• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Catetan Ajip Rosidi;

Kabinét Jokowi jeung Hadiah AJ

Kintun kana Facebook

Senén, 27 Oktober, 2014.

Bada nginum ubar hérbal, langsung ka ruang kerja, tapi  tuluy  kaluar deui,  jarah ka makam Empat. Balik deui ka ruang  kerja kakara nuluykeun nulis  catetan. Geus méh  kauber nu  kabolér téh. Kari sapoé tinggaleunana. Mimiti ngintip kamungkinan nulis éntri tambahan pikeun Kamus  Istilah Kesusasteraan Indonésia. Tapi jigana kudu  ngaheulakeun  nulis KUBS aksara C.

Nulis catetan nepi ka pukul  08.30.  Tuluy kaluar  leumpang kukurilingan di palataran. Nuuskeun  késang di imah bari  maca surat kabar. Enya lolobana mah mentri téh  kuring  teu  wawuh kana ngaran-ngaranna acan.  Aya nu kungsi tepung tapi  henteu loma, kitu  lah wawuh  munding, upamana Sudirman Said,  kungsi diwawuhkeun  ku Erry, tapi tepung mah  kakara sakali, paling loba  2-3 kali saliwat. Kitu deui jeung Anies Baswedan. Ari  Ryamikzard Ryacudu, Tjahjo Kumolo, Rachmat Gobél, Andrinof Chaniago, Khofifah Indar Parawansa, Puan Maharani, jeung Lukman Hakim Saifuddin, wawuh ngaranna baé duméh  sering jadi  berita. Rachmat Gobél waktu sakola di Jepang bareng jeung Uga. Waktu manéhna geus jadi  diréktur  di Jakarta  kungsi ngajak Uga digawé di pausahaanana, tapi ku  kuring dicaram, sabab lamun digawé di pausahaan Jepang tangtu  waktuna baris béak nyanghareupan pagawéanana baé.   

Aya dua kementrian anu dina  ngaranna  nyebut "kebudayaan", nyaéta Kementrian Kebudayaan Pendidikan  Dasar Menengah (Anies Baswédan), jeung  Menko Bidang Pembangunan Manusia dan Kebudayaan  (Puan Maharani). Kabudayaan tacan dianggap perelu  ngadeg jadi  kamentrian  sorangan. Dihijikeun jeung Pendidikan Dasar jeung  Menengah. Misah ti Pendidikan Tinggi. Naha timbul tina  pikiran yén kabudayaan mah henteu patali jeung Pendidikan Tinggi, atawa di Pendidikan Tinggi mah kabudayaan henteu  dianggap  penting.

Jokowi  ati-ati  pisan dina  nyusun kabinétna téh. Ngarasa perlu diasongkeun heula ka  KPK daftar ngaran  nu  dicalonkeun jadi  mentri téh. Tur KPK gé tangginas: aya sawatara ngaran (8 urang) nu dicirian ku warna  beureum jeung konéng kalawan  catetan anu diwarnaan mah ulah diangkat jadi mentri. Catetan KPK cenah diperhatikeun ku Jokowi, da éta anu  dijadikeun  alesan nu matak ngumumkeunana  susunan kabinét ditunda  gé. Ngan nu henteu kabandungan téh, naha susunan  nu  jadi Kabinét Kerja téh ditémbongkeun  deui heula ka KPK  henteu.  Jadi urang henteu  weléh panasaran, naha nu dalapanan  téh diganti  kabéh henteu da ngaranna henteu  meunang  diumumkeun ka publik. Tur ku sabab henteu  kungsi  diumumkeun  jadi urang henteu  terang naha  jalma nu ngaganti nu  dalapanan téh  kungsi sina dititénan ku  KPK henteu? Tungtungna merenah  lamun aya nu  boga anggapan yén  Jokowi  ngagunakeun KPK sangkan publik  meunang kesan yén  manéhna  beresih. 

Bada dilantik para  mentri  téh  langsung digawé. Pelantikan jeung rapat kabinét mimiti diayakeunana  di Istana Merdéka. Tapi kuring henteu nuturkeun beritana  dina télévisi, da asa leuwih  penting  nuluykeun  nulis KUBS aksara K. Sanggeus nulis catetan dituluykeun  ku nulis KUBS aksara C anu tacan anggeus. Jadi  di imah nulis KUBS aksara K, di ruang kerja nulis  KUBS aksara C.  Salian ti éta kuring  kudu  mariksa naskah KUBS aksara A anu kamari  ieu dipasrahkeun ku RTH salengkepna.

Sk. Pikiran Rakyat  tg. 20 Oktober nu dikirimkeun ku Inka nepi. Nu dimaksud ku Sanusi Uwés téh ruangan “Selisik”, k. 21-22 ngamuat opat karangan Anton Kurnia ngeunaan sastra jeung buku Indonésia nu sabada Orde Baru  loba anu dilarang. Opatanana patali jeung Gestapu. Karangan kahiji “Di bawah Bayangan Bendéra Mérah”  nu ngagambarkeun kaayaan kahirupan budaya jeung  sastra saméméh jeung sabada Gestapu. Euweuh nu anyar  pikeun  jalma nu hirup  dina widang kabudayaan  jeung kasusastran mah. Nu kadua “Buku Kiri dan Bacaan Terlarang”, ngeunaan buku-buku anu  dilarang tapi tara aya pencabutan resmi laranganana, sanajan  geus dicitak  jeung dijual  deui sacara bébas.  Nu katilu “Sastra dan Kecamuk Politik” nu ngabandingkeun  kaayaan di Indonésia jeung kaayaan di sawatara nagara  Eropah, kitu  deui buku  jeung sawatara pangarangna. Nu kaopat wawancara jeung Martin Aleida. Di dinya ngaran kuring digugat da manéhna ngagugat  AJ nu disebut “Memalukan! AJ yang dibiayai masyarakat sampai sekarang tidak pernah menjelaskan mengapa saya dibunuh dengan cara tak berbudaya seperti itu. Juri yang diangkat AJ sendiri disepélékan, keputusan meréka yang  telah memilih saya dianulir, dan meréka (déwan juri) mengundurkan diri. Keputusan AJ itu saya yakin keluar dari kantong Ajip Rosidi, orang yang teguh sebagai tokoh kepala batu dalam fobia terhadap perbédaan pendapat. Bacalah buku saya Langit Pertama Langit Kedua. Saya kira dia dipermalukan oléh Kementerian Pendidikan dan  Kebudayaan yang  memberikan Anugerah Seni kepada saya. Kekuasaan bisa  berubah tapi Ajip tetap membatu.“

Tina kateranganana jalma nu wacis tangtu  ngarti yén dina hal ieu antara  juri jeung nu dipilih pikeun  meunang hadiah aya “permainan”, sabab ti mana Martin terangeun yén manéhna baris  meunang  hadiah?  Tangtu ti juri. Padahal juri  henteu  boga  wewenang  pikeun ngumumkeun saha anu meunang hadiah. Tur anu ahirna narima  hadiah  AJ  gé (Kompyang), calon  anu disodorkeun ku Juri. Martin ditolak lain ku lantaran  manéhna   Lékra,  tapi  ku  lantaran Juri henteu ngalaksanakeun  amanat AJ, nyaéta milih seniman anu préstasina  nyongcolang tur diaku ku masarakat, kreasina diaku luhur ajénna,   pengabdianana dina widangna ogé hébat, cara seniman-seniman  anu  nepi  ka  ayeuna  kungsi meunang Anugerah  AJ.  Tapi  dina suratna nu munggaran ka AJ, Déwan Juri netepkeun  yén maranéhna  rék ngayakeun  ”advokasi” nyaéta  rék  méré hadiah  ka  seniman   anu nepi ka harita  “disingkirkeun” ku sabab dianggap boga paham anu  henteu  luyu jeung  pamaréntah, sarta ngasongkeun  tilu calon, tiluanana seniman Lékra.  Ketua AJ Taufik Abdullah spontan nolak kahayang Juri, sabab urusan “advokasi” mah lain urusan AJ. Déwan Juri kudu milih sarta ngasongkeun  calon nu baris narima hadiah AJ luyu jeung paménta  AJ. Ku sabab Taufik Abdullah moal bisa nungkulan  rapat  Déwan Juri nu geus ditangtukeun waktuna,  nya Toeti anu nyanggupan baris nungkulan éta rapat.  Dina éta rapat Toeti hayang nyokot  jalan  tengah, nyumponan kahayang  Déwan Juri méré hadiah pikeun  ”advokasi” tapi  méré hadiah  hiji deui pikeun calon anyar  anu luyu jeung paménta  AJ.  Ku sabab anggaran pikeun hadiah ngan jang saurangeun, Toeti  pribadi geus  nyayagikeun dana  jang  hadiah  nu  hiji deui (Rp. 50 juta).  Hadiah  AJ jadi dua. Tapi Toeti henteu hadir waktu rapat AJ nu mutuskeun  soal hadiah nu diayakeun sabada Toeti  milu rapat Déwan Juri.  Ku kituna rencanana henteu  ditepikeun  sarta ku kituna henteu dibadamikeun dina  rapat – sanajan  lamun  ditepikeun ogé tacan  tangtu disatujuan ku rapat. Harita Déwan Juri  geus ngamajukeun calon anyar, nyaéta Kompyang (I Gusti Kompyang Raka)  anu data jeung alesanana ngayakinkeun pisan  yén manéhna  merenah meunang  hadiah  Akademi  Jakarta. Rapat sacara mutlak nyokot kaputusan yén hadiah  AJ taun 2013 dipasrahkeun  ka Kompyang. Jadi henteu bener lamun disebut  AJ ngaintervénsi ku lantaran  nyalonkeun Martin Aleida henteu disatujuan. Rapat AJ  milih Kompyang   anu dicalonkeun  ku Déwan Juri  tur luyu jeung paménta AJ, luyu jeung kritéria  nu geus jadi cecekelan enggoning  milih seniman anu dihaturanan Hadiah AJ saméméhna.  Hadiah AJ lain pikeun ngayakeun advokasi naon baé.   

Déwan Juri nganggap AJ henteu konsisten, pipilueun  kana kaputusan Déwan Juri, ku sabab kitu Déwan Juri  mengundurkan diri sarta henteu nungkulan acara  pamasrahan hadiah.  Aya sawatara réaksi ka  AJ, aya surat anu ditujukeun langsung ka AJ, aya nu dimuat  tina internét. Kuring narima télépon nu rék ngawawancara, kitu  deui  anggota  AJ nu lian.  Hal éta tangtu  baé dibahas dina  rapat AJ. Toeti nerangkeun yén manéhna kungsi  nepikeun rencanana méré dua  hadiah  sabada milu rapat  jeung Déwan Juri  ka Abu Hasan. Tapi Abu Hasan henteu  nepikeun soal  éta ka rapat. Kuring nandeskeun yén nu kudu dicekel omongan Ketua AJ  nu  nganggap yén advokasi mah lain  urusan AJ. Pirous ngamajukeun  usul anu ahirna ditarima  ku  saréréa. Ceuk manéhna  Konfucius kungsi nyarita yén lamun nyanghareupan  cai  kiruh  kudu diantep, nepi  ka  hérang sorangan. Jadi AJ atawa anggota  AJ ulah  méré  réaksi nanaon ka  nu ribut di luar, da  pasti  engké gé eureun  sorangan.  Nu anéh, sawatara waktu ti harita, Déwan Juri anu cenah geus bubar téh ngirim surat anu ditandatangan ku opat anggotana (Djamal Rahman henteu milu nanda) nu eusina  ngagugat AJ, neumbleuhkeun kasalahan ka Taufik Abdullah nu sanajan gelarna rimbil tapi  pikiranana  henteu rasional;  jeung Ajip Rosidi nu  dianggap boga sentimén pribadi ka Martin Aleida.  Tina gaya basana kuring langsung neguh yén anu nulis  konsép éta surat  téh  Martin  Aléida. Naon  sababna para juri daék  nandatangan  éta surat nu konsépna dijieun  ku Martin Aleida nuduhkeun yén mémang  antara  para juri  jeung  Martin Aleida aya “permainan”.  Para anggota Déwan Juri anu cenah  geus bubar nepi  ka daék  nandatangan babarengan surat ka AJ  atas nama Déwan  Juri ngabuktikeun hal  éta.

Omongan Martin Aleida nuduh kuring “tokoh kepala batu dalam fobia terhadap perbédaan  pendapat” nuduhkeun  yén manéhna  pohoeun yén nu matak manéhna  kungsi jadi anggota Déwan Kesenian Jakarta (DKJ)  téh diusulkeun ku kuring dina rapat   AJ, sanajan kuring terang  yén  manéhna  nu ngaran paméré kolotna Nurlan téh tokoh  Lékra/PKI nu kungsi  jadi wartawan  Harian Rakjat (koran resmi PKI) jeung anggota redaksi  Zaman Baru (majalah resmi Lékra), hartina kuring téh lain “tokoh  
kepala batu dalam fobia terhadap perbédaan pendapat”.

Henteu aya anu kudu dibantah dina karangan Anton  Kurnia opatanana gé.  Kesan umum manéhna henteu cukup meunangna informasi ngeunaan masalah-masalah kasang tukang kajadian-kajadian anu ditulis ku manéhna, pangpangna anu kajadian saméméh  manéhna hideng.  Mudah-mudahan lamun geus  maca tulisan  kuring nu dimuat  dina buku Lékra bagian dari PKI, manéhna meunang gambaran anu  leuwih  obyéktif.  (Tina Tapak Meri 39)

                                                                                                                                                                                                                                                                                        

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: