• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

1955, 2014

Kénging Abdullah Mustappa
Kintun kana Facebook

Pemilihan Umum taun 1955 téh cikalna. Salila sapuluh taun sabada merdéka, nu ngaranna nagara Republik Indonésia téh tacan miboga lembaga-lembaga kanagaraan anu maneuh. Ari kituna mah atuda sabada proklamasi téh apan disambung ku révolusi atawa perang kamerdékaan téa. Beunang disebutkeun, nagara ukur diurus sakadarna.

Tujuan diayakeunana pemilu dina taun 1955, ti dituna mah hayang nyumponan katangtuan hiji nagara anu démokratis. Ari démokrasi apan koncina kakawasaan téh dicekelna ku rayat. Ari pikeun nganyahoankeun kumaha kahayang rayat taya deui jalanna iwal ti kudu ngayakeun pemilihan umum.

Kangaranan pemilu anu munggaran, loba pisan nu hayang milu. Apan harita mah di sagigireun partéy, perorangan gé bisa miluan. Sanggeus hasilna diitung, aya opat partéy anu panglobana meunang sora di Konstituante téh, nyaéta PNI, Masyumi, NU jeung PKI.

Tina hasil anu saperti kitu, kanyahoan anu panglobana meunang sora téh golongan nasionalis (kaasup komunis) jeung golongan islamis. Matak meujeuhna lamun sorana di parlemén gé bisa disebutkeun saimbang. Tapi, ku lantaran saimbang téa, paduregengna ogé jadi ambay-ambayan. Lain sapoé dua poé tapi nepi ka taunan.

Lantaran nu parebut papahaman saperti moal aya ahirna, tungtungna Presidén Soekarno ngaluarkeun Dékrit Presidén. Tandes pisan, Konstituante dibubarkeun. Hartina, meunang hésé capé susah-susah ngayakeun pemilu téh hasilna kalah dibubarkeun.

Lantaran Konstitantena dibubarkeun, kakawasaan téh beunang disebutkeun numpuk di Presidén Soekarno. Sagala rupa gumantung kana kersa anjeunna. Geus kaalaman ku saréréa, kumaha pait peuheurna hirup dina jaman Démokrasi Terpimpin. Saterusna ditéma ku Démokrasi Pancasila anu dijalankeun ku Orde Baru téa. Nu ieu gé lila-lila mah kalah matak pahang. Sagala rupa sieun, sagala rupa aringgis. Lantaran kasieun jeung kainggis téa terus disina patutumpuk, ahirna mah ngababuk ka mana mendi.

Leupas ti dinya, bras kana mangsa réformasi. Nu tadina loba kasieun téh jadi wanian kabina-bina. Daérah disina nyekel kakawasaan anu leuwih loba. Katelahna otonomi daérah, bupati jeung wali kota bisa teu nurut ka gubernur. Presidén dipilih langsung ku rayat. Atuh kakawasaan parlemén terus ditambahan. Malah ahirna parlemén téh bisa sakama-kama, kaasup numpuk-numpuk kakawasaan anu leuwih ti mistina.

Karék gé dua rintakan presidén, gubernur, bupati/walikota dipilih kalawan langsung téh, geus dirobah deui. Pemilu anu lumangsung taun 2014 jadi henteu sagemblengna gumantung kana kahayang rayat sakumaha anu katémbong ayeuna-ayeuna. Parlemén hasil Pemilu 2009 jadi siga anu poho kana temah wadi. Siga anu mangpang-meungpeung. Dina waktuna arék marén maranéhna netepkeun undang-undang anu ngahaja disina jadi pitapak pikeun parlemén nu anyar engké.

Nu katémbong ayeuna, kakawasaan anu dicekel ku presidén bakal loba dirobédana ku parlemén. Lain hiji dua anu manghariwangkeun. Ieu mah kila-kilana kana teu hadé. Lamun karep presidén dikantégan terus ku parlemén rék kumaha pijadieunana atuh?

Ras baé inget deui kana anu kungsi kaalaman dina mangsa-mangsa katompérnakeun taun 1950-an téa. Awalna saréréa sapamadegan, nya ku hasil tina pemilu taun 1955 téa nagara RI bakal terus dibebenahna téh. Barang kabuktian debat di Konstituante euweuh hasilna, aya anu sabar aya ogé anu sabalikna. Bung Karno kaasup anu teu sabar. Tangtu wé dihihidan ku anu séjénna ongkoh.

Dina prungna netepkeun pingpinan DPR jeung MPR kamari, apan katémbong kumaha prosésna. Teu salah-salah teuing lamun aya anu nyebutkeun éta mah sakongkol. Tujuanana kabaca ku saréréa, sangkan pamaréntah bisa diulinkeun ku parlemén. Malah nu goréng sangka mah sangkilang presidénna sorangan tacan dilantik, geus aya anu ngalelebah pajar cenah bakal dituar di tengah jalan.

Lain kaalaman ku Bung Karno wungkul. Nu kaalaman ku Gus Dur gé teu jauh ti kitu. Gus Dur malah cenah geus nyiapkeun dekrit pikeun ngabubarkeun parlemén, ngan kapiheulaan jurus.

Tangtu wé urang henteu miharep sangkan antara pamaréntah jeung parlemén bakal rengkeng saendeng-endeng. Tapi, lantaran anu dimaénkeunana kakawasaan, sagala rupa gé aya kamungkinan bakal kajadian. Cing atuh nu bakal kajadian téh anu hadé wé, ulah anu goréngna. Ngan lebah dieu, kudu ditatanyakeun deui, nu hadé keur saha nu goréng keur saha. AM

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: