyang pikabitaeun, ngilu maturan Danu rinéh diuk dina korsi hoé.

                “Nya. Atoh wé nu aya atuh Pa. Naha Bapa kagungan kitu?”

                “Eya aya sadombaeun mah. Ké isukan nitah Karta sina ningalian domba nu alus.”

                “Alhamdulillah atuh. Mudah-mudahan sing kalakonan niat Bapa téh.”

                “Ieu kulub hui ti saha? Mani asa pulen kieu.”

                “Éta kamari ti Suhadma ka dieu. Majar téh haturan Bapa cenah.”

                “Suhadma?” tarang Danu kerung.

                “Éta Suhadma anu imahna di lebak. Basa budakna katabrak, ning ku Bapa dibawa ka rumah sakit, dibiayaan nepi ka cageurna. Da nu nabrakna mah kabur, teu tanggung jawab.”

                “Oh... Suhadma éta. Sukur atuh inget kénéh ka dieu.”

                “Kamalinaan wé mun teu inget téh, Pa. Sakitu biaya béak sa...”

                “Ssst. Tong ngomong nu karitu. Kudu iklas,” Danu ngagebés.

                Éha jempé. “Tah cai entéhna geura. Nikmat. Gulana gé ku gula kawung.”

                “Enya wé nikmat kieu. Alhamdulillah. Nuhun Gusti masih kénéh dipaparin kanikmatan di alam dunya.” Danu nyuruput cai téh amis, celemun kana hui.

*

                Éha karék ngudar mukena waktu ngadéngé nu uluk salam. Teu talangké gancang dibuka.

                “Leuh geuning Darman. Cageur? Sok ka jero.”

                “Alhamdulillah, Ceu. Akangna aya?”

                “Keur ka masjid. Sakeudeung deui gé ka dieu. Mana barudak? Nyorangan waé?”

                “Nyéta Ceu, lah kumaha atuh...”

                “Ké ngobrolna ka akangna geura, sakeudeung deui datang,”  Éha ngaléos haténa bet asa teu puguh. “Pasti wé geura aya pangabutuh.” Haténa nyoara. “Horéam ngabandungan adi beuteungna  anu  teu weléh datang ménta tulung. Luh-lah jeung luh-lah. Matakna teu hayang nyanghareupan. Kencling wé ka masjid ngabéjaan salakina yén aya sémah.

                “Aéh geuning Darman kumaha cageur?”

                “Alhamdulilah, Kang. Ngan nya kitu téa budak.”

                “Kunaon kitu budak?”

                “Puguh geus tilu poé dirawat di rumahsakit, Kang. Demam berdarah. Matak ka dieu téh. Nya susuganan wé aya milik budak. Sugan aya cekelan duit. Dua juta waé mah. Ka saha deui atuh abdi ménta tulung ari sanés ka Akang mah.”

                “Dua juta?” Biwir Danu kunyem. Piraku duit nu diajam keur qurban rék dibikeun mah. Apanan pamajikan geus nitahan Karta sangkan néangan domba. Tada teuing wirang, mun teu jadi téh. Haténa adu rényom.

Inget kalakuan Darman anu mindeng nyapékeun. Ti jaman sakola kénéh. Geus teu kaitung Danu ka sakola, pédah adina sok nyieun masalah waé. Mabal téa, gelut téa, mabok téa. Kaluar sakola langsung kawin da kacilakaan. Boro-boro néang gawé. Sakalieun aya nu ngajak gawé, teu junun da cenah gajihna leutik. Ayeuna sanggeus kawin sarta boga anak? Angger karerepet téh datangna ka manéhna deui waé. Darman... Darman... rék iraha manéh téh élingna.

“Meunggeus tong ditulungan. Nya teu capé ngurusanan nu jadi adi? Adi di dinya mah salilana gé moal éling. Angger ngadoréksakeun. Ngeungeunaheun wé ditulungan. Bari jeung jinisna teu euih-euih.” Nu nangtung dibaju hideung gigireun Danu ngaharéwos.

                “Enya nya. Ka teuteuari.”

                “Tah kitu jadi lanceuk téh tong hayang nulungan waé. Keun antepkeun tah sina karasaeun ku bebengokna kumaha héséna néang duit téh. Keun sina karasaeun tah budak ngalempréh teu empés-empés. Sugan jadi pelajaran ka manéhna, méh néang gawé. Keun sina ceurik tah batinna komo lamun budak nepi ka teu...”

                “Danu sing inget. Istighfar. Éta téh adi sorangan. Pan ti baheula gé di dinya téh pada ngambeuan ku saréréa. Danu mah lain jelema anu hayang dipihormat. Lain. Niatkeun dina haté hayang tutulung. Inget urang hirup di alam dunya téh moal salilana. Kudu salilana paheuyeuk leungeun, nyieun amal nu maslahat. Pan ku di dinya karasa kumaha tutulung ka jelema téh. Geuning loba baraya. Loba anu mikanyaah ka budak di dinya. Komo, inget tah amanat indung bapa di dinya nu geus tilar dunya. Jaga adi-adi. Naha teu inget?”

                “Astagfirullahaladzim.” Danu ngusap beungeut. Les dua jirim anu aya di kénca jeung katuhu ngaleungit.

                “Éha. Pangmawakeun nu dina lomari téa.”

                “Tapi pan?”

                “Sst. Teu nanaon. Akang rido.”

                “Nya ari kitu mah.” Éha muru ka kamar nyokot duit.

                “Tah duit ti akang. Hampura kitu ka budak, Uwa can bisa ngalongok. Keun sugan isukan ka rumahsakit. Jing tong loba pikiran mugia budak sing geura cageur.”

                Peuting beuki ngolotan. Danu saré tibra. Haténa kacida lugina. Reuwas kareureuhnakeun. Untung teu kabawa ku sakaba-kaba. Kabawa poék ku jirim hideung anu nitah méngpar tina jalan biasana. Ya Alloh, tungtun jisim abdi salamina dina jalan anu lempeng, gerendengna imut. Bangbaluh haténa geus leungit. Dua haté nu adu rényom, nu soléh jeung nu bedang tatadi mula. Ayeuna si soléh imut ngagelenyu. Réhna Danu geus nyieun hiji putusan. Putusan anu bakal ngajaga dirina dina poé ahir. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: