• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Budak Angon

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1412658429.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Duka anu kasabara kalina pamajikan laporan. Cenah, pasakan tina méja makan aya anu ngeduk. Anu ditinggalkeun téh saukur piring jeung mangkok kosong. Kuring saukur ngarérét, terusna mah maca koran deui. Atuh da heueuh, masalah anu kitu wae dilaporkeun ka salaki. Meureun dipaok ku ucing. Atawa poho meureun pasakan sésa mah dibikeun ka Bi Ela anu babantu unggal poé, datang isuk balik soré.

“Sanés masalah pangaosna, Pah, anu ku Mamah diémutan téh,” pamajikan lapor deui basa kuring keur dangdan di kamar, “Ieu téh kajadian anu kasapuluh kalina, Pah. Unggal énjing-énjing basa Bi Ela badé ngahaneutkeun, pasakan téh tos kosong. Apan wengi téh urang mésér guramé goréng saos tiram, rendang, gudeg sapendil, ayam bakar madu, spagethi, donkin donat, sareng duka naon deui geuning. Eta téh sadayana séép. Naha mungkin teu di bumi urang aya....”

“Tuyul?”

“Muhun, sabangsaning anu kitu.”

“Ah, aya-aya waé Mamah mah. Urang téh tos opat taun di dieu. Ti ngawitan si Nisa tilu taun, ayeuna apan tos SD. Apan teu aya anu anéh-anéh salami éta mah. Nembé ayeuna Mamah laporan....”

“Kumargi nembé ayeuna, ampir unggal wengi, apan anéh....”

“Papah mah hoyong sarapan bari nongton télévisi. Hoyong terang kumaha tanggapan kana keputusan fraksi anu kamari disahkeun ku ketua,” ceuk kuring bari kaluar ti kamar. “Engké deui waé ngabahas anu kitu mah.”

Puguh deui kuring keur riweuh pisan ayeuna téh. Rapat asa henteu aya eureunna. Panggih jeung itu jeung ieu taya reureuhna. Teu pira mimitina mah, aya usulan sangkan béas raskin anu salila ieu dibagikeun ka masarakat miskin téh kumaha lamun diganti ku duit waé. Hargakeun waé sakilo béas téh salapan rébu. Apan salila ieu, lamun henteu mahi pasokan ti Bulog, béas raskin bagikeuneun téh kudu ngaimpor. Rapat, dijieun rancangan keputusanana, lamun perlu diundang-undangkeun. Ari pék téh jadi ramé. Aya anu sapuk, aya anu henteu. Biasa, kumaha kapentinganana. Ari kuring, ah sarua waé. Tadina ogé diobrolkeun téh pedah geus lila euweuh pagawéan.     

Kuring kakara inget deui kana laporan jikan basa hiji peuting kudu nyieun teks pidato anu isuk bakal dibacakeun ketua. Tengah peuting téh kakara anggeus satengahna. Aya ku hararésé ari nulis. Puguh tadina mah apan sok muruhkeun ka Ripa, wartawan anu mangkal di kantor. Ngan hanjakal Ripa keur euweuh.

Laptop ditinggalkeun da karasa lapar. Ti soré can kaeusian sangu. Mulang ti kantor téh ngahaja mungkus kwee tiaw, capcay, jeung hot dog. Tapi basa tudung saji dibuka, anu aya ngan kari piring kotor jeung keretas bungkus. Kuring ngaguyah-guyah pamajikan. Terus ka kamar dapur ngahudangkeun Mang Asip, supir anu peuting éta mah mondok. 

“Tadi Mang Asip nyimpenna apan di méja?” ceuk kuring.

Mang Asip anu keur molohok unggeuk. “Mamang anu ngalihkeun kana piring mah, Pa. Rupina upami dugi ka beresih sapertos kieu mah sanés ku ucing.”

Kuring ngarérét ka pamajikan “Mamah henteu emam apan tadi?” ceuk kuring.

Pamajikan kalah neuteup. “Kajadian kieu téh tos ampir sasasih, Pah. Méh unggal wengi,” cenah, terus ngaléos ka kamar.

**

Ketua ambek-ambekan pédah sanggeus ngaganti béas raskin téa bolay, fraksi ngusulkeun mobil anggota diganti ku lamborghini disatujuan Kepala Rumah Tangga Kantor; diberitakeun ku koran-koran. Ngérakeun, ceuk sababaraha koran téh, wakil rahayat sanggeus ménta intensif barang marahal, mobil ogé hayang diganti ku lamborghini anu hargana apan milyaran. Ceuk hiji pengamat, “Eta téh tanda wakil rahayat henteu tenggang rasa”.

Kuring seuri macaan berita téh. Ah, sakapeung persoalanana mah lantaran kabagéan hancengan atawa henteu. Basa kuring nélépon sobat anu asalna ti pasantrén, ngadongéngkeun pasakan anu leungit di imah téa, manéhna kalah ngagakgak.

“Kedahna Akang diajar maok anu lantif ka éta bangsat,” cenah.

“Naha kumaha?”

“Apan tos puluhan kali emameun téh ical, tapi Akang masih poékeun saha anu nyandakna.”

Kuring ngahuleng.

“Halo, halo, Kang, tos uninga kitu saha anu maokna?”

**

Tabuh 23.42. Panon geus sababaraha kali rapet. Tapi pamjikan ngaguyah-guyah, nyiwit, bari ngaharéwos, “Tong wara bobo, sakedap deui ogé bangsat téh datang.”

Peuting éta ngahaja ngampar kasur di hareupeun télévisi. Lampu dipoékan. Ti dieu mah apan atra ka méja makan téh. Enya kuring ogé ngilu panasaran. Na aya bangsat mani ku lantip. Panto angger ngonci, nako nutup, jandéla pageuh. Ka mana jalanna atuh éta mangkluk téh?

Duka sabaraha lila ngalenyap basa pamajikan nyiwit rada tarik. Méh baé ngagorowok lamun baham henteu gancang ditutup mah. Manéhna nunjuk ka méja makan. Kuring molohok basa ningali tudung saji ngangkat. Terus piring-piring mahékeun kadaharan kana kantong pelastik anu muka. Taya sora anu kadéngé. Sababaraha menit ogé tudung saji téh nutup deui. Bungkusan pelastik eusi sagala kadaharan téh ngalayang kana panto anu ujug-ujug muka.

Kuring henteu bisa nyoara. Pamajikan ngadégdég.

**

“Mahluk anu kitu mah ngan bisa katingali ku pikiran anu beresih jeung haté anu ihlas. Cobian solat sunat, jikrulloh. Bapa téh peryogi suasana anu nyantéy, henteu diriweuhkeun ku urusan duniawi. Tugas Bapa téh abot. Ngan ku jujur, ihlas, ningali ka jauhna ka rahayat anu katalangsara, Bapa tiasa menikmati hidup,” ceuk hiji sobat anu lila ngaleungit. Ti saprak kuring riweuh ku urusan nagara manéhna siga anu ngaleungit. Ari ayeuna ujug-ujug nyampeurkeun.

Duaan jeung pamajikan kuring solat peuting. Terus jikir nepi ka méh tengah peuting. Bakat ku panasaran, saha atuh anu maokan kadaharan tina méja makan téh? Haté asa leuwih ngemplong. Pikiran ogé asa leuwih tiis.

Duka tabuh sabaraha, keur lelenggutan bari angger jikir, kuring ningali budak kira umur lima taun, naék kana méja makan. Tudung saji téh dibuka, kadaharan tina piring jeung mangkok dicicikeun kana kantong pelastik. Geus béak mah kadaharanana, tudung saji téh ditutupkeun deui. Terus budak téh turun tina méja makan, leumpang kawas anu ngalayang, ka kamar budak kuring.

Kuring jeung pamajikan nuturkeun. Tapi panto kamar budak mah apan dikonci ti jero. Sedeng éta budak nembus kana panton, siga tokoh kartun Casper téa. “Enggal susul ka jalan payun,” ceuk pamajikan.

Kuring leumpang gagancangan muru panto hareup. Di kajauhan poék meredong. Budak anu ngajingjing sapelastik kadaharan téh katingali leumpang. Teu aya béntang teu aya bulan. Eta budak teu bina ti cahaya baé. Mani ngempur.

Kuring jeung pamajikan terus nuturkeun. Poho kana sendal. Poho kana jékét. Duka sabaraha lila jeung sabaraha jauh, da késang mani ngoprot, tapi henteu ngarasa capé. Sigana pamajikan ogé kitu, da henteu kadéngé ngangluh.

Sanggeus ngaliwatan jalan aspal simpé, pasawahan, pakebonan, sup ka pakampungan. Kampung leutik sisi leuweung sigana. Da imahna ogé ancal-ancalan. Imah panggung laleutik anu bilikna katingalina geus barobo. Taneuh karasa teuas jeung bareulah.

Di deukeut hiji imah panggung budak téh anu ngaleungit. Kuring jeung pamajikan gancang muru, sieun kaleungitan tapak. Tapi budak téh geus teu kasusud. Anu katingali téh panto imah anu muka. Di jero aya lampu ngetit. Hideng suku téh ngaléngkah ngadeukeutan panto imah. Tayohna éta budak anu maok kadaharan téh asup ka éta imah.

Kuring jeung pamajikan ngadon ngajanteng di hareupeun panto imah anu muka. Keur patingharuleng, ti jero aya sora awéwé nitah asup. Pamajikan nyunyurung kuring.

“Budak angon téh henteu nyimpang nya? Kitu cenah, unggal peuting ogé manéhna mah ngan nyimpang ka hiji imah,” ceuk éta awéwé basa kuring geus asup ka imah. “Kabeneran waé peuting ayeuna nyimpang ka dieu. Meureun nyahoeun, geus euweuh deui kadaharan di dieu mah. Béas raskin bulan ieu mah apan hapeukna mani nataku. Geus diséréhan, disalaman, dikonéngan, angger waé matak ongkék anu babarian.”

  Kakara sidik, remeng-remeng, si nini téh keur ngeusikeun kadaharan kana piring-piring séng. Terus hiji piring dibawa ka dipan. Kuring méh baé ngajerit bakat ku reuwas. Di dipan téh aya budak keur ngagolér, disimbut sarung, mani celong jeung haropak, siga anu lila pisan henteu manggih kadaharan.

“Jang, emam ayeuna, meungpeung aya sangu pulen sareng kulub daging hayam,” ceuk si nini. Tapi budak téh ukur ngarérét.

Si nini ngawadahan deui kadaharan anu masih dina pelastik. Terus ngasongkeun ka pamajikan. “Henjung geura baralik, tong nungguan barudak henteu daék dahar lantaran geus liwat pisan ti lapar.”

Pamajikan ngadégdég, henteu bisa nyoara. Kuring sorangan asa laleuleus.

“Kami mah milarian budak anu tadi, Nini,” ceuk kuring halon.

Si nini neuteup kuring. Pipi kemongna ayeuna mah sidik. Pokna téh, ”Keun waé, tong ditutur-tutur anjeunna mah. Da lamun geus milikna mah anjeunna pasti nyimpang. Henteu aya anu terangeun saha ari anjeunna téh.”

Di luar kadéngé girimis ninggang dangdaunan. Sorana éstu mutuh lirih. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (8)

agus

patepang deui sareung carpon di smkn

zaenuddin sena

wakil rahayat mah moal aya nu maca, sibuk sidang bari bbs.

Agus Setiadi

sae...kanggo pangeling-eling para wawakil rakyat ...

aon nuralamin

asa waas sanajan maosna rada lami, asa poho..

endang hamdan

sae.... pisan.. nuhun

endang hamdan

sae.... nembe tepang deui ti th 1970.... kamana wae atuh nya.... nuhun asa kagagas hate teh... waas... tepang deui tos aki2.... hatur nuhun... mugi sing lancar...

Eddy Hidayat Soeherman

Lenyepaneun. subhanallah. Tos lami pribados teu maos mangle, kaleresan ayeuna online mendak mangle online, kapayunmah Insya Allah bade ngersakeun nyimpang deui, haturnuhun.

tonton aristono

Lenyepaneun carpon teh. Mung mugi diperhatoskeun undak usuk basana, margi didinya endahna basa sunda teh

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: