• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ganjar Kurnia;

Jalan Pikiran
Kang Wahyu Wibisana

Kintun kana Facebook
Mangle
Alm. Wahyu Wibisana [Potrét/Ilustasi: ]

Kang Wahyu Wibiisana parantos mulang ka kalanggengan, ninggalkeun saabreg karya jeung jasa.  Seratan ieu nyobi nengetan jalan pikiran Kang Wahyu Wibisana (KWW) ku jalan nyurahan salah sawios karyana, nyaeta : “Anaking Jimat Awaking”.

Nurutkeun JA. Fishman (1972),  yen inti (definisi operasional) tina panalungtikan  sosiolinguistik nyaeta : “....who speak what language to whom, when and what to end”.  Pamanggih  Fishman teh, sok sanajan kacirina mah singget, tapi saenyana mah mibanda ruang lingkup anu kacida legana. Dina konteks “Anaking Jimat Awaking” (AJA), kang Wahyu Wibisana (KWW) geus nepikeun  hasil karyana anu dina seuhseuhanana mah bisa disebut geus nepikeun pikiran-pikiran atawa kereteg hatena  (what) boh ngeunaan dunya budak atawa lingkungan sosial dina danget harita.

 

Si Nyai jeung si Ujang ngan saukur media

Sok sanajan dina AJA loba paguneman anu siga keur mapatahan budak, tapi kusabab cara mapatahan jeung substansi anu dipapatahkeunana lain kecap-kecap anu kira-kira pikahartieun budak umur balita, dina palebah dieu si Ujang jeung si Nyai ku KWW ngan saukur dijadikeun media (to whom  -- baca: keur para kolot)[1] pikeun ngaekspresikeun kereteg hatena (kaabus kritik)[2].  Contona wae:

 

“Apa embung boga anak bodo, lantaran Apa nyaho kalakukan anu palinter. Nu palinter biasana sok ngelehkeun bae nu barodo dina sagala kahirupan. Ku kituna ujang kudu pinter. Ambeh dina nyanghareupan anu pinter deui, Ujang teu eleh geleng. Prung geura ngadu hulu, ngadu elmu” (Maca).

“Upama Ujang jeung Nyai teu dikadarkeun jadi jelema pinter, hidep kudu bisa api-api jadi jelema ngarti. Api-api sagala ngarti teh apan kabiasaan anu palinter, tapi anu barodo oge jigana mah bisaeun. Ku kituna jaga mah pabisa-bisa api-apina bae” (Maca)

“Ku kituna, mangka hidep duaan masing bisa ngajelemakeun maneh, bisi teu kajelemakeun ku Apa, teu dijelemakeun ku deungeun-deungeun“ (Aya Dua Jelema)

Saenyana aya kahayang KWW pikeun asup/ngarti kana dunya budak (dina bahasa psikologi biasa disebut “empathy”). Hal ieu bisa katangen dina kalimah :

“Jeung upama bapa hidep neuteup leleb ka diri hidep harita, eta teh saestuna keur pupuntenan di hareupeun panto alam dunya anu beda, alam dunya nu dipribumian ku hidep pribadi. Naha hidep daek mukakeun pantona? Naha upama geus dibuka, nu pupuntenan teh bisa asup kajerona” (Aya anu Pupuntenan di Luar)

“Nu puguh mah Apa nu hayang milu ka hidep, ka alam pangulinan hidep duaan, dimana ciptaan hidep mekar ngeusiaan patempatan-patempatan nu aya dina segog-segog imah, buruan, dunya, jeung langit” (Duit)

Saenyana aya oge usaha KWW pikeun nyaho kana kereteg hate budak atawa eusi hate batur, tapi dina kanyataanana mah hal eta teh susah. Umumna para kolot teh sering gagal neuleuman alam pikiran generasi sahandapeunana, seperti sering gagalna pamarentah jeung legislatif neuleuman eusi hate anu jadi rahayatna.    Istilah “generation gap” atawa ayana kawijakan-kawijakan pamarentah anu teu loyog jeung naon anu dirandapan ku rahayat mere indikasi ngeunaan hal ieu.

Ngan dina carita “Uwa Mulih”, KWW hasil neuleuman hate budakna anu ngaharepkeun dipasihan artos ku uwana. Tapi saleuwihna mah KWW teh lain nyaritakeun pikiran budak tapi pikiranana sorangan. Budak dua anu dijadikeun subyek carita ku KWW, palalinter jeung kritis teuing pikeun budak urang Sunda dina jaman harita (taun tujuh puluhan). Memang sok aya oge budak anu tetelepek (sok terus digebah ku kolotna), tapi pertanyaan-pertanyaan budak anu katinggalina siga naif (bahasa budak), saperti “ dikumahakeun langit ngadamelna?” (Langit), atawa paguneman ngeunaan peucang (Sakadang Peucang) anu dina dongeng mah kapan sakitu pinterna – tapi dina kanyataan mah bisa ditewak diasupkeun ka kandang di kebon binatang, oge dina tungtung carita “Gering”, dimana si Nyai nyarita “Apa, kumaha upami sadayana teu damang? Saha anu nungguan?” memang milosofis – atawa paling henteu budak teh  memang geus ti leuleutik (siga di Barat) geus diajarkeun mikir kritis kalawan inti partanyaan “why” atawa “Pourquoi”. KWW sorangan ngaku, yen pertanyaan-pertanyaan eta teh milosofis”. 

“Apa ngarti yen Ujang teh keur jadi filosof anu can kabekem cara pantar Apa ayeuna” (Langit)

Tapi dina kanyataanana  naha aya budak urang Sunda anu milosof?. Pola asuh budak, oge sistem pendidikan di urang mah sigana can nepi kana wangunan anu ngahasilkeun budak anu kritis tea. Lamu budak sok tatanya wae atawa mere pendapat kapan disebut “kokolot begog”. Palebah dieu, KWW sigana mibanda angen-angen ngeunaan sosok ideal hiji budak.  Ku sabab dina kanyataanana mah budak anu kitu teh jarang aya utamana dina danget harita (taun 70 an) oge kaabus ayeuna? paguneman-paguneman antara Apa jeung si Ujang atawa jeung si Nyai teh karasana lain antara Apa jeng anak, tapi antara KWW jeung KWW sorangan. Sacara eksplisit KWW nyebutkeun:

“Bakal sarua kawas Apa, anu sanajan geus boga anak – nu biasa disebut beubeulahan hate awaking – tapi hate mah leuwih loba museur kana kahirupan Ki Awakingna”

Ayana “perbedaan” pamahaman antara dunya budak jeung dunya kolot teh bisa oge katinggali dina tulisan “Rorobotan”. Budak mah kapan ngabayangkeun robot teh cukup ku bisa naek jeung turun, tapi ari KWW mah leuwih jauh ti eta.

“Cindekna eta rorobotan teh bisa dijadikeun kekecitan modern nu bisa nyokotan barang-barang nu aya di toko atawa di mana bae, tuluy sina diakutan ka imah”

Wangunan kalimah anu nembongkeun gerentes hate KWW sorangan, katembong oge dina “Aya kalana Apa teu kudu nyarita, sanajan hayang nyarita. Kadangkala Apa kudu mendem pertanyaan, sanajan kudu ditanyakeun”(Langit). Dibanding masyarakat lianna (awam) untung KWW mah jadi seniman, jadi lamun aya hal-hal anu teu bisa dikedalkeun ku lisan, bisa dibudalkeun dina wangunan tulisan – kaabus nulis AJA.

Sakapeung KWW oge sok sindir sampir. Dina carita “Dahar”, KWW nyebutkeun :

“Pacuan ulah rek inget yen duit panitia teh duit tina kas kabupaten ...........”. Pertanggungan  jawab pasti beres, ahir taun anggaran tangtu bakal disaluyuan ku de-pe-er na: satuju, cenah.

Tah upama dewan geus ngagalindengkeun rampak sekar lagu “satuju”  eta zat-zat tina kadaharan nu geus aya di badan urang teh ditanggung bakal beuki halal – ditanggung ku Apa.”

Hal anu meh sarupa katinggali dina “Pasea”.

”Hidep duaan moal bisa nuturkeun jalan pikiran Apa, upama Apa ngabejakeun yen di masyarakat urang ayeuna loba nu wanian nembongkeun kakecing, lantaran – upamana bae—hayang salamet, hayang kapake ku dunungan, sanajan bari munapek. Bedas pisan nyumuhun-dawuhkeun kana perkara nu teu pantes disumuhunan, nyebut leres nu teu bener, jeung saterusna”

Pandangan KWW saperti kitu teh hanjakal teu pati jelas iraha dijieunna. Naha dina mangsa KWW keur jadi anggota de-pe-er-de?.

Saperti buku kumpulan carpon atawa buku lain anu dicitak ulang, salah sahiji kakurangan “teknis” buku AJA teh nyaeta teu nyantumkeun titimangsa anu jelas – iraha – eta tulisan di jieun. Padahal ku ditulisna titimangsa anu jelas, urang tiasa ninggal “setting” sosial budaya masyarakatna[3]

Ngeunaan persetujuan kahalalan sagala zat anu geus disatujuan ku Dewan, saenyana kudu ati-ati (bisa diturutan ku barudak). Sabab hal ieu bisa ngondang anggapan yen sagala duit anu geus disatujuan ku dewan  bisa digunakeun sakarep isun (baca: dikorupsi) – da Dewan anu tanggung jawabna. Padahal dina kanyataan mah teu kitu. Aya dua hal anu beda, antara “persetujuan” Dewan jeung “pertanggung jawaban pemangfaatan”.

Sok sanajan ngan sindiran, tapi lamun struktur tulisanana saperti kitu, bisa wae dianggap jadi legitimasi – komo deui KWW teh kapan anggota dewan (jaman harita?). Lamun pamanggih asal anu geus diketok ku dewan halal, atuh teu kudu aya LPJ gupernur atawa bupati. Saeutik loba tulisan pangarang teh bisa mangaruhan ka anu macana. Urang tangtu inget kana “ayat ayat setan” na Salman Rusdi atawa oikiran liar Ulil Absar ti kelompok Jaringan Islam Liberal.

Salian ti eta, kumaha gek-gekanana lamu duit rahayat teh digunakeun ku anggota dewan sorangan? Kapan eta geu geus dirampak sekaran “satuju”. Contona ayeuna aya masalah “kavling gate” atawa aya anggota dewan anu naek haji make duit APBD. Sacara formal memang syah, sacara “kapatutan” memang teu patut – tapi jauhna deui ti eta, loba rahayat anu nyebutkeun teu ihlas. Pamadegan KWW salaku anggota dewan ngeunaan kondisi dewan (harita) hanjakal teu aya anu dicaritakeun.

 

Pasea

Aya teori anu nyebutkeun hubungan (korelasi) antara pikiran (values) jeung prilaku (atittude). Dina kahirupan sapopoe sering kadenge yen KWW sok boga pamadegan anu pabentar jeung batur. Lamun teori eta bener, urang bisa nyebutkeun pantes we KWW teh kitu; sabab dina pamikiranana oge “ .........., yen hirup boga musuh teh perlu. Lantaran upama kabeh jelema sobat wungkul, bakal ripuh ............ Tur pikaboseneun deuih, moal gorejag, pikiran moal nyaring, antukna ngabeungbleu kawas cingcaw(Pasea).

Pamadegan pentingna “pasea” teh katinggali oge dina naskah sandiwara karya  KWW anu dijudulan “Tukang Asahan”. Dina eta sandiwara, si Kabayan nyarita :” Pasea teh ngarupakeun kasenian – sabab – dina pasea urang kudu ngadu argumentasi anu bisa dipertanggung jawabkeun kalayan ilmiah”.

Duka kritik, duka memang kalakuan KWW sorangan, dina sababaraha hal KWW oge nembongkeun sikep kolot anu “otoriter”  (KWW sok otoriter?). Dina carita “Pasea” KWW nyebutkeun:

“Leuwih teu ngeunah ceurik diteungteuinganan ku kolot mah, lantaran samar ka bisa ngalawan – sarta dina ngalawanna oge hidep teh tangtu bakal eleh. Dimana aya budak meunang”

Apa ayeuna rek nuluykeun pasea hidep jeung--  emah. Tanggap geura, ari pasea kudu kieu yeuh. Apa pasti meunang”.

Sok sanajan resep pasea jeung “otoriter”, tapi lamun geus kaharti ku “rasio”na  mah KWW oge bisa kompromi.

”Kapal udara salangit mah apan kagungan ujang sareng nyai, ari galudra kagungan Apa. Moal sina gelut, nya? Pamali” (Kapal Udara Jeung Galudra)

Palebah beda pamadegan ieu, KWW bisa jadi nganut aliran/teori “konflik” anu landasan pikirna beda jeung teori “harmoni” dina struktural fungsional. Sok sanajan kitu, tungtung tina konflik oge angger wae “kasaimbangan” anyar.

 

Agama

Kakritisan KWW oge, kaasup kana masalah-masalah agama[4]. Sok sanajan angger masih sieun keneh ku dosa, KWW kritis kana dongeng emana (enin barudak) ngeunaan eusi sawarga  anu ngan widadari wungkul (Widadari). Sok sanajan kitu,  KWW oge teu bisa salawasna ngagugulung rasionalitas. Ngajaga ciptaan budak saperti dina dongeng memang penting, (Kapal Udara Jeung Galudra) – tapi lamun geus asup kana bab agama anu dina  sababaraha hal aya keneh anu acan bisa kabuktikeun ku rasio (kudu ku kaimanan), KWW nyebutkeun “Ditiup, ditiup puah, jenten bae langit” (Langit).

 

Manusiawi

Salaku manusa, KWW oge angger mibanda ciri-ciri kamanusaan anu umum (baca : manusiawi) diantarana ngambek ka Bendahara anu telat datang jeung loba tatanya keur naon ngahutang (Ulang Taun) oge loba kahayang anu teu bisa kalaksanakeun (Uwa Mulih). Salaku kolot KWW oge teu bisa ngajawab kabeh pertanyaan anakna: “Apa teu bisa nembalan – deudeuh Nyai, pertanyaan anu hese teuing atuh eta mah, anaking” (dibandingkeun jeung pertanyaan-pertanyaan anu milosofis –pertanyaan anu ieuh mah sigana masih bisa/gampang dijawab).

KWW oge sarua we lalaki. Waktu si Nyai ditaranjang naplok dina tonggong, KWW morongos :

Teu kudu nyaho Nyai mah, nu matak harita Apa morongos kitu ka Emah, lantaran Apa hayang nyucikeun pikiran sorangan ku jalan mageuhan pamadegan, yen sanajan Nyai Awewe, tapi Nyai mah da Anak Apa, putra Apa anu istri” (Awewe Jeung Lalaki)[5]

Salaku seniman anu sok icikibung dina Gending Karesmen atawa kagiatan sejenna, KWW tinangtu sok ruang-riung jeung awewe gareulis. Kukituna pantes lamun KWW oge sok ngumbar lamunan ngeunaan awewe kalawan bangor:  

“Terus terang Apa teh inget ka awewe, ka sarebu awewe anu balujuran anu diantarana loba nu darempok kawas bujur Vespa tea”

Manusiawina  KWW teh katinggali oge dina mandang ceurik si Ujang jeung si Nyai (di imah). Pikeun KWW ceurik barudak teh teh kaasup kana selingan sarta ngarasakeun dirina aya di jero imah anu beda ti di kantor salaku anak buah. Di imah mah KWW ngarasa jadi Bapa anu ngabogaan kakawasaan mutlak (Ceurik).

Sok sanajan (siga anu enya), nyebutkeun yen antara KWW jeung kulawargana aya tatali batin anu nepungkeun (siga anu ngapungkeun jeung langlayanganana) dina carita “Lengoh” tapi di jero imah teh angger wae pinuh ku tempat susumputan (rusiah) dimana Emah ulah nyahoeun (Susumputan Beling).

 

Rasa Humor

Sok sanajan kritis, serieus jeung sakapeung otoriter tapi KWW teh teu leungiteun rasa humor (sense of humor). Dina carita “Langit” aya kecap “Da Gusti Allah mah tara emam jengkol, nya Apa?”, atawa  kalimah :”Mimiti kadenge  Ujang heng-hengan minangka ngawahan rek ceurik ..........” atawa “Mana Ujang jeung Nyai? Teurabna bae, nya?” (Dahar)

 

Dimensi Ruang Jeung Waktu

Pandangan-pandangan KWW ngeunaan ruang bisa katangen dina kalimah[6] : “Sihoreng dunya teh pinuh ku pajeujeutna tapel wates nu mindeng usar-eser ..........”(Wates)[7], atuh dina hal waktu KWW kagentak ku teknologi (halow-halow) anu bisa ngabedakeun antara taun 1944 jeung taun 1972 (Sakola Agama) atawa : “Apa inget ka Ujang, ka Nyai nu aya di hareupeun, jeung inget ka aki hidep nu geus taya di kieuna nu bareto geus mapatahan nembangkeun lagu maskumambang ka Apa” (Ulang taun).

 

Kaendahan Basa

Waktu maca tulisan Hawe Setiawan : “Jagat Leutik Panyajak Lirik” anu jadi panganteur kana buku AJA, aya kapanasaran pikeun nyaho naon anu disebut “prosa lirik” teh. Sabada maca carita anu kahiji : “Aya Nu Pupuntenan Di Luar”, ti alenea awal keneh geus karasa kaendahan runtuyan basa anu dijieun ku KWW. Sok sanajan runtuyan basana endah – tapi KWW teu leungiteun substansi kana naon anu ditulisna (teu giung – istilah para juri kana tulisan  Dian Hendrayana – dina kumpulan Carpon Pondok “Ti  Pulpen Nepi Ka Pajaratan Cinta”).

Salian ti kaendahan kalimah/kecap, kaistimewaan lain ti KWW nyaeta katelikan dina ninggali hiji obyek. Hal anu cek jelema awam (siga kuring)  biasa—biasa wae,  tapi ku KWW mah jadi luar biasa. Contona wae dina ngabayangkeun ramo, suku jeung mata si Nyai dina carita “Bodas”.

Kusabab bisa ngembangkeun hal-hal leutik jadi pedaran anu endah tur badag, KWW siga anu teu saateun ide. Kapan ceurik budak oge ku KWW mah “ .... bakal dipake bahan karangan saperti nu ku batur dipake bahan picaritaeun jeung bahan pilagueun”.

Kaparigelan pikeun ngagarap hal-hal anu laleutik jadi baradag, bisa oge katinggali dina naskah-naskah Gending Karesmen hasil karya KWW. Taun 1980 Unpad ngengken KWW pikeun nulis naskah Gending Karesmen ngeunaan Dipati Ukur ( Ku KWW dijudulan Dur Mangkur Dipati Ukur). Anu kasawang ku kuring anu awam, KWW baris ngagambarkeun campuhna perang antara tentara Sultan Agung jeung tentara Ukur atawa tentara Ukur jeung Kumpeni kalawan verbal. Tapi naskah KWW teh teu ngagambarkeun perang sama sakali. Anu digambarkeun teh kumaha suasana batin urang-urang Sunda, kulawarga Sunda dina nyanghareupan perang (kolot rek papisah jeung anak; salaki jeung pamajikan; anu baroga kabogoh jeung bebene).

Dina Gending Karesmen “Aki Nini Balangantrang”, KWW oge mere kasempetan ka anu nongton pikeun ngumbar imajina kana ahir carita. Dina eta Gending Karesmen, KWW mungkas carita ku inditna Ciung Wanara (bari mawa hayam) rek madep ka raja (teu nepikeun ka Ciung Wanara jadi raja)

           

Panutup

Lamun Hawe Setiawan nganggap tulisan KWW teh ngadongengkeun jagat leutik (anu mangrupa imah), saenyana jagat leutik teh ngan saukur panginditan KWW pikeun medar meh ampir kabeh aspek kahirupan (jagat badag). Jagat leutik geus dijadikeun tempat jeung sarana pikeun kontemplasi jeung ngumbar pamadegan ngeunaan kaayaan anu disanghareupan.

Aralusna karya-karya KWW kusabab KWW boga sumanget diajar anu terus-terusan:”Geus welasan taun apa sok ngeureuyeuh kurung-karang, saban tret diajar deui diajar deui”[8].

Pikeun entragan urang Sunda kiwari jeung jaga, bisa jadi kecap-kecap atawawa kalimah anu ditulis dina AJA (jeung kaendahanana) loba anu teu pikahartieun. Usaha  ngadokumentasikeun jeung nerbitkeun “peperenian” samodel AJA perlu dirojong ku sararea.

Dina carita “Apa Poho” aya pertanyaan KWW anu rada-rada lumengis :”Ari ras kana taun dua rebu-dua rebu kitu mah make inget kana hirup sorangan. Nanya dina jero hate: Aya keneh kitu aing dina taun harita?”. Ayeuna KWW parantos ninggalkeun urang sadayana. Dina lalakon sakadang peucang,  cek KWW pagaweanna geus rengse : “Perkara peucang, hiji masalah nu geus ngaganggu pikiran Ujang, harita geus kajawab, jigana. Ki kituna Apa asa geus ngarengsekeun hiji pagawean kalawan hasil, nyaeta mere katerangan nepi ka Ujang ngarti”. Leres, padamelan KWW tos rengse,  tapi urang sadaya kenging warisan karya-karyana anu tohaga. Wilujeng angkat Kang!.



[1] Palebah dieu mah kaharti da rubrik “AJA” dina Mangle teh sasaranna pasti lain budak.

[2] Aya teori anu nyebutkeun bahasa teh mibanda fungsi referensial (Finnocchiaro, 1974;atawa represantional (Halliday, 1973). Fungsi refrensial teh ngahasilkeun paham yen bahasa teh alat pikeun nepikeun pikiran ti penutur (baca : pangarang) ngeunaan kaayaan di sabudeureunana.

[3] Conto kumpulan carpon anu teu jelas titi mangsana teh diantarana  “ Oknum” karangan Hadi AKS. Lamun dilelebah bisa jadi eta tulisan teh dijieun dina mangsa Orde Baru – tapi taun sabaraha jeung Orde Baru na oge kapan mibanda periodisasi kawijakan. Conto sejenna carita Bilatung karya Cecep Buldansyah dina kumpulan Carpon “Anak Jadah”. Pentingna titi mangsa anu jelas teh utamana pikeun bisa mikawanoh kana kondisi masyarakat waktu eta tulisan dijieun atawa bisa jadi aya oge tulisan-tulisan anu teu aya patalina jeung kondisi kaayaan – estuning “kaliaran” anu ngarangna.    “Asamara Murka” karya Ahmad Bakri  anu ditulis dina taun 30 an ngahsilkeun tanda tanya anu badag. Naha urang Sunda dina taun-taun harita teh, memang “permisif” siga anu ditulis ku Ahmad Bakri?

[4] Dina obrolan-obrolan atawa diskusi, sikep kritis KWW tehsalian sok katembong tina pertanyaan atawa pertanyatanana oge tina roman beungeutna anu kerung ditambah sakapeung mah siga anu dobolotot-bolototkeun.

[5] Lamun anak batur, komo keur rumaja mah – bade dikumahakeun?

[6] Biasana sok dibarahas kalawan ngagunakeun teori orientasi  nilai budaya Klukchohn.

[7] Tapel wates anu usar-eser teh bisa oge diinterpretasikeun sejen – lain ngan ukur ruang dina harti fisik.

[8] Hasil karya KWW dina kriteria Kinneavy mah geus ngawengku “expression, information, exploration, persuasion and entartainment.

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: