• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Nganjang

Kénging A. Budiman
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1415888872.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

“Nyariosna mah ti béh ditu  kénéh  ngan  teu kasiwer, akangna di sawah waé.” Ceuk Kang Apip basa ngajajapkeun ema kana travel.

“Sanés nelepon atuh. Teu ku abdi gé da tiasa ngajurungan Mang Encép néang ema mah.”

“Ah, ditéang ku Si Encép mah atuh uwa moal ngiring ka dieu nya, Cu… apan sono ka ieu.” témbal Kang Apip bari ngusapan sirah anak kuring nu bungsu. Celengok-celengok diambungan.

            Kuring mésem kagugu ku si bungsu nu anjeucleu dina lahunan Kang Apip. Komo lamun mindeng pendak, kilang langka ogé sakitu apétna ka uwana téh.

            “Nyariosna mah hoyong rada lami cenah nganjang téh, tapi duka…” cek Kang Apip bari seuri leutik. Kuring milu nyéréngéh, surti. Unggal-unggal gé kitu ema mah, nyarita rék lila tapi tilu opat poé gé sok témbong hulang-huleng bangun anu teu betah.

            “Mudah-mudahan waé, Kang. Badé matuh ogé baeu téh teuing, bungah nu aya.”  

“Malah ngobrol sareng Si Euceu mah rék mereketkeun manéh cenah, rék ngasuh incu… ulah diarep-arep balik.”

            “Ih, sukur atuh ari nyarios kitu mah. Keun sugan nyaan ayeuna mah.” ceuk kuring bungangang kebek ku kabungah, “hawatos waé ka Akang kedah untar-anteur ditu ka dieu. Sing rido, Kang.”

            “Ah, keun waé Akang mah rido pisan. Hikmahna mah Akang jadi nganjang ngurilingan dulur. Ari ngahaja-haja mah pimaneun.” témbal Kang Apip bari nyéréngéh.

            Bungah lain dikieuna ngadéngé Kang Apip nyarita kitu téh. Da jeung enyana Kang Apip mah ka ema téh teu jiga ka mitoha, éstuning jiga ka indung pituin. Matak reugreug. Kuring onam, kasebut anakna, dina sakalieun ema galingging panas tiris teh tara bisa buru-buru nungkulan. Kaparengkeun kuring mah imah-imah téh jauh ti lembur. Teu bisa saendeng-endeng nalingakeun indung. Bati melang jeung hariwangna wungkul.

Estuning ngurus jeung nalingakeun ema téh ngandelkeun Ceu Yayah, hiji-hijina dulur nu matuh di lembur. Sakitu gé muji sukur aya anak ema nu matuh di lembur. Teu kaerong tuda pisakumahaeun teuing lamun saréréa hirup di pangumbaraan. Tina lima sadulur ukur Si Cikal, Ceu Yayah, nu matuh di lembur téh. Sasat nuluykeun tapak lacak kolot. Dulur nu séjénna kaasup kuring, ngadon bubuara di lembur batur. Nu kadua di Sérang nuturkeun salakina. Nu katilu di Sukabumi. Nu kaopat di Banyumas. Kuring waéh, Si Bungsu, ngadon bubuara di Purwakarta katalian ku pakasaban.

Munasabah lamun palaputrana, nu ngumbara jauh, ukur bati bingung. Komo basa anyaran Abah ngantunkeun mah, ka ema melang lain dikieuna. Diolo ku saréréa sina pindah ka imah Ceu Yayah, mugen. Dihiap ku urang Sérang, urang Sukabumi, Banyumas, Purwakarta teu aya nu digugu.

“Ulah melang ka ema barina gé,” kitu pokna téh dibarung semu rada bendu. Keuheul meureun asa pada maksa ku itu ku ieu. Geus kitu mah teu bisa kukumaha. Tuluy dikeukeuhan gé moal pihadéeun. Tungtungna mah makumaha minangsaraya ka Ceu Yayah, ngawayahnakeun Ceu Yayah nu hirup di lembur.

“Sing jarjongjon di pangumbaraan. Keun ema mah tanggung jawab euceu. Aya karerepet kitu kieu mah gampang jaman ayeuna mah, kari nelepon.” ceuk Ceu Yayah basa anak-anak ema ngarariung.

Najan teu bisa nyieuhkeun kamelang gé rada waé ngemplong aya basa kitu ti Ceu Yayah mah. Ongkoh ti bubudak gé geus katembong kanyaahna Ceu Yayah mah. Katambah-tambah ningali geténna Kang Apip ka ema, beuki ngareugreugan. Ceu Yayah isuk soré ngalongokan. Untungna imah ema jeung imah ceu Yayah téh teu jauh, ukur kahalangan ku tilu suhunan.

Ngajerit haté mah nempo indung hirup sorangan téh. Waléh ka Ceu Yayah niat rék pindah pakasaban ngarah bisa pindah ka lembur, henteu waé dicarékan ku Ceu Yayah téh. Pokna téh, komo lamun jiga batur ngumbara ka alas peuntas. Ieu mah pira gé ti Ciamis ka Purwakarta, kuat ka jejerih.

Nya tungtungna mah kitu kahirupan téh. Kuring jeung dulur-dulur nu ngumbara satékah polah piligenti mulang ka lembur. Ngan kitu téa henteu sabataé ngalongokan indung da sasat saréréa gé katalian ku dines. Antukna mah ema gé mindeng nguriling. Tah palebah ema nu ngurilingna, kadang Kang Apip, salaki Ceu Yayah, nu sok katempuhan téh. Antar-jemput sakalieun nu dianjanganana keur sibuk, teu bisa néang atawa nganteurkeun.

Ari ema, éstuning nganjang téh ukur nganjang. Cicing di anak ukur popoéan, tara bisa lila. Tepung poé gé geus kacida untungna. Kahayang téh bubulanan atuh matuh di anak téh. Da ku saréréa gé pada ngaméménan pada mupujuhkeun. Pangpangna mah sok melang kana kaséhatanana. Ma’lum tos sepuh nyorang lalampahan sakitu jauhna. Tapi da nya kitu téa… teu bisa. Tara bisa lila. Ari dipapaksa kudu bumetah di imah anak, moal pihadéeun. 

“Ema, abdi badé ka lembur deui. Sing betah nya, Ma!” cek Kang Apip poé isukna, basa pamitan rék mulang. Ema ngaenyakeun bari pok deui pok deui nyebut ulah diarep-arep mulang.

Ukur sapeuting Kang Apip ngendong di imah kuring. Diandeg nepi ka poé Saptu gé, rék dianteurkeun, teu ngagugu. Pokna mah melang sieun sawah meunang nanduran kasaatan. Dipikir-pikir mah sarua waé jeung ema alesanana téh da ema gé hayang balik téh alesanana inget ka hayam, sieun euweuh nu maraban.

Nepi ka poé katilu mah aman. Subuh-subuh geus katémbong ngagugubrag incuna. Tuluy kaprak-keprek sakumaha misti. Paralun tobat ka Pangéran lain rék ngagawékeun indung, sasapu atawa ngumbah wadah. Ngan, nu enggeus-enggeus gé lamun sakalieun dicarék téh bangun anu teu suka. Sok tuluy hulang-huleng. Lamun geus kitu bisa dibadé tungtungna: hayang balik, cenah. Tah, tinimbang kitu tungtungna, asa mending diantep sakahayangna.

“Ulah meulian waé dahareun téh, keun ema nu masak!” cenah basa keur upres di dapur. Méméh pamajikan ngajawab buru-buru dikiceupan sangkan ulah ngahulag omongan ema. Pamajikan surti.   

Sapo-sapoéna katémbong bérag najan ari isuk-isuk padanaringgalkeun gé. Kuring jeung pamajikan indit digawé, barudak ka sarakola. Pasosoré waéh, dirubung-rubung ku anak incu. Bangun anu suka. Bungah lain caritakeuneun nempo ema kitu téh. Betaheun. Enya, bener sakumaha nu caritakeun ku Kang Apip, rék lila téa.  

Paheut waé jeung pamajikan, kamar nu kulon rék didangdanan deui. Ngahaja ti baheula gé kamar éta téh husus keur kamar ema. Lalega jaba kamar mandina di jero. Babari lamun ema sakalieun hayang ka cai tipeuting. Nyaan ayeuna mah kamar teh kudu buru-buru dianggeuskeun, ningali galagat ema bakal pililaeun mah. Alhamdulilah, éta anu diarep-arep ti baheula. Baé téh teuing rék satuluyna gé, bungah nu aya. 

Poéan kalima mah maké jeung siga nu bungah dibawa jalan-jalan ka Jatiluhur. Diabring-abring ku incuna. Teu jiga nu kesel nunungguan incu nu keur ngojay di Water Boom ogé. Tuluy murak timbel sisi cai, ngampar samak. Ngalimed bangun anu ponyo.

“Jaga mah lamun pareng ka Purwakarta deui hayang ka dieu deui.” cenah basa di jero mobil, maju balik.

“Nganggo jaga sagala Ema, énjing gé ari hoyong ka dieu deui mah urang ka dieu deui.” ceuk pamajikan. Kuring haget ngaenyakeun. Barudak nu ngagonyok di jok tukang surak. 

“Awas lamun Apa bohong!”

“Enjing mah Aa badé nyandak sosoangan.”

“Lah, da Apa mah sok bohong. Kapungkur gé….”

“Ih, Apa mah kuma Enin da.”

“Enin kumaha???” barudak raong.  

“Enin mah hoyong ngajakan Imam sareng Maya.” cenah. Jep jempling. Kuring ngahuleng.  Imam jeung Maya téh anak Ceu Yayah. Incuna nu matuh di lembur…  Panasaran, dirérét tina spion. Katembong  bangun nu keur ngalamun. Cilaka…. Alamat waé ieu mah. Moal jauh… Pasti.

Enya waé bada magrib téh katutuluyan

“Geus sabulan nitah Si Maman menerkeun kandang hayam, ih da teu ngagugu waé. Pantona awég-awégan waé nepika ayeuna.” 

Kuring jempé.

“Sok karunya ka Si Rintik, jaba anakna genep laleutik kénéh. Sieun waé aya lasun asup.”

“Keun urang nelepon Kang Apip sina miwarangan nu sanés ulah Si Maman.”

“Eta gé rék nitah Si Aja, ngan ka si éta mah kudu ema nu nitahna.”

“Badé iraha atuh miwarangna, ” cek kuring ngarahuh pegat pangharepan.

“Isukan téh Senén lain? Pagétona Salasa… Rebo waé meureun.”

Kuring cengkat, léos muru ka enggon. Meubeutkeun manéh kana kasur. Torojol pamajikan nyampeurkeun. Gék diuk sisi risbang.

“Eum, pamali ieuh bisi doraka.”

“Tuda ema mah sok pundung, kawas budak ari teu digugu téh.”

“Eum… sok tara nyadar diri. Ieuh… Ema onaman tos sepuh. Pantes aya nu nyebut kalakuan balik deui ka budak gé. Ari Apa…. aki-aki acan boga incu acan. Anak gé laleutik kénéh, tapi kalakuan kawas budak.”

“Kumaha kitu?” ceuk kuring rada muncereng.

“Enya kalakuan Apa nembé… sok waé ningali Si Adé lamun aya teu kapanujuan atawa kahayangna teu digugu ku mamah. Asup ka kamar tuluy nyuuh. Duka éta mah Si Adé kawas Apa atawa Apa kawas Si Adé. Ngan ari ka Si Adé mah mamah téh bisa ngama’lum. Ari ka Apa… Mamah téh moal bisa ngamalum.”

Kuring ngahuleng.***

(alamat pengarang: Perum Panorama Indah Blok A11 No. 18 Kelurahan Ciseureuh Purwakarta)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

asep setiawan

sae pisan........... abdi ge kangen pisan kanu jadi indung teh, hanjakal jarak misahkeun kanyaah

A. Samsudin

Emut ka kolot sorangan nu tos lami ngantunkeun, mugia ditampi iman Islam na, amin,di hapunteun sagala kaleupatan na, amin.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: