• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kawung Kabayan

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1415035081.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Di wates lembur jeung leuweung perenahna tangkal kawung téh. Tangkal kawung biasa saenyana mah. Biasa jangkungna, biasa gedéna, biasa injuk jeung carulukna. Ngan keur urang lembur kuring mah, tangkal kawung éta leuwih kawentar batan tatangkalan naon waé ogé.

Kawung Kabayan katelahna téh. Duka iraha éta tangkal kawung téh jadina. Da urang lembur anu pangkolotna saperti Abah Suadma, umurna 92 taun, apalna kana tangkal Kawung Kabayan téh geus sagedé kitu. Ngan ceuk dongéng anu tatalépa ti kolot ka budak, éta tangkal kawung téh anu baheula ditaékan ku si Kabayan.

Kieu dongéngna mah. Si Kabayan téh jalma masakat, heureut pakeun pungsat bahan lain bobohongan. Tapi henteu aya urang lembur anu maliré. Kaasup anu pangbeungharna, anu boga tangkal kawung di wates lembur téa. Lantaran lapar, karunya ningali anak pamajikan sababaraha poé henteu kararaban sangu, nya si Kabayan kukurilingan néangan sugan aya beubeutian anu bisa dirabut atawa bungbuahan anu bisa diala. Basa nepi ka handapeun tangkal kawung, nyéh si Kabayan seuri. Aya lodong ngagantung, sigana pinuh ku lahang. Lumayan lamun dijual ka pasar mah bisa dibeulikeun béas jeung sambeleun. Si Kabayan naék kana sigay. Tapi kakara ogé nepi kana lodong, réa jalma laluncatan tina rungkun.

“Kapanggih ayeuna mah, ieu mangkelukna anu sok maok lahang téh,” ceuk Anu Beunghar, anu boga éta tangkal kawung. Jalma réa ngadareukeutan tangkal kawung. Méh satengah urang lembur, kaasup pa ustad, jadi saksi. “Turun euy! Bisi dibalédogan kéh!”

Si Kabayan reuwaseun saenyana mah. Tapi rikat némbalan. Pokna téh, “Hiss… gagabah nyacapluk téh. Uing mah lain rék maok lahang.”

“Rék naon atuh éta naék kana sigay?”

“Uing mah sakadar ngayakinkeun, naha bener tina tangkal kawung ieu téh aya jalan ka sawarga saperti ilapat anu katarima ku uing.”

Jalma réa silihpelong. Henteu kabuktian si Kabayan maok lahang téh. Kitu dongéngna mah. Ngan sakitu. Da dongéng saterusna mah aya sababaraha persi. Aya anu nyebutkeun si Kabayan terus naék ka puncer kawung, ngaleungit lebah pucukna. Aya anu nyebutkeun si Kabayan terusna jadi kuncén anu nangtukeun saha-sahana anu geus manjing jeung cukup pasaratan pikeun ka Sawarga.

Duka sabaraha abad kaliwat éta dongéng téh kajadianana. Duka henteu kungsi aya di kieuna kajadianana mah. Saukur dipapantes disisieup, saperti urang Minang nyaritakeun kaba saperti urang Sunda nyaritakeun sasakala. Ngan anu jelas, pikeun urang lembur kuring, kaasup kuring sorangan, percaya pisan kana kaahéngan Kawung Kabayan. Malah anu getol ibadah atawa anu bageur ka batur mah boa ngarep-ngarep aya ilapat atawa aya anu ngabéjaan yén dirina geus waktuna pikeun naék kana tangkal Kawung Kabayan téa.

Saha atuh anu henteu kabita ku Sawarga. Tempat éndah, tempat sakabéh pancaindra ngarasakeun kasugemaan. Tempat sakabéh anu percaya mah mikahayang langgeng di jerona.

Henteu aya anu apal saha kuncén Kawung Kabayan ayeuna. Da cenah kuncén téh nyumput di nu caang nyamuni bari katingali. Ngan lamun aya jalma pinilihanu geus manjing ka Sawarga, béja téh tatalépa. Duka ti saha mimitina. Ari anu kapilih pikeun ka Sawarga henteu diwatesan ku pacabakan atawa pakaya. Mang Suadma saukur buruh ngabedug, Pa Kanta pangsiunan pulisi, Aki Sanuri tukang ngangon meri, Bu Rubiah mah anu gaduh lima pabrik kurupuk, Ma Acih tukang surabi.

Basa Pa Sumitra naék ka Sawarga ogé kitu kajadianana. Ujug-ujug jalma salembur apal. Atuh saréréa jul-jol narepungan. Anu ngarasa boga dosa ka Pa Sumitra pok deui pok deui ménta dihampura bari ngagukguk. Atuh Pa Sumitra, ka saha ka saha ngabagéakeun. Henteu weléh gedé hampura, bari anjeunna ogé pok deui pok deui ménta dihampura. Rajakayana satengahna diwariskeun ka barudakna, anu setengahna deui mah diwakafkeun pikeun ngadegkeun madrasah.

Anu ketir mah basa jajap ka tangkal Kawung Kabayan téa. Ti bumi Pa Sumitra nepi ka wates lembur anu aya tangkal kawung téa, jalan satapak téh ngadadak ngalegaan, lalening, bararesih. Sajajalan shalawat jeung kalimah toyibah ngusapan kasadaran anu pangjerona. Éta wé anu ceurik henteu kaampeuh di ditu di dieu, ceurik anu bungah, ceurik anu kagagas.

Atuh tangkal kawung téa, katingalina téh cahayaan. Aya ku éndah injuk jeung carulukna. Basa Pa Sumitra naék satahap demi satahap kana sigay, jep wé jempé urang lembur téh. Méga putih ngadingding ngahalangan morérétna panonpoé. Angin aya ku rintih.Pa Sumitra imut basa nepi ka puncer kawung. Imut anu éndah.Imut pangéndahna anu kungsi katingali ku urang lembur. Terus lalaunan awakna ngaipisan, saperti cahaya, terus ilang tanpa karana.

 

**

 

Duka ti saha mimitina, béja téh nyebar ka sakabéh urang lembur. Béja yén Kawung Kabayan, héktaran tanah anu aya di sabudeureun tangkal Kawung Kabayan, ditawar ku urang kota. Sapuluh milyar cenah hargana ogé. Harga anu pikabitaeun tangtuna ogé. Di lembur kuring mah apan tanah téh sabatana ngan lima ratus réwu pérak. Basa ku urang lembur ditanyakeun ka pa kuwu (ayeuna mah tanah di sabudeureun Kawung Kabayan téh apan tanah carik), jawabanana téh henteu waé ditawar tapi geus mupakat dijual.

“Cilaka, Jang, bakal aya mamalana. Sawarga mah moal bisa dibeuli ku pakaya dunya,” ceuk Abah Ihin basa kuring solat di tajug sisi sawah. Abah Ihin téh merebot di éta tajug. Tajug leutik tapi ari sore mah meuweuh ramé da barudak dialajar ngaji ka Mang Asép.

“Apan saur Pa Kuwu, hasilna kanggo ngabéayaan pangwangunan lembur urang, Bah.”

Abah Ihin henteu némbal deui.

Saminggu ti harita tanah anu dibeuli ku urang kota téh dipager kawat. Anu ngadegkeun bangunan beurang peuting henteu reureuh. Anu gawéna sawaréh urang lembur, réréana mah daratang ti lembur séjén. Tilu bulan gé ngadeg tempat wisata. Aya penginapan, situ tempat paparahuan, pemancingan, flaying fox, karaoke, jeung duka naon deui. Ngan wisata anu utamana, anu pangmahalna mah Kawung Kabayan téa. “Berlibur ke Surga,” cenah ceuk dina brosurna ogé. Ceuk béja mah limaratus juta mayar saurangna.

Tangtu waé anu wisata ka dinya mah lain jalma joré-joré. Da anu kabedag mayar ngan maranéhna anu baroga duit leuwih. Maksud téh leuwih ti anu kabayangkeun ku urang lembur. Pagawé biasa mah anu hirupna ngandelkeun gajih wungkul tong pirajeunan ngimpi-ngimpi acan.

Tapi ahéngna, enya ogé mahalna salaput hulu, anu daptar pikeun wisata ka Kawung Kabayan mungguh ngantri. Ceuk béja, lamun daptar ayeuna téh kakara bisa naék taun hareup. Jalma baleunghar ti unggal kota gedé sakuliah nagara ngilu ngadaptar. Malah mah loba anu wani meuli ti calo nepi ka milyaran perak.

Ari kituna, kaahéngan Kawung Kabayan téh ampir unggal poé dipromosikeun dina facebook, tweeter, geogle adsense, baliho, poster, bbm, radio, télévisi,buku, jeung réa deui. Terusna mah aya kapercayaan, saha-saha anu boga rencana pikeun wisata naék ka Kawung Kabayan, bakal katingalina jadi jelema bageur, bener, pinter, asih, ngasuh, ngasah. Kajeun tadina bangsat, sanggeus aya rencana pikeun wisata naék ka Kawung Kabayan mah, asa jadi ustad.Ari anu ningali, apan henteu saeutik anu kabobodo ténjo kasamaran tingal.

Matak henteu héran dina media massa jeung media sosial loba pangwilujeng saperti kieu: Wilujeng ka Bapa Anu anu parantos ngadaptar kanggo wisata ka Kawung Kabayan. Mugia barakah, langkung naék jabatanana, langkung seueur proyék-proyékna, langkung seueur kenging artos hibah, supados upami ditaros sabaraha rajakayana diwaler: saalaihim.

Unggal poé ti lebah tempat wisata Kawung Kabayan téh kadéngé ramé. Musik padang pasir, nasyid, japin, sakapeung ngélehkeun adan Abah Ihin. Da puguh unggal poé ogé apan aya anu indit wisata, naék kana Kawung Kabayan. Raména da puguh aya upacarana ayeuna mah. Anu mingpinna ogé apan ustad-ustad kawentar wungkul anu pabaliut dina télévisi. 

Ari urang lembur, kudu ihlas, ulah nginget-nginget deui Kawung Kabayan. Da apan ayeuna mah tong boro milu nganteur anu kasinugrahan kapilih pikeun naék kana Kawung Kabayan, dalah ningali ogé tangkal kawungna henteu bisa. Da éta sakuriling tempat wisata téh apan dipager ku témbok sajangkung tilu meter. Enya ari kudu ihlas téa mah. Tapi sakapeung mah aya anu henteu kuateun, sarérés solat téh ngadon ngagukguk, inget ka Kawung Kabayan cenah.

Matak reuwas basa reureuh nungguan lohor di tajug sisi sawah, ari pok téh Abah Ihin: “Kawung Kabayan téh geus teu aya dikieuna ayeuna mah, Jang. Da anu di tempat wisata mah mamalihan.Enya lamun nepi ka puncer kawung mah bisa ngaleungit anu naék téh, leungit ku sihir, tungtungna moal bisa balik deui ka alam ramé, komo deui ka Sawarga da sanés kitu pasaratan ka Sawarga mah.Nyiliwuri téa anu kitu téh.”

Tadina mah moal percaya kitu waé. Tapi ti harita di lembur mimiti kacaritakeun aya jurig marakayangan. Di kalér di kidul di wétan di kulon. Loba anu patingjarerit sarieuneun. Loba anu kaleungitan kadaharan jeung harta banda. Da puguh ceuk Abah Ihin, enya ogé marakayangan, henteu katingali ku panon lahir, ari napsu babanda jeung baranghakanna mah angger.

Ari urang lembur, henteu saeutik anu apal jeung paséhat mapatkeun doa panyinglar. Sageprakan ogé jurig nyiliwuri téh patingjarerit, kalabur ka kota tempat asalna. Ti harita di kota-kota gedé, di nagara kuring, loba anu baleunghar anu terus marakayangan.

“Matak wartoskeun ka urang kota, Jang, Sawarga mah henteu tiasa dipésér ku rajakaya,” ceuk Abah Ihin.

Teg téh dina haté, yakin pisan, Abah Ihin téh kuncén Kawung Kabayan anu nyumput dinu caang nyamuni bari katingali. Matak langsung kuring nanya: “Bah, ari Kawung Kabayan anu asli, ayeuna aya di mana?”

Abah Ihin ngagebeg. ***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Restu Iman Nulloh

Carpon sae pisan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: