• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mitineung
Kang Wahyu Wibisana

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Taun 1960, keur kelas genep SR (Sakola Rayat, ayeuna SD), di Limbangan, Garut, maca majalah “Manglé” di bumina Bapa R.Jayadiharja (katelah Pa Jaya), pangsiunan guru saentaragan jeung aki (R.Enod Sastramiharja),   R.Saleh Sumarna (ramana Mang Olla S Sumarnaputra). Anjeunna  janten agén koran “Pikiran Rakyat” ti taun 1950-an.

Manggih sajak “Angin Priangan” karya Wahyu Wibisana.Langsung kataji. Harita kénéh menta idin ka Pa Jaya, éta sajak rék disalin. Pa Jaya ngawidian. Malah anjeunna maparin kertas jeung patlot.

  Ĕta sajak dibaca unggal usik. Nepi ka katalar pisan. Nepi ka jorojoy hayang bisa nulis sajak kawas kitu. Hayang jadi sastrawan kawas  Wahyu Wibisana.

  Pa Jaya (ramana Rd.Muharam, pamaén Persib th.1940-an, akina Nandar, Obon, pamaén Persib th .1960-an, akina Soléh, kokojo band “Freedom” nu sohor taun 1970-an), tétéla panjang émutan. Sanggeus kuring hasil nulis carpon jeung  sajak, taun 1972 anjeunna sasauran :

  “Berkah nyalin sajak tina “Manglé”  baréto téa, nya.”

  “Sumuhun,”walon kuring.

  “Sajak saha harita téh?” anjeunna naros deui.

  “Wahyu Wibisana, “Angin Priangan”

  Profil Pa Jaya kungsi dimuat dina “Pikiran Rakyat” taun 1978. Nyaritakeun agén koran anu satia tur tulatén. Nu jadi “sobat” budak nu resep maca. Dugi ka pupusna taun 1982,Pa Jaya tetep jadi agén koran “PR”, tambah “Kompas” jeung tangtu wé “Manglé”. Pa Oeton Muhtar, pingpinan “Manglé” ari “mudik” ka Limbangan tara teu sindang ka Pa Jaya, persis di juru kalér peuntaseun alun-alun.

  Alhasil, pikeun kuring sakuringeun, Pa Jaya jadi talang panyambungan kana dunya sastra. Lantaran jasa anjeunna, kuring bisa manggihan jeung maca sajak “Angin Priangan” karya Wahyu Wibisana. Mugi iman,Islam, amal soleh Pa Jaya, ditampi ku Alloh SWT. Fi barkati al Fatihah.

  Kitu deui Kang Wahyu Wibisana. Lamun sajakna “Angin Priangan” teu kabaca, meureun kuring moal kahudang karep jeung karesep kana sastra, hususna sastra Sunda. Mugi-mugi almarhum  Kang  Wahyu  nu pupus 14 Oktober 2014 di Bandung (lahir di Tasikmalaya, 19 Januari 1935), kenging rohmat kubur, ditampi iman, Islam, amal soléhna, sareng dihapunten dosa-dosana ku Alloh SWT.

  Ari mimiti jonghok langsung jeung Kang Wahyu, taun 1968. Di kantor “Manglé” anu masih keneh di Jl.,Buahbatu 45 Bandung.Kang Wahyu, salah saurang nu ngiring ngarojong  medalkeun “Manglé” Nopember 1957 di Bogor. Harita anjeunna nuju janten guru SD. Aktip dina pajemuhan organisasi kasundaan. Bari tara petot ngahasilkeun karya-karya sastra jeung drama. Kungsi ngaredakturan ”Manglé” nepi ka taun 1966, bareng jeung Yus Rusyana, Ami Raksanagara,Dudu Prawiraatmaja, Duduh Durahman, Saini KM, Ki Umbara, jrrd. Harita “Manglé” nyongcolang pisan,lantaran teu weléh ngamuat karya-karya aralus, boh nu ngandung ajén sastra, boh nu saukur hiburan.

  Tapi taun 1966, Kang Wahyu spk. réngréngan redaksi “Manglé” mundur.  Teu lila ti harita, asup Mh.Rustandi Kartakusumah, nu hasil nyiptakeun generasi anyar pangarang Sunda.Kayaning Aam Amilia, Ningrum Julaéha, Suhana Darmatin, Adang S. Ma ’mur Danasasmita, jsb.

  Sanajan tos “ngencar” ti Manglé, Kang Wahyu henteu pegat silaturahim. Mindeng idek-liher kénéh di kantor “Manglé”, angger ngamuatkeun karya-karyana di dinya. Malah nepi ka ayeuna,jenenganana tetep aya dina “boks” Manglé, minangka  “panaratas” bareng jeung Bapa RH  Oeton Muhtar, IbuRH Ĕ.Rohamina Sudarmika.

  Tapi akrab pisan mah, taun 1970,sanggeus karya-karya kuring mindeng dimuat dina “Manglé”.  Malah kungsi muji salah sahiji carpon kuring nu maké latar kasang pilemburan jaman gorombolan.  Mun teu salah, carpon “Nyéko” nu dimuat dina Manglé taun `1969 :

  “Alus, Sép. Nepi ka akang kagagas. Ras  ka jaman genting harita,”saur Kang Wahyu.

  Yayat Héndayana nu kabeneran aya (keur gapléh jeung urang “Manglé”), ngéngklokan:

  “Geus dipuji ku Kang Wahyu mah, bakal suksés geura, Sep, nulis carpon jeung sajak.”

  Dijawab spontan :

  “Alhamdulillah. Mugi-mugi wé makbul.

  Yayat jeung kuring, kawilang nyobat, ti taun 1968. Bareng jeung Rachmat M Sas Karana (almarhum), jeung Us Tiarsa R., mindeng babarengan ka ditu ka dieu. Jadi “opat sekawan”.Ngan lantaran kuring pangbudakna (umur sahandapeun 7 taunan ti nu tiluan), sok mindeng    ditutah-titah. Kawas hiji waktu, rék botram di Ancol Timur (imah Rachmat M Sas), kuring dititah meuli hayam ka pasar Kosambi. Ari dibéré duit sapaseun harga hayam. Atuh kapaksa nikreuh bulak-balik Ancol Timur-Kosambi.  

  “Ramalan” Yayat Hendayana, kabuktian. Kuring leuwih ti heula medalkeun  buku kumpulan carpon. Nu kahiji “Ceurik Santri” (1985), disusul ku “Jiad Ajengan” (1991), “Paguneman jeung Firaon” (2003), jeung “Sanggeus Umur Tunggang Gunung” (2009). Kumpulan carpon “SUTG” dilélér Hadiah Sastra Rancage 2010. Atuh buku kumpulan sajak, aya dua. “Sabelas Taun” (1979) jeung “Nu Lunta Jauh” (1992). Ditambah opat buku humor. “Oray Bedul Macok Mang Konod” (1984),”Bongbolongan Nasrudin” (1985, tarjamah tina basa Arab), “Dulag Nalaktak” (2006) jeung “Jurig Congkang Bisul ‘Na Bujur” (2014)   

  Kang Wahyu mah, duka ku naon, tacan kagunganeun kumpulan carpon hiji-hiji acan. Padahal carpon-carpon anjeunna  ngaleuya. Tur rata-rata aréndah. Matak moal poho nu maca. Upamana baé “Déhém”, “Kawung Ratu”, “Hasanah”, “Layung Layung Langit”, jrrd.Mungkin teu aya nu ngadokuméntasikeun. Bacacar di mana-mana.

  Kumpulan sajakna ogé, asana karek hiji. “Aya Naon di Cinaon” (2002) nu cék Ajip Rosidi dina “Sajak Sunda”, lain nu petinganana.

  Punjulna ti nu séjén, sajak-sajak Kang Wahyu réa nu disanggi jadi lagu kawih ku Mang Koko (Koko Koswara), tur populér pisan ti baréto (th.1960-an) nepi ka kiwari. Di antarana “Angin Priangan”, “Reumis Beureum dina Eurih”,”Kembang Tanjung Panineungan”, “Kalangkang  di Cikamiri”, “Bungur Jalan ka Cinajur”, jrrd. Padumanis antara sajak-sajak romantis jeung wirahma éndah karancagéan maéstro karawitan Sunda.

  Taun 1995, sababaraha urang sastrawan, ngariung di Yayasan Pusat Kabudayaan (YPK), Jl.Naripan, Bandung. Kang Wahyu aya hadir. Ngan tara ngamimitian muka wangkongan. Ukur ngabandungan.Sakapeung-kapeungeun ngoméntar. Di antarana, basa aya hiji sastrawan nyabit-nyabit  karya Paul Cunho, John Derida, jsb., Kang Wahyu sasauran :

  “Ku akang mah geus teu katuturkeun. Sukur wé barudak ngora lega ambahan bacaanana.”

  Harita kuring karek sababaraha poé mulang ti Eropa Barat. Ngalanglang Inggris, Walanda, Belgia, Prancis, Luxemburg. Milu ngariung di YPK téh mamaké topi has “pamayang Laut Kalér”. Ngahaja meuli diVolendam, kota palabuan di basisir Laut Kalér, Walanda. Persis kawas nu sok dipaké ku Slauerhoff, panyajak Walanda abad 19, nu mindeng langlang buana jadi dokter kapal. Sajak-sajakna  pikaresepeun. Mindeng ditarjamahkeun atawa disadur ku Chairil Anwar. Kumpulan sajakna ditarjamahkeun kana basa Indonésia, ku Hartoyo Andangjaya “Kubur Terhormat Bagi Pelaut” (1992).  

  Salila ngobrol Kang Wahyu mindeng maling-maling neuteup topi kuring. Malah tungtungna wakca :

  “Kabita ku topi Usép. Alus potonganana. Kaénna kawas alus pisan deuih.”

  Topi dicuplak. Diasongkeun. Ku Kang Wahyu dialak-ilik gemet pisan.

  “Enya alus.Warnana gé téléb pisan.Biru dongker.”

  “Bakal leuwih alus, lamun dihibahkeun ka Kang Wahyu, Sép,”

  Poho deui nu nyarita kitu téh. Kang Duduh Durahman asana, nu sarua sok maké topi “baréta”.

  Nya dihibahkeun we topi téh ka Kang Wahyu. Anjeunna atoheun pisan.

  “Keun we da Usép mah mindeng ka luar nagri. Bakal kagantian pisan,”saur Kang Wahyu bari langsung masangkeun topi. Pas pisan. Saukuran.

  Kungsi tepung deui sababaraha kali, Kang Wahyu nganggé topi “Slauerhoff” paméré kuring. Duka aya kénéh duka dipaparinkeun deui ka batur, da basa tepung di”Manglé” dua taun ka tukang, teu nganggé topi.

  Ayeuna Kang Wahyu tos mulang ka kalanggengan.Wilujeng angkat nyandak jiwa nu tenang, madep ka Alloh SWT.

  Allohumaghfgirlahu warhamhu wa afihi wa fu’anhu wa akrim nuzulahu.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

ajat sudrajat

Sae pisan Kang Usep artikel "Mitineung Kang Wahyu Wibisana", hiji catetan anu kacida endahna. Panghargaan anu kacida mulyana ka tokoh-tokoh anu mulya, anu ngantunkeun catetan emas dina sastra sareng seni Sunda, anu janten kareueus urang Sunda. Mugia sadaya dipaparin kamulyaan di dunya rawuh aherat. Aamiin. Salam ti Tangerang.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: