• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Satutas Reunian

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1415034817.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Asa wegah puguh gé indit ka ditu téh. Maklum pagawéan kantor salila ieu numpuk jeung numpuk. Boro-boro mikir kasenangan arulin siga batur,  pon kitu deui ruang riung. Ari kahayang mah siga batur, ngan kumaha atuh hengker ku pagawéan. Sakalieun manggih libur téh kahayang ngan ukur cicing di imah. Istirahat, ngumpulkeun deui tanaga keur nyanghareupan deui gawé. Lain waé tanaga pisik tapi ogé tanaga psikis. Rumasa gawé di bagian anu kacida ngabutuhkeun tanaga jeung pikiran, jadi dina  gawé téh kudu enya-enya  nyiapkeun sagalana.

                Ari ayeuna? Manggih masalah siga kieu. Enya sok teu paruguh pisan kana haté. Ceuk batur mah kétang lain masalah anu kieu mah. Tapi kasenangan. Enya kasenangan anu hésé ditéangan. Malah pamajikan gé sabaraha kali nitah kuring indit. Karunya cenah kanu ngontak, neleponan atawa ngaSMS bisi majar disebut sombong.

                “Horéam indit puguh gé.” Kuring ngahuleng waktu pamajikan ngadesek indit.

                “Ih batur mah hoyong ruang riung.  Bernostalgia sareng kapungkur. Reunian. Ari akang mah beut  horéam?”

                “Kawas nu teu apal kumaha pagawéan akang. Unggal poe balik peuting atuh indit gawé kudu tangginas. Bororaah mikir nu kitu.”

                “Ngiringan atuh  kali-kali. Sakalian refreshing.” Pamajikan keukeuh ngahatéan. “Karunya wé ka akang. Bisi disangka  sombong, abong-abong tos suksés!” pamajikan ningalkeun kuring.

                “Suksés kumaha, sakitu gawé ripuh téh. “Kuring nuturkeun pamajikan.

                “Batur mah moal apal siga kitu, Kang. Matakna ngiring sakali mah. Jadi maranéhna bakal apal kumaha gawé akang sabenarna.”

                “Enya urang pikiran.” Kurig ngaléos  ka kamar. Ngahérang ngumbar lamunan.

*

                “Horé! antukna Hérman sobat kuring bisa ngiluan euy. Enyaan euy, kuring  sono ka di dinya.” 

                “Heueuh... tapi ke ari awak di dinya geus kempés can? Haha.”

                “Kempes.  Siga kana  bola waé. Rada langsing ayeuna mah euy. Matakna geura panggihan atuh!”

                “Haduh sigana bakal aya nu berbuga-bunga haténa. Hérman sumping mah.” Dewi ngilu mairan dina komén.

                Teu lila loba nu ngomén dina eta grup teh. Teu dituluykeun ku kuring ngoménna.Riweuh ku telepon anu asup urusan kantor.

*

                Pamajikan ngahaja mangmilihkeun baju anu pas keur kuring. Kaméja kota-kotak leungeun panjang dipasieup jeung calana jin warna biru kolot.

`               “Tah cocok nganggé nu ieu,” pamajikan ngaluarkeun baju tina lomari. Didangdak déngdék jeung calana. “Serasi, Kang. Pasti wé bakal seueur nu naksir ka akang.” Cenah bari ngadéhém.

                “Rido kitu?” kuring malik nanya bari jeung seuri leutik, kagugu ku omongan pamajikan.

                “Enya mangga ari akang teu nyaah ka si geulis mah.” Bari jeung ngusapan beuteungna anu bureuyeung.

                Sajajalan haté dipinuhan ku rupa-rupa kalangkang. Beungeut babaturan SMA tingkolébat ngurunyung dina lamunan.

                Nyenghél waktu ngingetkeun ngaran landihan anu disebut ku babaturan. Ngaran paméré kolot salaus-alus diganti teu kireum-kireum. Dipaké sapopoé. Teu waé di sakola, tapi ogé mun nganjang ka imah. Darman dilandih si Iteung pédah awakna hideung. Mansur disebut si gurilem pédah  kolotna dagang kurupuk gurilem. Asép disebut si BF, pedah kungsi dihukum ku wali kelas, kapanggih mawa kasét teu paruguh dina kantongna. Ari kuring disebut si profesor. Pédah ti kelas hiji nepi ka kelas 3 teu weléh nyanding jadi juara umum di sakola.  Jeung na deui kaca mata teu weléh tingaleun dina cukang irung. Éta nu nyababkeun gelar profesor maskét.

                Ti baheula gé teu dibéré resep kana ruang-riung kitu téh, mending ulin jeung buku waé. Babaturan bring kamana-mana gé kuring mah tara ngiluan. Ngilu sotéh waktu acara panungtung di kelas 3. Éta gé pédah dipaksa Dadan, batur sabangku, jeung na aya kahayang nu nyangkaruk dina dada. Nu antukna ngilu ka  Curug Citiis. Curug tempat kuring neundeun rusiah. Taya saurang gé nu apal, réhna kuring jadian jeung hiji awéwé nu diincer ti kelas 2 kénéh. Nya Curug Citiis geus jadi saksi. Kanyah jeung katresna kuring tamplok  ka manéhna.

                “Dimana kénéh Prof?” HP kuring disada.

                “Di jalan sakeudeung deui gé nepi.” Témbal kuring ka Dadan.

                “Jalan mana? Loba jalan téh.”

                “Pokona sakeudeung deui  wé.” Teu ngabéjakeun anu sabenerna. Yén kuring geus aya di tempat parkir.

                “Siip. Ditungguan. Barudak geus karesel yeuh nungguan di dinya.”

                Kuring rarat rérét ka sakurilingeun. Masih siga baheula bangunan téh,  kelas ngajajar  teu ditambahan teu dikurangan. Atuh di deukeut lapang parkir, taman nu dipinuhan rupaning kekembangan angger aya, nyeungitan taman haté kuring sapada harita. Bangku panjang sagigireun taman nyuaykeun lamunan waktu harita keur istirahat. Di bangku éta, kuring jeung manéhna kungsi ngobrol panjang lebar ngeunaan cita-cita. Panonna anu curelek, dipasieup kempot pipi nambah geulis. Aya kitu manéhna? Sanajan embung panggih inggis nguniangkeun rasa. Tapi, teu kuhanteu haté noroweco. Sanajan disidem, tresna téh angger aya. Karék nincak sakola gé, ngaran manéhna geus ngaronghéap dina lolongkrang haté.

                “Profesor datang euuuy.” Dadan ngagorowok, waktu kuring mucunghul ka aula.

                “Eta beuteung, jadi burayut kitu.” Kuring ngarangkul Dadan.

                “Burayut ogé masih kuat da... haha.” Dadan sarua ngarangkul pinuh ku kasono.

                “Enyaan euy prof geus kacida suksés.” Jol itu jol ieu naranya terus ngajak sasalaman.

                “Damang, Man.” Hiji sora ngagebahkeun kuring.

                “Hesty? Damang?” Ceuk kuring nampanan nu ngajak sasalaman.

                “Tos sabariji bati?”

                “Nembé badé hiji. Tos dalapan sasih.”

                “Ning?” Manéhna teu kebat.

                “Hesty tos sabariji?”

                “Tilu. Abdi mah nu pangganggeugna tos SMA.” 

“Heuleuh meni resep.”

                “Hayu ka dieu Prof. Tong ngahiji wae jeung awéwé atuh, Dadan metot leungeun kuring. “Kela, Hes. Rek ngobrol heula jeung sohib nya penting!”

                “Antos sakedap nya?” Kuring ningalkeun Hesty.

                “Geulis kénéh nya si Hesty.”

                “Geulis wé da awéwé.”

                “Leuh si éta. Prof manéh mah tinggaleun berita.  Si Hesty téh randa.”

                “Kutan?”

                “Sok bisi rek disabet ku di dinya.” Si Dadan ngahahah.

                “Geus lila ngarandana?”

                “Sataunan.”

                “Ehm... anyar kénéh atuh.” Kuring ngagerendeng. Dina haté timbul kaduhung. Naha beut panggih ayeuna, teu panggih taun kamari. Meureun mun tepung mah kuring jeung Hesty bisa ngahiji. Meureun moal ngawin Larasani, pamajikan kuring ayeuna.

               

                Teu kalis ningali hiburan dina panggung téh. Nu puguh mah kabéh nu hadir ngobrol namplokeun kasono ka babaturan anu geus lila teu tepung. Dadan gé teuing ka mana tah,  majar téh rék néangan nu geulis ka tukang cenah.

                “Tiasa calik di dieu?” Hesty teu kanyahoan geus aya gigireun. Teu nungguan jawaban  kuring, gék manéhna diuk gigireun.

                “Mangga.” Kuring mesem.

                “Dadanna kamana kitu?”

                “Biasa badé milari nu geulis cenah. Angger wé nya si éta mah... hehe.”

                “Naha atuh Hérman teu milari?” manéhna ngarenyu, neuteup kuring. Dua panon paamprok. Aya nu kumeleter kana haté lebah ningali panon nu curelek, angger siga baheula. Ehm, Hesty ning angger siga baheula geulis teu robah. Anggur asa geulis ayeuna.

                “Pan ieu nu geulisna di sagédéngeun.” Kuring seuri leutik. “Leres putra téh tos tilu?” Kuring nanya deui, panon angger neuteup.

                “Enyaan. Naha naros kitu?”

                “Asa... asa angger siga kapungkur geulis, senang rupina?”

                “Senang kumaha, puguh Hesty mah asa menderita. Budak satilu-tilu. Hesty hirup sorangan da tos teu aya carogé.” Luk manéhna tungkul nyumputkeun semu.

                “Tos lami carogé ngantunkeun?”

                “Tos sataun.”

                Obrolan beuki  muter, beuki manjang. Nu tadina horéam indit téh geuning geus ka dieu mah beut asa senang. Komo deui panggih jeung Hesty, nu jadi béntang ti keur SMA. Ngobrol ngalér ngidul...

                “Bandungna di mana Dan?”

“Daérah Sudirman.”       

“Bérés acara teras mulih ka Bandung?”

                “Muhun atuh ka mana deui.”

                “Teu kaabotan teu pami Hesty ngiring?”

                “Badé ka mana kitu?”

                “Badé ka  Cileunyi heula. Badé ka pun Uwa. Aya candakeun kanggé si bungsu.”

                “Mangga.” Kuring giak. Geus kabayang sajajalan bakal hégar jeung resep dibarengan ku Hesty.

                Jeung enyana. Teu jauh tina sawangan. Sajalajan galécok, ngomongkeun waktu anu geus kaliwat. Katresna nu baheula maluguran, ayeuna mangkak karembangan deui.  Kacinta  tingparentul mapaesan rohang hate. Katurug Hesty ayeuna hirup nyorangan. Dunya téh asa éndah rarasaan.  Komo ningali manéhna beut léah.

                “Resep sigana mun Hesty harita ngadahup ka Hérman, meureun moal kieu hirup téh tunggara. Nyorangan waé.” Panon curelek ngadadak angkeub.

                “Tong kitu Hes. Pamali.”

                “Asa kaduhung harita Hesty ngajauhan Hérman  teu pupuguh. Hapunten nya, Man.” Sirahna ngadangheuak ka lebah kuring. Antel kana dada.

                “Tos nu atos mah, tong ngemutan deui.” Kuring ngahegak. Aya rasa nu nyangkaruk lebah dada. Ngeundeuk ngeundeuk kaimanan lalaki. Nguniangkeun rasa anu lawas teu kasorang tresna. Geuning cinta téh masih aya dina diri. Sugan téh katresna moal usik. Cinta nu kungsi leungit ayeuna norojol. Datang deui, malikeun seseungit anu pinuh ku tresnaning cinta, nu pinuh ku gupay deudeuh

Les beungeut Larasani di imah leungit. Baganti ku ngaran Hesty jeung Hesty. Hesty anu ayeuna aya gigireun. Lelendotan lebah dada. Kahayang mah lila ka Cileunyi téh. Kahayang mah jalan téh maceé. Ameh rinéh ngobrol. Tapi dikersakeun jalan téh molongpong. Asa sakedet nétra, sangkilang mobil ngahaja ngarayap, alon.  

                “Hesty gé sering ka Bandung da. Ajakan ké amengan nya?“

                “Pasti. Dimana lungsur téh?”

                “Éta di payun. Tuh caket Alfa wé.” Hesty ngised ngajauhan.  Panonna manco ka hareup.                “Omat nya ngoling Hesty.” Hesty neundeun leungeun na pingping kuring.

                “Sip!” Kuring nyekel leungeunna. Srrr aya nu sumarambah kana bayah.                 “Hes!” Ukur kitu nu bisa kedal. Leugeun pageuh nyekel leungeunna. Hesty imut, ngabalieus. Laju nonggongan mukakeun   panto mobil. Ngagupay imut.

                “Tong hilap nya, Man.”

                Sababaraha jongjonan  siliteuteup. Asa wegah papisah. Sababaraha jam babarengan geus neundeun rasa anu béda. Samagaha kaubaran ku datangna Hesty ka kamer haté.

                “Tiddiiit...” klakson mobil kadéngé. Ngageubahkeun kuring nu keur kasmaran.

                “Hayu Hes...”

                “Hati-hati, Man.”

                Kuring ngarénghap panjang. Neundeun lalakon dina hate pangjerona. Mobil nyemprung  muru Bandung. Kadéngé HP disada, teu hayang ngangkat, sumawona maca SMS. Haté keur pinuh ku ngaran Hesty.

                “Minggu payun abdi badé ka bandung. Aya waktos?” SMS ti Hesty geuwat dibaca.

                Biwir ngarenyu. Bungangang neundeun haté anu beuki kumeleter kaentreupan asih. Teu kaburu dijawab. Waktu aya telepon asup. Ti Didin adi kuring.

                “Aya naon, Din?”

                “Akang nuju di mana?”

                “Jalan tol.”

                “Sibuk nya?”

                “Heunteu. Kumaha kitu?”

                “Pedah wé sms teu dibales, telepon teu diangkat. Langsung we ka rumah sakit, Kang.”

                “Saha nu gering?” kuring reuwas.

                “Téh Sani ka rumah sakit. Pendarahan.”

                Kuring ngagas mobil. Dosa mahung diri. Enya we diilikan SMS ti pamajikan rabul. Ngan teu kungsi kabuka. Pan kuringna  keur anteng suka bungah jeung Hesty. Beungeut  Larasani kokolébatan. Kabayang manéhna indit sorangan ka rumah sakit, bari jeung bureuyeung nahan kanyeri.  Merjuangkeun utun inji. Gusti mugi pun anak sareng pun bojo disalamatkeun, Ya Rabb. Bukti cinta kuring duaan nu geus dianti. Hampura kuring geulis.... Hate lumengis. Telepon disada deui. Giak dicokot. Teu laju diangkat, waktu aya ngaran Hesty mapaésan layar HP. Sora HP angger disada, teu hayang ngangkat. “Pileuleuyan Hesty.” kuring ngagerendeng, Ngadelete ngaran Hesty Puspitasari tina kontak HP.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (6)

yadi

padahal mah tong pameng lah, seug nu di rumah sakit teh - bayi jeung biangna- teu kapuluk. pikeun panghibur, herman ditepungkeun deui jeung hesty. "win win solution" pan, teu aya nu dirugikeun.

muslim

Aduh eta profesor, tiasa hilap ka nu di bumi...

Adi

emhh...asa wararaas ...

Ari

duh..kang ! meni waas..keun da hirup mah warna warni. eta kalimat panungtungna, jawara pisan lah

atot

Emut kang pamajikan gede beuteung...herman herman

Pandit

sae, temana natrat, ngelingan, teger teu galideur kacandak sakaba kaba.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: