• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hj. Ati Amiati Sadeli;

Ngalenyepan Hijrah

Kintun kana Facebook

Henteu sadayana kaum muslimin di ieu alam dunya émut sareng miéling robahna taun hijriyah, taunna Islam [1435 H—1436H]. Seueur umat Islam nyalira nu mémang haré-haré sareng ngamomorékeun kana kajadian pentingan satukangeun pergantian taun hijriyah. Sok padahal di satukangeun gantina taun Islam téh, aya palajaran nu éstu kedah janten lenyepaneun kaum muslimin. Di antara palajaran nu nu hikmah agung, nyaéta tina kajadian hijrahna Kangjeng Nabi Muhammad SAW ti Mekkah ka Madinah, nu saterusna dijantenkeun titi mangsa kahiji pananggalan kalender Islam taun Hijriyah. Hijrah Kangjeng Nabi, lain saukur pindah ti hiji tempat ka tempat séjén, tapi Nabi saterusna geusan nanjeurkeun tatanan kahirupan Islam keur jadi picontoeun kahirupan umat manusa ka hareupna. Tétéla pisan, sakumaha nu digambarkeun dina sajarah, hijrah téh ngandung ajén nu luhung, nyaéta ngawujudkeun umat Islam nu kuat imanna ka Gusti Alloh Swt. sareng ngawujudkeun Islam nu rohmatal lil’alamin, nyatana ngawujudkeun masarakat nu welas asih, nyaah ka sasama. Kangjeng Nabi dina nyebarkeun agama Islam, lain saukur ibadah mahdoh, tapi disarengkan ku ibadah mahdoh. Da’wah Nabi lain saukur ku pidato, malahan loba ku conto. Kamulyaan Islam nu ngawujud dina ahlakul karimah, jadi bukti mangrupa konci nanjeurna kajayaan Islam nu leuwih dipikaserab ku bangsa deungeun tur jadi pikabitaeun para kaum kafir. Lantaran kitu, waktu harita, ahirna loba umat non Islam nu arasup Islam ku kaihlasan. Kitu deui dina widang politik, Kangjeng Nabi sakitu mupujuhkeunan cara nanjeurkeun toleransi, hubungan umat Islam jeung umat luar Islam. Tétéla, medalna Piagem Madinah, éta téh jadi cari bukti Kangjeng Rosul ngahormat tur méré welas asih ka kaum kafir. Sanajan béda kayakinan, tapi Kangjeng Nabi ngada’wahkeun Islam nu rohmatal lil’alamin, ngawangun peradaban Islam anu mulya sarta universal.

 

Ngajénan Waktu

Lantaran agungna kajadian hijrah, atuh payus pisan upama urang tiasa ngalenyepan ma’na hijrah dina harti anu jembar, nyaéta sumanget pikeun ngayakeun parobahan hirup ka nu leuwih hadé, geusan ngahontal kasalametan mangsa nu bakal datang, nu bagja dunya ahérat. Disebat kitu, lantaran hirup di dunya téh moal leupas tina waktu. Ari waktu apan terus nunuturkeun tur saban poé saban peuting dicontangan. Tapi, naha seueur umat nu sok mopohokeun kana waktu?

Hiji ulama kamashur, Imam Hasan al Basri parantos ngélingan. Disebatkeun; Hé, anak Adam, saéstuna aranjeun téh bagian tina waktu [poé bulan taun], upama waktu liwat saenyana liwat ogé sabagian waktu hirup aranjeun. Lian ti kitu, ganti taun ogé kudu jadi pépéling keur urang sangkan ulah poho kana hakékat waktu. Imam Hasan al Bana ogé kantos nyarios, sing saha anu paham kana harti waktu geus pasti éta jalma téh paham kana harti kahirupan, lantaran waktu téh nyaéta kahirupan téa.

Kitu deui nurutkeun ulama harismatik Dr. Yusuf Qardhawi dina bukuna ‘Al Waktu Fi Hayati Muslim', mertélakeun, yén cicirén waktu téh aya tilu. Kahiji waktu téh gancang pisan liwatna, kadua waktu mah moal balik deui jeung nu katilu waktu téh mangrupa harta anu paling mahal. Ku lantaran kitu, kacida rugina upama urang nyapirakeun kana waktu, sakumaha nu dijelaskeun dina dawuhan Alloh dina surat Al-'Ashr, "Wal Ashri innal insaana lafii khusrin. Illalladziina aamanuu wa'amilusshoolihaati watawaa shoubil haqqi watawaa shoubisshobri".

Ku lantaran kitu, dina mangsana ganti taun hijriyah, sawadina urang  kedah ningkatkeun kahadéan keur nanjeurkeun Islam, sakumaha Amiril mukminin Umar bin Khattab r.a. ogé, parantos ngajinekkeun kajadian hijrah minangka titi mangsa munggaran itungan kalénder Islam, nu saterusna keur ngagedurkeun sumanget mekarkeun Islam ka sakuliah dunya.

Hijrah ogé mangrupa lalampahan Kangjeng Nabi, nalika ninggalkeun rupa-rupa kabengisan, kamusrikan, kateuadilan, nu mémang témbrés patojaiyahna jeung ajaran agama ogé niléy-niléy kamanusaan. Mangsa Jahiliyah, kaum Quraisy salawasna ngahahalang tumuwuhna kabébasan, boh dina perkara ibadah ka Gusti Alloh boh dina perkara tumuwuhna ajén-inajén kasoléhan sosial. Margi kitu, palebah dieu, hijrah nu dilakukeun Kangjeng Nabi ka Madinah, jadi konci utama keur ngarobah peradaban masarakat nu marhamah nu madaniyah.

Kantun ayeuna, sabada hijrah opat belas abad kaliwat, nu jadi patarosanana téh, naha kaum muslimin kiwari geus mampuh ngalarapkeun sumanget hijrah dina kahirupan sapopoé? Waleranana tangtos uih deui ka diri séwang-séwangan. Ngan nu jinek, sumanget hijrah kudu tetep hurung ngagedur dina tiap jiwa kaum muslimin. Hijrah tina paripolah kajahatan muru kana kahadéan, tina kabodoan jadi getol nungtut élmu, tina loba bohong buraong jadi jujur, tina silihgoréngkeun jadi resep silih mikanyaah, jeung parobahan polah séjénna. Kitu hakikat hijrah keur bekel hirup nu bakal nyalametkeun dunya ahérat.

 

Kautamaan Hijrah

Jalma nu salawasna mampuh ngarobah polah tina salah jadi soléh, lian ti dirina bakal salamet, ogé bakal meunang jaminan Alloh. Dawuhan Alloh Swt. nu kaunggel dina surat An-Nisa ayat 100, nétélakeun:

Nu hartosna: Jeung sing saha anu hijrah di jalan Alloh, manéhna bakal pinanggih di ieu bumi mangpirang-pirang panyalindungan, jeung bakal pinanggih kajembaran. Jeung sing saha anu hijrah ti imahna ka Alloh jeung ka Rosul-NA, manéhna kaburu maot saéstuna ganjarannana mah tetep dicumponan ku Alloh, jeung saéstuna Alloh teh Maha Jembar Pangampura, tur Maha Welas Asih.

Kitu deui dina surat  at-Taubah ayat 20-22 Alloh Swt. ngadawuh, nu hartosna kieu: Jalma-jalma anu ariman jeung anu hijrah sarta jihad di jalan Alloh ku harta bandana katut jiwana, luhur pisan darajatna mungguhing Alloh, jeung nya maranéhna jalma-jalma anu meunang kauntungan. Pangéran maranéh ngabubungah ku rohmat ti Anjeunna, ku karido jeung sawarga pikeun maraneh di dinya kasenangan anu langgeng. Kaayaan maranéhna langgeng di dinya salalawasna, sabab saéstuna Alloh, di Anjeunna aya ganjaran anu gedé.

Témbrés sakumaha ayat di luhur, yén jalmi nu hijrah, jalmi nu salawasna mampuh ngarobah muru kana kariodan Alloh, mangka bakal diluhurkeun darajatna. Lian ti diluhurkan darajatna, ogé jalmi nu hijrah di jalan Alloh, mangka bakal dibéré kaunggulan dina ngahontal rido Alloh. Sakumaha pidawuh Alloh Swt.  deui nu ditétélakeun dina surat At-Taubah ayat 100.

Nu hartosna: Jeung jalma-jalma anu ti heula, anu mimiti pisan ti antara Muhajirin jeung Ansor, jeung jalma-jalma anu marilu ka maranéhna kalayan ihsan, Alloh mikarido maranéhna jeung maranéhna ogé mikarido Anjeunna, jeung Anjeunna nyawiskeun pikeun maranéhna sawarga-sawarga anu di handapna cur cor walungan, kaayaan maranéhna baris langgeng di dinya salalawasna, éta téh kauntungan anu agung.

Margi kitu, mungpung ayeuna urang masih dipasihan yuswa, hayu urang ngalenyepan deui ma’na hijrah sarta ngalarapkeun pépéling satukangeun kajadian hijrah Kangjeng Rosul Muhammad SAW dina kahirupan sapopoé. Upama hijrah jadi titi mangsa keur ngagedurkeun sumanget Islam nu mulya, atuh ti ayeuna, urang ogé kedah mampuh ngararancang kahirupan ka nu leuwih hadé. Hayu urang ningaktkeun kapengkuhan agama, héman ka samama, silih asah silih asih silih asuh, silihajénan silih mikahéman.                                       

Pileuleuyan taun 1435 hijriyah, bagéa taun 1436 hijriah. Mugi urang sadayana salamina aya dina rohmat sinareng rido Alloh Swt. Amiin Ya Robbal ‘Alamin. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: