• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Nyangkaruk
Jero Haté

Kénging Lies Tjandra Kancana
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1413697551.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Sigana moal aya nyeri anu pangnyeri-nyerina sadunya, ogé nu pangpeurih-peurihna sarta pangsedih-sedihna di alam maya pada, iwal ti ditinggalkeun ku kanyaah urang, beubeulahan haté batur pakumaha salila  mang puluh-puluh taun, Kang Yoséf.

Harita otak kuring teuing aya di mana. Pikiran teuing ngalayang ka mana. Suku asa nincak asa henteu, tetempoan asa nempo asa henteu. Mun rék dipokkeun mah asa jadi zombie. Hirup éstu teu boga rarasaan. Ngaléngkah asa ngalayang. Jajantung asa ngabatu, haté asa marékplékan. Suku asa ngabelesek ka jero taneuh..

Harita asa hayang ngagali deui taneuh anu nutupan di mana manéhna diarugan. Hayang ngagolér gigireunana, maturan sangkan manéhna henteu keueungeun . Hayang milu indit jeung manéhn ka alam anu can kasorang.

Basa kuring dibéré kasempetun ngawurkeun kembang saluhureun gundukan taneuh beureum, leungeun karasa ngeleper. Panon baé beueus pinuh ku cimata.

“Kang Yoséf, naha Akang téga ngantunkun Eulis?“ kuring ngajerit ajeroning haté. Geus kitu mah alam karasa poék.

Inget-inget kuring keur diriung-riung, nyanda dina rangkulan saha boa. Suku pada mencétan. Beuki lila karasa beuki caang. Sihoréng kuring ngarumpuyuk sanggeus ngawurkeun kembang. Digolérkeun ku nu araya di dinya. Ras inget yén kuring teu pupuguh kapoekan. Gurinjal kuring hudang jerit ngajerit:

“Kang  Yosef…!!” gerewek aya nu ngarangkul. Sirah kuring dirawu ditangkeup nyangsaya kana dadana.

”Téh  Eulis.... istigfar Téh. Hawatos  Kang Yoséf. Lamun Tétéh sapertos kieu, Kang Yoséf bakal ngaraos kasiksa. Jep  Téh.... “ sorana leleb kadéngé dareuda.

Kuring ngahuleng, balilihan  dina rangkulanana. Karasa aya nu ngusapan tonggong aya nu ngusapan sirah. Tuluy kuing dipayang, naék kan mobil, dianteurkun deui ka imah. Digolérkeun di kamar. Dibéré ciés. Suku pada mencétan. Tapi kuring ngan saukur bisa ngabangingik.tuluy kasaréan.

“Keun sina istirahat,“ kadéngé aya nu nggerendeng ngado’a, niup embun-embunan

kuring.Teu karasa kuring kasaréan bari juru pnon baseuh. Ngeleyep saré téh asa ngalayang dianteur ku sora nu ngaji Yasin..

“Lis, lamun Akang teu aya Eulis mah boa nikah deui nya?” ceuk Kang Yoséf  hiji

peuting basa duaan silih keukeupn. karasa béda dikeukeupan Kang Yoséf baheula-baheula jeung kayeunakeun. Dadana rangkebong, tulang dadana naronjol saukur katutup ku kulit nu geus taya dagingan.

“Kuru nya Bapa?” Kang Yoséf neuteup ka kuring siga  nu sedih. Kuring ngusapan pipina.

“Kanggo Ibu mah asa sami waé Bapa kuru sareng Bapa lintuh. Taya  bédana.”

Kang Yosef  narik nafas. Dina panon aya nu ngagurilap. Kuring ngaléndot kana taktakna anu kuru.

“Bapa. Keur Ibu Bapa teu aya nu robih. Ibu tetep nyaah ka Bapa. Bapa tetep kasép siga baheula basa urang nembé tepang,“ kuring nyarita téh istuning satarabasna.

Kang Yoséf neuteup kuring bari imut. Imut anu teu kajugjugan hartina. Manéhna hudang lalaunan,  “Urang lohor yu? Panggugahkeun Bapa.. Asa beuki beurat awak téh.”

Kuring hudang miheulaan. Leungeunna ku kuring dibetot lalauanan. Katempo awakna beuki kuru. Atuda méh saparapat jam sakali Kang Yoséf ménta dibaturan ka kamar mandi  obat “Lasix “ ngaluarkeun cairan tina bayahna nu cenah kakeueum ku cairan. Kuduna mah leuwih karasa hampang. Tapi  ieu mah sbalikna, sok nyaritakeun asa capé, asa beurat, asa  leuleus.

Kuring sok sabar wé ngadéngékeun da puguh teu bisa nulungan paling sok ngusapan tonggongna bari miceun beungeut ngarah teu kanyahoan panon kuring beueus ku cimata.

Anu napak kana ingetan éta ku sabar jeung tawekal. Tara kadéngé mangloh, atawa

némbongkeun henteu tumarima. Bangun anu pasrah wé kana naon anu tumiba kana dirina. Sabarna luar biasa. Malah kungsi kedal majar téh, “Bapa mah teu sieun maot Bu.

Nu jadi pikiran Bapa puguh melang ninggalkeun Ibu.“

Ari kitu kuring sok api-api ka tukang padahal ngadon nyegruk di kamar mandi

pembantu.

DUA bulan saméméh Kang Yoséf ninggalkeun aya kahayangna anu ku kuring teu kacumponan.

“Karunya ku Ibu téh,” pokna bari ngusapan buuk kuring.

“Naha nganggo karunya? Da Ibu mah teu kunanaon?”

Kang Yoséf neuteup kuring siga nu deudeuh. Pék pipi kuring diusapan, “Karunya ku Ibu. Da apan Ibu teh tangtosna palay.“

“Hoyong naon?“ Kuring teu ngarti.

“Muhun palay..“

Kakarak ku kuring kaharti. Emh sakitu geus tinggal tulang jeung kulit, Kang

Yoséf masih kénéh wé inget kana “kabutuh” kuring. Kuring neuteup Kang Yoséf bari cipanon murubut. Ku kuring diambung pipina bari ngaharéwos, “Bapa, tong ngemut-ngemut, éta. Ibu ngan hoyong Bapa damang. Bapa aya waé sareng Ibu, aya waé gigireun Ibu, Bapa sing sumanget kersa damang. Sing kiat.”

Sora kuring ngeleper. Kang Yoséf ngarangkul ka kuring tapi teu ngomong nanaon ngan saukur ngrangkul ka kuring pageuh pisan. Jempé silihrangkul. Teu aya nu cumarita iwal nu kadéngé téh sora nafas jeung ketug jantung duaan. Silih usapan tonggong, ngan karasa ku kuring taktakna eundeur nahan piceurikeun.

Salila éta kuring anu sok ngamandian unggal poé ku cipanas, ngahaja naheur, sateko. Niat hayang meuli “Water Hitter“ ogé éléh ku pangabutuh nu leuwih penting keur ubar sapopoé.

Geus biasa kuring ngurus Kang Yoséf teu béda jeung ngurus budak nu tanpa daksa. Mandi, jeung beberesih lianna. Da kuring nyaho, ngangkat gayung cai ogé Kang Yoséf geus teu kuateun. Da sok tuluy eungap geus puguh ari ngan saukur kuramas jeung diruruan mah. Ari kuring keur ngamandian manéhna sukur neuteup bari panonna beureum. Kuring teu bisa ngabédakeun baseuh panonna téh ku cai bak atawa cipanonna.

Da kuring nyaho pisan nu teu aya ubarna ngan sukur dua nyaéta: kolot jeung maot!

Titis tulis bagja awak, umur 51 taun kuring kudu jadi randa! Cenah harita kuring geulis kénéh, pantes kénéh mun kawin deui. Unggal-unggal panggih jeung babaturan salilana nanyana, “Eulis tos mendak gentos Kang Yoséf?”

Kuring sok kesel. Tilu taun kuring ceurik unggal peuting! Hésé ngajawabna, da harita sajero tilu taun kuring bulak-balik gering, diopname, disangka bengkak jantunglah, maaglah, strésslah jeung rupa-rupa panyakit. Poék!

Rarasaan dunya téh geus geus kiamat! Kuring teu percaya bakal tuluy hirup. Bakal bisa hirup rarandaan lila! Henteu jung néangan deui apan Kang Yoséf anu sakitu nyaah, satia, bageurna ka kuring. Apan nyebutan ogé ka kuring téh. Asa nanggeuy endong beubeureumna.

Ti taun ka taun kuring hirup nyorangan, hirup teu neut, paéh teu hos. Tapi tuluy wé kahirupan téh dikeureuyeuh cacakan haté kuring rajét mah. Hablum minannas jeung Hablum minallah ku kuring disaimbangakeun.

Tapi kuring masih kudu ngalalakon. Leungiteun Kang Yoséf mah moal kagantian jeung moal kagantian, moal manggih ku satiana, ku bageurna ku sabarna. Tapi sok dibeberah ku sobat kuring, Ceu Mimin. Manéhna kacida ngartina yén kuring butuh batur pakumaha. Manéhna ngomong kieu, wicaksana pisan, “Teu nu kolot, teu nu ngora, teu budak teu nu geus déwasa, butuh sobat keur pakumaha. Mun urang curhat ka anak da béda ngobrol jeung anak mah teu sarua mun urang boga batur pakumaha anu ngarti ka urang.”

Lalauna haté kuring mimiti kuat. Sabar. Kuring geus bisa seuri deui. Mimitina mah maké aya rasa sieun ditimburukeun ku babaturan nu baroga salaki kénéh. Lebay ceuk barudak ayeuna mah..! Kuring sok seuri sorangan.

Dedeganana jangkung. Sikepna kacida kalemna, sorot panonna leleb, kuring asa nempo talaga anu jero nu caina hérang ngagenclang, aya semu warna biru dina panonna. Siga lain urang Sunda.

“Akang mah teu nyaho di Bapa,“ cenah basa mimiti wawuh, ”Nepi ka ayeuna sok teu percaya diri. Mun ku incu ditanya ti mana rundayan turunan Akang.“ pokna

bari tungkul.

Kuring saukur neuteup paromanna anu mémang kasép, bubuhan lain urang sunda asli. Tapi bet aya rasa karunya ka manéhna. Kacipta lamun pangalaman manéhna karandapan ku kuring. Da puguh kuring mah aya turunan nu puguh rundayanana. Ari manéhna?

Ngaranna Pépi, lain ngran Sunda..Ngan henteu  wé Jacky ! Sony atawa Boyke!

Kulantaran sok  remen  ngobrol, tetelepona atawa bébééman jeung és ém és. 

Kuring bet asa boga batur ngobrol jeung pakumaha tapi tetep kuring ngajaga da

nyaho manéha bogaeun anak jeung pamajikan. Tapi  teuing kumaha da ari ngobrol teh bet asa nyambung! Tungtungna sosobatan nepi ka hiji waktu manéhna hayangeun nepungan kuring. Nu rék silaturahmi maenya wé ditolak ?

“Naha  Eulis satia ka nu teu aya sakitu lamina?” Pokna bari neuteup anteb. Kuring

ngajawab lalaunan, “Basa Kang Yoséf aya dina sakaratul maut. Eulis jangji moal nikah deui,“ sora kuring haroshos méh teu kadéngé.

“Moal nikah deui mun aya nu kataji ku Eulis?“

“Duka atuh,“ ceuk kuring gideug. Duh Kang Pépi neueteupna... kuring  asa ngarakacak. Kuring jujur, kataji ku manéhna.

“Dupi Kang Pépi kunaon atuh?“ ati-ti kuing nanya lalaunan.

Manéhan mencrong ka kuring, “Pédah Akang teu boga pangala meureun. Akang

tuluy usaha, itikurih sabisa-bisa. Tapi da sesah geuning milari padamelan bari umur

Akang geus kolot kieu mah. Nya koréh-koréh cok wé. Saré tos misah.“ sorana laun.

Kuring ngahuléng, ngarasa watir. Jep jempé, dahar téh teu loba carita deui Tapi

ari di jero haté mah guntreng... siga ari ngobrol dina telepon tapi teu pok.

Basa manéhna pamit, leungeun kuring ditungtun. Karasa ramona nu panjang

nyecep tiis ngaranggeum leungeun leutik kuring..  Teu ngomong nanaon kuring nganteurkeun ka tempat parkir.

Mobil Kijangna mobil taun lila sigana mah modél taun 1995. Mobil lila tapi katempo

alus ngurus da beresih.

“Eulis, kersa janten batur Akang ngobrol, moal robih?” manéhna nanya méméh

naék kana mobilna. Kuring unggeuk, ngabalieur da sieun kanyahoan cimata kuring

nyalangkrung.

Basa rek jung pisan, kuring ngagupayan  bari ceurik jero batin. Katempo dina panonna aya nu ngagurilap. Tungkul kuring leumpang mapay jalan ka téras imah. Hapé kuring disada, basa dibaca és és em és ti  Pépi,  “Tetep nyangkaruk dina haté,“ tulisanana. Écés pisan.

Kuring nyegruk. Kang  Yoséf  ngolébat. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Wa Agus

Sae pisan neuleuman tokohna. Kawantu anu nyeratna istri. Diantos anu sanesna. Haturnuhun.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: