• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

MQK

Kénging Asep Salahudin
Kintun kana Facebook

Kanwil Kemenag Jawa Barat ngondang pikeun ngajurian “Musabaqoh Qiraatul Kutub”  (MQK) tingkat Jawa Barat.  Harita lumangsung bulan April 2014  katompérnakeun tilu poé tilu peuting tempatna di Pasantrén Al-Amin  Kampung Cukang Kalurahan Tanjung Kacamatan Kawalu Kota Tasikmalaya nu dipingpin ku  KH Wawan Nawawi. Pasantrén agréng da puguh nu gaduhna ajengan lulusan al-Azhar téh putrana juragan bordir. Lokasi pasantrén rada nyingkur tukangeun mumunggang pasir kendat bates pasantrén beulah kulon walungan Ciwulan anu basa Galunggung bitu mah salin rupa jadi keusik. Peuntaseun walungan matak waas  masih kénéh ngeplak sawah héjo ngémploh. Balong caina cur cor, lauk pating gudibeg. Matak pikabetaheun, cocok keur santri nu keur nyuprih élmu pangaweruh.

Ari tingkat nasionalna mah lumangsungna di Jambi ping 1-9 September 2014. Di Pasantrén As’ad, Olak Kemang Teluk. Dibuka langsung ku Menteri Agama, Lukman Saéfuddin Zuhri. Dina biantarana  Menteri Agama téh nandeskeun réhna MQK téh cenah bisa dijadikeun andelan pikeun nangkis paham radikalismeu agama nu kiwari keur mahabu nyerbu bangsa urang. Ku cara wanoh jeung kitab kuning umat moal gampil kabongroy ku ajaran Islam nu nyata-nyata pabéntar jeung budaya lokal, teu sapuk jeung Pancasila.  Nya kitab kuning, masih ceuk Menteri Agama, anu geus ngahasilkeun santri-santri dina sajarah kaindonésiaan bisa ngahiji jeung NKRI-na, buméla ka lemah caina. Santri nu dina numuwuhkeun agamana nincak dina paradigma moderasi (siger tengah), tasamuh (jembar), tawazun (saimbang) jeung ‘adalah (adil).

Kapapancénan nguji téh tingkatan (marhalah) ulya, anu diujikeunana bagbagan tasawuf kitabna Ihya Ulumuddin yasana Hujjatul Islam Imam al-Ghozali téa, geus teu bireuk deui. Marhalah téh dibagi tilu: ula, wustho jeung ulya. Ari nu diujina ngawengku fikih, ushul fikih, tafsir, hadis, tasawuf (akhlak)  jeung balaghah. Kitabna kayaning Ihya’ Ulumudin, Alfiyah ibn Malik, Fathul Mu’in (Marhalah Ulya), Kitab  Kifayatul Atqiya, Imriti dan Fath Qorib (Marhalah Wustha) jeung  Kitab Sulamut Taufiq, Jurmiyyah tepi ka Ta’limul Muta’allim (Marhalah Ula)

Berekah jeung matak reueus masih kénéh seueur murangkalih santri anu paséhat maca kitabna, lancar nerjemahkeunana, luyu ngobét maksud téksna, capétang dina pas ngi’robna, nahwu sorofna beunang (Fashahah al-Qir’ah, Shihah al-Qira’ah jeung Fahmul ma’ani). Padahal kitab anu diujikeun téh éstuning kakara dibuka kacana harita. Nya tangtungna aya ogé anu tag-tég-tog kénéh. Tapi ku ningali sumangetna ngalogatan ogé matak kayungyun. Matak rusras ningali jaman  kiwari masih aya jalma anu haat nalungtik kitab konéng dina umur anu sakuduna resep kénéh ulin. 

Tangtuna ngawanohkeun santri kana kitabna, keur urang pasantrén mah  hiji kawajiban. Ku cara kieu umat Islam dikawinkeun jeung tradisina, literasi katut khazanahna. Malah dina tradisi NU (Nahdatul Ulama) nalika gempungan Bahsul Masail, apan anu disebut kiai hébat téh sanés anu parigel ngutip hadis atawa ayat al-Quran tapi anu bisa neuleuman kitab-kitab buhun parat tepi ka mataholangna. Sanés waé neuleuman tapi tepi ka katalar katut téks-téksna. Béda pisan apan jeung “ustad modérnis” anu disebut “hébat” téh lamun geus bisa ngadalilan perkara ku Quran atawa Hadisna. Mun euweuh tina guratan  Quran Hadisna, nya bid’ah téa kasebutna.

Teu anéh lamun di pasantrén-pasantren tradisonal anu diprioritaskeun téh lain nalar Quran atawa Hadis, tapi nalar parabot pikeun ngobétna. Sebut wé dina bagbagan alatna (gramatika basa Arab) kayaning Jurumiyah, laju kana Imriti, Mutamimah, sapat tepi ka  Alfiyyah karangan Imam Malikna anu jumlahna sarebu bét téa. Ditalar jojorowokan bari dilagukeun di jandéla kobong. Notasi kitab pikeun ngalagukeunana, sarua ieu ogé sok ditalalar namina Lamiyatul Af’al. Malah lain waé kitab alat dina wangun syair anu ditalalar téh, pernah kawénéhan harita keur masantrén di Riyadul Alfiyyah Wanaraja Garut nu dipingpin ku KH Iif Syarif Hidayatullah (Céng Iip) apan aya santri Cikolé anu tepi katalar Ianatuth Tholibin (syarah Fathul Muin) opat jilid bari dina wangun prosa. 

Tah sapuluh taun katompérnakeun, pangpangna di kota-kota, nu ditalawarkeun ku pasantrén-pasantrén modéren téh lain deui nalar kitab anu tadi sumawona ngalogatan ku kalam dicocolkeun kana mangsi Guntur buatan Sukabumi nu diwadahan dina urut Tarason bari ngadapang mah, sumawona ngaliwet di tungku dahar babarengan na éblék bari cingogo, tapi nu jadi udagana téh taya lian nalar Quran (tahfidz al-Quran). Waragadna? Halah jauh tanah ka langit jeung pasantrén tradisional di lembur. Aya anu 17 juta tepi ka 25 juta uang pangkalna. Tuangna? Éstuning empat séhat lima sempurna. Jajauheun katépaan budug mah, ka jero kobongna ogé tara ngulampreng reungit-reungit acan.

Asa inget dongéng ti hiji guru. Dina hiji waktu aya konglomérat datang ka kiai di lembur seja nyungkeun barokah bari mawa BMW kanggo dipasihkeun ka Mama Ajengan. Walon Mama, “Lebah berkah mah Mama apal pisan, upami BMW teu pati apal sabangsa naon éta téh?”. Anjog ka ustad di kota jawabanana lain deui, “Lebah BMW apal Bapa téh. Mun berkah asa kakara ngadéngé, sabangsa naon éta téh?”

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: