• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pageuh Iman,
Nangtukeun Kahirupan

Kénging Hj. Rokayah
Kintun kana Facebook

Ti payun, mangga urang sasarengan muji sukur ka Gusti nu Maha Suci, robbul Ijjati Alloh Swt. Pangéran nu Maha Kawasa kana saniskara perkara. Teu aya deui anu kedah disembah, teu aya deui anu miara alam, teu aya deui anu ngatur ieu alam, anging Alloh Swt.  Sholawat miwah salam, salalamina urang sanggakeun ka jungjunan urang sadayana, nyatana Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Hirupna manusa di alam dunya, sadayana bakal aya tungtungna. Teu aya hiji mahluk nu kumelendang di ieu alam dunya anu langgeng kajaba Alloh Swt. Témbrés kacida saur Gusti dina Alqur’an, Kullu nafsin dzaiqatul maut. Sadaya mahluk nu nyawaan, bakal ditungtungan ku maot.

Kitu sunatulloh ieu alam, kaasup pikeun manusa. Lantaran kitu, Kangjeng Nabi salawasna mépélingan ka manusa sangkan ulah mopohokeun maot nu datangna moal ngabéjaan. Maksud pépéling Kangjeng Rosul, sangkan manusa kudu inget kana jatidirina manusa nu asalna ti Alloh, hiji waktu bakal balik deui ka Alloh Swt.

Seueur ayat dina al-Qur’an keur mépélingan jalma sangkan ulah poho kana maot tur kudu boga bekel keur bawaeun maot. Ngan hanjakal, dina buktina mah, singhoréng loba jalma nu apal jeung sering ningal nu maot, tapi dirina teu ngarasa bakal rék maot. Naon bekel nu pangagungna keur bekel maot? Nyaéta bekel iman jeung Islam. Dawuhan Gusti:

Nu hartosna: Saha jalma nu néangan agama salian ti agama Islam, mangka geus pasti moal ditarima, jeung di ahérat jaga kaasup golongan nu kacida rugina.

Kitu pertélaan jalma nu hirupna teu boga iman jeung lian ti agama Islam. Kitu deuih, teu cukup mung saukur ngaku agama Islam jeung percaya ka Gusti, sedengkeun laku lampah dirina patojaiyah jeung papagon agama. Jalma nu kitu tétéla bakal ditungtungan ku su’ul khotimah, goréng tungtung. Naha loba anu kitu? Dina mangsa kiwari, jigana moal hésé néanganana, lantaran pakpikpekna manusa ngagugulung alam dunya nepi ka poho kana miara kaimanan jeung kaislamanana, beuki némbongan. Dawuhan Gusti écés kacida sakumaha nu dijelaskeun dina surat Al-Baqoroh ayat 95:

Nu hartosna : Jeung maranéhna henteu pisan miharep datangna maot nu jadi panungtungan salila, lantaran kasalahan-kasalahan nu geus dipilampahna, jeung Alloh Maha uninga, pikeun jalma-jalma nu kaniaya.

Margi kitu, gambaran jalma nu méngpar jeung nu sok ngulinkeun kana papagon agama, tandes moal mawa bekel nu nyalametkeun di ahérat. Kumaha sangkan tauhid urang kapiara jeung jadi bekel pisalameteun jaga? Mangga urang bandungan pidawuh Alloh dina surat Az-Zumar ayat 65-66:

Hartosna : Jeung saéstuna geus diwahyukeun ka hidep jeung ka jalma-jalma anu saméméh hidep, yén upama manéh syirik, tanwandé amal manéh jadi tumpur, jeung pasti manéh kaasup jalma-jalma nu rugi. Malah nya Alloh nu sawajibna ku hidep diibadahan, jeung hidep sing jadi ti antara jalma-jalma nu maruji syukur.

Pidawuh di luhur écés nerangkeun pentingna tauhid nu ulah pegat anging ka Alloh Swt. Ieu pisan nu jadi cekelan utama dina hirup téh. Sabab jalma  nu pageuh tauhidna, maka bakal jadi tapak keur sakabéh amalna luyu jeung tungtunan agama Islam. Sawangsulna sakabéh amal anu teu ditatapakan ku tauhid, éta bakal hampos tur taya mangpaatna, teu ditampi ku Alloh Swt. Leuwih jauhna, sakabéh amal anu ditatapakan ku syirik éta bakal ngadatangkeun kasangsaraan boh di dunya atawa di ahérat.

Tauhid lain saukur nyaho jeung ngarti yén nu nyiptakeun ieu alam murbéng téh Alloh, lain saukur nganyahokeun kana bukti rasional ngeunaan bebeneran wujud (aya)-Na jeung wahdaniyah (kaésaan)-Na, ogé lain saukur nyaho kana asma jeung sipat-Na.
Iblis percaya yén pangéranna téh Alloh, malah ngaku kana kaésaan katut kamahakawasaan Alloh ku paméntana ka Alloh ngaliwatan asma’ katut sipat-Na. Kaom jahiliyyah baheula anu disanghareupan ku Rosululloh ogé yakin yén anu nyipta, ngatur, ngamumulé jeung panguasa ieu alam samakta téh Alloh. Tapi kapercayaan jeung kayakinan maranéhna téh acan ngajadikeun maranéhna minangka golongan jalma nu nyangking prédikat muslim, anu iman ka Alloh. Ana kitu mah naon atuh hakékat tauhid téh?
Hakékat tauhid, nyaeta ngamurnikeun ibadah mung ka Alloh wungkul, nyaéta ngahambakeun diri kalayan sayakti tur panceg saukur ka Alloh wungkul, ku cara to’at kana paréntah-Na jeung nyinglarkeun sagala rupa nu dicaram-Na kalayan euyeub ku rasa ajrih, cinta, pangarep tur sieun ku Mantenna.
Satemenna tauhid éta témbong tina ikrar yén teu aya Pangéran salian ti Alloh jeung Muhammad éta utusan Alloh. Ma’nana, teu aya nu mibanda hak pikeun disembah anging Alloh jeung teu aya ibadah anu bener kajaba ibadah nu luyu jeung tungtunan Rosululloh nyaéta as-Sunnah. Jalma nu ngaikrarkeunana bakal abus ka sawarga salila teu diruksak syirikna.
Dawuhan Alloh Swt. : Jalma-jalma nu ariman bari henteu ngabaurkeun imanna jeung kazholiman (syirik), nya pikeun maranéhna kaamanan jeung nya maranéhna anu meunang pituduh. (QS. al-An’am : 82).
Abdullah bin Mas’ud ngariwayatkeun, “Nalika ieu ayat turun, para sahabat loba anu ngarasa sedih tur beurat. Maranéhna nyararita, “Naha aya di antara urang nu teu kungsi zholim ka diri sorangan?” Lajeng Rosul ngawaler, “Anu dimaksud zholim téh lain zholim anu kitu, tapi syirik. Naha arandika henteu ngadéngé kana naséhat Luqman ka nu jadi anakna, “Yeuh anaking, poma hidep ulah nyarekatan (naon baé ogé) ka Alloh. Saéstuna ari syirik téh éstuning kazholiman nu pohara gedéna”. (Luqman : 13) ( Muttafaqun ‘alaih).
Kitu deui sakumaha nu diécéskeun Kangjeung Rosululloh SAW nu diriwayatkeun Ubadah bin ash-Shomit, anu hartosna kieu:
“Sing saha nu nyakséni yén teu aya Pangéran (anu hak pikeun disembah) anging Alloh, teu aya sakutu pikeun Mantenna, jeung Muhammad téh éta hamba katut Rosul-Na, jeung (nyakséni) yén Isa téh hamba Alloh, utusan jeung kalimah nu ditepikeun-Na ka Maryam turta ruh ti Mantenna, ogé (nyakséni) yén sawarga téh pasti bener ayana, naraka ogé bener ayana, tanwandé Alloh bakal ngabuskeun dirina ka sawarga, luyu jeung darajat amalna. (HR al-Bukhori jeung Muslim).
Margi kitu, mungpung urang masih dipasihan yuswa kanggo milari bekel amal jaga di aherat, mangka tauhid urang kudu dipiara nepi ka bisa ngajanggélék dina kahirupan, boh pribadi atawa jama’ah. Insya Alloh upama geus mampuh miarana, mangka urang urang bakal ngabébaskeun diri tina kahinaan jeung kasangsaraan di ieu alam dunya.

Jalma iman, bakal percaya, yén hirup di dunya téh saukur ngumbara kalawan moal lila. Umurna unggal poé unggal peuting dicontangan. Lantaran kitu, modal hirup nu pangmahalna, nu teu bisa dipésér ku dunya nu sakitu lobana, nyaéta kaimanan ka Alloh Swt., boh tauhid ubudiyahna, rububiyahna atawa uluhiyahna. Lantaran kitu, saméméh urang dipundut ku Gusti, dijajapkeun ka alam balitungan, mangga hayu urang pageuhan deui kaimanan urang. Anu kahiji, hayu urang pageuhan tauhid nu mangrupa cecekelan poko tur nangtukeun pikeun kahirupan manusa. Lantaran mung pageuhna tauhid nu ka dituna jadi tatapakan pikeun sakabéh amal anu dilakukeunana. Kadua, hakékat tauhid nyaéta ngamurnikeun ibadah ka Alloh, ngahambakeun diri saukur ka Alloh wungkul kalawan sayakti tur pengkuh, ku taat kana sagala rupa paréntah-Na jeung ngajauhan sagala rupa anu dipahing-Na kalayan euyeub ku sikep ajrih, cinta, gedé pangarep tur sieun ku Mantenna. Anu katiluna mah, urang kudu nyaah kana kaimanan, lantaran éta pisan nu bakal mupus kana sagala rupa dosana. Kaopat, tauhid nu ngajanggélék dina kahirupan bakal ngahasilkeun buah nu amis, nyaéta merdékana manusa tina sagala rupa perbudakan jeung panghambaan anging ka Alloh wungkul, ngawujudkeun pribadi nu ajeg jeung bakal ngeusian haté nu tengtrem. Insya Alloh, salami gaduh bekel iman nu masih kénéh ngancik dina sanubari terus dipiara kalawah ngabuahkeun hasil nu nengtremkeun diri jeung ngamulyakeun Islam, Alloh salawasna bakal ngajamin kasalametan di dunyana ogé di ahérat jaga. Innalladziina amanuu waamilus sholihati kaanat lahum jannatul Firdausi nujulan. Hoolidiina fiiha laa yabguuna ‘anha hiwalaa. Saéstuna jalma-jalma nu airman jeung anu saroléh, mangka pikeun pangbalikkan aranjeunna surga Firdaus. Aranjeunna bakal langgeng tur moal matak hayang pindah ti éta tempat. Amin ya Robbal ‘alamin. ***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: