• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Lima Bekel,
Nguatan Iman Sabada Kurban

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Puji kagungan Gusti nu Maha Suci, teu aya deui tempat pangbalikan sakabéh mahlukna, angin bakal uih ka Mantena. Solawat miwah salam mugia salamina ditetepkeun ka jungjunan urang sadaya, nyatana Kangjeng Nabi Muhammad SAW.,  ka kulawargana, ka para sohabatna, ogé ka nu hamba-hamba nu tumut ka anjeunna, kalabet mudah-mudahan urang sadayana. Amin.

Ti payun, umajak ka sakumna kaum muslimin, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh Swt. kalawan sabener-benerna takwa. Margi teu aya deui jalmi nu pangmulyana mungguh Alloh, anging jalmi nu pangtakwana. Inna akromakum indallahi atqoqum. Saéstuna jalmi nu pangmulyana dipayuneun Alloh, nyaéta jalmi nu pangtakwana.

Kaum muslimin, basa wukuf kamari pisan, mangyuta-yuta ti sakuliah dunya, kalebet jamaah haji Indonesia sarumujud, sumerah diri di Padang Arafah. Hiji kakuatan tauhid, teu aya deui nu diibadahan anging ka Alloh Swt. Sumerah mancegkeun kaimanan, geusan nanjeurna kasolehan. Mudah-mudahan aranjeunna dilebetkeun kana haji mabrur. Amin.

Ku kituna, sabada réngsé urang ngalaksanakeun Idul Adha taun 1435 H ayeuna, penting kacida urang muhassabah, ngariksa diri kana kaimanan jeung katakwaan urang ka Alloh, lantaran, geuning satengahing hirup ayeuna, seueur kénéh ujian nu nimpa ka umat Islam, utamana pasualan kafakiran, pangpangna fakir dina kaimanan ka Alloh Swt. Margi kitu, idul adha atanapi idul kurban nu kamari, hayu urang sami-sami candak sareng laksanakeun naon palajaran tina éta ibadah. Nu teu kirang mulyana, hikmah nu kacida mulya tur payus jadi tiang papagon hirup urang, nyaéta nulad ka Kangjeng Nabi Ibrahim as., nu sakitu pengkuhna dina nanjeurkeun bebeneran. Seueur pisan nu tiasa janten bekel hirup pikahareupeun tina satukangeun perjuangan Nabi Ibrahim a.s.

Kahiji, mageuhkeun aqidah ka Allah swt. Nabi Ibrahim as ku anjeun geus méré conto, kumaha kaimanan geus jadi pangubutuh utama dina diri satiap manusa. Raja jeung kaum Namrud, nu sakitu borongosan nipu ku cara-cara kamuslihatan ka kaumna, ku kakuatan aqidah Nabi Ibrahim, ngajadikeun maranehna taluk, teu wani ngéléhkeun kawewegan kaum Nabi Ibrahim as. Témbrés pisan, kaimanan geus jadi senjata ampuh keur nalukkeun kaum musrikin kaum kadoliman. Dawuhan Alloh surat A-Mumtahanah ayat 4:

Nu hartosna kirang langkung kieu: Saéstuna geus aya suri tauladan keur anjeun dina diri Ibrahim jeung kaumna; nalika maranéhna nyarita ka kaumna: Saéstuna kami geus leupas tina laku lampah aranjeun jeung tina sesembahan lian ti ka Alloh, kami geus ingkar tina (kakapiran) anjeun jeung geus jelas, antara kami jeung anjeun mumusuhan jeung rasa bendu keur salawasna nepi ka anjeun ngarasa iman ka Alloh wungkul.”

Margi kitu, jalmi nu kuat imanna bakal panceg pamadeganana. Malahan kapengkuhan iman model kieu, Kangjeng Rosul dugi ka ngadawuh: ‘ajaban liamril mu’minin inna amrohu kulluhu lahoeru walaesa dzalika liahadin  illa lilmu’minin, in ashobathu sarrou syakaro fakaana khoeron wain ashobathu dorro’u shobaro fakaana khoerollahu. Nu hartosna: Kacida ta’jubna jalma nu iman, saéstuna sakabéh urusanana, boh keur dirina jeung moal aya deui nu kitu, kajaba keur jalmi mu’min. Upama anjeunna meunang kasenangan, pasti ngarasa sukuran jeung nu kitu téh hadé keur dirina. Saupama anjeunna katibaan kasusah, anjeunna sobar jeung kituna téh hadé keur dirina. (HR. Ahmad jeung Muslim).

Kadua, nanjeurna ahlak anu mulya. Hikmah Idul qurban kamari, diantarana nanjeurkeun ahlak mahmudah, ahlak anu pinuji. Ieu penting kacida, lantaran hiji bangsa lamun ahlakna ancur bangsana ogé bakal ancur. Kituna téh sapertos pasipatan nu beuki dieu beuki matak hariwang. Geuning jalma, kaasup para politisi, kadieunakeun, loba nu resep silihmusuhan, silihsalahkeun malah aya deui nepi kasilihtelasan. Kitu deui, Kaayaan pasipatan jalma model kitu, tangtu laun-launna mah bakal ngabalukarkeun bangsa nu ancur, ngalagragkeun martabat bangsana. Saurang ulama Mesir Syauqi Bey, kantos sasauran:  Innama amamul ahlaku ma baqiyyat wain humuu dahabat ahlakquhum dahabuu. Hiji bangsa bakal langgeng, upama nanjeurkeun ahlak. Saupama ahlak hadé geus sirna, mangka bangsa ogé milu sirna.    

Palajaran sanésna, sapertos nu ditingalikeun ku putrana Nabi Ibrahim as., Nabi Ismail as. Sikep taat ka ramana, éta jadi dasar poko dina cara ngatik putra nu soléh.

Katilu, nanjeurkeun kakuatan élmu agama Alloh, geusan diamalkeun. Dina hartos, élmu pangaweruh, boh élmu keur habluminallohna boh keur habluminannasna, kedah dilampahkeun dina kahirupan sapopoéna. Lantaran, élmu nu teu diamalkeun, Alloh Swt. kacida dibendu. Kaburo maqtan indallohi an taquuluuna maa laa taf’aluun. Gedé pisan bebendonna maranéhna nyarita anu ku maranéh henteu dilaksanakeun. Margi kitu, nanjeurkeun élmu ogé, lianti mampuh dina ngamalkeunana, ogé kuat dina nyiarna. Lantaran, umat sareng generasi Ibrahim a.s. kagolongkeun jalma-jalma nu luhung élmuna, jauh paningalna. Pidawuh Alloh dina surat Shad ayat 54 : Wadkur ‘ibaadanaa ibrohima waishaqo waya’quba uulil aedi wal abshor. Nu hartosna kirang langkung: Jeung sing inget ka abdi-abdi Kami, Ibrahim, jeung Ishaq katut Ya’kub nu baroga jasa jeung jauh paningalna.

Kaopat, kakuatan ukhuwah Islamiyah. Para jamaah haji nu mangyuta-yuta karumpul, sarujud kalawan teu ditingal ti bangsa mana jeung teu dibédakeun warna kulitna, jadi palajaran tina pentingna cara babarengan dina nanjeurkeun agama. Sabalikna, dipahing pisan, umat Islam paburencay, silihsalahkeun jeung silihmusuhan. Palajaran tina Ibadah kurban, sawadina mampuh nanjeurkeun ukhuwah. Saiman sapatékadan ka Gusti, kacida luhurna tinimbang urang kudu silihsalahkeun karana béda partéy, béda tim sukses jeung sajabana. Di dieu, agama ngajarkeun pentingna ukhuwah kalawan teu ngabédakeun éta jalma naon kagiatanana. Sanajan béda-béda, tapi agama nuduhkeun kamulyaan katempat sahiji. Inna akromakum indallohi atqoqum. Badé kukumaha ogé, rék luhur kalungguhanana, rék geulis jeung kasép rupana, éta sadayana teu aya hartina dipayuneun Alloh, anging éta jalma mampuh milampah katakwaan ka Alloh Swt.

Kalima, kakuatan ékonomi. Islam jelas, ngajarkeun hirup didunya kudu narékahan bekel dunyana. Ngan kumaha ari ngokolakeun dunyana? Ieu nu penting kanggo umat Islam. Alloh parantos masihan ka urang nu namina washilah al-hayat. Alam dunya nu sakieu ni’matna, nu sakitu legana, apan éta téh sangkan manusa bisa ngokolakeunana. Tah, rejeki nu diturunkeun ku Alloh kitu, ulah dimomoré, ulah diurus kitu-kitu waé tanpa élmu. Elmuna kumaha? Dina Islam aya nu namina syariáh nu dilebetna aya muamalah. Dina Islam, jelas, hirup di dunya téh keur néangan bekel ahérat. Atuh ngokolakeun dunya ogé luyu jeung hukum agama. Jadi kakuatan ékonomi Islam lain dina lobana ngumpulkeun hartabanda, tapi nanjeurna syari’ah dina hirup urang. Gesit milari nu halal tur ngajauhan banda nu haram.  

Margi kitu, dina ieu sasih haji anu mulya, mudah-mudahan urang satemenna dipasihan kakuatan pikeun nanjeurkeun sahenteuna lima kakuatan sakumaha diluhur. Allohuma innaka tasma'u kalami wataro makani wata'lamu sirri wa'ada niyyati laa yakhfa 'alaika syaeun min amri anal baa isul fakiirul mustagiisul mustajiirul wajalul musfiqul muqirrul mu'tarifu bidanbi as 'aluka mas alatal miskiina wabtahil  ilaika ibtihala mudnibid daliili wa 'ad'uuka du'a'aal khooifid doriiri man khodo'at lahu rokobatuhu wafaadot  lahu 'aenahuu wadalla jasadahu  warogoma anfuhu, allohuma laa tajalni bidu'aika robbi sakiyyan wakun lii ro'uupan rohiima yaa khoerul mas'uuliin waya khoerol mu'tiin.  Ya Alloh, Gusti nu nguping ucapan abdi, jeung ningali kana sagala tempat abdi. Gusti nu uninga kana sagala nu caang jeung nu poék tina sagala nu aya dina diri abdi. Teu aya naon-naon nu dina diri abdi anging Gusti Nu Maha Uninga. Abdi jalmi fakir, jalmi lemah, nu saéstuna butuh panyalindungan. Abdi jalma nu sieun, nu butuh kanyaah Gusti. Abdi rumasa, seueur dosa. Sim abdi nyuhunkeun ka Gusti, ku ampunan jalmi miskin jeung abdi nyuhunkeun ku ampunan jalma nu lumur dosa tur hina. Nun Gusti, abdi nyuhunkeun ampunan kalawan abdi nu kagungan soca jeung jiwa raga abdi nu hina. Nun Gusti, mugi Gusti ulah ngajadikeun panuhun kuring ka Gusti nu nyababkeun lungsurna malapetaka. Mugi Gusti masihan rasa asih Gusti, saéstuna Gusti nu panghadé-hadé tempat panyuhun sareng sahadé-hadé nu maparinan. Robbana aatina fiddunya hasanah wafil akhiroti hasanah wakinaa adabannar. Amin. 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: